Lompat ke isi

Tugu PLP

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Tugu PLP nyaéta salah sahiji monumèn di Kabupatén Garut nu miboga nilai sajarah jeung janten simbol pajuang nagara dina merjuangkeun kamerdékaan Indonésia. Ngaran PLP nyaéta singkatan tina "Pusat Latihan Penembakan".

Lokasi Tugu PLP aya di Jalan Raya Letjen Ibrahim Adjié, Kecamatan Tarogong Kalér Kabupatén Garut caket objék wisata Cipanas.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Tugu PLP diwangun taun 1960-an minangka panghormatan kanggo para pajuang anu ngabogaan peran dina ngalawan DI/TII jeung G30SPKI. Tugu PLP awalna dijadikeun tempat latihan Pasukan Kujang 305, 328, 330 jeung pasokan tentara lain ti rupa-rupa wewengkon ti Jawa Barat. Hal éta dibuktikeun tina loba na liang-liang tilas pélor nu aya dina tugu.

Taun 2025 Tugu PLP dibebenah ku Pameréntah Kabupaten Garut[1]. Hal éta dilakukeun kusabab kondisi tugu nu hampir runtuh. Kiwari Tugu PLP leuwih berwarna jeung aya tulisan "Tugu PLP" nu bisa hurung jeung dilengkepan spot foto nu ngajadikeunna wisata anyar ti Garut. Pamandangan di sabudeureun Tugu PLP nyaéta pamandangan babatuan jeung Gunung Guntur tiasa dinikmati ti aréa tugu.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Infogarut. "Revitalisasi Tugu PLP Sebagai Ikon Jalan Ibrahim Adjie Garut". infogarut.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-02-09.