Tulang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Femur manusa dina ilustrasi Gray, bentuk tulang anu ilahar dipikawanoh.

Tulang mangrupakeun hiji tipe jaringan konéktip éndoskéléton teuas nu sok aya dina sato vertebrata. Tulang téh jadi dadasar struktur awak, ngajaga organ internal, sarta (babarengan jeung otot) pikeun ojah; ogé patali jeung formasi sél, métabolisme kalsium, jeung simpenan mineral. Tulang sasatoan, sacara koléktip, katelahna rorongkong. Kandungan tulang teu sarua jeung kartilage, nu sarua diturunkeun ti mésoderm.

Aya sababaraha téori ngeunaan épolusi tulang:

Tulang jeung rorongkong diulik dina ostéologi.

Guna[édit | sunting sumber]

Tulang mibanda dalapan guna utama:

  • Panyalindungan — ngabulen atawa ngawadahan organ jero, kayaning tangkorak nu ngajaga otak jeung tulang angen anu ngurilingan jantung jeung bayah.
  • Bentuk — rorongkong pikeun dedeg awak.
  • Nyieun getih — sungsum tulang dina rongga médular tulang panjang ngahasilkeun sél-sél getih dina prosés nu disebut hématopoiesis.
  • Gudang mineral — nyimpen mineral nu penting pikeun awak, utamana kalsium jeung fosfor.
  • Ojah — babarengan jeung otot rangka, téndon, ligamén, jeung sandi rampakgawé ngahasilkeun jeung mindahkeun tanaga pikeun ngojahkeun awak.
  • Kasaimbangan asam-basa — nyangga getih mun nyanghareupan parobahan pH ku cara nyerep atawa ngaleupaskeun garam alkali.
  • Détoksifikasi — jaringan tulang ogé bisa nyimpen logam beurat jeung unsur asing lianna.
  • Transduksi sora — salaku bagian tina mékabika pangrungu.

Sumber rujukan[édit | sunting sumber]

  • Bone, Wikipédia édisi basa Inggris (2 Méi 2006)

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg