Tugu Simpang Lima
Tugu Simpang Lima nyaѐta salah sahiji wangunan nu boga sajarah di Kabupatѐn Garut.[1] Tugu Simpang Lima jadi lambang sabab aya 5 arca jelema anu jadi cirina. Tugu Simpang Lima lokasina stratѐgis sarta mangrupa gerbang wewengkon pakotaan Garut ti sagala arah.
Sajarah Tugu Simpang Lima
[édit | édit sumber]Tugu Simpang Lima ieu jadi salah sahiji lambang sajarah di Kabupaten Garut. Sajarawan Garut, Warjita, nѐtѐlakeun yѐn Tugu Simpang Lima geus aya ti mimiti taun 1990-an. Dѐwan Cabang Harian (DHC) Angkatan 45 Garut, nyaѐta komunitas anu ngajieun ayana Tugu Simpang Lima di Kabupaten Garut.[1]
DHC 45 ngagagas, Tugu nu aya di wewengkon kiwari tѐh perlu diadegkeun minangka lambang kasuksesan perjuangan jeung perlawanan masarakat Garut ngalawan penjajah. Tahun 1992, Tugu Simpang Lima diresmikeun langsung ku Bupati Momon.[1]
Tugu Simpang Lima anu ngabogaan 5 arca nu jadi cirina miboga harti sorangan. Lima pahlawan nu hartina 5 unsur pejuang kamerdѐkaan di Garut, nyaѐta Tentara Rakyat, TNI, Ulama, Pamuda, jeung Wanita.[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 Ghani, Hakim. "Sejarah Tugu Simpang Lima, Simbol Perjuangan Rakyat Garut". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-02-09.[tumbu nonaktif]
- ↑ Infogarut. "Tentang Tugu Ikonik Garut : Tugu Simpang Lima". infogarut.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-02-09.