Wikipedia:Kotrétan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Wilujeung Sumping di kaca Kotrétan Wikipédia.

Keur pamaké anyar nu hayang nempo deui pesen wilujeng sumping, klik di dieu.
(Perhatosan: Éditan di kaca ieu henteu permanén. Ku sabab sipatna minangka kaca uji coba, kuncén bisa mupus hasil uji coba dina kaca ieu iraha waé)


Kotrétan

Desa Pancaksuji mangrupa salah sahiji desa "Pamekaran" ti Desa Bongas Kulon Kecamatan Sumberjaya Kabupaten Majalengka. Minangka desa munggaran ieu desa teh dimekarkeun dina tahun 2013 kalawan dipupuhuan ku Kuwu Surta nepi ka periode tahun 2018.

Desa Siaga[édit sumber]

Desa siaga nya eta desa anu geus diap sadia kana sagala hal...

Génggéhék[édit sumber]

Génggéhék
Génggéhék, Mystacoleucus marginatus
ti Cisadane, deukeut Situgede, Bogor
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Kelas: Actinopterygii
Order: Cypriniformes
Kulawarga: Cyprinidae
Génus: Mystacoleucus
Spésiés: M. marginatus
Ngaran binomial
Mystacoleucus marginatus
(Valenciennes, 1842)[1]
Sinonim

Barbus obtusirostris van Hasselt, 1823; (nomen nudum)
Barbus marginatus Valenciennes, 1842[2],
Systomus (Barbodes) marginatus Bleeker, 1860

Génggéhék (Mystacoleucus marginatus) nyaéta lauk darat/(lain lauk laut) tina kulawarga Cyprinidae. Lauk génggéhék loba kampanggih hirup liar di susukan, walungan, situ jeung rawa. Ieu lauk ku urang Lampung mah disebutna téh kapyah; lawak, lalawak ceuk urang betawi; wader, wader eco ceuk urang Jawa [3]; keprek di (Jatim); ogé regis dina basa(Sunda).

Pedaran[édit sumber]

Toggong lauk génggéhék

Pangawakan lauk génggéhek kawilang leutik, panjang awakna anu geus déwasa ngan 200 mm, sisitna bodas tur hérang. Kenca jeung katuhan mibanda gurat sisi lobana kurang leuwih 26-29 sisit; Dina biwirna aya kumisan laleutik 4 siki. Jangkung awakna dimimitian tina tungtung sirip tonggongna kurang leuwih 2,7-3 kali tina ukuran panjang awakna (henteu kaasup buntut). Panjang huluna 4,1-4,2 kali tina ukuran panjang awakna (henteu kaasup buntut). Sirip dina tonggongna bijil dimimitian tina jajaran guratan sisit ka-9 atawa ka-10.[3]

Cucuk sirip panggédéna aya rérégéan kawas ragaji

Sirip-sirip anu séjéna diwangun ku sababaraha ramo-ramo : Sirip dina tonggongna aya IV (ramo-ramo heuras tur cucukan).8 (ramo-ramo sejena leuleus, tur semu nyagak); Sirip palebah bujurna III ramo-ramo heuras jeung 8-9 (ramo-ramo leuleusna); sirip palebah dadana I jeung 14-15; dina palebah beuteungna I.8. Ramo-ramo sirip anu pang gedéna, heuras tur rérégean aya dipalebah tonggongna, sakapeung sok katémbong tungtungna aya seuseukeutna nolol kaluar(procumbent dorsal spine). palebah puhu buntutna dikurilingan ku 14 sisit.[3]

Bunturna kawas gunting keur calawak tur sisina ngagarpuh (diwangun kusababaraha ramo-ramo). Sisitna bodas ngagurilap kawas perak, sirip tonggong jeung buntut palebah tutungna semu hideung.[3]

Tempat hirup[édit sumber]

Sirip palebah handapeun beuteung diwangun ku 8-9 ramo-ramo leuleus

Génggéhék loba kapanggih hirup di susukan, utamana dina leuwi atawa dina susukan anu jero, dina bendungan,situ. Ieu lauk kagolongkeun herbivora Kahakananna lukut jeung dangdaunan ogé tangkal anu hirup di cai detritus, gumantung kana kaayaan tempat ieu lauk hirup. Tapi sakapeung ogé ngahakan serangga, rupa-rupa krustasea, fitoplankton, zooplankton jeung anu séjéna.[4][5]

Génggéhék loba kapanggih hirup di pulo-pulo Sunda.[6]

Lauk barayana[édit sumber]

Lauk bilis (Mystacoleucus padangensis) baraya deukeutna anu hirup endemik di Sumatra (di Danau Singkarak, Danau Maninjau, Sungai Kuantan). Pangawakana leuwih leutik 116 mm TL, tur gurat sisitna kurang leuwih 37-39 siki ogé kumisna ngan sapasang[6].

Catatan kaki[édit sumber]

thumb|left|180px|Bagian ekor

  1. FishBase: Mystacoleucus marginatus (Valenciennes, 1842)
  2. Cuvier, G. and A. Valenciennes. 1842. Histoire Naturelle des Poissons, XVI. Paris (Levrault).
  3. a b c d Weber, M. and L.F. de Beaufort. 1916. The Fishes of The Indo-Australian Archipelago III:108-109. E.J. Brill. Leiden.
  4. Ridwan. 1979. Makanan ikan keprek, Mystacoleucus marginatus (C.V.) dan beberapa jenis ikan Puntius sp. di Waduk Lahor, Malang, Jawa Timur. Skripsi Fakultas Perikanan IPB (tidak diterbitkan).
  5. Susilawati, N. 2001. Komposisi jenis-jenis ikan serta aspek biologi reproduksi dan kebiasaan makanan ikan genggehek (Mystacoleucus marginatus) di Sungai Cimanuk segmen Sumedang. Skripsi Fakultas Perikanan IPB (tidak diterbitkan).
  6. a b Kottelat, M., A.J. Whitten, S.N. Kartikasari, S. Wirjoatmodjo. 1993. Ikan Air Tawar Indonesia Bagian Barat dan Sulawesi. Periplus Edition (HK) Ltd. dan Proyek EMDI KMNKLH Jakarta. hal 51.

Pranala luar[édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan