Vihara Pemancar Keselamatan

Vihara Pemancar Keselamatan katelah ogé Vihara Boen San Tong[1] mangrupakeun salah sahiji wangunan vihara pang kolotna di wilayah Cirebon.[2] Vihara ieu adeg di Jalan Winaon Kecamatan Pekalipan, Kota Cirebon. Vihara anu geus adeg mangratus-ratus taun ieu leuwih dipikawanoh ku masarakat ku sebutan Vihara Dewi Pek Ku Thay Fud. Ngaran ieu nunjukeun kana hiji déwi anu dipupujuhkeun éstuning simbul welas asih jeung panyalindungan, utamana keur ka komnitas Tionghoa.[3]
VIhara ieu diadegkeun taun 1680 ceuk sabahagian sumber, aya ogé anu nyebutken yén vihara ieu adeg taun 1984. Vihara ieu jadi saksi akulturasi budaya Tionghoa di pasisir Kalér Jawa. Anu matak istiméwa tina Vihara Pemancar Kesalametan téh nyaéta ayana altar husus pikeun Dewi Pek Ku Thay Fud—hiji-hijina di Indonésia. Nyaéta sababna, masarakat leuwih resep nyebut vihara ieu minangka Kuil Dewi Pek Ku Thay Fud. Dina kapercayaan Tionghoa, Dewi ieu dianggap minangka nu maparin kasalametan jeung kabagjaan dina sagala rupa kahirupan—ti mimiti usaha, kaséhatan, nepi ka pagawéan.[1][4]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 "Menengok Boen San Tong yang Dijuluki Vihara Perempuan di Cirebon". Delik TV.
- ↑ Andriyana. "Kunjungi Vihara Pemancar Keselamatan, Cagub Jeje Suarakan Toleransi". Fajar Cirebon (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-26.
- ↑ citrust. "Vihara Pemancar Keselamatan Cirebon Hanya Satu-satunya di Indonesia". citrust.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-26.
- ↑ Ciberindo. "Boen San Tong Vihara Pemancar Keselamatan". wihara.org. Diaksés tanggal 2025-07-26.