Dogdog Lojor
Deskripsi
[édit | édit sumber]Dog-dog nyaéta salasahiji alat musik tradisional ti wewengkon Banten.[1] Rupa tina dog-dog lojor kawas bedug, tapi leuwih leutik sarta panjang.[1] Ieu waditra dianggap miboga kalungguhan anu luhur dina upacara adat di daerah Lebak, Banten. Perkakas tabuhan anu terdiri ti 9 buah angklung tapi beda ukuranna jeung nadana, ditambah jeung dua dogdog lojor, nayeta dogdog anu ukuranna lewih panjang tina dogdog biasana. Dogdog lojor ditabuh ku lengeun kosong atau ku pamukul ti kai atau awi. Biasana dimainkeun lobaan ku gondang. Biasana aya di daerah kecamatan Cisolok, kabupaten Sukabumi [2]. Lalakon dogdog lojor sarerea maen angklung bareng-bareng loba pamolah jeung joged. Anu jadi lalakon dogodg lojor ngamimitian jeung ngalakukeun gerak suku siga gésér atau jéngké. Kabeh gerak panabuh dogdog éta kudu ngiluan ku para panabuh angklung. Lamun panabuh angklung tinggaleun nuturkeun, jadi seserian.Jadi panabuh dogdog ngalakukeun rupa-rupa ragam pamolah anu teu kaduga siga tenggeng, banting suku, congklak, engkeg dll, jeung langkah ngiluan pola teras anu beragam oge. Gerakan belok panabuh dogdog anu ngadadak ngaganti arah ngasababkeun para panabuh angklung ktainggaleun tina barisanna jadi kacau. Hal éta anu jadi bahan seserian anu lalajo. Lamun dimaenkeun ku romongan gondang, panabuh dogdog joged di harepeun panabuh gondang (anu kabeh awewe) bari ngnyanyikeun sisindiran. Kapeng panabuh dogdog nendeun dogdogna di tanah supaya lebih laluasa joged. Angklung ti dogdog lojor dibere ngaran sbb : (1) Kingking; (2) Jongjrong; (3) Ambrung panerus; (5) Pancer; (6) Pancer panerus; (7) Engklok; (8) Roel jeung (9) Roel panerus.[2]
Fungsi
[édit | édit sumber]Dog-dong lojor dipaké pikeun mirig dina acara ruwatan jeung sérén taun. [3]Pikeun mirig dina acara tradisi di Banten. Lian ti éta, ieu waditra miboga fungsi ngungkabkeun rasa sukur jeung jadi pakakas pikeun nolah bahla.[1]
Perkakas
[édit | édit sumber]Aya sababaraha perkakas anu digunakeun di permainan dogdog lojor, nyaéta: dogdog lojor 2 buah, angklung buhun 4 buah, gendang 1 buah, goong 1 buah, kecrek; dan kecapi 1 buah.[4]
Pemain
[édit | édit sumber]Jumlah keseluruhan pamain dogdog lojor kisaran 18-20 jelema. Kabeh terdiri ti: penabuh waditra atawa nayaga, penari, juru kawih ala beluk jeung juru kawih awewe. Sebagai catetan, pas bareto dogdog lojor diperankeun ku laki-laki. Tapi, ayeuna para awewe ogé berperan di permainan tersebut [4].
Wangun
[édit | édit sumber]- Kawas bedug tapi leuwih leutik
- Dijeeuna tina kayu, tengahna bolongan
- Panutupna maké kulit embé
- Talina ku awi.[3]
Pintonan
[édit | édit sumber]Dogdog lojor mideng dipintonkeun jeung waditra angklung. Nayagana tilu urang. Dogdog lojor dianggap sakral, ku kituna teu sakabéh jalma bisa maénkeun ieu waditra. Kudu nu ahli jeung bisa kana ieu alat. Tranformasi pintonan dogdog lojor aya dina wangun tarian dogdog lojor jeung ngadu dogddog. Ngaliwatan éta cara, dipihareup seni tradisi dogdog lojor bisa dipikawanoh ku masarakat réa.[1]
Transformasi
[édit | édit sumber]https://www.youtube.com/watch?v=Rve88TBH-2M
Rujukan
[édit | édit sumber]- Ubun, Kubarsah. 1994. Waditra. Bandung: Dinas Pariwisata dan Kebudayaan.
- ↑ a b c d Kaya, Indonesia. "Dogdog Lojor, Instrumen Musik Tabuh Khas Banten : Kesenian - Situs Budaya Indonesia". IndonesiaKaya (dalam Indonesia). Diakses tanggal 2019-11-23.[tumbu nonaktif]
- ↑ a b Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431.
- ↑ a b "Dogdog Lojor Alat Musik Tradisional Dari Banten". Diakses tanggal 2019-11-23. Archived 2019-10-31 di Wayback Machine
- ↑ a b "Dogdog Lojor Jawa Barat » Budaya Indonesia". budaya-indonesia.org. Diakses tanggal 2019-11-23.