Lompat ke isi

Wukuf

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Wukuf

Jamaah haji nuju wukuf di Arafah.
Ngaran Arab وقوف (Wuqūf)
Hartosna Cicing / Eureun
Waktu 9 Dzulhijjah
Lokasi Padang Arafah
Status Rukun Haji (Paling Utama)

Wukuf (basa Arab: وقوف) nyaéta cicingna jamaah haji di padang Arafah dina waktu anu parantos ditangtukeun. Wukuf mangrupikeun puncak sarta rukun haji anu paling utama, sakumaha dawuh Nabi Muhammad saw.: "Haji téh nyaéta Arafah."[1][2]

Waktu Palaksanaan

[édit | édit sumber]

Waktu wukuf dimimitian saatos lingsir panonpoé (waktu Zuhur) dina kaping 9 Dzulhijjah dugi ka meletékna fajar dina kaping 10 Dzulhijjah (Idul Adha).[3][2]

Kagiatan nalika Wukuf

[édit | édit sumber]

Nalika wukuf, jamaah disunnahkeun pikeun:

  • Ngaregepkeun hutbah Arafah.
  • Ngalaksanakeun salat Zuhur sarta Ashar kalayan cara jamak takdim sarta qashar.
  • Loba dzikir, maca talbiyah, sarta ngadu'a ka Allah swt. kalayan husyu'.
  • Maca du'a anu pangsaéna nalika wukuf:

لَا إِلٰهَ إِلَّا اللَّهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيكَ لَهُ، لَهُ الْمُلْكُ وَلَهُ الْحَمْدُ، وَهُوَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيرٌ
Lā ilāha illallāhu waḥdahū lā syarīka lah, lahul-mulku wa lahul-ḥamdu, wa huwa ‘alā kulli syay’in qadīr.
(Taya deui Pangéran anging Allah, Anu Maha Tunggal, teu aya sekutu pikeun Mantenna. Kagungan Mantenna sagala karajaan sarta puji, sarta Mantenna Maha Kawasa luhureun sagala perkara).[4]

Simbol Padang Mahsyar

[édit | édit sumber]

Wukuf mangrupikeun gambaran leutik tina kaayaan manusa nalika engké dikumpulkeun di Padang Mahsyar. Di Arafah, sakabéh manusa ngagem papaséntan/anggoan anu sami (kaén ihram), tanpa ningali pangkat, kabeungharan, atanapi asal-usul bangsa. Iwal ti kataqwaan anu ngabedakeunna. [5][2] . Ieu téh kaayaan di mana manusa ngarasa leutik sarta hina di payuneun Nu Maha Kawasa.[6]

Muhasabah sarta Pangampura

[édit | édit sumber]

Wukuf hartosna "eureun". Pesenna nyaéta manusa kedah eureun sakedap tina kasibukan dunya pikeun Muhasabah (nginget-nginget dosa). Arafah sorangan asalna tina kecap Araffa anu hartosna "mikawanoh". Di dieu, manusa diharepkeun tiasa mikawanoh dirina anu loba dosa, sakaligus mikawanoh kaagungan Allah anu Maha Pangampura. Éta sababna, wanci wukuf mangrupikeun waktu anu paling mustajab pikeun ngadoa sarta ménta hampura sagemblengna.

Jabal Rahmah: Tempat Kasih Sayang

[édit | édit sumber]

Di tengah tegal Arafah aya hiji pasir anu disebut Jabal Rahmah (Pasir Kasih Sayang). Numutkeun sajarah, ieu téh tempat ditepungkeunana deui Nabi Adam as. sareng Siti Hawa saatos mangpuluh-puluh taun dipisahkeun. Ieu ngalambangkeun yén Arafah téh tempat lungsurna rahmat sarta kasih sayang Allah ka hamba-Na anu daék tobat sarta mulang ka jalan-Na.[7]

Ma'rifat di Arafah: Nepangkeun Diri ka Gusti

[édit | édit sumber]

Di Arafah téh sanés ngan saukur cicing papanasan, tapi mangrupikeun wanci Ma'rifatullah (mikawanoh Allah) anu dimimitian ku Ma'rifatun Nafs (mikawanoh diri sorangan).

  1. Ngawanohkeun Jati Diri anu Hina: "Nepangkeun diri" di dieu hartosna ngaku: "Ieu sim kuring, ya Allah, hamba Anjeun anu kotor, anu taya lian ngan saukur siki keusik di jagat raya Anjeun." Di payuneun Allah anu Maha Agung, urang nembongkeun diri urang anu saéstuna: seueur dosa, bodo, sarta teu gaduh daya naon-naon.
  2. Ma'rifat Ti "Nyaho" Jadi "Wano" : Di Arafah, jamaah haji sanés ngan saukur nyaho yén Allah téh aya, tapi kedah "manggihan" sarta "nepangkeun diri" sacara langsung dina suasana anu kacida caketna. Ieu mangrupikeun momen dialog batin anu paling jujur. Upami urang tacan nepangkeun diri (ngaku dosa sarta jati diri) ka Allah, mangka wukuf urang ngan saukur raga anu nuju aya di padang pasir, tapi jiwana tacan nepi.
  3. Caketna Allah di Arafah:Arafah disebut tempat anu caket ka Allah sabab di dinya sakabéh halangan dunya (harta, pangkat, sarta baju) parantos dipiceun. Nalika manusa geus jadi "nol", di dinya manusa bisa nepangkeun dirina ka Nu Maha "Hiji".

"Di Arafah, anjeun nuju nangtung di payuneun Allah anu Maha Agung. Naha anjeun ngan saukur hadir sacara fisik, atanapi anjeun parantos 'nepangkeun diri' ka Manten-na? Nepangkeun diri hartosna anjeun jujur ngabongkar sakabéh dosa sarta kahinaan anjeun di payuneun Anjeunna. Sabab, moal aya anu bisa mikawanoh (Ma'rifat) ka Allah, upami anjeunna tacan mikawanoh sarta nepangkeun jati dirina anu saéstuna." — Disarikeun tina Makna Haji (2014) ku Dr. Ali Syariati.

Arafah: Lalampahan Nyuprih Pangarti

[édit | édit sumber]

Ari hakekat Wukuf téh mangrupikeun fase Kasadaran (Consciousness).

  1. Arafah salaku Madrasah Intelektual: Di Arafah, jamaah haji henteu dipiwarang ngerjakeun ritual fisik anu beurat sapertos tawaf atanapi sa'i. Jamaah ngan saukur dipiwarang cicing sarta mikir. Ieu mangrupikeun simbol yén sateuacan manusa meta (beraksi), manusa kedah gaduh Pangarti (ilmu/kasadaran) heula. Haji tanpa pangarti ngan saukur bakal janten adat kabiasaan anu kosong.
  2. Kagémbang dina Milari Jati Diri: Saha urang? (Ma'rifatun Nafs), Keur naon urang di dunya?, Kamana urang bakal mulang? Di Arafah, manusa nuju ngéntép "ideologi" sarta "tujuan hirupna" sateuacan lebet kana medan perang di Mina.
  3. Pangarti salaku Sanjata: Nyuprih pangarti di Arafah mangrupikeun persiapan mental. Tanpa pangarti anu jero ngeunaan Tauhid sarta kamanusaan, saurang jamaah moal bakal kuat nalika kudu nyanghareupan gogoda sétan (Jumrah). Pangarti nyaéta cahaya anu nyaangan jalan haji urang.[8]

Dalil ngeunaan Wukuf

[édit | édit sumber]

Al-Qur'an: Miang ti Arafah

[édit | édit sumber]

Allah SWT parantos maparin arahan nalika para jamaah tos lekasan ngerjakeun wukuf di Arafah:

فَإِذَا أَفَضْتُم مِّنْ عَرَفَاتٍ فَاذْكُرُوا اللَّهَ عِندَ الْمَشْعَرِ الْحَرَامِ...

"Maka nalika anjeun geus miang ti Arafat (sanggeus wukuf), mangka kudu maraca dikir ka Allah di Masy’aril Haram (Muzdalifah)..." QS. Al-Baqarah: 198

Hadis: Puncakna Ibadah Haji

[édit | édit sumber]

Hadis ieu mangrupikeun rujukan utama anu nandeskeun yén wukuf di Arafah nyaéta inti tina sakabéh prosés ibadah haji:

الْحَجُّ عَرَفَةُ

"Haji téh nyaéta (wukuf di) Arafah." HR. Tirmidzi no. 889, Abu Dawud no. 1949, sarta Ibnu Majah no. 3015. Hadis Shahih.

Hadis: Kaistiméwaan Poé Arafah

[édit | édit sumber]

Ngenaan kautamaan poé nalika jamaah nuju wukuf, Rasulullah saw. ngadawuh:

مَا مِنْ يَوْمٍ أَكْثَرَ مِنْ أَنْ يُعْتِقَ اللَّهُ فِيهِ عَبْدًا مِنَ النَّارِ مِنْ يَوْمِ عَرَفَةَ

"Taya hiji poé anu di dinya Allah leuwih loba ngabébaskeun hamba-Na tina seuneu naraka salian ti dina poé Arafah." HR. Muslim no. 1348


Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Sunan An-Nasa'i, Hadits nomer 3016. Diaksés tina sunnah.com/nasai:3016.
  2. 1 2 3 Herwibowo, H. Bobby; Dani, Indriya R. (2013). Panduan Pintar Manasik Haji dan Umrah (Dina basa Indonesia). Jakarta: WahyuMedia. hlm. 42. ISBN 978-979-795-714-8. Diaksés tanggal 2 Pébruari 2026.
  3. Sayyid Sabiq, Fiqih Sunnah, Jilid 3, (Jakarta: Pena Pundi Aksara, 2013), kaca 55. ISBN 978-979-3210-44-5.
  4. Al-Muwatta, Imam Malik, Kitab ka-15, Hadits nomer 32. sunnah.com/malik/15/32
  5. Syaikh Safiyurrahman Al-Mubarakfuri, Sejarah Mekah, (2015), kaca 112.
  6. Al-Ghazali. Ihya Ulumuddin: Kitab Rahasia-Rahasia Haji.
  7. Ibn Katsir. Qisas al-Anbiya (Sajarah nabi-nabi).
  8. Syariati, Ali. (2014). Makna Haji. Jakarta: Zahira.
  • Syariati, Ali (2014). Makna Haji. Jakarta: Zahira.

Kategori

[édit | édit sumber]