Wikipedia:WikiTeroka 3.0
Pidangan

Wilujeng Sumping dina kaca Tangtangan WikiTeroka 3.0!
Katangtuan Umum
[édit sumber]- Tangtangan ieu lumangsung di tanggal 11 April - 31 Méi 2022.
- Tangtangan ieu sipatna individu.
- Anjeun wajib tumut kana kawijakan ruang ramah acara Wikimédia Indonésia.
- Warga Nagara Indonésia (WNI) sarta cicing (domisili) di Indonésia.
- Umur minimal 17 taun nalika tangtangan dibuka (per 11 April 2022).
- Anjeun teu meunang miluan ieu tangtangan, lamun:
- Narima Hibah Pakét Internét bulan April atawa Méi
- Narima Beasiswa Daring anu keur lumangsung.
- Nu dibéré sanksi nalika narima Béasiswa Daring saméméhna
- Jadi staf/konsultan/pengurus/pengawas Wikimédia Indonesia, Yayasan Wikimédia, sarta afiliasi Wikimedia lainnya.
- Pamilon ngan bisa milu WikiTeroka 3.0 di hiji basa.
- Saupama anjeun aya kasusah dina hal téknis atawa kawijakan, Anjeun bisa ngirim surél ka kompetisi
wikimedia.or.id. Anjeun ogé bisa maca kaca tanya jawab pikeun babaraha patalékan anu sok ditanyakeun. - Panitia berhak ngadiskualifikasi Anjeun saupama ngaganggu kalancaran ieu kagiatan.
- Kawijakan panitia sipatna final sarta teu bisa diganggu gugat.
Katangtuan Téknis
[édit sumber]- Anjeun wajib ngamekarkeun artikel anu geus ditangtukeun kalawan katangtuan:
- Minimal 5.000 bita
- Minimal 2 rujukan
- Artikel dimekarkeun mimiti tanggal 11 April 2022 jam 00.00 WIK (10 April 2022 jam 17.00 UTC) nepi ka 31 Méi 2022 jam 23.59 WIK (16.59 UTC).
- Henteu ngalakukeun plagiarisme.
- Artikel ditulis maké kaidah basa Sunda anu hadé tur bener. Perhatikeun tanda baca, hurup déngdék, éjahan, jeung kapitalisasi. Sarua jeung artikel lianna di Wikipédia Sunda, ieu artikel ogé kudu ditulis maké basa loma.
- Wajib méré rujukan anu bener unggal nambahan konten sarta kudu nyumponan ieu katangtuan. Saupama maké rujukan ti situs wéb warta/média massa, wajib maké situs wéb anu boga redaksi nu jelas. Rujukan anu ditambahkeun ku hiji pamilon kudu béda jeung pamilon séjén.
- Unggal paragraf wajib boga minimal 1 rujukan anu bisa dipercaya.
- Baé narjamahkan artikel ti Wikipédia basa Indonésia atawa Inggris, tapi lain hasil tarjamahan mesin.
- Kontén anu teu nyumponan katangtuan moal diitung ku panitia.
Hadiah
[édit sumber]Wikimédia Indonésia bakal ngirim saldo OVO/GoPay Rp 150.000 (can kaasup pajeg) pikeun 20 urang pamilon anu panggancangna ngamekarkeun artikel anu luyu jeung katangtuan, nyaéta minimal 5.000 bita sarta dua rujukan. Hadiah ieu teu lumaku kelipatan dan pamilon ngan kaci meunang sakali dina ieu tangtangan WikiTeroka 3.0.
Cara miluan
[édit sumber]- Daptar dina tutumbu formulir di luhur.
- Mangga mekarkeun artikel anu geus ditangtukeun ku panitia atawa komunitas.
- Konfirmasi yén anjeun geus bérés ngédit dina kaca obrolan artikel anu geus ditangtukeun
- Panitia bakal mariksa artikel anu geus dijieun ku anjeun.
Mangga édit artikel anu ditangtukeun dina ieu tutumbu:
Anjeun bisa ngabéjaan kontribusi anjeun dina ieu tutumbu:
