Épilépsi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Péta Épilépsi per 100,000 padumuk dina taun 2002.
██ taya data ██ kurang ti 50 ██ 50-72.5 ██ 72.5-95 ██ 95-117.5 ██ 117.5-140 ██ 140-162.5 ██ 162.5-185 ██ 185-207.5 ██ 207.5-230 ██ 230-252.5 ██ 252.5-275 ██ Leuwih ti 275

Épilépsi nyaéta ayana muatan listrik anu kaleuleuwihi jeung ngadadak nepi ka prosés narima jeung ngirim impuls tina uteuk kana bagian-bagian awak lianna kaganggu.[1] Istilah épilépsi sarua jeung ayan.[1] Umumna épilépsi dilantarankeun ku karuksakan uteuk nalika prosés ngalahirkeun, kungsi ngalaman cidera dina sirah, kungsi katarajangradang uteuk, kungsi katarajang tumor uteuk, aya kelainan pembuluh darah dina uteuk, ayana getih atawa nanah anu ngadagleg (beku) dina uteuk, ayana gangguan métabolismeu awak, jeung nginum inuman anu ngandung alkohol.[1] Teu kanyahon sacara jelas sabab-musabab épilépsi anu kaalaman ku orok.[1] Salasahiji cara anu dianjurkeun ku dokter nyaéta merhatikeun gerakan-gerakan orok nalika lahir.[1] Kolot sawadina waspada lamun sering ningali orok milampah gerakan-gerakan anu anéh tur dibalikan- deui dibalikan deui (diulang-ulang) atawa mindeng katingali reuwaseun tanpa sabab anu jelas, bari reuwasna téh sababaraha kali.[1] Panyakit épilépsi lain panyakit turunan , tapi nu mawa sipat panyakit ieu bisa diturunkeun ka turunan saterusna.[1] Biasana jalma anu ngalaman serangan épilépsi bakal ngalaman kejang-kejang, tur tina bahamna kaluar.[1] Serangan panyakit épilépsi kacida gancangna.[1]


Jenis-jenis Épilépsi[édit | sunting sumber]

  1. Épilépsi tonik klonik (grandmal)[2]
  2. Épilépsi absans (petit mal)[2]
  3. Épilépsi parsial basajan[2]
  4. Épilépsi parsial kompleks[2]
  5. Épilépsi atonik[2]
  6. Épilépsi mioklonik[2]


Ngubaran jeung Nyegah Épilépsi[édit | sunting sumber]

Lamun aya anu kaserang épilépsi, ulah ngasupkeun barang-barang naon waé ogé kana bahamna, huntuna anu rapet balem ulah dipaksa sina calangap, ulah nahan gerakan kejangna, ulah digolérkeun dina tempat saré.[1] Naon sababna? Alesanana lantaran:

  1. Ngasupkeun barang atawa naon waé kana baham jalma anu kaserang bakal ngalantarankeun leungeun urang cidera, atawa huntu jalma anu kaserang bakal rompang.[1]
  2. Lamun urang nahan gerakan kejangna, jalma anu kaserang bakal nyurungkeun urang sacara teu sadar, urang bisa jadi cilaka, lantaran tanaga jalma nu kaserang rongkah kacida.[1]
  3. Nyarékeun jalma anu kaserang henteu gampang, hadéna mah halangan sirahna ku barang-barang anu hipu jeung kandel sangkan ulah cidera.[1]


Aya sababaraha hal anu bisa dipilampah nalika hiji jalma kaserang épilépsi:

  1. Jauhkeun barang-barang seukeut au sakirana bisa ngaraheutan dirina;[1]
  2. Kendoran pakéan palebah beuheung jeung sabuk;[1]
  3. Upama serangan geus réngsé, pariksa kaayaanana, laju bawa ka rumah sakit atawa ka dokter.[1] Ngubaranana kudu ka dokter spésialis.[2]
  4. Sina nginum ubar sacara rutin (ulah tepi ka poho).[2]
  5. Singkahan kagiatan anu matak capé pisan.[2]
  6. Ulah sina kapeutingan.[2]
  7. Ulah sina ngarasa hariwang jeung lapar.[2]

Ngubaran épilépsi mibutuh kasabaran jeung waktu anu lila.[2] Teu aya serangan kejang dina dangka saminggu atawa dua minggu lain hartina cageur, ku lantaran kitu, sanajan henteu kejang ogé ngnum ubar mah kudu tuluy sacara rutin.[2]


Catetan

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p Poerwaningsih, Andriyatie. 2010. Ayo Mengenal penyakit Tak Menular. Klaten: Intan Sejati.
  2. a b c d e f g h i j k l m Golkar.2008. Buku Pegangan Penanggulangan Penyakit. Jakarta: Ciptawidya Swara
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan


Nulis.jpg