Zakat profési
Zakat profési, anu disebut ogé zakat panghasilan atawa zakat pendapatan, mangrupakeun bagian tina zakat mal anu wajib dibayar tina harta hasil panghasilan rutin tina pagawéan anu henteu ngalanggar syariat. Nisab zakat panghasilan sarua jeung 85 gram emas per taun, kalayan kadar zakatna 2,5%.[1][2]
Nisab jeung kadar zakat
[édit | édit sumber]Hiji jalma dikatégorikeun wajib nunaian zakat lamun total panghasilanna dina sataun geus ngahontal nisab, nyaéta sarua jeung 85 gram emas per taun. Katangtuan ieu dikuatkeun ku SK Pupuhu BAZNAS Nomor 13 Taun 2025 ngeunaan Nilai Nisab Zakat Panghasilan jeung Jasa Taun 2025, anu netepkeun yén:[1]
- Nisab zakat panghasilan dina taun 2025 nyaéta 85 gram emas, atawa sarua jeung Rp85.685.972,- per taun (dalapan puluh lima juta genep ratus dalapan puluh lima rébu salapan ratus tujuh puluh dua rupiah).
- Lamun dihitung per bulan, nisabna sakitar Rp7.140.498,- (tujuh juta saratus opat puluh rébu opat ratus salapan puluh dalapan rupiah).
Dina praktékna, zakat panghasilan bisa dibayar sabulan sakali, ku perhitungan nisab bulanan sarua jeung sapertilu belas ti 85 gram emas, jeung kadar zakatna tetep 2,5%. Jadi, lamun panghasilan bulanan leuwih ti nisab éta, wajib ngaluarkeun zakat 2,5% tina panghasilan éta. Aya rupa-rupa pagawean, boh anu panghasilanna rutin boh anu henteu. Lamun panghasilan bulanan teu ngahontal nisab, mangka panghasilan dikumpulkeun heula sataun. Lamun total panghasilan bersih sataun geus ngahontal nisab, kakara zakat panghasilan wajib dibayar sabanding jeung 2,5%.[1][3]
Bédana zakat profési jeung zakat mal
[édit | édit sumber]Zakat mal
[édit | édit sumber]Zakat mal nyaéta zakat anu diwajibkeun tina harta banda anu dipiboga ku saurang Muslim. Harta anu kaasup kana zakat mal di antarana duit kontan, emas, pérak, saham, tanah atawa imah, jeung hasil patanian. Zakat mal diitung dumasar kana nisab, nyaéta wates minimum harta anu kudu dipiboga saméméh hiji jalma wajib mayar zakat. Nisab zakat mal biasana sarua jeung 85 gram emas atawa 595 gram pérak. Jumlah zakat mal anu kudu dibayar nyaéta 2,5% tina total harta anu geus ngahontal nisab sarta geus dipiboga salila sataun (haul). Tujuan zakat mal nyaéta pikeun ngabersihan harta sarta nulungan jalma anu perelu, saperti fakir miskin, budak yatim, jeung anu séjénna anu berhak narima zakat.[4]
Zakat profési
[édit | édit sumber]Zakat profési nyaéta zakat anu diwajibkeun tina panghasilan anu diala tina pagawean atawa profési hiji jalma. Zakat ieu berlaku pikeun jalma anu boga panghasilan tetep, saperti pagawé, pangusaha, dokter, guru, jeung rupa-rupa profési séjénna. Béda jeung zakat mal anu kabeungkeut ku nisab, zakat profési leuwih nekenkeun kana panghasilan anu diala dina jangka sataun.[4]
Jumlah zakat profési anu kudu dibayar nyaéta 2,5% tina total panghasilan bersih, sanggeus dikurangan ku sagala biaya anu diperlukeun pikeun ngalaksanakeun pagawéan éta. Tujuan zakat profési nyaéta pikeun mantuan sasama, ngaronjatkeun karaharjaan masarakat, sarta minangka wujud syukur kana rezeki anu dipasihkeun ku Allah SWT.[4]
Sumber rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 BAZNAS; root. "Zakat Penghasilan dan Bagaimana Cara Menghitungnya - BAZNAS RI". baznas.go.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-08-03.
- ↑ www.bankbsi.co.id https://www.bankbsi.co.id/news-update/edukasi/lebih-mengenal-zakat-profesi-tata-cara-pembayarannya#:~:text=Perhitungan%20Zakat%20Profesi,harus%20menunaikan%20zakat%20profesi%20tersebut. Diaksés tanggal 2025-08-03.
- ↑ "Hitung Zakat Profesi". Baitul Mal Aceh.
- 1 2 3 "BAZNAS KOTA YOGYAKARTA - Perbedaan Zakat Mal dan Zakat Profesi" (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-08-03.