Lompat ke isi

Akuntansi kauangan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Akuntansi Kauangan nyaéta salah sahiji babagian tina akuntansi nu aya patalina jeung laporan keuangan perusahaan ka pihak eksternal nu mangrupa laporan neraca, rugi laba, parobahan modal, arus kas ka nu boga saham, jeung kreditor atawa investor. Leuwih hususna ieu akuntansi téh ngeunaan profitabilitas jeung kredibilitas perusahaan ka supplier jeung pamaréntah.[1][2]

Pungsi utama Laporan Kauangan keur pihak Eksternal

[édit | édit sumber]
  1. Nu boga saham, ieu informasi mangpaat keur ngajén kamampuh perusahaan dina mayar deviden.[2]
  2. Investor, nu nyimpen modal miboga résiko nu leuwih gedé tibatan nu séjénna, maranéhna ngabutuhkeun pisan inpormasi ngeunaan data kauangan, ngeunaan pantes (Feasible) atawa henteuna waragad nu diinvestasikeun.[2]
  3. Kreditur, informasi nu aya keur ngajén perusahaan dina mayar jasa jeung malikkeun hutang pokok dina waktuna.[2]
  4. Supplier, informasi keur ngajén bisa henteuna perusahaan mayar tagihan hasil ngajual dina waktuna.[2]
  5. Pamaréntah, Informasi ngeunaan netepkeun kawijakan pajak jeung data statistik pendapatan nasional.[2]

Tahapan dina pangajaran Akuntansi Kauangan

[édit | édit sumber]
  1. Panganteur Akuntansi Dasar, Pamahaman ngeunaan dasar-dasar akuntansi, siklus akuntansinyusun kode akun (Chart of Account), nuliskeun Transaksijurnal umum (General Ledger), nyieun Kertas Gawé (Worksheets) Laporan Kauangan.[2]
  2. Akuntansi Keuangan Menengah, Akuntansi Biaya, Panyusunan Laporan Keuangan (Conto Laporan Akuntansi Keuangan),  Pamahaman ngeunaan Prosedur Akuntansi sarta Kauangan, nu ngawengku Kabijakan jeung Prosedur : Kas jeung Setara KasPersediaanPiutangAktiva Tetap, Hutang, sarta Pajak.[2]
  3. Akuntansi Keuangan Lanjutan, Diajar ngeunaan Pembentukan Persekutuan atawa Panggabungan Usaha (Merger), Integritas Panyajian Laporan Kauangan, Analisa Laporan Kauangan, Panyusunan Laporan Kauangan Konsolidasi, Parobahan Nu miboga Saham, Panjualan Konsinyasi, Likuidasi Panjualan Angsuran, sarta Investasi saham.[2]

Standarisasi Akuntansi Kauangan

[édit | édit sumber]

Laporan Kauangan nu dipidangkeun kudu saluyu jeung prinsip akuntansi nu lumaku umum atawa saluyu jeung Pernyataan Standar Akuntansi Keuangan (PSAK) ngeunaan pituduh sarta prosédur akuntansi nu eusina ngeunaan aturan standar pancatetan, panyusunan, sarta panyajian laporan kauangan nu saluyu jeung téori-téori ngeunaan panapsiran sarta panalaran nu leuwih jero ku hiji lembaga nu diaranaan Ikatan Akuntan Indonesia (IAI) .[2]

PSAK mimiti dipaké di Indonésia dina taun 1994, dina pangembangan panyusunan standarisasi akuntansi di Indonésia ku Dewan Standar Akuntansi Keuangan (DSAK) nu teu bisa leupas tina kamekaran panyusunan standar akuntansi Internasional nu dilakukeun ku International Accounting Standards Board (IASB).[2]

Standar Akuntansi Keuangan Internasional dina prosés konvergensi sacara pinuh ku International Financial Reporting Standard (IFRS) nu dikaluarkeun ku IASB,  hiji standar laporan kauangan nu bisa ditarima secara internasional sarta mimiiti diterapkeun di Indonésia ti taun 2012.[2]

Tinggali ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Baldric Siregar, Dkk (2013). Akuntansi Manajemen. Jakarta: Salempa Empat. pp. 2–3. 
  2. a b c d e f g h i j k l Binus Website.Pengertian Akuntansi Keuangan Diakses ping 22 Novembr 2017