Lompat ke isi

William III ti walanda

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti William III ti Belanda)
Willem III
Poto resmi, c. 1887
Poto resmi, c. 1887
Raja Walanda
Adipati Agung Luksemburg
Ngajabat 17 Maret 1849 – 23 Nopémber 1890
Pelantikan 12 Méi 1849
Dipiheulaan ku Willem II
Dituluykeun ku Walanda:
Wilhelmina
Luksemburg:
Adolphe
Adipati Limburg
Maréntah 17 Maret 1849 – 23 Agustus 1866
Dipiheulaan ku Willem II
Pasangan
Katurunan
Ngaran lengkep
Wangsa Oranye-Nassau
Rama Willem II ti Walanda
Ibu Anna Pavlovna ti Rusia
Gumelar 19 Februari 1817
Palace of the Nation, Brusel, Karajaan Ngahiji Walanda
Maot 23 Novémber 1890 (yuswa 73)
Istana Het Loo, Apeldoorn, Walanda
Tanda tangan Tanda tangan William III ti walanda
Ageman Gereja Reformasi Walanda

William III ti Walanda; Willem III (Citakan:Langx, Citakan:Langx; 19 Pébruari 1817 – 23 Nopémber 1890) nyaéta Raja Walanda sarta Adipati Agung Luksemburg ti taun 1849 dugi ka pupusna dina taun 1890, sarta anjeunna ogé mangrupa Adipati Limburg ti taun 1849 dugi ka dibubarkeunana éta kadipaten dina taun 1866. Saatos maréntah salami 41 taun, anjeunna mangrupa monarki Walanda kadua anu panglilana maréntah, ngan éléh ku putrina, Wilhelmina.

Willem mangrupa putra ti Raja Willem II sareng Anna Pavlovna ti Rusia. Nalika akina, Willem I, léngtéréh (turun tahta) dina taun 1840, anjeunna janten Pangéran Oranye. Nalika ramana pupus dina taun 1849, anjeunna ngagentos janten raja di Karajaan Walanda.

Willem nikah ka baraya misanana, Sophie ti Württemberg, dina taun 1839 sarta kagungan tilu putra, nyaéta Willem, Maurice, sarta Alexander, anu sadayana tilar dunya ti payun (miheulaan anjeunna). Saatos Sophie pupus dina taun 1877, anjeunna nikah ka Emma ti Waldeck jeung Pyrmont dina taun 1879 sarta kagungan putri tunggal, Wilhelmina, anu ngagentos Willem dina tahta Walanda. Samentawis éta, kusabab anjeunna mangrupa katurunan lalaki pamungkas tina garis katurunan dinasti Otto I, Count of Nassau, tahta Adipati Agung Luksemburg lungsur ka misan jauhna, Adolphe. Dugi ka taun 2026, anjeunna mangrupa monarki Walanda pamungkas anu tilar dunya nalika nuju ngajabat kénéh dina tahta, margi sakabéh penerusna mah milih pikeun abdikasi demi masihkeun kakawasaan ka putra-putrana.

Mangsa keur budak

[édit | édit sumber]
Raja Willem II sareng kulawargana (1832) karya Jan Baptist van der Hulst; Willem III aya di palebah kénca pisan

Willem gumelar dina kaping 19 Pébruari 1817 di Palace of the Nation di Brusel,[1] anu harita mangrupa bagian tina Karajaan Ngahiji Walanda. Anjeunna mangrupa putra cikal tina calon raja Willem II ti Walanda sareng Anna Pavlovna ti Rusia. Anjeunna kagungan tilu sadérék pameget, anu saurang tilar dunya nalika masih orok, sarta saurang sadérék istri.[2]

Willem kacida raketna sareng raina, Alexander, anu yuswana ngan bénten 18 sasih sarta sabagéan ageung digedékeun babarengan. Nalika parantos déwasa, ieu dua pangéran téh kagungan karesep anu sarami dina widang kagiatan luar ruangan sapertos nembak, tunggang kuda, sarta moro maké hebulang (falconry) ogé balap kuda. Duanana mangrupa anggota aktip tina Royal Loo Hawking Club, anu narik loba jalma nu mikaresep moro ka Istana Het Loo salila taun 1840-an dugi ka awal 1850-an.

Willem sareng Alexander ogé ngarasa kacida kuciwana anu margi henteu dipasihan pancén anu hartosna dina widang militer. Alexander, anu miboga watek lincah, soméah, sarta wijaksana, tiasa rukun sareng lanceukna anu babarian ambek sarta sok robah-robah pamadegan. Pupusna Alexander dina yuswa 29 taun mangrupa kaleungitan anu kacida gedéna pikeun Willem, anu ngangken anjeunna salaku sobat sajati. Anjeunna henteu kantos raket sareng raina anu bungsu, Henry, anu miboga sipat éraan pisan, gampang ngerék, sarta hariwang bilih kakeunaan ku amarahna Willem.[3]

Willem sareng sadérék-sadérékna digedékeun ku lingkungan militer (pangapingna téh perwira-perwira pinunjul anu nampi tanda kahormatan Orde Militer Willem) sarta diarep-arep pikeun asup ka dunya militer. Dina taun 1827, nalika yuswana nembé sapuluh taun, Willem diangkat janten kolonél kahormatan dina Angkatan Darat Karajaan Walanda ku akina. Dina taun 1830-an, anjeunna ngabdikeun diri salaku lépténan dina Rézimén Granat sarta kungsi kuliah sakedap di Universitas Leiden, sanajan henteu dugi ka nampi gelar sarjana. Dina taun 1834, nalika anjeunna nganjang ka emangna (ti pihak ibu), Tsar Nicholas I, anjeunna diangkat janten komandan kahormatan dina Rézimén Granat Kiev nomer 5 dina Angkatan Darat Kakaisaran Rusia.[4]

Anjeunna nikah ka baraya misanana, Sophie, putri ti Raja William I ti Württemberg sareng Adipati Agung Catherine Pavlovna ti Rusia, di Stuttgart dina kaping 18 Juni 1839. Ieu pernikahan téh henteu bagja sarta dicirikan ku papaséaan ngeunaan barudakna. Sophie mangrupa saurang intelék liberal, anu mikagirid sagala rupa hal anu condong kana diktator, sapertos dunya militer. Willem mah langkung saderhana, langkung konservatif, sarta mikaresep dunya militer. Anjeunna nyaram ayana kagiatan inteléktual di imahna, ku lantaran tindakan ieu Ratu Victoria ti Britania Raya, anu susuratan sareng Putri Sophie, nyebat anjeunna salaku "patani anu teu dididik".[rujukan?] Nanging, kabiasaan léléngkah haluna ngabalukarkeun koran New York Times nyebat anjeunna salaku "tukang jinah pangbadagna dina jaman éta".[5]

Anu jadi sabab séjén tina ketegangan rumah tangga (sarta engkéna ketegangan politik) nyaéta watekna anu robah-robah; anjeunna tiasa ambek-ambekan ka batur dina hiji poé, sarta tiasa janten kacida sopanna dina poé isukna. Kaayaan beuki parah ku Sophie, anu henteu nyumputkeun kanyataan yén anjeunna sabenerna mah alim nikah ka Willem sarta ngarasa dirina langkung pinter sacara inteléktual tibatan salakina. Sophie tiasa janten kacida dramatisna, sering ngeluh ngeunaan kasangsaraanana sarta kahayangna pikeun tilar dunya, bari sering masihan sawangan négatip ka ampir kabéh jalma anu dipendakanana di Walanda, utamana ka mitohana.[2] Willem ngarasa beurat ku kalungguhanana salaku ahli waris tahta. Nalika ramana dilantik janten raja dina taun 1840, anjeunna diangkat janten Inspektur Jenderal Infanteri sarta ditéléké janten Létnan Jenderal. Kalungguhan ieu sipatna ukur kahormatan wungkul sarta dileupaskeun ku Willem ngan 5 taun saatosna. Ramana henteu masihan peran naon-naon dina widang politik sarta kurang nyiapkeun anjeunna pikeun peran kapamimpinanana di mangsa kapayun.

Willem mikagirid parobahan konstitusi taun 1848 anu diprakarsai ku ramana (Willem II) sareng Johan Rudolf Thorbecke. Ramana ningal yén parobahan éta téh mangrupa konci pikeun mertahankeun monarki dina jaman anu geus robah. Sophie, anu miboga pamadegan liberal, ogé sapamadegan. Willem sorangan ningal parobahan éta téh salaku watesan kakawasaan raja anu teu aya gunana, sarta anjeunna langkung milih pikeun marentah salaku saurang enlightened despot (panguasa diktator anu pinter) sakumaha akina, Willem I ti Walanda.

Anjeunna kungsi niat pikeun masihkeun hak tahtana ka putra cikalna. Nanging, ibuna ngayakinkeun anjeunna pikeun ngabolaykeun éta tindakan. Konstitusi Walanda sorangan henteu nyadiakeun cara pikeun batur nolak atawa ngaleupaskeun klaimna kana tahta.[rujukan?] Dina kaping 17 Maret 1849, ramana tilar dunya sarta Willem ngagentos tahta Walanda. Harita, anjeunna nuju janten tamu Adipati Cleveland di Kastil Raby. Perwakilan pamaréntah Walanda angkat ka London pikeun mendakan raja anyarna. Willem mimitina hoream mulang, nanging anjeunna tiasa ngayakinkeun pikeun mulang. Nalika sumping, ratu anyar ngabageakeun carogéna ku patarosan "naha anjeun nampi?". Raja anyar éta unggeuk, nanging anjeunna tetep ngarasa cangcaya ngeunaan éta perkara pikeun sawatara waktos.[6]

Mangsa Ngawasa

[édit | édit sumber]
Willem III dina koin emas proof 20 gulden (1850)
Potrét karya Nicolaas Pieneman, 1856

Willem sababaraha kali niat pikeun abdikasi (turun tahta) pas putra cikalna, Willem, Pangéran Oranye, nincak yuswa dalapan belas taun. Hal ieu kajantenan dina taun 1858, nanging kusabab Willem ngarasa teu merenah pikeun nyandak kaputusan, anjeunna tetep janten raja. Tindakan munggaran raja anyar ieu nyaéta ngalantik kabinét parleménter Thorbecke, anu ngarancang konstitusi liberal 1848. Sateuacan taun 1848, raja téh ampir janten pangawasa mutlak (autokrat), nanging dokumén 1848 éta ngaleupaskeun sabagian ageung kakawasaan politik ti raja sarta mindahkeun sabagian ageung kakuatan nyata ka States-General (parlemén).

Nalika hirarki uskup Katolik Roma dipulihkeun dina taun 1853, anjeunna mendakan dukungan konservatif anu beuki kuat sarta janten alesan pikeun ngeureunkeun Thorbecke. Dina dua dékade munggaran mangsa pamaréntahanana, anjeunna parantos ngabubarkeun sababaraha kabinét sarta ngabubarkeun parlemén sababaraha kali. Anjeunna tiasa ngawangun kabinét karajaan anu maréntah salami aya dukungan ti kamari kadua parlemén anu kapilih.[rujukan?] Dina kajadian anu katelah "Kudéta Luksemburg 1856", Willem sacara sapihak netepkeun konstitusi réaksionér anyar pikeun Luksemburg, anu dikawasa ku anjeunna sacara pribadi, misah tina makuta Walanda.[7]

Dina taun 1867, Perancis nawaran pikeun meuli Luksemburg, anu ngabalukarkeun Krisis Luksemburg, hiji kajadian anu ampir nyababkeun perang antara Prusia sareng Perancis. Nanging, Perjangjian London Kadua saterusna negeskeun yén Luksemburg mangrupa nagara anu merdéka sapinuhna.[rujukan?]

Salila mangsa pamaréntahanana, raja beuki lila beuki teu populer di kalangan rahayat borjuis-liberal, margi watekna anu sok robah-robah (whims) ngondang lalawanan sarta pamoyok ti maranéhna, nanging anjeunna tetep cukup populér di kalangan rahayat leutik.[8][9] Raja mangrupa saurang lalaki anu dedeg pangadegna kacida jangkung badagna sarta miboga sora anu tarik cakung. Anjeunna tiasa janten jalma anu lemes sarta bageur, nanging ujug-ujug tiasa robah janten pikasieuneun sarta sok hampang leungeun (telenges). Para menteri kacida sarieuneunana ku anjeunna. Kalolobaan jalma di sakurilingna sapamadegan yén anjeunna téh, dina sababaraha tingkatan mah, rada kaganggu jiwana.[6]

Ratu Emma sareng Raja Willem III

Raja tiasa janten jalma anu sok robah-robah pamadegan (erratic), anjeunna kantos maréntahkeun pamecatan komo deui nepi ka ngaringkus sarta hukuman pati pikeun saha waé anu dianggap kurang ajar ka anjeunna, kalebet saurang Walikota Den Haag. Paréntah-paréntah sapertos kieu mah biasana sok dipaliré (teu ditepakeun). Raja anu nganggap dirina salaku ahli dina sagala urusan militer téh mindeng pisan nyoba nyepeng paréntah dina latihan perang (manuver), anu antukna kalah nyiptakeun kakacauan di mana-mana waé anjeunna angkat.[6] Dina taun 1877, Ratu Sophie pupus sarta mangtaun-taun "perang" di jero istana téh ahirna réngsé. Dina taun anu sami, Raja Willem ngumumkeun niatna pikeun nikah ka Émilie Ambre, saurang panyanyi opéra Perancis, anu ku anjeunna dipasihan gelar bangsawan countess d'Ambroise – tanpa idin ti pamaréntah. Di handapeun tekenan masarakat sarta pamaréntah, anjeunna tungtungna ngabolaykeun éta rencana pernikahan.[10][11] Willem tetep hoyong nikah deui. Dina taun 1878, anjeunna mimitina ngalamar alodna, Putri Elisabeth Sybille ti Saxe-Weimar-Eisenach. Anjeunna ogé kungsi nimbang-nimbqng pikeun nikah ka Putri Pauline ti Waldeck jeung Pyrmont, hiji kapangéranan leutik di Jérman, sarta Putri Thyra ti Dénmark, anu kagungan sajarah skandal pribadina sorangan.[rujukan?] Anjeunna tungtungna mutuskeun pikeun nikah ka raina Pauline, nyaéta Emma ti Waldeck jeung Pyrmont. Sababaraha politisi kacida ambekna, margi yuswa Emma téh 41 taun langkung ngora tibatan raja. Nanging, Emma némbongkeun dirina salaku awéwé anu soméah (cordial). Willem nyuhunkeun idin ka parlemén, sarta idin éta gampil dipasihan. Ieu pasangan téh énggal-énggal nikah di Bad Arolsen dina kaping 7 Januari 1879.[rujukan?] Willem III kedah nyanghareupan tingkat popularitas anu handap dina taun-taun pamungkas pamaréntahanana.[12] Salah sahiji sababna nyaéta medalna pamplét satir Tina kahirupan Raja Gorilla, anu nyebutkeun rupa-rupa skandal Willem III.[13]

Dina taun 1880, Wilhelmina gumelar. Anjeunna janten ahli waris sawatara (heir presumptive) dina taun 1884 saatos pupusna putra pamungkas anu masih aya tina pernikahan munggaran Willem.

Raja Willem janten gering parna dina taun 1887. Anjeunna kaserang panyakit ginjal. Nanging, dina taun 1888, anjeunna sacara pribadi masihan medali emas kahormatan ka pahlawan parahu panolong, Dorus Rijkers, kusabab parantos nyalametkeun 20 jiwa.[rujukan?]

Upacara pamakaman Willem III dina taun 1890

Dina taun 1888 sareng 1889, raja anu nuju gering téh beuki lila beuki pikun (demented). Déwan Nagara sarta saterusna Ratu Emma diangkat janten wali raja (regent).[6] Willem III pupus di Istana Het Loo dina taun 1890. Kusabab Wilhelmina harita teu acan nincak déwasa, Emma janten wali raja pikeun putrina. Anjeunna tetep janten wali raja dugi ka Wilhelmina nincak yuswa dalapan belas taun dina taun 1898.Citakan:CN

Kulawarga sareng katurunan

[édit | édit sumber]

Tina opat putra-putri Willem III anu sah, tiluan nincak umur déwasa, nyaéta dua putra ti pernikahanana sareng Ratu Sophie sarta saurang putri ti pernikahanana sareng Ratu Emma: * Willem Nicolaas Alexander Frederik Karel Hendrik (1840–1879), ahli waris utama tahta ti taun 1849 dugi ka pupusna. * Willem Frederik Maurits Alexander Hendrik Karel (1843–1850). * Willem Alexander Karel Hendrik Frederik (1851–1884), ahli waris utama tahta ti taun 1879 dugi ka pupusna. * Wilhelmina Helena Pauline Maria (1880–1962), Ratu Walanda ti taun 1890 dugi ka 1948. Kalayan jangkung badan 196 cm (6 ft 5 in), anjeunna mangrupa saurang lalaki anu kacida jangkung sarta kuatna.[14] Willem III dipikawanoh salaku lalaki anu resep léléngkah halu (philanderer) sarta miboga sababaraha puluh anak di luar nikah tina rupa-rupa awéwé simpenanana.[15][16]

Tanda kahormatan sareng lambang

[édit | édit sumber]
Monogram Raja Willem III

Tanda kahormatan sareng dékorasi nasional

Tanda kahormatan sareng dékorasi luar nagri

Silsilah

[édit | édit sumber]

Citakan:Ahnentafel

References

[édit | édit sumber]
  1. (dina basa Walanda) Z.M. (koning Willem III) Willem Alexander Paul Frederik Lodewijk, koning der Nederlanden, groothertog van Luxemburg, prins van Oranje-Nassau, Parlement & Politiek. Diakses dina 21 Pébruari 2015.
  2. 1 2 (dina basa Walanda) Z.M. (koning Willem II) koning Willem Frederik George Lodewijk, koning der Nederlanden, groothertog van Luxemburg, hertog van Limburg, prins van Oranje-Nassau, Parlement & Politiek. Diakses dina 21 Pébruari 2015.
  3. Winter-Agterhuis, Tessa de (1 April 2024). "Onze Sasja is niet meer: Het verlies van een veelbelovende prins in het revolutiejaar 1848". Tijdschrift voor Geschiedenis (Dina basa Belanda). 137 (1): 64–83. doi:10.5117/TvG2024.1.005.WINT. ISSN 0040-7518.
  4. (dina basa Walanda) Koninklijke ere-commando's en militaire erefuncties Archived 16 Maret 2012 di Wayback Machine, Nationaal Militair Museum. Diakses dina 21 Pébruari 2015.
  5. "Holland's Queen" - New York Times 26 Séptémber 1897
  6. 1 2 3 4 Dik van der Meulen, William III Biography 2013
  7. "Proposition de revision portant modification et nouvel ordonnancement de la constitution du Luxembourg" (PDF) (Dina basa Prancis). Déwan Éropa. 26 Agustus 2009. Diaksés tanggal 6 Désémber 2009.[tumbu nonaktif]
  8. Elzinga, D. J., éd. (2007). The Dutch constitutional monarchy in a changing Europe. Kluwer. hlm. 125 & 129. ISBN 978-90-13-04866-7.
  9. Janssens, A. L. J. (2008). Uitingsdelicten (Dina basa Belanda). Kluwer. hlm. 177. ISBN 978-90-13-04880-3.
  10. G.A.M. Beekelaar (1989). "Heeckeren tot Kell, Willem baron van (1815–1914)" (Dina basa Belanda). Instituut voor Nederlandse Geschiedenis. Diaksés tanggal 31 Agustus 2009.
  11. van den Bergh, H.; Vinken, P.J. (2002). Klein republikeins handboek: honderd misverstanden over de monarchie (Dina basa Belanda). Uitgeverij Boom. hlm. 58–59. ISBN 90-5352-734-6.
  12. "Koning Gorilla - Hoe Willem III zijn dubieuze bijnaam verwierf". Historiek (Dina basa Belanda). 2025-04-16. Diaksés tanggal 2025-05-06.
  13. "Koning Willem III had een dubieuze reputatie". Historiek (Dina basa Belanda). 2025-04-16. Diaksés tanggal 2025-05-06.
  14. Willem III ti Walanda "saurang lalaki anu kacida jangkung sarta kuatna, anjeunna mimitina dianggap salaku sosok bapa ku kalolobaan rahayatna, anu teu nyaho kana watekna anu sok ambek-ambekan sarta resep léléngkah halu"
  15. "Willem I en III hadden bastaarden". NOS. 29 Nopémber 2013. Diaksés tanggal 21 Juli 2016.
  16. Willem III sareng awéwé-awéwé simpenanana (Basa Walanda)
  17. Staats- und Adreß-Handbuch des Herzogthums Nassau: 1859. Schellenberg. 1859. hlm. 7.
  18. "Königlich Preussische Ordensliste", Preussische Ordens-Liste (Dina basa Jérman), 1, Berlin: 4, 935, 1886
  19. Hof- und Staatshandbuch für das Königreich Hannover: 1846. Berenberg. 1846. hlm. 58.
  20. Staat Hannover (1865). Hof- und Staatshandbuch für das Königreich Hannover: 1865. Berenberg. hlm. 37.
  21. Württemberg (Kingdom). Statistisches Landesamt (1877). Staatshandbuch für Württemberg. Druck von W. Kohlhammer. hlm. 21.
  22. "Caballeros de la insigne orden del toisón de oro". Guía Oficial de España (Dina basa Spanyol). 1887. hlm. 146. Diaksés tanggal 21 Maret 2019.
  23. Staatshandbuch für das Großherzogtum Sachsen / Sachsen-Weimar-Eisenach (1846), "Großherzogliche Hausorden" p. 13 Archived 2020-06-10 di Wayback Machine
  24. "Liste des Membres de l'Ordre de Léopold", Almanach Royal Officiel (Dina basa french), 1850, hlm. 33 via Archives de Bruxelles Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link)
  25. Sveriges och Norges statskalender. Liberförlag. 1874. hlm. 468.
  26. Sveriges och Norges statskalender. Liberförlag. 1874. hlm. 703.
  27. Jørgen Pedersen (2009). Riddere af Elefantordenen, 1559–2009 (Dina basa Dansk). Syddansk Universitetsforlag. hlm. 467. ISBN 978-87-7674-434-2.
  28. "A Szent István Rend tagjai" Archived 2010-12-22 di Wayback Machine
  29. Hessen-Kassel (1859). Kurfürstlich Hessisches Hof- und Staatshandbuch: 1859. Waisenhaus. hlm. 16.
  30. Hof- und Staats-Handbuch des Großherzogtum Hessen (1879), "Großherzogliche Orden und Ehrenzeichen" p. 11
  31. Staats- und Adreß-Handbuch des Herzogthums Nassau (1866), "Herzogliche Orden" p. 12
  32. Hof- und Staats-Handbuch des Großherzogtum Baden (1862), "Großherzogliche Orden" pp. 33, 45
  33. Hof- und Staatshandbuch des Königreichs Bayern: 1877. Landesamt. 1877. hlm. 8.
  34. Sachsen (1866). Staatshandbuch für den Freistaat Sachsen: 1865/66. Heinrich. hlm. 4.
  35. "Seccion IV: Ordenes del Imperio", Almanaque imperial para el año 1866 (Dina basa Spanyol), 1866, hlm. 243, diaksés tanggal 29 April 2020
  36. Sovereign Ordonnance of 13 April 1875
  37. Staatshandbücher für das Herzogtum Sachsen-Coburg und Gotha (1884), "Herzogliche Sachsen-Ernestinischer Hausorden" p. 32
  38. 刑部芳則 (2017). 明治時代の勲章外交儀礼 (PDF) (Dina basa Jepang). 明治聖徳記念学会紀要. hlm. 143.
  39. Shaw, Wm. A. (1906) The Knights of England, I, London, p. 66
  40. Italia : Ministero dell'interno (1889). Calendario generale del Regno d'Italia. Unione tipografico-editrice. hlm. 52.
  41. "Grand Crosses of the Order of the Tower and Sword". geneall.net. Diakses dina 21 Séptémber 2018.