Udjo Ngalagena
Mang Udjo | |
---|---|
Gumelar | 5 Maret 1927 Bandung |
Tilar dunya | 3 Mei 2001 |
Ngaran péna | Udjo Ngalagena |
Kabangsaan | Indonésia |
Subjék | Musisi, Guru |
Pasangan | Uum Sumiati(Alm) |
Udjo Ngalagena, dipikawanoh minangka Mang Udjo (gumelar di Bandung, Jawa Kulon, 5 Maret 1929 – maot 3 Méi 2001 dina umur 72 taun[1]) nyaéta seniman, pendidik, duta, aktivis angklung[2] sakaligus pangadeg Saung Angklung Udjo.[1] Mang Udjo anak kagenep ti papasangan Wiranta jeung Imi.[3] Udjo diajar angklung dina dua tangga nada dasar, nyaéta diatonik jeung péntatonik, hal ieu ngajadikeun anjeunna mahér dina maénkeun mangrupa-rupa jenis musik, ti mimiti musik tradisional Sunda nepi ka lagu-lagu populér Indonésia, ogé lagu ti negri Walanda.[1] Mang Udjo nikah jeung Uum Sumiyati, tina pernikahanna éta mang Udjo dipaparin 10 putra.[1]
Kaparigelan
[édit | édit sumber]Lian ti diajar angklung, mang Udjo ogé diajar silat, gamelan jeung lagu-lagu daérah dina wangun kawih jeung tembang.[3] Anjeunna diajar lagu-lagu nu nadana diatonis nalika anjeunna sakola di HIS, dina wangun lagu-lagu bahasa Indonésia jeung Walanda.[3] Mang Udjo lulus ti SGA taun 1950 di Bandung.[3] Bakat sarta pangabisana mingkin rumonjat nalika anjeunna jadi guru kasenian di sawatara sakola di Bandung.[3] Pikeun ngasah pangabisana, anjeuna nepungan ahli dina widangna. Téknik maén kacapi jeung lagu-lagu daérah diajar ka Mang Koko.[3] Gamelan, anjeunna diajar ka Raden Machjar Angga Koesoemadinata, sedengkeun angklung diatonis, anjeunna diajar ka Daéng Soetigna.[3] Mang Udjo jadi asisténna Daéng Soetigna, nu ngawakilan pikeun mingpin pagelaran musik.[1]
Pangadeg Saung Angklung Udjo
[édit | édit sumber]Saung Angklung Udjo anu diadegkeun dina 1996, ngaliwatan pasang surut jaman, tetep ngadeg nepi ka kiwari.[2] Di komunitas sagala bahan awi ieu, Mang Udjo lain waé ngalakukeun pintonan, nyieun angklung, narima sémah, tapi ogé teu eureun ngaluarkeun seniman-seniman angklung nu ngora.[2] Ngaranna mimiti dipikawanoh dina taun 1955 sabot manéhna kudu ngagantikeun guruna, Daeng Soetigna, ngalatih barudak pikeun maén angklung dina raraga KAA di Bandung.[2] Dina waktu sabulan, ku modal buku palajaran musik ti hiji kios di Alun-Alun, Udjo terus ngalatih budak didikna.[2] Katémbong suksés, angklung Mang Udjo saterusna jadi langganan pintonan di hareupeun sémah nagara Istana Merdeka.[2] Peran Udjo anu kungsi jadi guru sarta pangsiun ti Kanwil Depdikbud Jabar ieu éstuning rupa-rupa jasana.[2]
Bareng jeung "Bapa Angklung" Daeng Soetigna, manéhna nu ngamimitian ngamodifikasi angklung ti nada péntatonis ka diatonis.[2] Manéhna ogé ngawanohkeun musik ieu ngaliwatan pintonanna ka sagala beulahan dunya dina mangsa Menlu Mochtar Kusumaatmadja.[2] Hal éta ogé anu jadi sumebarna jumplukan musik angklung di sagala rupa nagara, kawas Jerman, Walanda, Swis, Afrika Kidul, sarta Jepang.[2] Mang Udjo anu kungsi narima béasiswa ti Gubernur DKI Jakarta Ali Sadikin pikeun ngayakeun studi banding ngeunaan ngokolakeun awi di Thailand (1971).[2] Manéhna ogé boga kebon anu dipelakan sagala rupa-rupa awi sangkan bahan awi pikeun nyieun angklung siap sadia bahanna.[2] Saung Angklung Mang Udjo nyaéta sarupaning imah, sanggar, atawa padépokan seni anu perenahna di Jalan Padasuka 118, Bandung Wétan.[4]
Cacak aya di sisi jalan, lokasi padépokan nu legana kira-kira dua héktar éta kawas ksumputkeun di antara pamukiman nu nyicingan di daérah padet.[4] Bédana kalayan imah nu nyicingan, wewengkon padepokan diriung ku lobana tangkal awi wulung sarta kalapa.[4] Jadi lamun asup, kaayaan lembur nu padet éta geura-giru kagantikeun ku iuhna daun awi nu aya.[4] Di tempat éta ogé saban poé sanggeus jam sakola puluhan barudak ti sabudeureun kampung diajarkeun nembang, ngigel, sarta maénkeun angklung.[4] Saterusna dina waktu soré, nyaéta saban pukul 15.30 nepi ka 17.30, kabéhanana diilubiungkeun dina pintoonan pikeun ngahibur nu datang.[4]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e P4TKSB Jogja. Udjo Ngalagena Pendiri Saung Angklung Udjo[tumbu nonaktif]. Diaksés 15 April 2015
- ↑ a b c d e f g h i j k l Rosidi, Ajip. Rosidi, Ajip. (2003) Apa Siapa Orang Sunda. Kiblat. Jakarta. Kaca 460
- ↑ a b c d e f g Taman Ismail Marzuki. Udjo Ngalagena[tumbu nonaktif]. Diaksés 14 April 2015
- ↑ a b c d e f Saung Mang Udjo (Dicutat kaping 24 Oktober 2011)
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |