Kuya

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kuya
Halden 011.jpg
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Fila: Chordata
Kelas: Reptilia
Ordo: Testudina
Linnaeus, 1758
Kulawarga

Baca téks

Kuya atawa penyu atawa bulus mangrupakeun réptil dina ordo Chelonia, nu awakna ditaméngan ku tulang husus atawa cangkang kartilagé nu tumuwuh tina tulang rusukna. Istilah kuya ilahar dilarapkeun ka spésiés darat/cai darat sacara umum, sedengkeun ka nu di laut disebut penyu atawa bulus. Kiwari aya kira 300 spésiés nu hirup kénéh, nu lolobana kaasup sato nu kaancam punah alatan diboro boh endogna atawa dagingna.

Dadaran[édit | sunting sumber]

Sakabéh kuya mibanda cangkang panyalindungan sakuriling awakna; luhurna disebut karapas, sedengkeun dampalna disebut plastron, nu duanana disambungkeun ku "sasak".

Penyu bisa tumuwuh nepi ka awakna badag, hirup di sagara nu hawana sedeng jeung wewengkon tropis. Kuya ranca/situ/leuwi/walungan biasana leutik, sedengkeun nu di darat badagna bisa nyaruaan penyu. Kuya/penyu badagna antara ukur sababaraha sénti (spésiés leuweung) nepi ka dua méter (kuya tonggong kulit - leatherback, jeung kuya Galapagos).

Kuya sacara umum umurna panjang; aya nu bisa leuwih ti 150 taun. Kuya pangkolotna nu kungsi kacatet nyaéta Tui Malila, nu umurna kira 188.

Penyu ngubur endogna dina keusik basisir nu garing. Endog ti spésiés pangbadagna bentukna buleud, sedengkeun nu séjénna mah biasana lonyod. Albuménna bodas sarta ngandung protéin nu béda jeung endog manuk; endog penyu mah moal ngagumpal nalika dipasak. Endog penyu keur dahareun biasana ukur dicokot beubeureumna. Dina sababaraha spésiés, hawa nangtukeun bakal jadi jalu/bikangna éta endog: panas jadi bikang, tiis jadi jalu.

Kusabab engapanana maké bayah, najan sok lila di jero cai, penyu kudu naék ka beungeut cai pikeun nyeuseup hawa seger.

Évolusi[édit | sunting sumber]

Kuya, nurutkeun para ahli, munggaran mucunghul di alam dunya dina yuga dinosaurus, 200 yuta taun ka tukang. Karuhunna, dumasar téori évolusi, can kacukcruk, sigana mah mangrupakeun hiji-hijina nu salamet tina cabang clade buhun Anapsida, nu ngawengku kelompok procolophonoid, millerettid jeung pareiasaur. Sakabéh tangkorak Anapsid teu boga lawang témporal, sedengkeun sakabéh amniot mah boga (najan dina mamalia, liangna téh jadi zygoid arch). Anapsid mah lolobana lastari dina yuga Permian ahir, iwal procolophonoid jeung meureun karuhunna kuya.

Kadieunakeun, tangkorak kuya nu mirip Anapsid téh dianggap balukar tina évolusi konvergén, lain turunan anapsid. Ulikan filogenetik némbongkeun yén kuya téh kaasup Diapsid, leuwih deukeut ka Squamata batan Archosauria. Sakabéh studi molekular ngadukung filogeni ieu, najan aya ogé nu ngadeukeutkeun kuya ka Archosauria.

Ordo Chelonia - Kuya[édit | sunting sumber]

Gulf Coast Box Turtle, Terrapene carolina major (Emydidae)
Kuya génus Trachemys

Subordo Cryptodira

Penyu Kulittonggong (foto sumbangan NOAA)

Subordo Pleurodira

  • Kulawarga Chelidae (Austro-American Sideneck Turtles)
  • Superfamili Pelomedusoidea
  • Kulawarga Pelomedusidae (Afro-American Sideneck Turtles)
  • Kulawarga Podocnemididae (Madagascan Big-headed and American Sideneck River Turtles)

Kuya dina budaya[édit | sunting sumber]

Kuya raket pisan jeung kahirupan sababaraha bangsa, kasebut salaku mahluk nu kalem.

  • Dina budaya Sunda, kuya téh populér pisan dina dongéng "sakadang kuya jeung sakadang monyét".

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]