Wikipedia:Artikel petingan
|
Artikel petingan téh minangkana mah artikel-artikel Wikipédia anu diana hadé ku para éditor Wikipédia. Saméméh dibéréndélkeun di dieu, sakuduna éta artikel-artikel téh diulas di Wikipedia:Calon artikel petingan, naha eusina geus lengkep, nétral, tur bener, luyu jeung sarat-sarat artikel petingan. Kétang, aturan kitu téh jaga mun Wikipédia Sunda mutuna geus hadé. Saayeunaeun, bakuna diturunkeun heula saeutik, minangka conto artikel-artikel anu bisa disebut lumayan, sakaligus pangdeudeul ka para Wikipédiawan enggoning nulis di Wikipédia. Saméméh ngaronjat ka pasaratan kawas artikel petingan di Wikipédia lianna, pikeun saheulaanan mah urang perlu milih dua welas artikel (sabulan hiji) pikeun diputer midang di Tepas saban taun. Béntang leutik tina perunggu ( Artikel petingan munggaran midang bulan April 2007, ku kituna béréndélan nu geus kaeusian di handap téh midang ti bulan April. Méméh bulan éta mah dikosongkeun kénéh. |
|
|
Thomas Hobbes (gumelar di Malmesbury, Wiltshire, Inggris, 5 April 1588 – tilar dunya di Derbyshire, Inggris, 4 Désémber 1679 dina umur 91 taun) nyaéta hiji filsuf Inggris aliran empirisme. Manehna nyumbang pendapat ngeunaan konsép manusa tina sudut pandang empirisme-materialisme, jeung pendapat ngeunaan hubungan manusa jeung sistim nagara. Hobbes mangaruhan sakabéh widang pangajaran moral di Inggris sarta falsafah pulitik, utamana liwat bukuna anu miboga judul "Leviathan". Hobbes teu ngan kawentar di Inggris, tapi ogé di Éropa. Salian dipikawanoh minangka filsuf, Hobbes ogé kawentar minangka ahli matematika jeung sarjana klasik. Manéhna kungsi jadi guru matematika Charles II sarta nerbitkeun tarjamahan karya sastra Iliad sarta Odyssey karya Homeros. Lengkepna >>> |
Pangusulan artikel petingan[édit sumber]
- Usulkeun: Di dieu