Lompat ke isi

Yoakim

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Santo Yoakim jeung Santa Anna keur mangku Maria

Santo Yoakim atawa Yoakhim (basa Ibrani יְהוֹיָקִים‎, Yəhôyāqîm; basa Yunani Ἰωακείμ, Iōākeím; jeung basa Inggris Joachim) nurutkeun tradisi Karésten téh bapana Bunda Maria, anu jadi indungna Isa Almasih. Ku kituna, Santo Yoakhim téh aki ti Isa.[1] Anjeunna jeung pamajikanana, Santa Anna, asalna tina turunan Raja Daud.[2] Ngaran Yoakim teu kapanggih dina Injil utama, tapi aya dina Injil Yakobus anu kaasup kana kitab Apokrifa. Dicaritakeun yén Santo Yoakim jeung Santa Anna cicing di wewengkon Paléstina. Ngeunaan kahirupan sapopoé maranéhna mah teu loba anu nyaho.[3]

Ti mimiti kawin, maranéhna can kungsi boga anak. Sanajan kitu, duanana tetep neneda ka Gusti supaya dipaparin turunan. Unggal taun, maranéhna ngalakukeun ziarah ka Yerusalem jeung neneda di Bait Allah. Santa Anna tuluy jangji, lamun maranéhna meunang anak, éta anak bakal dipasrahkeun pikeun ngawula ka Gusti.[2] Tungtungna, Gusti ngabulkeun panyuhunan maranéhna sarta maranéhna meunang anak awéwé anu dingaranan Maria. Engkéna, Maria ieu anu bakal ngalahirkeun Isa Almasih.[3] Dina ajaran Islam, tokoh Yoakim dianggap sarua jeung Imran, bapana Maryam anu ngalahirkeun Nabi Isa, sakumaha anu disebut dina Surat Ali Imran.

Sumber rujukan

[édit | édit sumber]
  1. McCarver Snyder, Bernadette. 115 Kisah Santo-Santa yang Mengasyikkan. Yogyakarta: Kanisius.
  2. 1 2 Schneiders, Nicolas M (2010). Orang Kudus Sepanjang Tahun. Jakarta: Penerbit Obor. ISBN 979-565-479-9.
  3. 1 2 A, Heuken (1985). Ensiklopedi Orang Kudus. Jakarta: Yayasan Cipta Loka Caraka.