Lompat ke isi

Tokyo

Koordinat: 35°41′22″N 139°41′30″E / 35.68944°N 139.69167°E / 35.68944; 139.69167
Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Tokyo

東京都
とうきょうと
Puseur dayeuh jeung Métropolis
Métropolis Tokyo
Bandéra Tokyo
Bandéra
Ségel resmi Tokyo
Emblem
Logo resmi Tokyo
Simbol
Kawih:Lagu Métropolitan Tokyo (東京都歌 Tōkyō-to Ka?)[1]
Peta
Peta Interaktif wilayah Tokyo
Lokasi Tokyo di Jepang
Lokasi Tokyo di Jepang
Koordinat: 35°41′22″N 139°41′30″E / 35.68944°N 139.69167°E / 35.68944; 139.69167
NagaraGalat skrip: tidak ada modul tersebut "flag".
WilayahKantō
PuloHonshu
Puseur dayeuhTokyo (de facto; de jure: Shinjuku)[2]
Kota panggedénaSétagaya
Subdivisi23 distrik kota husus, 26 kota, 1 distrik, sarta 4 subpréféktur
Pamaréntahan
 • TipeMétropolis
 • GubernurYuriko Koiké (TF)
Lega
 • Puseur dayeuh jeung Métropolis2.194 km2 (847 sq mi)
 • Métro
13.452 km2 (5,194 sq mi)
Réngking legaKa-45
Luhurna
40 m (130 ft)
Pangeusi
 (1 Agustus 2024)[4]
 • Puseur dayeuh jeung Métropolis14,187,176
 • RéngkingKahiji
 • Kapadetan6.466,35/km2 (16,747,8/sq mi)
 • Métro41,000,000 – Tokyo Raya
 • Kapadetan métro3.047,87/km2 (7,893,9/sq mi)
 • 23 distrik kota husus
9,733,276
 (menurut data pemerintah Prefektur Tokyo per Oktober 2020)[6]
Démonim江戸っ子 (Edokko), 東京人 (Tōkyō-jin), 東京っ子 (Tōkyōkko), Tokyoite
GDP
 (Nominal; 2015)[7]
 • TotalJPY106,2 triliun
 • Per kapitaJPY7.610.736,2
Zona wanciUTC+09:00 (JST)
Nomor telepon
03-5321-1111
Kode ISO 3166JP-13
Alamat kantor préféktur2-8-1 Nishi-Shinjuku, Shinjuku-ku, Tōkyō-to
163-8001
Lambang 
 • PohonGingko
 • BungaSomei-yoshino (Prunus × yedoensis)
 • BurungCamar kepala hitam
Ramatlokawww.metro.tokyo.lg.jp
Tokyo

Tōkyō ditulis maké aksara kanji
Harti harpiah: "Puseur dayeuh wétan"
Ngaran Jepang
Kanji: 東京
Hiragana: とうきょう
Kyujitai: 東亰

Tokyo (東京 Tōkyō?, hartina ibukota di beulah wetan) déngékeun  nyaéta salah sahiji tina 47 préféktur di Jepang. Tokyo kaasup pusat urbanisasi, saméméhna ngan saukur kota Tokyo sarta masih kawentar nepi ka kiwari, nu ayeuna sacara adminitrasi dibagi jadi 23 kota husus. Dina awal taun 1943, Tokyo masih kénéh ngaran perfektur ogé kota. Dina 1943 pamaréntah kota Tokyo dibubarkeun sarta ti harita ngan pamaréntahan preféktur nu boga ngaran Tokyo. Keur bukti status istimewa ieu, ngan perfektur Tokyo nu maké to ( to?, metropolis) dina Basa Jepang.

Sanajan lain ngan saukur hiji kota, metropolitan Tokyo mangrupa pusat pamaréntahan jeung singgasana Kakaisaran Jepang, sarta dijadikeun ibukota nagara Jepang. Pendudukna kira-kira 12 juta—10 persen tina sakabéh populasi Jepang— sedengkeun kira-kira 33–36 juta penduduk hirup di Tokyo Raya, ngajadikeun Tokyo minangka kota paling padet di dunya.

Tokyo ayana di wewengkon Kanto di Pulo Honshū. Sacara géografis aya dina koordinat 35°41' Kalér, 139°46' Wétan (35.68333, 139.7667) [1], tapi watesna ngalegaan nepi ka pulo-pulo luar di Samudera Pasifik nu jarakna leuwih ti 1.000km ti Pulo Honshu.

Tokyo mangrupa pusat politik, bisnis, dagang, atikan, média massa, sarta budaya. Tokyo ogé mangrupa kantor pusat pausahaan gedé, lembaga kauangan, universitas jeung akademi, muséum, téater, sarta pusat balanja jeung hiburan.

Étimologi

[édit | édit sumber]

Tokyo mimitina katelahna Édo (江戸?) anu hartina "muara".[8] Ngaranna dirobah jadi Tokyo (東京 Tōkyō?, "wétan", dan kyō "puseur dayeuh") nalika puseur dayeuh kakaisaran pindah ti Kyoto, anu ditandaan ku dipindahkeunna singgasana Kaisar Meiji di taun 1868.[9] Dirobahna ngaran sarta ditambah kecap "puseur dayeuh" () dina unggal ngaran puseur dayeuh luyu jeung tradisi Asia Wétan (saperti Kyoto (京都), Beijing (北京), jeung Nanjing (南京)).[8] Salila awal périodeu Méiji, ieu kota ogé katelah "Tōkéi", alternatif pengucapan pikeun kanji nu sarua jeung "Tokyo". Babaraha dokumén resmi basa Inggris aya kénéh anu maké kecap "Tokei".[10] Ngan, ieu ngaran téh geus lila teu dipaké deui.[11]

Sajarah

[édit | édit sumber]
Simbol Tokyo, Sasak Nijubashi di Istana Kaisar. Masyarakat umum bisa meuntas ieu sasak dua kali dina sataun nyaéta: Taun Anyar jeung Ulang Taun Kaisar 23 Desember, keur nempo kulawarga di balkon

Kamajuan Tokyo nepi ka siga kiwari teu leupas ti pangaruh Tokugawa Ieyasu jeung Kaisar Meiji. Dina taun 1603, saenggeus ngahijikeun Jepang ku cara perang, Shogun Tokugawa Ieyasu ngawangun Édo (ayeuna Tokyo) keur markasna. Hasilna, ieu kota gancang tumuwuh tur jadi salah sahiji kota gedé nu populasina leuwih ti samilyar dina abad ka-18. Sacara de facto ibukota Jepang sedengkeun kaisar tumetep di Kyoto, ibukota karajaan. Keur leuwih jentre, tempo: Edo

Pondasi batu tower utama di Kastil Édo.

Saenggeus 263 taun, kakawasaan shogun digulingkeun tur balik ka aturan kaisar. Dina taun 1869, Kaisar Meiji nu harita umurna ampir 17 taun pindah ka Edo, sarta ngaranan "Tokyo" ("Ibukota Wétan"; dina Basa Cina, maké kanji nu sarua, di Cina kota Dongjing). Tokyo geus jadi pusat politik, ékonomi jeung budaya nasional Jepang, ku ayana istana kaisar ngajadikeun sacara de facto ibukota karajaan sarta Kastil Edo jadi Istana Kaisar.

Peta taun 1890 tina Meyers Konversations-Lexikon Ensiklopédia némbongkeun ngaran Tokyo dina Basa Jerman baheula, Jedo.

Tokyo dua kali ngalaman karusakan gedé (catastrophes) sarta terus tumuwuh sacara gancang saenggeus dua kajadian eta. Kahiji nyaéta Lini Gede Kanto dina taun 1923, nu kadua nyaéta Perang Dunya II. Bom-bom di taun 1945 ngaruksak Tokyo saperti bom atom di Hiroshima jeung Nagasaki. Sawaréh Tokyo ampir rata jeung taneuh.

Saenggeus perang réngsé, Tokyo bener-bener diwangun, sarta ditémbongkeun ka dunya Olimpiade Musim Panas taun 1964. Tokyo jadi kota panggedéna sadunya di taun 1965 (ngagantikeun New York). Dina taun 1970, mimiti diwangun wangunan pencakar langit saperti Sunshine 60, bandara udara anyar tur kontroversial di Narita (di luar Tokyo), sarta pendudukna ningkat ampir 11 milyar (di daerah métropolitan). Karéta handapeun taneuh (subway) jeung jaringan karéta di Tokyo mangrupa nu pangsibukna di dunya. Di taun 1980, harga real estate naék salila gelembung ékonomi: loba nu beunghar, tapi gelembung ieu peupeus dina awal taun 1990, loba pausahaan, bank jeung pribadi nu propertina hargana murah. Kajadian saterusna resesi, nyababkeun Jepang dina taun 1990-an jadi "dekade nu leungit", ti harita tumuwuh lalaunan.

Tokyo masih ngawangun daérah anyar nu harga taneuh asalna teu pati mahal. Proyék anyar ieu kaasup Ebisu Garden Place, Tennozu Isle, Shiodome, Roppongi Hills, Shinagawa (ogé stasion Shinkansen), sarta Stasion Tokyo (sisi Marunouchi). wangunan anyar nu ngabongkar wangunan heubeul pikeun pusat balanja saperti Omotesando Hills. Proyék ngurug laut (reklamasi) di Tokyo geus dimimitian sababaraha abad katukang. Nu paling kawentar nyaéta Odaiba, ayeuna jadi pusat balanja jeung hiburan.

Tokyo ngalaman lini gedé dina taun 1703, 1782, 1812, 1855 jeung 1923. Lini taun 1923, gedéna 8,3 skala Ricther, ngabunuh 142,000 urang.

Aya sababaraha usulan rencana keur mindahkeun fungsi pamaréntahan nasional ti Tokyo ka kota gedé di wewengkon séjén di Jepang, keur ngurangan kamajauan Tokyo jeung revitalisasi ékonomi. Rencana ieu dianggap kontroversial di Jepang jeung tacan kalaksanakeun.

Dumasar kana parobahan dina métodeu nulis Basa Jepang, translasi romaji dina teks heubeul ditulisna "Tokio."

Géografi jeung wilayah administrasi

[édit | édit sumber]
Bagian daratan utama Tokyo, ngawengku 23 distrik kota husus sarta Tokyo Kulon

Bagian daratan utama Tokyo manjang di beulah kalér-kuloneun Teluk Tokyo, anu panjangna 90 km ti wétan ka kulon sarta 25 km ti kalér ka kidul. Diwatesan ku Préféktur Chiba di wétan, Préféktur Yamanashi di kulon, Préféktur Kanagawa di kidul, sarta Préféktur Saitama di kalér. Wilayah Tokyo ogé ngawengku ranté kapuloan anu manjang ka kidul di Samudra Pasifik, saperti Kapuloan Izu sarta Kapuloan Ogasawara anu manjang nepi ka leuwih ti 1,000 km ti daratan utama Jepang.

Luyu jeung hukum di Jepang Tokyo mangrupa hiji to (, sok dihartikeun "métropolis"). Anu posisina mirip jeung préféktur lain di Jepang. Di handapeunnana aya babaraha éntitas anu sok disebut "kota" anu ngawengku 23 distrik kota husus (特別 -ku), 26 kota ( -shi), 5 kota leutik ( -chō atawa machi), sarta dalapan désa ( -son or -mura), anu boga pamaréntahan séwang-séwangan. Pamaréntah Métropolis Tokyo dipingpin ku gubernur sarta majlis métropolitan. Puseur dayeuh ieu métropolis aya di Shinjuku.

Tokyo aya di tengah Greater Tokyo Area, aréa métropolitan anu panggegekna sadunya. Greater Tokyo ngawengku babaraha préféktur sakuriling Tokyo saperti Kanagawa, Saitama, sarta Chiba.

23 distrik kota husus

[édit | édit sumber]

23 distrik kota husus (tokubetsu-ku) Tokyo ngawengku wewengkon nu baheula katelah Kota Tokyo. Unggal distrik mangrupa munisipalitas lokal kalawan walikota jeung majelis anu dipilih sorangan, béda ti kota biasa dina fungsi pamaréntahan nu tangtu diatur ku Pamaréntah Metropolitan Tokyo. Nepi ka 1 Séptémber 2003, total populasi resmi tina 23 distrik digabungkeun kira-kira 8,34 juta, kalawan gegekna jalma 13.416 jiwa per kilométer pasagi.

Istilah "Tokyo Tengah" kiwari bisa ngarujuk kana 23 distrik ieu, wewengkon nu aya dina lingkar Jalur Yamanoté, atawa tilu "distrik tengah" Chiyoda, Chuo jeung Minato. Puseur Tokyo anu ditarima sacara umum nyaéta Istana Kaisar. 23 distrik ieu ngawengku:

Tokyo Kulon

[édit | édit sumber]
Poto satelit Tokyo ti NASA Landsat 7.

Tokyo Kulon ngawengku Kota, Kacamatan jeung desa nu boga status hukum nu sarua saperti jeung di tempat-tempat séjén di Jepang. Tokyo Kulon mangrupa "kota tempat tinggal" keur nu digawe di pusat Tokyo, ogé aya sababaraha tempat lokal bisnis jeung industri. Sacara kolektif disebut "Tokyo Kulon".

Kota-kota

[édit | édit sumber]

Dua puluh genep kota (sacara administrasi) nu aya di Tokyo Kulon.

Distrik, kacamatan, jeung desa

[édit | édit sumber]

Pangkulonna nyaéta distrik (gun) Nishitama. Daerah ieu mangrupa pagunungan sarta teu mungkin keur urbanisasi. Pagunungan pangluhurna di Tokyo, Gunung Kumotori, jangkungna 2,017 m; nu séjénna nyaéta Gunung Takasu (1737 m), Gunung Odake (1266 m), jeung Gunung Mitake (929 m). Danau Okutama, di Walungan Tama deukeut Perfektur Yamanashi, mangrupa danau panggedéna di Tokyo.

Kapuloan

[édit | édit sumber]
Kapuloan Izu, beulah kidul, bagean ti Tokyo.

Pulo-pulo leutik Tokyo manjang kira-kira 1,850 km ti Tokyo tengah. Sabab pulo-pulo ieu jauh di kota, di dinya aya kantor perwakilan pamaréntahan metropolitan. Lolobana pulo-pulo ieu kaasup kelas desa.

Kapuloan Izu

[édit | édit sumber]

Kapuloan Izu nyaéta grup pulo vulkanik sarta bagéan ti Taman Nasional Fuji-Hakone-Izu. Runtuyan pulo-pulo mimiti ti nu deukeut ka Tokyo nyaéta:

Kapuloan Ogasawara

[édit | édit sumber]
  • OgasawaraOgasawara ngawengku, ti kaler ka kidul, Chichi-jima, Nishinoshima, Haha-jima, Kita Iwo Jima, Iwo Jima, and Minami Iwo Jima. Ogasawara ogé ngawengku pulo leutik: Minami Torishima, pangwetanna ti Jepang, kira-kira 1,850 km ti pusat Tokyo, jeung Okino Torishima, pangkidulna ti Jepang. Dua polu ieu euweuh pendudukna, keur jadi simbol nasional. Rante Iwo jeung pulo-pulo leutik lianna ampir taya nu nyicingan, sanajan kitu aya sababaraha di antara nu aya pendudukna utamana nu deukeut ka Honshu.

Taman Nasional

[édit | édit sumber]

Aya opat taman nasional di Tokyo:

Urut kota Tokyo sarta lolobana daratan Tokyo aya dina zona iklim subtropis lembab (klasifikasi iklim Köppen Cfa),[12] kalawan usum panas anu lumayan panas sarta usum tiris anu karasa tirisna. Saperti lolobana daérah di Jepang, Tokyo ogé ngalaman jeda musiman sabulan, kalawan bulan pangpanasna nyaéta Agustus (rata-rata 26.4 °C (79.5 °F)) sarta bulan pangtirisna nyaéta Januari (rata-rata 5.2 °C (41.4 °F)). Rékor suhu pangtirisna nyaéta −9.2 °C (15.4 °F) di tanggal 13 Januari 1876, sedengkeun pangpanasna nyaéta 39.5 °C (103.1 °F) di tanggal 20 Juli 2004. Rékor panggedéna suhu minimum 30.3 °C (86.5 °F) di tanggal 12 Agustus 2013, ngajadikeun Tokyo minangka salah sahiji ti tujuh tempat panyawangan di Jepang anu nyatet suhu minimum anu leuwih gedé 30 °C (86.0 °F).[13] Curah hujan taunan rata-rata ampir 1,530 millimetres (60.2 in), kalawan usum panas anu leuwih baseuh sarta usum tiris anu leuwih garing. Hujan salju kajadian sacara sporadis, tapi sok aya ampir unggal taun.[14] Tokyo ogé sok ngalaman topan unggal taun, sanajan teu pati kuat. Ti mimiti dicatet ti taun 1876, bulan pangbaseuhna nyaéta Oktober 2004, kalawan curah hujan 780 millimetres (30 in),[15] curah hujan taunan kira-kira 879.5 mm (34.63 in) di taun 1984 nepi ka 2,229.6 mm (87.78 in) di taun 1938.[13]

Data iklim pikeun Taman Kitanomaru, Chiyoda, Tokyo[16]
Bulan Jan Péb Mar Apr Méi Jun Jul Ags Sép Okt Nop Dés Taun
Catatan tertinggi °C (°F) 22.6
(72.7)
24.9
(76.8)
25.3
(77.5)
29.2
(84.6)
32.2
(90)
36.2
(97.2)
39.5
(103.1)
39.1
(102.4)
38.1
(100.6)
32.6
(90.7)
27.3
(81.1)
24.8
(76.6)
Citakan:Max/27
Rarata pangluhurna °C (°F) 9.6
(49.3)
10.4
(50.7)
13.6
(56.5)
19.0
(66.2)
22.9
(73.2)
25.5
(77.9)
29.2
(84.6)
30.8
(87.4)
26.9
(80.4)
21.5
(70.7)
16.3
(61.3)
11.9
(53.4)
19,8
(67,6)
Per poé °C (°F) 5.2
(41.4)
5.7
(42.3)
8.7
(47.7)
13.9
(57)
18.2
(64.8)
21.4
(70.5)
25.0
(77)
26.4
(79.5)
22.8
(73)
17.5
(63.5)
12.1
(53.8)
7.6
(45.7)
15,4
(59,7)
Rarata panghandapna °C (°F) 0.9
(33.6)
1.7
(35.1)
4.4
(39.9)
9.4
(48.9)
14.0
(57.2)
18.0
(64.4)
21.8
(71.2)
23.0
(73.4)
19.7
(67.5)
14.2
(57.6)
8.3
(46.9)
3.5
(38.3)
11,6
(52,9)
Catatan terendah °C (°F) −9.2
(15.4)
−7.9
(17.8)
−5.6
(21.9)
−3.1
(26.4)
2.2
(36)
8.5
(47.3)
13.0
(55.4)
15.4
(59.7)
10.5
(50.9)
−0.5
(31.1)
−3.1
(26.4)
−6.8
(19.8)
Citakan:Min/27
Curah hujan mm (inches) 52.3
(2.059)
56.1
(2.209)
117.5
(4.626)
124.5
(4.902)
137.8
(5.425)
167.7
(6.602)
153.5
(6.043)
168.2
(6.622)
209.9
(8.264)
197.8
(7.787)
92.5
(3.642)
51.0
(2.008)
1.528,8
(60,189)
Curah salju cm (inches) 5
(2)
5
(2)
1
(0.4)
0
(0)
0
(0)
0
(0)
0
(0)
0
(0)
0
(0)
0
(0)
0
(0)
0
(0)
11
(4,3)
Kalembaban 52 53 56 62 69 75 77 73 75 68 65 56 65
Rarata poé présipitasi (≥ 0.5 mm) 5.3 6.2 11.0 11.0 11.4 12.7 11.8 9.0 12.2 10.8 7.6 4.9 114,0
Rarata poé saljuan 2.8 3.7 2.2 0.2 0.0 0.0 0.0 0.0 0.0 0.0 0.0 0.8 9,7
Sunshine hours 184.5 165.8 163.1 176.9 167.8 125.4 146.4 169.0 120.9 131.0 147.9 178.0 1.876,7
Sumber: Japan Meteorological Agency[13][17][18]

Daérah pagunungan kuloneun Tokyo, Okutama ogé aya dina iklim subtropis anu lembap (klasifikasi Köppen Cfa).

Data iklim pikeun Ogouchi, Okutama, Tokyo (1981–2010)
Bulan Jan Péb Mar Apr Méi Jun Jul Ags Sép Okt Nop Dés Taun
Rarata pangluhurna °C (°F) 6.7
(44.1)
7.1
(44.8)
10.3
(50.5)
16.3
(61.3)
20.5
(68.9)
23.0
(73.4)
26.8
(80.2)
28.2
(82.8)
23.9
(75)
18.4
(65.1)
13.8
(56.8)
9.3
(48.7)
17,1
(62,8)
Per poé °C (°F) 1.3
(34.3)
1.8
(35.2)
5.0
(41)
10.6
(51.1)
15.1
(59.2)
18.5
(65.3)
22.0
(71.6)
23.2
(73.8)
19.5
(67.1)
13.8
(56.8)
8.5
(47.3)
3.8
(38.8)
11,9
(53,4)
Rarata panghandapna °C (°F) −2.7
(27.1)
−2.3
(27.9)
0.6
(33.1)
5.6
(42.1)
10.5
(50.9)
14.8
(58.6)
18.7
(65.7)
19.7
(67.5)
16.3
(61.3)
10.3
(50.5)
4.6
(40.3)
−0.1
(31.8)
8,1
(46,6)
Curah hujan mm (inches) 44.1
(1.736)
50.0
(1.969)
92.5
(3.642)
109.6
(4.315)
120.3
(4.736)
155.7
(6.13)
195.4
(7.693)
280.6
(11.047)
271.3
(10.681)
172.4
(6.787)
76.7
(3.02)
39.9
(1.571)
1.623,5
(63,917)
Sunshine hours 147.1 127.7 132.2 161.8 154.9 109.8 127.6 148.3 99.1 94.5 122.1 145.6 1.570,7
Sumber: Japan Meteorological Agency[19]

Iklim di bagian kapuloan rupa-rupa. Iklim Chichi-jima di désa Ogasawara aya dina wates antara iklim sabana tropis (klasifikasi Köppen Aw) sarta iklim subtropis lembap (klasifikasi Köppen Cfa). Perenahna anu kira-kira 1.000 km kiduleun Tokyo Raya anu nyababkeun kondisi iklim anu béda.

Data iklim pikeun Chichijima, Ogasawara, Tokyo (1981–2010)
Bulan Jan Péb Mar Apr Méi Jun Jul Ags Sép Okt Nop Dés Taun
Catatan tertinggi °C (°F) 26.1
(79)
25.2
(77.4)
26.6
(79.9)
28.1
(82.6)
30.0
(86)
32.9
(91.2)
34.1
(93.4)
32.8
(91)
32.4
(90.3)
31.1
(88)
30.2
(86.4)
27.2
(81)
Citakan:Max/27
Rarata pangluhurna °C (°F) 20.5
(68.9)
20.1
(68.2)
21.5
(70.7)
23.2
(73.8)
25.4
(77.7)
28.0
(82.4)
30.0
(86)
29.9
(85.8)
29.7
(85.5)
28.3
(82.9)
25.6
(78.1)
22.4
(72.3)
25,4
(77,7)
Per poé °C (°F) 18.4
(65.1)
17.9
(64.2)
19.2
(66.6)
21.0
(69.8)
23.2
(73.8)
25.8
(78.4)
27.5
(81.5)
27.7
(81.9)
27.5
(81.5)
26.2
(79.2)
23.5
(74.3)
20.3
(68.5)
23,2
(73,8)
Rarata panghandapna °C (°F) 15.7
(60.3)
15.3
(59.5)
16.7
(62.1)
18.8
(65.8)
21.2
(70.2)
24.0
(75.2)
25.4
(77.7)
25.9
(78.6)
25.5
(77.9)
24.1
(75.4)
21.3
(70.3)
17.8
(64)
21,0
(69,8)
Catatan terendah °C (°F) 10.1
(50.2)
9.6
(49.3)
9.2
(48.6)
12.1
(53.8)
14.6
(58.3)
17.7
(63.9)
20.8
(69.4)
22.5
(72.5)
21.1
(70)
17.2
(63)
13.2
(55.8)
10.8
(51.4)
Citakan:Min/27
Curah hujan mm (inches) 65.3
(2.571)
58.2
(2.291)
77.0
(3.031)
118.4
(4.661)
145.4
(5.724)
134.7
(5.303)
80.9
(3.185)
112.6
(4.433)
131.1
(5.161)
132.1
(5.201)
128.2
(5.047)
108.7
(4.28)
1.292,6
(50,89)
Kalembaban 66 68 73 79 83 86 82 82 82 80 75 70 77,2
Rarata poé hujan (≥ 0.5 mm) 10.3 9.1 10.8 9.9 11.7 9.3 8.4 11.0 11.6 13.0 11.1 11.8 128
Sunshine hours 136.4 131.4 154.7 148.2 159.8 198.9 250.3 211.0 200.9 179.1 140.9 126.8 2.038,4
Sumber: Japan Meteorological Agency[20]

Wilayah Tokyo pangwétanna, pulo Minamitorishima di desa Ogasawara, aya di zona iklim sabana tropis (klasifikasi Köppen Aw). Pulo Izu jeung Ogasawara dipangaruhan ku rata-rata 5,4 topan per taun, dibandingkeun jeung daratan Kanto anu ngan ngalaman 3,1 topan per taun.[21]


Ékonomi

[édit | édit sumber]
Tokyo Skytree, menara tertinggi di dunia
Bursa Efek Tokyo
Ginza adalah area perbelanjaan kelas atas yang populer di TokyoCitakan:Vague sebagai salah satu distrik perbelanjaan paling mewah di dunia.
Kantor pusat Bank of Japan di Chūō, Tokyo
Menara Tokyo di malam hari
Shibuya menarik banyak wisatawan.

Tokyo mangrupa hiji ti tilu puseur keuangan dunya, bareng jeung New York jeung London.[22][23] Tokyo mangrupa métropolitan ékonomi panggedéna sadunya. Dumasar panalungtikan ti PricewaterhouseCoopers, Tokyo Raya (ngawengku Tokyo nepi ka Yokohama kalawan 38 juta pangeusi) boga produk doméstik bruto US$2 triliun di taun 2012 (dumasar kasaimbangan kamampuan balanja).[24] Di taun 2008, 47 pausahaan anu kaasup dina daptar Fortune Global 500 anu basisna di Tokyo.[25]

Salian ti puseur keuangan dunya;[26] Tokyo ogé jadi imah ti babaraha bank invsétasi jueng pausahaan asuransi panggedéna sadunya, sarta jadi hub pikeun industri transportasi, pamedalan, elektronika jeung siniar Jepang. Salila tumuwuhna ékonomi Jepang anu musat saenggeus Perang Dunia II, loba pausahaan gedé anu mindahkeun kantor pusatna ti kota-kota siga Osaka (puseur dayeuh komérsial anu boga sajarah) ka Tokyo, dina raraga nyokot kauntungan tina aksés anu leuwih deukeut jeung pamaréntah pusat. Ieu trén mimiti ngalaunan ti saprak lobana pangeusi di Tokyo sarta waragad anu mahal.

Tokyo ku Economist Intelligence Unit dianggap kota pangmahalna biaya hirup di dunya salila 14 taun nepi ka taun 2006.[27]

Tokyo jadi puseur keuangan internasional (IFC) anu kawentar di taun 1960-an sarta sok diibaratkeun salah sahji ti tilu "pusat komando" ekonomi dunya, bareng jeung New York jeung London.[28] Dina Indeks Pusat Keuangan Global 2017, Tokyo jadi pusat keuangan paling kompetitif kalima di dunya (bareng jeung kota London, Kota New York, San Francisco, Chicago, Sydney, Boston, dan Toronto di 10 besar), jeung katilu anu paling kompetitif di Asia (saenggeus Singapura dan Hong Kong).[29] Pasar keuangan Jepang dibuka lalaunan di taun 1984 sarta ngagancangan internasionalisasi kalawan "Big Bang Jepang" di taun 1998.[30] Sanajan Singapura jeung Hong Kong jadi pusat keuangan anu bersaing, IFC Tokyo bisa mertahankeun posisi anu katelah di Asia.

Bursa Saham Tokyo nyaéta bursa saham panggedéna di Jepang, sarta panggedéna katilu sadunya dumasar kapitalisasi pasar, sarta kaopat dumasar akuisisi saham. Di taun 1990 di tungtung mangsa penggelembungan harga asét Jepang, Tokyo boga leuwih ti 60% ajén pasar saham dunya.[31]

Numutkeun Kementerian Pertanian, Kehutanan dan Perikanan, Tokyo boga 8.460 ha (20.900 hektar) lahan pertanian di taun 2003,[32] pangleutikna tibatan préféktur séjén.. Tanah tatanén lolobana di Tokyo Kulon. Bahan saperti sayuran, bubuahan, sarta kekembangan gampang dikirim ka pasar di wétan. Komatsuna jeung bayem jadi sayuran anu pangpentingna; di taun 2000, Tokyo masok 32,5% komatsuna yang dijual di pasar produk utamanya.[rujukan?]

Kalawan 36% wilayahna anu masih mangrupa leuweung, Tokyo memiliki pertumbuhan luas Cryptomeria jeung cemara Jepang, utamana di wewengkon pagunungan Akiruno, Ōmé, Okutama, Hachiōji, Hinodé, jeung Hinohara. Nurunna harga kayu, naékna waragad produksi, sarta nambahna lansia di antara populasi nyababkeun nurunna hasil kehutanan di Tokyo. Salian ti éta, serbuk sari, utamana ti Cryptomeria, jadi alergén utama pikeun warga. Teluk Tokyo kungsi jadi sumber utama perikanan. Lolobana produksi lauk di Tokyo asalna ti pulo-pulo luar, saperti Izu Ōshima jeung Hachijō-Jima. Cakalang, nori, jeung aji jadi babaraha produk laut hasil teluk Tokyo.[33]

Pariwisata di Tokyo ogé jadi salah sahiji kontributor ékonomi utama. Di taun 2006, 4,81 juta urang asing jeung 420 juta kunjungan Jepang ka Tokyo dilakukeun; ajén ékonomi tina pariwisata bisa nepi ka 9,4 triliun yén numutkeun ka Pamaréntah Métropolitan Tokyo. Loba turis anu nganjangan babaraha pusat kota, toko, sarta distrik hiburan di sakabéh lingkungan distrik kota husus (DKH) Tokyo; hususna barudak sakola nalika study tour, kunjungan ka Tokyo Tower jadi hiji kawajiban (de rigueur). Budaya anu ditawarkeun kaasup budaya pop Jepang anu aya dimamana sarta distrik anu patali jeung éta saperti Shibuya jeung Harajuku, atraksi subkultural saperti pusat animé Studio Ghibli, sarta museum saperti Tokyo National Museum, anu nampung 37% ti harta karun nasional karya seni nagara (87/233).

Pasar Lauk Tsukiji di Tokyo nyaéta pasar grosir lauk jeung kadaharan laut panggedéna sadunya, sarta jadi salah sahiji pasar kadaharan grosir panggedéna. Pasar Tsukiji ngalayanan kira-kira 50.000 urang unggal poé.

Démografi

[édit | édit sumber]

Salaku salah sahiji kota utama di dunya, pangeusi Tokyo jumlahna leuwih ti dalapan juta anu ngeusian 23 distrik, jeung di waktu beurang nambahan leuwih ti 2,5 juta boh pagawé atawa mahasiswa nu datang di daérah sakurilingna. Éfék ieu bisa ditempo di tilu pusat distrik nyaéta Chiyoda, Chuo, jeung Minato, nu populasina kurang ti 300.000 waktu peuting, tapi leuwih ti dua juta lamun beurang.

Populasi

[édit | édit sumber]

Dumasar kana daérah (1 October 2003)

  • Tokyo: 12.36 juta
  • 23 distrik husus: 8.34 juta
  • Tama aréa: 4 juta
  • Kapuloan: 27.000

Dumasar kana umur (1 Januari 2003):

  • Barudak (0-14): 1.433 juta (12%)
  • Angkatan gawe (15-64): 8.507 juta (71.4%)
  • Kolot (65+): 2.057 juta (16.6%)

Dumasar kana waktu (taun 2000)

  • Peuting: 12.017 juta
  • Beurang: 14.667 juta

Dumasar kana kabangsaan

  • Urang luar: 353,826 (1 Januari 2005)
  • 5 panglobana kabangsaan urang luar: China (120,331), Koréa (103,191), Philipina (31,505), Amerika (18,043), Inggris (7,585)

Transportasi

[édit | édit sumber]
Tokyo
JR Jalur Yamanote

Tokyo ngabogaan jaringan transportasi domestik jeung international nu panggedéna sa-Jepang keur transportasi kareta, darat jeung udara. Transportasi umum di Tokyo didominasi ku jaringan karéata jeung subway nu bersih jeung efisien, sedengkeun beus, monorel jeung trem mangrupa transportasi sekunder.

Bandara

[édit | édit sumber]

Di jero Tokyo, Bandara Internasional Tokyo ("Haneda") ilaharna dipaké keur penerbangan domestik. Di luar Tokyo, Bandara International Narita, di Narita, Préféktur Chiba, salah sahiji gerbang internasional utama Jepang.

Kareta jeung subway

[édit | édit sumber]
Peta stasion subway utama. Teu kaasup jalur lokal, jalur JR jeung jalur swasta.

Kareta mangrupa alat transportasi utama di Tokyo, nu mana jaringan jalan kareta ieu panglobana di dunya. JR Wetan ngoperasikeun jaringan kareta panggedéna di Tokyo, kaasup jalur Yamanote nu ngurilingan jero kota Tokyo. Tokyo Metro jeung Tokyo Metropolitan Bureau of Transportation ngoperasikeun jaringan bawah taneuh (subway).

Pamaréntah metropolitan jeung swasata ngoperasikeun rute beus. Lokal, regional, jeung nasional ogé aya, nu terminalna aya di deukeut stasion kareta utama nyaéta Tokyo jeung Shinjuku.

Jalan tol

[édit | édit sumber]

Jalan tol ngahubungkeun ibukota ka kota-kota séjén di Tokyo Raya, wewengkon Kanto, sarta pulo Kyushu jeung Shikoku.

Transportasi séjén

[édit | édit sumber]

Taksi dioperasikeun di 23 distrik jeung kota tur kacamatan. Ferry jarak jauh ngalayanan ka pulo-pulo Tokyo boh panumpang atawa barang ogé ka palabuan internasional séjén.

Salaku pusat atikan nasional, di Tokyo loba universitas, akademi jeung sakola kajuruan. Loba universitas nu kawentar di Jepang aya di Tokyo. Nu pangkawentarna nyaéta Universitas Tokyo. Universitas séjénna nyaéta Universitas Keio, Universitas Hitotsubashi, jeung Universitas Waséda.

Di Tokyo ogé aya universitas nu kuliah maké basa Inggris, saperti Universitas Kristen Internasional, Universitas Sophia, jeung Universitas Temple Jepang.

Universitas di Tokyo

[édit | édit sumber]
Gerbang Akamon di Universitas Tokyo.

Universitas Nasional

[édit | édit sumber]

Universitas Perfektur

[édit | édit sumber]
  • Universitas Tokyo Metropolitan

Universitas Swasta

[édit | édit sumber]
  • Universitas Aoyama Gakuin
  • Universitas Asia
  • Universitas Obirin
  • Universitas Gakushuin
  • Universitas Keio
  • Universitas Kogakuin
  • Universitas Kokugakuin
  • Universitas Kristen Internasional
  • Universitas Kokushikan
  • Universitas Toyo
  • Universitas Komazawa
  • Universitas Séijo
  • Universitas Séikéi
  • Institut Téknologi Shibaura
  • Universitas Sophia
  • Universitas Showa
  • Universitas Sénshu
  • Universitas Daito Bunka
  • Universitas Takushoku
  • Universitas Chuo
  • Universitas Teikyo
  • Universitas Temple Jepang
  • Universitas Tokyo Denki
  • Universitas Pertanian Tokyo
  • Universitas Sains Tokyo
  • Universitas Toho
  • Universitas Nihon
  • Universitas Hosei
  • Institut Téknologi Musashi
  • Universitas Musashi
  • Universitas Méiji
  • Universitas Méiji Gakuin
  • Universitas Rikkyo
  • Universitas Waséda

Sakola Dasar jeung Menengah

[édit | édit sumber]

TK, SD (1 nepi ka 6 taun), jeung SMP (7 nepi ka 9) dioperasikeun ku pamaréntah lokal kota. sakola menengah atas dikelola ku Tokyo Metropolitan Government Board of Education jeung disebut Metropolitan High Schools. Di Tokyo ogé loba sakola swasta ti mimiti TK nepi ka SMA.

Museum Nasional Sains jeung Inovasi Anyar anu dipawanoh ogé minangka "Miraikan"
Jalan Takéshita di Harajuku
Perayaan féstival di Tokyo.

Tokyo miboga loba museum. Di Taman Ueno, aya Museum Nasional Tokyo, museum panggedéna di Jepang husus pikeun seni Jepang tradisional; Museum Nasional Seni Kulon jeung Kebon Binatang Uéno. Museum lianna kaasup Museum Nasional Sains dan Inovasi Baru di Odaiba; Museum Édo-Tokyo di Sumida anu ngaliwatan Walungan Sumida di tengah kota Tokyo; Museum Nézu di Aoyama; sarta Pabukon Parlemén Jepang, Arsip Nasional, jeung Museum Nasional Seni Modérn anu boga koléksi-koléksi seni modérn Jepang sarta leuwih ti 40.000 pilem-pilem Jepang jeung asing[34] anu aya deukeut Istana Kekaisaran.

Di Tokyo ogé loba téater paméntasan, ogé téater milik nagara jeung swasta pikeun drama Jepang. Saperti Téater Noh Nasional pikeun noh jeung Kabuki-za pikeun Kabuki.[35] Orkéstra simfoni jeung rupa-rupa organisasi musik ngahaleuangkeun musik modérn jeung tradisional dina ieu tempat. Tokyo ogé jadi tuan rumah acara musik pop jeung rock Jepang tur internasional di babaraha tempat, mimiti klub peuting nepi ka aréna kasohor internasional saperti Nippon Budokan.

Sanja Matsuri di Asakusa

Di aréa Tokyo ogé diayakeun rupa-rupa féstival. Contohna perayaan Sannō di Kuil Hié, Sanja di Kuil Asakusa, sarta féstival dua taunan Kanda Matsuri. Perayaan Kanda mibanda arak-arakan mikoshi jeung rébuan jalma anu nyambutna. Dina poé Saptu panungtung unggal bulan Juli, pertunjukan kembang api gedé-gedéan di luhureun Walungan Sumida dilalajoanan ku sajuta urang. Lamun kembang sakura mekar di usum semi, warga Tokyo ngarumpul di Taman Uéno, Taman Inokashira, jeung Kebon Nagara Shinjuku Gyoén sarta piknik di handapeun tangkal sakura.

Harajuku, hiji kawasan di Shibuya, kasohor sadunya ku sabab jadi puseur hiburan nonoman, fashion,[36] jeung cosplay.

Kadaharan di Tokyo dipikaresep ku sakuliah dunya. Dina Nopémber 2007, Michelin ngaluarkeun panduan pikeun tempat makan pangalu nati Tokyyo,mnandaan otal 191 biétang, atauwaskira-kira ua kali lebuwih loia tibatan aris. PDi2taun 017, 227 reétoran di Tokyo tgeus dibéré pangajén (92 di Paris). Dua belas tempat makan diajénan nepi ka tilu béntang (Paris boga 10), sedengkeun 54 meunang dua béntang, sarta 161 meunang hiji béntang. Dina dua belas tempat makan gedé éta, tilu di antarana nyuguhkeun masakan Jepang tradisional, duana deui nyaéta toko sushi sarta tilu sésana nyaéta réstoran masakan Prancis.[37]

Pariwisata Tokyo

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Tourism in Tokyo.

Di Tokyo loba tempat jalan-jalan, budaya jeung olahraga. Ieu kaasup kuil nu kawentar, shrines, féstival jeung acara taunan, taman, tempat nu endah, tempat balanja jeung kahirupan peuting. Wisata budaya di Tokyo kaasup musium, gedung pertunjukan jeung téater.

Tokyo dina media populer

[édit | édit sumber]

Salaku kota panggedéna jeung tempatna penyiaran sarta studio, Tokyo remen dijadikeun setting keur film Jepang, acara tipi Archived 2015-05-09 di Wayback Machine, runtuyan komik (anime), jeung buku komik (manga). Nu pangkawentarna kaluar Jepang nyaéta kaiju (monster film), nu mana ciri has kota Tokyo diancurkeun ku monster gedé saperti Godzilla. Loba buku komik jeung animasi nu settingna, saperti Sailor Moon, Ranma ½,puffy ami yumi jeung Yu-Gi-Oh!, bakal kawentar di dunya.

Sababarah urang sutradara Hollywood milih Tokyo keur lokasi filmna. Sababaraha film nu kawentar saperti Tokyo Joe, My Geisha, jeung James Bond film You Only Live Twice; ogé Kill Bill, The Fast and the Furious: Tokyo Drift jeung Lost in Translation.

Pemandangan panorama Tokyo ti Tokyo Skytree

Kota kembar

[édit | édit sumber]

Tokyo ngabogaan kota kembar jeung sababaraha kota di dunya:

Salian ti eta, distrik jeung kota di Tokyo ogé ngabogaan kota kembar jeung kota sejen di dunya.

Galéri

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]
Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Tokyo ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia
Définisi kamus ti Wiktionary
Buku téks ti Wikibooks
Cutatan ti Wikiquote
Téks sumber ti Wikisource
Gambar jeung média ti Commons
Warta ti Wikinews
Sumber pangajaran ti Wikiversity

   Tempo ogé Tokyo di Wikivoyage


Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 東京都歌・市歌 (Dina basa Jepang). Tokyo Metropolitan Government. Diarsipkeun ti asli tanggal September 11, 2011. Diaksés tanggal September 17, 2011.
  2. 東京都の県庁(都庁)所在地について ("On the seat of the prefectural government (Metropolitan government) of Tokyo Metropolis"). Tokyo Metropolitan Government. Diarsipkeun ti vérsi aslina tanggal Februari 12, 2024. Diaksés tanggal Mei 11, 2024. Distrik khusus Shinjuku adalah pusat Pemerintahan Metropolitan Tokyo. Tokyo sebagaimana didefinisikan dalam artikel ini adalah prefektur, bukan munisipalitas, tetapi distrik khusus, kota, kotapraja, dan desa di wilayah Tokyo yang merupakan munisipalitas Tokyo. Sebagai ibu kota prefektur informal Tokyo, "Tokyo" berarti 23 distrik kota khusus Tokyo, yaitu bekas wilayah Kota Tokyo, bukan Tokyo (yang mencakup seluruh wilayah prefektur/"Metropolis") sebagaimana didefinisikan dalam artikel ini.
  3. "Reiwa 1 nationwide prefectures, cities and towns area statistics (October 1)" (Dina basa Jepang). Geospatial Information Authority of Japan. December 26, 2019. Diarsipkeun ti asli tanggal April 15, 2020. Diaksés tanggal April 28, 2020.
  4. "東京都の人口(推計)とは" [Population of Tokyo(estimate)]. www.toukei.metro.tokyo.lg.jp (Dina basa Jepang). Diarsipkeun ti vérsi aslina tanggal 9 Juni 2023. Diaksés tanggal 10 September 2024.
  5. "Major Agglomerations of the World". Population Statistics and Maps. 28 Februari 2023. Diarsipkeun ti vérsi aslina tanggal 7 Juli 2023. Diaksés tanggal 10 September 2024.
  6. "Population by District" (Dina basa Inggris). Tokyo Statistical Yearbook. Diarsipkeun ti vérsi aslina tanggal 2022-09-30. Diaksés tanggal 2022-07-15.
  7. 都民経済計算(都内総生産等)平成29年度年報. https://www.metro.tokyo.lg.jp. Diarsipkeun ti asli tanggal 2020-04-05. Diaksés tanggal 2020/01/18. ; ;
  8. a b Room, Adrian. Placenames of the World. McFarland & Company (1996), p. 360 Archived 2023-02-18 di Wayback Machine. Galat skrip: tidak ada modul tersebut "Catalog lookup link".Galat skrip: tidak ada modul tersebut "check isxn"..
  9. US Department of State. (1906). A digest of international law as in diplomatic discussions, treaties and other international agreements (John Bassett Moore, ed.), Volume 5, p. 759 Archived 2023-02-18 di Wayback Machine; excerpt, "The Mikado, on assuming the exercise of power at Yedo, changed the name of the city to Tokio".
  10. Fiévé, Nicolas; Paul Waley (2003). Japanese Capitals in Historical Perspective: Place, Power and Memory in Kyoto, Edo and Tokyo. hlm. 253.
  11. 明治東京異聞~トウケイかトウキョウか~東京の読み方 (Dina basa Jepang). Tokyo Metropolitan Archives. 2004. Diarsipkeun ti vérsi aslina tanggal Oktober 6, 2008. Diaksés tanggal Séptémber 13, 2008.
  12. Peel, M.C., Finlayson, B.L., and McMahon, T.A.: Updated world map of the Köppen-Geiger climate classification Archived 2019-08-16 di Wayback Machine, Hydrol. Earth Syst. Sci., 11, 1633–1644, 2007.
  13. a b c 観測史上1~10位の値( 年間を通じての値) (Dina basa Japanese). Japan Meteorological Agency. Diarsipkeun ti asli tanggal 2018-10-01. Diaksés tanggal November 15, 2018. Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link)
  14. "Tokyo observes latest ever 1st snowfall". Diarsipkeun ti asli tanggal March 19, 2007. Diaksés tanggal June 9, 2017.
  15. 観測史上1~10位の値(年間を通じての値). Japan Meteorological Agency. Diarsipkeun ti asli tanggal 2020-04-11. Diaksés tanggal December 4, 2011.
  16. The JMA Tokyo, Tokyo (東京都 東京?) station is at 35°41.4′N 139°45.6′E, JMA: 気象統計情報>過去の気象データ検索>都道府県の選択>地点の選択. Japan Meteorological Agency. Diarsipkeun ti asli tanggal 2018-10-01. Diaksés tanggal November 15, 2018.
  17. 気象庁 / 平年値(年・月ごとの値) (Dina basa Japanese). Japan Meteorological Agency. Diarsipkeun ti asli tanggal 2016-05-18. Diaksés tanggal December 16, 2014. Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link)
  18. 気象庁 / 平年値(年・月ごとの値) (Dina basa Japanese). Japan Meteorological Agency. Diarsipkeun ti asli tanggal 2014-11-02. Diaksés tanggal December 16, 2014. Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link)
  19. 気象庁 / 気象統計情報 / 過去の気象データ検索 / 平年値(年・月ごとの値). Japan Meteorological Agency. Diarsipkeun ti asli tanggal 2013-03-30. Diaksés tanggal June 24, 2013.
  20. "気象庁|過去の気象データ検索". www.data.jma.go.jp. Diarsipkeun ti asli tanggal 2020-11-13. Diaksés tanggal 2020-04-13.
  21. 気象統計情報 / 天気予報・台風 / 過去の台風資料 / 台風の統計資料 / 台風の平年値. Japan Meteorological Agency. Diarsipkeun ti asli tanggal 2012-06-07. Diaksés tanggal 2019-04-15.
  22. "Financial Centres, All shapes and sizes". The Economist. Diarsipkeun ti asli tanggal 2007-10-31. Diaksés tanggal 2007-10-14.
  23. Sassen, Saskia (2001). The Global City: New York, London, Tokyo (Édisi 2nd). Princeton University Press. ISBN 0691070636.
  24. PriceWaterhouseCoopers, "UK Economic Outlook, March 2007", page 5. ""Table 1.2 – Top 30 urban agglomeration GDP rankings in 2005 and illustrative projections to 2020 (using UN definitions and population estimates)"". Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal 2007-06-10. Diaksés tanggal 2007-03-09. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)
  25. "Global 500 Our annual ranking of the world's largest corporationns". CNNMoney.com. Diarsipkeun ti asli tanggal 2010-05-29. Diaksés tanggal 2008-12-04.
  26. "Financial Centres, All shapes and sizes". The Economist. September 13, 2007. Diarsipkeun ti asli tanggal 2007-10-31. Diaksés tanggal October 14, 2007.
  27. "Oslo is world's most expensive city: survey". Reuters. January 31, 2006. Diaksés tanggal February 1. Archived 2016-05-15 di Portuguese Web Archive (inactive)
  28. Sassen, Saskia (2001). The Global City: New York, London, Tokyo (Édisi 2nd). Princeton University Press. ISBN 978-0-691-07063-6.
  29. "The Global Financial Centres Index 21" (PDF). Long Finance. March 2017. Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal June 11, 2017. Archived Juni 11, 2017, di Wayback Machine
  30. Ito, Takatoshi; Melvin, Michael. "NBER WORKING PAPER SERIES - JAPAN'S BIG BANG AND THE TRANSFORMATION OF FINANCIAL MARKETS" (PDF). www.nber.org. Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal 2018-06-02. Diaksés tanggal 2019-04-13.
  31. "Tokyo stock exchange". Diarsipkeun ti asli tanggal 2008-10-05. Diaksés tanggal 2010-10-29. Archived 2008-03-12 di Wayback Machine
  32. "Statistics on Cultivated Land Area" (PDF). July 15, 2003. Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal 2006-06-28. Diaksés tanggal 2008-10-18. ; Archived 2008-06-24 di Wayback Machine
  33. Japan (Dina basa Inggris). PediaPress. hlm. 82. Diarsipkeun ti vérsi aslina tanggal 2023-02-18. Diaksés tanggal 2022-06-05.
  34. "National Cultural Facilities" (PDF). The Agency for Cultural Affairs. Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal 2007-10-25. Diaksés tanggal 2007-10-18. Archived 2009-03-25 di Wayback Machine
  35. Milner, Rebecca (2013). "Pocket Tokyo." 4th Edition. Lonely Planet Publications. Galat skrip: tidak ada modul tersebut "Catalog lookup link".Galat skrip: tidak ada modul tersebut "check isxn".
  36. Perry, Chris (April 25, 2007). "Rebels on the Bridge: Subversion, Style, and the New Subculture". Self-published (Scribd). Diarsipkeun ti asli (Flash) tanggal 2007-10-14. Diaksés tanggal December 4, 2007. ;
  37. "Tokyo 'top city for good eating'". BBC News. November 20, 2007. Diarsipkeun ti asli tanggal 2008-12-17. Diaksés tanggal October 18, 2008.


Shadow picture of Tokyo region Tokyo Metropolis Symbol of Tokyo Metropolis
Wards: Adachi | Arakawa | Bunkyō | Chiyoda | Chūō | Edogawa | Itabashi | Katsushika | Kita | Kōtō | Meguro | Minato | Nakano | Nerima | Ōta | Setagaya | Shibuya | Shinagawa | Shinjuku (capital) | Suginami | Sumida | Toshima | Taitō
Cities: Akiruno | Akishima | Chōfu | Fuchū | Fussa | Hachiōji | Hamura | Higashikurume | Higashimurayama | Higashiyamato | Hino | Inagi | Kiyose | Kodaira | Koganei | Kokubunji | Komae | Kunitachi | Machida | Mitaka | Musashimurayama | Musashino | Nishi-Tōkyō | Ōme | Tachikawa | Tama
Districts and Subprefectures: Nishitama District | Hachijō Subprefecture | Miyake Subprefecture | Ogasawara Subprefecture | Ōshima Subprefecture


Koordinat: 35°41′N 139°46′E