Yunani kuno
Latar Belakang
[édit | édit sumber]Yunani kuno nyaeta salah sahiji nagara anu aya di wilayah Eropa Tenggara. Dina bahasa Yunani, Yunani kuna sok dikenal oge ku sebutan Hellas atawa Ellada. Yunani kuna miboga salah sahiji budaya anu kuat di zaman harita. Yunani kuna téh kabagi ti wilayah daratan anu utama jeng sababaraha hiji Pulo. Yunani kuno kasohor ku elmu pangaweruhna anu ngalahirkeun tokoh tokoh gedé. Siga Filsafat Barat nyaeta aya Socrates, Aristoteles, Jeung Plato), aya dinu widang sastra nyaeta aya (Homer, Jeung Hesoid), dinu elmu matematika aya (Phythagoras jeung Aristoteles), tur dina widang Sajarah aya Bapak Herodotous. Yunai kuna kasohor ku kabudayaan anu megah tur bisa jadi kiblat kabudayaan dunya Yunani kuna salah sahiji nagara anu miboga pangaweruh gedé dina sajarah peradaban dunya.

Bangsa Yunani miboga pangaweruh anu kuat dina midangkeun kabudayaan jeung elmu pangaweruh dina zaman poék basa éta. Hasil tina kabudayaan yunani bisa ngamekarkeun jeng salah sahiji jalan kaluar tina zaman poék di sajarah paradaban eropa. Peradaban Yunani mimitina mekar di wilayah Pulau Kreta di wilayah kidul Yunani Kuno. Peradaban Kreta ieu anu jadi cikal bakal Yunani kasohor di Benua Eropa. Peradaban Yunani teh sabenerna henteu miboga wilayah anu subur, wilayahna aya di dataran luhur, loba katutupan ku gunung gunung, tebing tapi bisa jadi salah sahiji aset peradaban dunia anu kasohor tur kahontal dina zaman na. [1]
Perkembangan Peradaban Yunani Kuno di Pulau Kret
[édit | édit sumber]Sajarah Eropa Kuno dimimitian ku kahirupan Masarakat Pulau Kreta anu aya di wilayah kidul Pusat Yunani nu pusat pamarentahanna aya di wilayah Knossus. Salian ti Knossus masih aya wilayah kota-kota gede nyaeta Phaestos, Tylissos, Hanos. Pulau Kreta anu jadi awal peradaban Yunani Kuno teh nyaeta wilayah anu miboga pulau strategis, sabab aya di wilayah pulau pulau anu sok dipake dagang di pasaran Eropa. Pulau Kreta aya di hapit di antara Mesir, Yunani, Jeung Mesopotamia.[2]
Masarakat Pulau Kreta asalna ti wilayah Asia. Kira kira taun 3000-1500 SM, maranehna miboga kabudayaan anu luhur jeung gede. Kabudayaan diwangun sabab ayana kakuatan maritim laut anu kuat jeng mempertahankeun daerah kakuasaanna. Kabudayaan Kreta disebut oge "Kabudayaan Minos", sabab ngaran Minos, nyaeta "Rajana Pulau Kreta" nu miboga kakuasaan di Kota Knosus. Hasil tina kabudayaan nyaeta arsitektur, seni patung, jeung seni kerajinan. Tembok tembok nu aya di Pulau Kreta diwarnaan ku Lukisan tina cet cai. Di Wilaya Knosuss oge kapanggih tempat pamandian masarakat. Ngaran Minos anu ges dibahas saacanna, nyaeta asal muasal tina ngaran Raja gede di Pulau Kreta, malahan Kabudayaan Kreta tungtungna di sebut Kabudayaan Minoa.
Tumuwuh Jeung Mekarna Peradaban Yunani
[édit | édit sumber]Yunani nyaeta salah sahiji pusat peradaban pangkolotna di Eropa. Wilayah Yunani patokanna aya di tungtung kaler Benua Eropa. Lolobana wilayah laut Aegea jeung Laut Ionia abus ka wilayah Yunani. Di wilayah kaler, yunani babatesan jeung Albania, Yugoslavia, Bulgaria, Jeung Turki di wilayah daratan Eropa. Di wilayah wetan, Yunani di kurilingan Ku Laut Aegea, Jeung Yunani teh salah sahiji wilayah anu miboga iklim Laut tengah Anu nyaman tur ngenah. Yunani sabenerna lahir heunteu di wilayah anu boga letak geografis alus siga Mesopotamia, Huang Ho jeng sajabanna. Yunani nyaeta wilayah anu miboga tanah tandus, jeung loba pagunungan jeng tebing tebing anu jangkung nutupan wilayah hiji ka wilayah sejen.
A. Pola Kahirupan Masarakat
Taneh Yunani anu gunung gunung jeung umumna kurang subur, masarakat diditu melak gandum jeung anggur. Pikeun neangan daerah anu subur, Patani diditu (disebut colonus) ninggalkeun daerahna jeung ngadirikeun wilayah jajahan di sabudureun wilayah Yunani. Daerah jajahanan Yunani diantarana nyaeta aya Italia Kidul, Mesir, Palestina, Jeung Asia Leutik (Turki ayeuna). Tinu kagiatan anu dilakukeun eta, pucunghul istilah Kolonialisme. Salian ti kagiatan Tani, masarakata Yunani ngembangkeun ekonomi ku jalan perairan laut anu miboga iklim meditarian anu alus. Ku sabab eta di wilayah Athena mekar pesat kabudayaan nu alus di widang seni atawa di widang elmu pangaweruh. [1]
B. Polis
Bangsa Yunani Kuno ngawengku suku bangsa. Maranehna nyicingan wilayah nu disebut "nagara kota" atawa anu disebut "Polis" nyaeta kota anu ngabentang pusat kota jeung daerah padesaan sabuderenna. Polis anu dicicingan ku masarakat Yunani nyaeta nagara letik anu merdeka. Di Yunani aya tilu polis gede jeung kuat yaitu Athena, Sparta, Jeung Thebe.[3]

Kalolobaan na wilayah Yunani Kuno loba ku gunung gunung nepi ka antar daerah teh kapisah pisah. Nepi ka 30% tinu legana wilayah na nyaeta dataran pendek anu aya di deket laut jeung kabentuk ku endepan lumpur sungai. Sisana nyaeta Jazirah, Peloponessos Jeung Attica. Gunung Gunung jeung teluk di Yunani henteu kaitung pisan sabab kulobana jeung kahalangan komunikasi ngaliwatan darat. Wilayah wilayah lembah anu aya kapisah pisah kabentuk sacara alami henteu di pengaruhi ku faktor faktor sejen.
C. Serangan Ti Bangsa Persia
Ayana Polis Polis di Yunani ngakibatkeun maranehna saingan dina ngarebutkeun kakuasaan jeung kakayaan anu aya di wilayah Yunani Kuno. Teu aneh lamun di Yunani remen aya kaributan di antara Polis Polis. Sanajanm kapisah dina wilayah wilayahna, ngan pas aya serangan ti Persia manehna ngahiji pikeun ngelehkeun serangan anu aya, Sparta jeung Athena ngahiji pikeun bisa ngalawan serangan ti Persia. Periode serangan Persia ka Yunani bisa di kelompokkeun ka sababaraha hiji periode nyaeta, Perang Persia Yunani I sakitaran taun (492 SM), Perang Persia II sakitar (490 SM), jeung Perang Persia III nungakibatkeun Raja Sparta kabunuh dinu perang pamungkas eta. [2][4]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Mark, Joshua J. "Yunani Kuno". Ensiklopedia Sejarah Dunia (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-02-22.
- ↑ Ali, Purtanto (2007). Peradaban Dunia Yunani Kuno. Sindur Press.
- ↑ Peradaban Yunani Kuno II. PT Gramedia. 2007.
- ↑ Kuntowijoyo. Sejarah Pulau Kreta. 2011.