Bulan (waktu)
Bulan nya éta ngaran sagunduk-gundukna poé nu maké tanggal dina sataun, basa lemesna sasih atawa warsih [1]. Jero sataun aya 12 bulan[1].
Ngaran Bulan Arab diantarana Muharam atawa Sura, Safar, Rabiulawal, Rabiulahir, Jumadilawal, Jumadilahir, Rajab, Saban, Ramadhan, Dulhijjah atawa Sawal, Dulkaidah, Dulhijah [1]. Bulan Sunda atawa Jawa diantarana Muharam atawa Sura, Sapar, Mulud, Silihmulud, Jumadilawal, Jumadilahir, Rajab, Rewah, Puasa, Sawal, Hapit, Haji atawa Rayagung[1].
Ngaran Bulan Maséhi nya éta Januari, Fébruari, Maret, April, Méi, Juni, Juli, Agustus, Septémber, Oktober, Nopémber, Désémber[1]. Ngaran Bulan nurutkeun mangsa atawa Pranata Mangsa nya éta Kasa, Karo, Katiga, Kapat, Kalima, Kanem, Kapitu, kawolu, kasanga, kasadasa, Desta, Sada[1].
Catetan [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
