Ucok Munandar Siahaan
Ucok Munandar Siahaan (gumelar di Médan, Sumatera Utara, 21 Maret 1977; umur 48 taun) mangrupakeun salah sahiji korban penculikan aktivis nalika jaman 1997-1998 anu nepika ayeuna teu dipikanyaho ayana.[1] Ucok jadi sala sahiji aktivis anu ngawada jeung miluan ngalengserkeun pamaréntahan Soeharto sabab geus kacida lilana maréntah Indonésia. Tidinya, Ucok ngaleungit dina 14 Maret 1998 anu terahir katingal keur aya di Ciputat.[2]
Kronologi
[édit | édit sumber]Ucok mangrupakeun anak ti Paian Siahaan jeung Damais Hutabarat.[3] Anjeunna hirup salaku mahasiswa Perbanas[4] anu sapopoéna boga kagiatan siga mahasiswa nu séjén, yén anu dipikanyaho ku bapana, Ucok teu boga kasang tukang pulitik naon-naon. Ngan, Ucok ogé miluan kagiatan-kagiatan aktivisme mahasiswa di kampus, jeung langkung milih cicing di kampus tibatan balik ka di bumina. Asup ka ahir taun 1997, anjeunna mineung ngingetkeun kolotna pikeun nyetok tedana di bumi, sabab Ucok geus boga sangkaan aya hal-hal nu bakal kajadian. Dina awal Méi 1998, Ucok ngawartakeun ka kolotna yén bakal uih ka bumi. Ngan, sanggeus anjeunna terahir katingali dina 14 Méi 1998, nalika ogé nyaksian kadurukna jeung dijarahna Ramayana Mall di Ciputat, anjeunna ngaleungit barengan jeung aktivis nu séjén, nyaéta Hendra Hambali,[5][6] Yadin Muhidin, jeung Abdun Nasser.
Pangaruh ka kulawargana
[édit | édit sumber]Status Ucok anu teu tangtu kaayaannana ngaruh ka masalah catetan administrasi dina kulawargana. Ngarana masih kénéh aya dina Kartu Kulawarga (Kartu Keluarga) sabab anjeunna henteu pernah dinyatakeun leungit atawa maot. Hasilna, kulawargana tutuluyan nampi uleman pamilihan ku ngaran Ucok unggal pamilihan. Teras ogé, masalah warisan aset janten rumit sabab meryogikeun tanda tangan Ucok.[5]
Nepi ka ayeuna, bapana Ucok teras-terasan merjuangkeun nasib Ucok, ogé nungtut pangadegan opat rekomendasi anu dikaluarkeun ku Déwan Perwakilan Rakyat (DPR) dina taun 2009 ngeunaan kasus panghilangan paksa, anu tacan dilaksanakeun. Opat rekomendasi ieu eusina nyaéta ngadegkeun pangadilan hak asasi manusa ad hoc pikeun kasus éta, milarian 13 aktivis anu masih leungit, rehabilitasi jeung kompensasi kulawarga korban anu leungit, tuluy ngesahkeun undang-undang anti-panghilangan paksa.[7]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Khairunnisa, Aisyah (27 Agustus 2014). "Menanti Pulang, Anakku yang Dihilangkan". kbr.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Désémber 2025.
- ↑ Tim Redaksi. "Kasus Penculikan dan Penghilangan Paksa Aktivis 1997-1998: Siapa Bertanggungjawab?" (PDF). kontras.org (Dina basa Indonesia). hlm. 2.
- ↑ Ramadhian, Nabilla; Maullana, Irfan (25 Méi 2023). "Hingga Akhir Hayatnya Ibunda Ucok Siahaan Dirundung Sedih Setiap Lihat Barang-barang Anaknya... Halaman all. - Kompas.com". KOMPAS.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Désémbae 2025.
- ↑ Tempo Publishing (Agustus 2025). Wiji Thukul, Teka-Teki Orang Hilang (Dina basa Indonésia). Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. hlm. 142. ISBN 9786024817619. Diaksés tanggal 18 Désémber 2025. Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link) Pemeliharaan CS1: Tahun (link)
- 1 2 Ramadhian, Nabilla; Maullana, Irfan (26 Méi 2023). "Sosok Ucok Munandar Siahaan, Sang Aktivis 98 dalam Kenangan..." KOMPAS.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Désémber 2025.
- ↑ Nugraha, Al Khoriah Etiek (07 Séptémber 2023). "Penculikan Aktivis 1998, 13 Orang Tanpa Kabar hingga Kini". detiksulsel (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Désémber 2025.
- ↑ Wardah, Fathiyah (22 Pébruari 2024). "Asa Keluarga Korban Penghilangan Paksa". VOA Indonesia (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 18 Désémber 2025.