Lompat ke isi

Tokyo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Metropolis Tokyo (東京都; Tōkyō-to)
Map of Japan with Tokyo highlighted
Ibukota Shinjuku
Wewengkon Kanto
Pulo Honshu
Gubernur Yōichi Masuzoe
Lega 2,187.08 km² (45th)
 - % cai 1.0%
Populasi  (1 Oktober, 2003)
 - Populasi 12,527,115 (8,444,531 in 23 wards) (1st)
 - Kapadetan 5655 /km²
Jumlah Distrik 1
Jumlah Kota Administrasi 62
ISO 3166-2 JP-13
Ramatloka www.metro.tokyo.jp/
ENGLISH/
Lambang Préféktur
 - Kembang Somei-Yoshino cherry blossom
 - Tangkal Ginkgo tree (Ginkgo biloba)
 - Manuk Black-headed Gull (Larus ridibundus)
Tokyo Metropolitan Government symbol

Diadopsi dina Juni 1989, lambang resmi Tokyo ngabogaan tilu satengah lingkaran ngawangun siga hurup T keur Tokyo dina bentuk daun ginkgo warna hejo. Ngalambangkeun Tokyo bakal tumuwuh di mangsa nu bakal datang tur pinuh pangharepan, sampurna jeung tengtrem.

Tokyo (東京 Tōkyō?, hartina ibukota di beulah wetan) déngékeun  nyaéta salah sahiji tina 47 perfektur di Jepang. Tokyo kaasup pusat urbanisasi, saméméhna ngan saukur kota Tokyo sarta masih kawentar nepi ka kiwari, nu ayeuna sacara adminitrasi dibagi jadi 23 kota husus. Dina awal taun 1943, Tokyo masih kénéh ngaran perfektur oge\é kota. Dina 1943 pamaréntah kota Tokyo dibubarkeun sarta ti harita ngan pamaréntahan preféktur nu boga ngaran Tokyo. Keur bukti status istimewa ieu, ngan perfektur Tokyo nu maké to ( to?, metropolis) dina Basa Jepang .

Sanajan lain ngan saukur hiji kota, metropolitan Tokyo mangrupa pusat pamaréntahan jeung karajaan Jepang, sarta dijadikeun ibukota nagara Jepang. Pendudukna kira-kira 12 juta—10 persen tina sakabéh populasi Jepang— sedengkeun kira-kira 33–36 juta penduduk hirup di Tokyo aréa, ngajadikeun Tokyo minangka kota paling padet di dunya.

Tokyo ayana di wewengkon Kanto di Pulo Honshū. Sacara géografis aya dina koordinat 35°41' Kalér, 139°46' Wétan (35.68333, 139.7667) [1], tapi watesna ngalegaan nepi ka pulo-pulo luar di Samudera Pasifik nu jarakna leuwih ti 1.000km ti Pulo Honshu.

Tokyo mangrupa pusat politik, bisnis, dagang, atikan, média massa, sarta budaya. Tokyo ogé mangrupa kantor pusat pausahaan gedé, lembaga kauangan, universitas jeung akademi, muséum, téater, sarta pusat balanja jeung hiburan.

Sajarah

[édit | édit sumber]
Simbol Tokyo, Sasak Nijubashi di Istana Kaisar. Masyarakat umum bisa meuntas ieu sasak dua kali dina sataun nyaéta: Taun Anyar jeung Ulang Taun Kaisar 23 Desember, keur nempo kulawarga di balkon

Kamajuan Tokyo nepi ka siga kiwari teu leupas ti pangaruh Tokugawa Ieyasu jeung Kaisar Meiji. Dina taun 1603, saenggeus ngahijikeun Jepang ku cara perang, Shogun Tokugawa Ieyasu ngawangun Édo (ayeuna Tokyo) keur markasna. Hasilna, ieu kota gancang tumuwuh tur jadi salah sahiji kota gedé nu populasina leuwih ti samilyar dina abad ka-18. Sacara de facto ibukota Jepang sedengkeun kaisar tumetep di Kyoto, ibukota karajaan. Keur leuwih jentre, tempo: Edo

Pondasi batu tower utama di Kastil Édo.

Saenggeus 263 taun, kakawasaan shogun digulingkeun tur balik ka aturan kaisar. Dina taun 1869, Kaisar Meiji nu harita umurna ampir 17 taun pindah ka Edo, sarta ngaranan "Tokyo" ("Ibukota Wétan"; dina Basa Cina, maké kanji nu sarua, di Cina kota Dongjing). Tokyo geus jadi pusat politik, ekonomi jeung budaya nasional Jepang, ku ayana istana kaisar ngajadikeun sacara de facto ibukota karajaan sarta Kastil Edo jadi Istana Kaisar.

Peta taun 1888 tina Meyers Konversations-Lexikon Ensiklopédia némbongkeun ngaran Tokyo dina Basa Jerman baheula, Jedo.

Tokyo dua kali ngalaman karusakan gedé (catastrophes) sarta terus tumuwuh sacara gancang saenggeus dua kajadian eta. Kahiji nyaéta Lini Gede Kanto dina taun 1923, nu kadua nyaéta Perang Dunya II. Bom-bom di taun 1945 ngaruksak Tokyo saperti bom atom di Hiroshima jeung Nagasaki. Sawaréh Tokyo ampir rata jeung taneuh.

Saenggeus perang réngsé, Tokyo bener-bener diwangun, sarta ditémbongkeun ka dunya Olimpiade Musim Panas taun 1964. Tokyo jadi kota panggedéna sadunya di taun 1965 (ngagantikeun New York). Dina taun 1970, mimiti diwangun wangunan pencakar langit saperti Sunshine 60, bandara udara anyar tur kontroversial di Narita (di luar Tokyo), sarta pendudukna ningkat ampir 11 milyar (di daerah métropolitan). Karéta handapeun taneuh (subway) jeung jaringan karéta di Tokyo mangrupa nu pangsibukna di dunya. Di taun 1980, harga real estate naék salila gelembung ekonomi: loba nu beunghar, tapi gelembung ieu peupeus dina awal taun 1990, loba pausahaan, bank jeung pribadi nu propertina hargana murah. Kajadian saterusna resesi, nyababkeun Jepang dina taun 1990-an jadi "dekade nu leungit", ti harita tumuwuh lalaunan.

Tokyo masih ngawangun daérah anyar nu harga taneuh asalna teu pati mahal. Proyék anyar ieu kaasup Ebisu Garden Place, Tennozu Isle, Shiodome, Roppongi Hills, Shinagawa (ogé stasion Shinkansen), sarta Stasion Tokyo (sisi Marunouchi). wangunan anyar nu ngabongkar wangunan heubeul pikeun pusat balanja saperti Omotesando Hills. Proyék ngurug laut (reklamasi) di Tokyo geus dimimitian sababaraha abad katukang. Nu paling kawentar nyaéta Odaiba, ayeuna jadi pusat balanja jeung hiburan.

Tokyo ngalaman lini gedé dina taun 1703, 1782, 1812, 1855 jeung 1923. Lini taun 1923, gedéna 8,3 skala Ricther, ngabunuh 142,000 urang.

Aya sababaraha usulan rencana keur mindahkeun fungsi pamaréntahan nasional ti Tokyo ka kota gedé di wewengkon séjén di Jepang, keur ngurangan kamajauan Tokyo jeung revitalisasi ekonomi. Rencana ieu dianggap kontroversial di Jepang jeung tacan kalaksanakeun.

Dumasar kana parobahan dina métodeu nulis Basa Jepang, translasi romaji dina teks heubeul ditulisna "Tokio."

Géografi jeung wilayah administrasi

[édit | édit sumber]

Tokyo Kulon

[édit | édit sumber]
Poto satelit Tokyo ti NASA Landsat 7.

Tokyo Kulon ngawengku Kota, Kacamatan jeung desa nu boga status hukum nu sarua saperti jeung di tempat-tempat séjén di Jepang. Tokyo Kulon mangrupa "kota tempat tinggal" keur nu digawe di pusat Tokyo, ogé aya sababaraha tempat lokal bisnis jeung industri. Sacara kolektif disebut "Tokyo Kulon".

Kota-kota

[édit | édit sumber]

Dua puluh genep kota (sacara administrasi) nu aya di Tokyo Kulon.

Distrik, kacamatan, jeung desa

[édit | édit sumber]

Pangkulonna nyaéta distrik (gun) Nishitama. Daerah ieu mangrupa pagunungan sarta teu mungkin keur urbanisasi. Pagunungan pangluhurna di Tokyo, Gunung Kumotori, jangkungna 2,017 m; nu séjénna nyaéta Gunung Takasu (1737 m), Gunung Odake (1266 m), jeung Gunung Mitake (929 m). Danau Okutama, di Walungan Tama deukeut Perfektur Yamanashi, mangrupa danau panggedéna di Tokyo.

Kapuloan

[édit | édit sumber]
Kapuloan Izu, beulah kidul, bagean ti Tokyo.

Pulo-pulo leutik Tokyo manjang kira-kira 1,850 km ti Tokyo tengah. Sabab pulo-pulo ieu jauh di kota, di dinya aya kantor perwakilan pamaréntahan metropolitan. Lolobana pulo-pulo ieu kaasup kelas desa.

Kapuloan Izu

[édit | édit sumber]

Kapuloan Izu nyaéta grup pulo vulkanik sarta bagéan ti Taman Nasional Fuji-Hakone-Izu. Runtuyan pulo-pulo mimiti ti nu deukeut ka Tokyo nyaéta:

Kapuloan Ogasawara

[édit | édit sumber]
  • OgasawaraOgasawara ngawengku, ti kaler ka kidul, Chichi-jima, Nishinoshima, Haha-jima, Kita Iwo Jima, Iwo Jima, and Minami Iwo Jima. Ogasawara ogé ngawengku pulo leutik: Minami Torishima, pangwetanna ti Jepang, kira-kira 1,850 km ti pusat Tokyo, jeung Okino Torishima, pangkidulna ti Jepang. Dua polu ieu euweuh pendudukna, keur jadi simbol nasional. Rante Iwo jeung pulo-pulo leutik lianna ampir taya nu nyicingan, sanajan kitu aya sababaraha di antara nu aya pendudukna utamana nu deukeut ka Honshu.

Taman Nasional

[édit | édit sumber]

Aya opat taman nasional di Tokyo:

Ekonomi

[édit | édit sumber]

Tokyo mangrupa metropolitan ekonomi panggedéna di dunya: nominal GDP ampir US$1.315 trilyun leuwih gedé tinimbang kadalapan-panggedéna ekonomi nasional di dunya[1]. Tempatna pusat dagang internasional, kantor pusat sababaraha bank investasi jeung parusahaan asuransi, sarta ngalayanan transportasi, percetakan, jeung penyiaran keur Jepang.

Salila jadi pusat pertumbuhan ekonomi Jepang sanggeus Perang Dunya Kadua, loba perusahaan nu mindahkeun kantor pusatna ti sababaraha kota saperti Osaka (sejarahna mangrupa ibukota perdagangan) ka Tokyo, dina usahana keur ngadeukeutan akses ka pamaréntahan. Trend ieu beuki lila beuki laun sabab populasi nu beuk nambah jeung biaya hirup nu beuki mahal di Tokyo.

Tokyo ku Economist Intelligence Unit dianggap kota (pangmahalna biaya hirup) di dunya salila 14 taun nepi ka taun 2006.[2]

Demografi

[édit | édit sumber]

Salaku salah sahiji kota utama di dunya, penduduk Tokyo leuwih ti dalapan juta hirup di 23 distrik, jeung di waktu beurang nambahan leuwih ti 2.5 juta boh pagawe atawa mahasiswa nu datang di daerah sakurilingna. Efek ieu bisa ditempo di tilu pusat distrik nyaéta Chiyoda, Chuo, jeung Minato, nu populasina kurang ti 300,000 waktu peuting, tapi leuwih ti dua juta lamun beurang.

Populasi

[édit | édit sumber]

Dumasar kana daerah (1 October 2003)

  • Tokyo: 12.36 juta
  • 23 distrik husus: 8.34 juta
  • Tama aréa: 4 juta
  • Kapuloan: 27,000

Dumasar kana umur (1 Januari 2003):

  • Barudak (0-14): 1.433 juta (12%)
  • Angkatan gawe (15-64): 8.507 juta (71.4%)
  • Kolot (65+): 2.057 juta (16.6%)

Dumasar kana waktu (taun 2000)

  • Peuting: 12.017 juta
  • Beurang: 14.667 juta

Dumasar kana kabangsaan

  • Urang luar: 353,826 (1 Januari 2005)
  • 5 panglobana kabangsaan urang luar: China (120,331), Koréa (103,191), Philipina (31,505), Amerika (18,043), Inggris (7,585)

Transportasi

[édit | édit sumber]
Tokyo
JR Jalur Yamanote

Tokyo ngabogaan jaringan transportasi domestik jeung international nu panggedéna sa-Jepang keur transportasi kareta, darat jeung udara. Transportasi umum di Tokyo didominasi ku jaringan karéata jeung subway nu bersih jeung efisien, sedengkeun beus, monorel jeung trem mangrupa transportasi sekunder.

Bandara

[édit | édit sumber]

Di jero Tokyo, Bandara Internasional Tokyo ("Haneda") ilaharna dipaké keur penerbangan domestik. Di luar Tokyo, Bandara International Narita, di Narita, Perfektur Ciba, salah sahiji gerbang internasional utama Jepang.

Kareta jeung subway

[édit | édit sumber]
Peta stasion subway utama. Teu kaasup jalur lokal, jalur JR jeung jalur swasta.

Kareta mangrupa alat transportasi utama di Tokyo, nu mana jaringan jalan kareta ieu panglobana di dunya. JR Wetan ngoperasikeun jaringan kareta panggedéna di Tokyo, kaasup jalur Yamanote nu ngurilingan jero kota Tokyo. Tokyo Metro jeung Tokyo Metropolitan Bureau of Transportation ngoperasikeun jaringan bawah taneuh (subway).

Pamaréntah metropolitan jeung swasata ngoperasikeun rute beus. Lokal, regional, jeung nasional ogé aya, nu terminalna aya di deukeut stasion kareta utama nyaéta Tokyo jeung Shinjuku.

Jalan tol

[édit | édit sumber]

Jalan tol ngahubungkeun ibukota ka kota-kota séjén di Greater Tokyo area, wewengkon Kanto, sarta pulo Kyushu jeung Shikoku.

Transportasi sejen

[édit | édit sumber]
  • Taksi dioperasikeun di 23 distrik jeung kota tur kacamatan. Ferry jarak jauh ngalayanan ka pulo-pulo Tokyo boh panumpang atawa barang ogé ka palabuan internasional séjén.

Pendidikan

[édit | édit sumber]

Salaku pusat pendidikan nasional, di Tokyo loba universitas, akademi jeung sakola kajuruan. Loba universitas nu kawentar di Jepang aya di Tokyo. Nu pangkawentarna nyaéta Universitas Tokyo. Universitas séjénna nyaéta Keio University, Hitotsubashi University, jeung Waseda University.

Di Tokyo ogé aya universitas nu kuliah maké basa Inggris, saperti International Christian University, Sophia University, jeung Temple University Japan.

Universitas di Tokyo

[édit | édit sumber]
Gerbang Akamon di Universitas Tokyo.

Universitas Nasional

[édit | édit sumber]

Universitas Perfektur

[édit | édit sumber]

Universitas Swasta

[édit | édit sumber]

Sakola Dasar jeung Menengah

[édit | édit sumber]

Taman kanak-kanak, sakola dasar (1 nepi ka 6 taun), jeung sakola menengah (7 nepi ka 9) dioperasikeun ku pamaréntah loka kota. sakola menengah atas dikelola ku Tokyo Metropolitan Government Board of Education jeung disebut "Metropolitan High Schools". Di Tokyo ogé loba sakola swasta ti mimiti TK nepi ka sakola menengah atas. Keur daftar sakola menengah atas di Jepang, tempo [2].

Pariwisata Tokyo

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Tourism in Tokyo.

Di Tokyo loba tempat jalan-jalan, budaya jeung olahraga. Ieu kaasup kuil nu kawentar, shrines, féstival jeung acara taunan, taman, tempat nu endah, tempat balanja jeung kahirupan peuting. Wisata budaya di Tokyo kaasup musium, gedung pertunjukan jeung téater.

Tokyo dina media populer

[édit | édit sumber]

Salaku kota panggedéna jeung tempatna penyiaran sarta studio, Tokyo remen dijadikeun setting keur film Jepang, acara tipi Archived 2015-05-09 di Wayback Machine, runtuyan komik (anime), jeung buku komik (manga). Nu pangkawentarna kaluar Jepang nyaéta kaiju (monster film), nu mana ciri has kota Tokyo diancurkeun ku monster gedé saperti Godzilla. Loba buku komik jeung animasi nu settingna, saperti Sailor Moon, Ranma ½,puffy ami yumi jeung Yu-Gi-Oh!, bakal kawentar di dunya.

Sababarah urang sutradara Hollywood milih Tokyo keur lokasi filmna. Sababaraha film nu kawentar saperti Tokyo Joe, My Geisha, jeung James Bond film You Only Live Twice; ogé Kill Bill, The Fast and the Furious: Tokyo Drift jeung Lost in Translation.

Gambar:Tokyoskyline.jpg
Daerah Minato-ku waktu peuting

Topik sejen

[édit | édit sumber]

Sister city

[édit | édit sumber]

Tokyo ngabogaan sister city sababaraha kota di dunya:

Salian ti eta, distrik jeung kota di Tokyo ogé ngabogaan sister-city jeung kota sejen di dunya.

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]
Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Tokyo ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia
Définisi kamus ti Wiktionary
Buku téks ti Wikibooks
Cutatan ti Wikiquote
Téks sumber ti Wikisource
Gambar jeung média ti Commons
Warta ti Wikinews
Sumber pangajaran ti Wikiversity

   Tempo ogé Tokyo di Wikivoyage


Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. List of countries by GDP (Nominal)
  2. "Oslo is world's most expensive city: survey". Reuters. Citakan:Citation/showdateError. http://today.reuters.com/news/newsArticle.aspx?type=worldNews&storyID=2006-01-31T113907Z_01_L312905_RTRUKOC_0_US-LIFE-CITIES.xml&archived=False. Diakses pada February 1  Archived 2016-05-15 di Portuguese Web Archive (inactive)


Shadow picture of Tokyo region Tokyo Metropolis Symbol of Tokyo Metropolis
Wards: Adachi | Arakawa | Bunkyō | Chiyoda | Chūō | Edogawa | Itabashi | Katsushika | Kita | Kōtō | Meguro | Minato | Nakano | Nerima | Ōta | Setagaya | Shibuya | Shinagawa | Shinjuku (capital) | Suginami | Sumida | Toshima | Taitō
Cities: Akiruno | Akishima | Chōfu | Fuchū | Fussa | Hachiōji | Hamura | Higashikurume | Higashimurayama | Higashiyamato | Hino | Inagi | Kiyose | Kodaira | Koganei | Kokubunji | Komae | Kunitachi | Machida | Mitaka | Musashimurayama | Musashino | Nishi-Tōkyō | Ōme | Tachikawa | Tama
Districts and Subprefectures: Nishitama District | Hachijō Subprefecture | Miyake Subprefecture | Ogasawara Subprefecture | Ōshima Subprefecture


Koordinat: 35°41′N 139°46′E