Bengkong

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Bèngkong Istilah bèngkong miboga sababaraha harti nyaèta harti nu ngarujuk kana istilah mantri sunat jeung harti nu ngarujuk kana istilah salasahiji mètodeu sunat tradisional nu aya di tatar Sunda. Harti nu ngarujuk kana istilah mantri sunat nyaèta pagawèan hiji jalma nu biasa nyunatan budak lalaki nu aya di hiji wewengkon[1]. Sedengkeun harti nu ngarujuk kana salasahiji mètodeu sunat tradisional nu aya di tatar Sunda miboga waktu nu singget dina ngerjakeunana[2].

Hal-Hal Nu Dibutuhkeun[édit | édit sumber]

Boh dina istilah nu ngarujuk kana mantri sunat boh dina istilah nu ngarujuk kana salasahiji mètodeu sunat tradisional, dina bèngkong kudu aya sababaraha pakakas nu dibutuhkeun nalika dilakukeun sunat, nyaèta aya babango pikeun motong saeutik kulit nu aya dina kelamin lalaki nu dijieun tina awi atawa tanduk, capit pikeun nyapit kulit kelamin lalaki, pèso pikeun motong kulit kelamin lalaki, sampay pikeun nalikeun capit kana kelamin lalaki, jeung pagaridan pikeun nyimpen sakabèh pakakas nu dipakè nalika nyunatan.

Léngkah-Léngkah[édit | édit sumber]

Dina istilah nu ngarujuk kana salasahiji mètodeu sunat tradisional nu aya di tatar Sunda, aya sababaraha lèngkah-lèngkah boh nalika saacan ngalakukeun bèngkong boh nalika ngalakukeun bèngkong. Dina saacan ngalakukeun bèngkong aya sababaraha lèngkah-lèngkah nu dilakukeun ka budak lalaki nu rèk disunat nyaèta budak lalaki nu rèk disunat biasa diarak ngurilingan dèsa makè kasenian Sunda aya nu makè bajidoran lamun di dayeuh Bekasi, makè sisingaan di Subang, makè kuda rènggong di Sumedang jeung Majalèngka, sarta aya nu makè rèak dogdog di wewengkon Bandung Wètan[3]. Tuluy sanggeus diarak, budak lalaki nu rèk disunat bakal dimandian ku diteuleumkeun kana balong nepi ka budak lalaki èta ngabirigidig tuluy disunat ku béngkong. Nalika budak lalaki disunat, hayam jago dipeuncit dijadikeun hayam bakakak, nyunut pepetasan, jeung, tuluy sanggeus budak lalaki éta disunat Sedengkeun lèngkah-lèngkah nalika rèk dilakukeun sunatnya ngawengku mimiti dibuka tuluy dicokot tungtung kelamin lalaki atawa kulup, tuluy kulup èta dicapit makè capitan, tuluy kulup èta dipotong makè pèso.

Bébédaan Mantri Sunat, Tukang Sunat, jeung Dokter Sunat[édit | édit sumber]

Mantri sunat mangrupa asistén atawa perawat nu ngabantuan dokter sunat, tukang sunat mangrupa hiji jalma nu ngalakukeun langsung sunat éta. Biasana gé tukang sunat teu miboga ijazah jeung sértifikasi nu resmi sarta teu miboga pakakas nu saluyu jeung standarisasi médis. Sedengkeun dokter sunat mangrupa dokter umum nu aya di puskésmas atawa rumah sakit nu biasa ngalayanan pasién biasa, kusabab sunat gé mangrupa operasi bedah minor nu geus dikawasa ku dokter-dokter umum nu aya di rumah sakit atawa puskésmas[4]. Dokter sunat gé miboga ijazah jeung sértifikasi resmi sarta pakakas nu dipaké nalika nyunatan luyu jeung standarisasi médis[5].

Istilah "Mantri sunat" gé mindeng dipaké ku masarakat pikeun nyebut ka jalma nu miboga kaparigelan sarta kaahlian kana métodeu sunat tradisional. Jalma nu miboga kaahlian kana widang sunat tradisional bisa disababkeun ku dua hal nyaéta kusabab turunan ti karuhunana nu miboga kaahlian kana widang sunat tradisional bisa ogé ngaliwatan prakték husus nu dilakukeun ku generasi saméméhna ka generasi nu ngora[6]. Jalma nu dipilih pikeun jadi mantri sunat di sababaraha wewengkon biasana mangrupa bagéan integral tina budaya atawa agama, jadi mantri sunat miboga peran nu penting pikeun ngalayanan komuntas éta.

Nilik kana kasang tukang mantri sunat nu teu miboga ijazah sarta sertifikasi nu resmi jeung pakakas-pakakas nu dipaké nalika nyunatan gé teu luyu jeung standarisasi médis, sunatan nu dilakukeun gé miboga résiko nu badag. Résiko éta bisa ngawengku inféksi kana kelamin lalaki, kaluar getih nu kalelewihi, jeung komplikasi-komplikasi séjénna. Saluyu jeung résiko nu bisa kajadian, dina mangsa ayeuna aya tarékah dina ngalaksanakeun sunat téh dilakukeun ku tanaga médis nu émang miboga kualifikasi bisa ngurangan résiko nu bisa kajadian nalika sunat ku mantri sunat.

Référénsi:[édit | édit sumber]

  1. "Profesi Bengkong dalam Tradisi Sunatan Sunda". Diakses tanggal 2024-03-30. 
  2. Hadiyanti, Nanda. "Sunat Bengkong, Metode Tradisional yang Masih Diminati hingga Kini". Good Doctor (dalam id-ID). Diakses tanggal 2024-03-30. 
  3. "Profesi Bengkong dalam Tradisi Sunatan Sunda". Diakses tanggal 2024-03-30. 
  4. admin. "Mengenal Profesi Mantri Sunat, Dokter dan Tukang Sunat". Rumah Sunat dr. Mahdian (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-03-31. 
  5. Sunatan, Admin Rumah. "Inilah Profesi Mantri Sunat Dan Tradisi Masyarakat Indonesia". Rumah Sunat dr. Mahdian (dalam en-US). Diakses tanggal 2024-03-31. 
  6. "mantri Sunat, Dokter, dan Tukang Sunat". rumahsunatgalaxy.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2024-03-31.