Unjuk rasa jeung karusuhan di Indonésia Agustus–Séptémber 2025
Dina tanggal 25 Agustus nepi ka awal Séptémber 2025,[1][2][3] unjuk rasa anu dibarengan ku karusuhan kajadian di rupa-rupa wilayah di Indonésia. Unjuk rasa ieu mimiti dipicu ku protes kana ayana tunjangan anyar pikeun anggota Dewan Pangwakil Rahayat Republik Indonésia, nyaéta dina wangun tunjangan perumahan.[4] Sajaba ti éta, ogé didorong ku naékna pajeg bumi jeung wangunan di sababaraha wilayah sarta teu puasna masarakat kana kinerja pamaréntah dina ngungkulan kasenjangan ékonomi jeung naékna biaya hirup.[5]
Unjuk rasa tuluy ngalegaan jadi béntrokan anu leuwih gedé sanggeus saurang pangemudi ojek daring, Affan Kurniawan, katabrak sarta kalindes ku kendaraan lapis baja pulisi anu nyobaan nembus massa nalika karicuhan kajadian di Jalan Penjernihan I, Bendungan Hilir, Tanah Abang, Jakarta Pusat. Pupusna Affan micu gelombang protes ti masarakat, hususna ti sasama pangemudi ojek daring jeung mahasiswa.[6][7]
Latar tukang
[édit | édit sumber]Unjuk rasa ieu dipicu ku usulan tunjangan perumahan anyar pikeun anggota parlemén. Tunjangan anu diusulkeun, gedéna Rp50 juta per bulan, sapuluh kali lipet tina upah minimum DKI Jakarta, ditambah jeung tunjangan dahareun, angkutan, sarta gaji pokok anu geus aya, nyababkeun amarah masarakat umum. Frustrasi ékonomi beuki parah alatan naékna biaya dahareun jeung atikan, PHK massal, sarta kanaékan pajeg properti anu diterapkeun ku pamaréntah daérah minangka akibat tina pangurangan dana ti pamaréntah pusat.[8]
Protes ieu ogé dipicu ku pernyataan kontroversial ti anggota DPR minangka tanggapan kana ningkatna kateuasan masarakat, anu dianggap teu peka. Anggota DPR ti Partéy NasDem, Nafa Urbach, ngarojong kanaékan tunjangan kalayan alesan yén anggota DPR ngalaman kasusah dina perjalanan ka tempat damel. Anjeunna tuluy nyuhunkeun hapunten dina média sosial sanggeus aya réaksi publik kana pernyataanna. Wakil Ketua Komisi III DPR, Ahmad Sahroni, ti partéy anu sarua, nyebut masarakat anu nungtut bubarna parlemen minangka “jalma pangbodona di dunya,” lajeng anjeunna ngajelaskeun deui pendirianna sarta ngabéla sasama anggota parlemen. Anggota parlemen séjén ti Partéy Amanat Nasional sarta mantan pelawak, Éko Patrio, unggah vidéo parodi anu teu némbongkeun émpati, anu dipandang minangka sindiran kana kahariwang publik.[9]
Sawatara laporan ti BBC Indonesia ngitung yén panghasilan resmi anggota DPR leuwih ti Rp100 juta per bulan, dumasar kana inpormasi yén anggota DPR nampa tunjangan perumahan Rp50 juta per bulan, sarta lamun dihijikeun jeung gaji jeung tunjangan séjénna, total panghasilan resmi bisa ngahontal leuwih ti Rp100 juta per bulan.[10] Forum Indonesia pikeun Transparansi Anggaran (Fitra), hiji lembaga swadaya masarakat, nyebut yén laporan BBC teu ngitung take-home pay anggota DPR anu bisa ngahontal Rp230 juta per bulan atawa kira-kira Rp2,8 miliar per taun. Angka ieu asalna tina data Daftar Isian Palaksanaan Anggaran (DIPA) DPR periode 2023–2025. Total anggaran gaji jeung tunjangan pikeun 580 anggota DPR diperkirakeun ngahontal Rp1,6 triliun dina taun 2025, ningkat dibanding taun saméméhna (Rp1,2 triliun dina 2023 jeung Rp1,18 triliun dina 2024).[11] Sanajan kitu, mantan Ketua Mahkamah Konstitusi RI sarta mantan Menteri Hukum jeung HAM, Mahfud MD, nampik klaim yén gaji anggota DPR moal ngahontal Rp250 juta per bulan, sarta negeskeun yén total panghasilan maranéhna malah bisa ngahontal milyaran rupiah unggal bulan.[12]
Pembunuhan Affan Kurniawan
[édit | édit sumber]Affan Kurniawan nyaéta saurang supir ojek daring anu maot sanggeus katabrak jeung kalindes ku kendaraan taktis Brimob jinis Barakuda dina hiji kajadian di lokasi unjuk rasa. Numutkeun sababaraha saksi mata, Affan saméméhna ragrag sanggeus kepleset nalika rék nyebrang jalan, tuluy katabrak sarta kalindes ku kendaraan éta. Sanajan aya di sabudeureun lokasi demonstrasi, anjeunna henteu milu dina aksi éta. Kajadian ieu tuluy micu unjuk rasa anu leuwih gedé di rupa-rupa daérah di Indonesia, sarta narik perhatian lega ti masarakat, média nasional, pausahaan transportasi daring, jeung pihak kapolisian.[13][14][15]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "Demo '25 Agustus' tolak tunjangan rumah anggota DPR ricuh, Dasco: Tunjangan Rp 50 juta dihentikan". BBC News Indonesia (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-03-24.
- ↑ "Kronologi Demo Memprotes DPR hingga Meluas Berubah Penjarahan". Tempo (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-03-24.
- ↑ "Demo 25 Agustus, Massa Mahasiswa Serukan DPR Dibubarkan". nasional (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-03-24.
- ↑ "Isi Tuntutan Demo 25 Agustus di DPR: Hapus Tunjangan-Stop Pemborosan Anggaran". kumparan (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-03-24.
- ↑ "Demo '25 Agustus' tolak tunjangan rumah anggota DPR ricuh, Dasco: Tunjangan Rp 50 juta dihentikan". BBC News Indonesia (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-03-24.
- ↑ "Tragedi Affan: Empati Prabowo dan Janji Negara Hadir Usai Pengemudi Ojol Tewas Dilindas Kendaraan Taktis". merdeka.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-03-24.
- ↑ R, Mei Amelia. "Aksi Damai Bela Affan Kurniawan, Massa Tabur Bunga Depan Polres Dumai". detiknews (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-03-24.
- ↑ "Indonesian Protesters Clash With Police During Demonstrations Over Parliamentary Perks". thediplomat.com (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2026-04-25.
- ↑ Sutrisna, Tria (26 Agustus 2025). "KOMPAS.com". Berita. Diaksés tanggal 25 April 2026.
- ↑ "Gaji dan tunjangan anggota DPR lebih Rp100 juta per bulan – 'Tidak patut saat masyarakat kesulitan ekonomi'". BBC News Indonesia (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-04-25.
- ↑ Media, Kompas Cyber (2025-08-26). "Bukan Rp 100 Juta, Penghasilan Anggota DPR Tembus Rp 230 Juta Sebulan". KOMPAS.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-04-25.
- ↑ Dirgantara, Adhyasta (28 Agustus 2025). "KOMPAS.com". Warta. Diaksés tanggal 25 April 2026.
- ↑ Liputan6.com. "Ketua Presidium Koalisi Ojol Nasional Beberkan Kronologi Pengemudi Tewas Ditabrak Mobil Barakuda Brimob". liputan6.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-04-25. Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)
- ↑ Hardjo, Dimitrie. "Mengenal Affan Kurniawan yang Meninggal Dilindas Mobil Rantis Brimob". life (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-04-25.
- ↑ developer, mediaindonesia com. "Driver Ojol Dilaporkan Tewas Dilindas Barracuda Brimob, Ini Respons Gojek". mediaindonesia.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-04-25.