Ulul Azmi
Pidangan

Ulul Azmi (Basa Arab: أولوالعزم) nyaéta gelar husus anu dipaparinkeun ku Alloh SWT ka para nabi sarta rasul anu mibanda kasabaran, katabahan, sarta tekad anu kacida kuat taya papadana dina nyebarkeun ajaran tauhid. Istilah ieu dumasar kana ayat Al-Qur'an Surat [[Al-Ahqaf]] ayat 35.
Daptar Rasul Ulul Azmi
[édit | édit sumber]Aya lima rasul anu kenging gelar Ulul Azmi, nyaéta:
- Nabi Nuh a.s. – Tabah dina dakwah salila 950 taun sarta sabar nalika dihina nalika ngadamel kapal.
- Nabi Ibrahim a.s. – Sabar nalika diduruk ku Raja Namrud sarta rido nalika diparéntahkeun meuncit putrana.
- Nabi Musa a.s. – Nyanghareupan Firaun sarta sabar mayunan umatna ([[Bani Israil]) anu mindeng wangkelang.
- Nabi Isa a.s. – Sabar dina nyebarkeun ajaran asih sanajan dikaniaya ku kaumna sorangan.
- Nabi Muhammad SAW – Rasul pamungkas anu pangbeuratna ujianana nanging pangageungna kasabaranana pikeun sakabéh alam.
Rujukan
[édit | édit sumber]- Al-Qur'anul Karim.
- Katsir, Ibnu. (2015). Kisah Para Nabi. Jakarta: Pustaka Al-Kautsar. ISBN 9789795926535.
- Al-Qur'anul Karim, Surat Al-Ahqaf ayat 35, Surat Al-Ahzab ayat 7, sarta Surat Asy-Syura ayat 13.
- An-Naisaburi, Ishaq. (2006). Qashash al-Anbiya. Beirut: Dar al-Kutub al-Ilmiyah.
- Ibnu Katsir. (2015). Kisah Para Nabi (Tarjamah basa Indonésia ku Abu Ihsan al-Atsari). Jakarta: Pustaka Al-Kautsar. ISBN 9789795926535.
- Kementerian Agama RI. (2019). Al-Qur'an dan Terjemahannya. Jakarta: Lajnah Pentashihan Mushaf Al-Qur'an.