Lompat ke isi

Labuh saji

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

DESKRIPSI

Labuh saji nyaéta salasahiji tradisi ti masarakat Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi anu diayakeun pikeun miéling Hari Nelayan unggal ping 6 April.[rujukan?] Udagan tina ieu tradisi nyaéta pikeun nohonan jangji sangka

n naon anu dipikahayang kacumponan kawas réa lauk anu ditéwak ku pamayang.[rujukan?] Mana tina ieu tradisi nyaéta pikeun ngajaga hubungan anu hadé antara manusa jeung pangeusina ka asup méré hormat ka Nyi Roro Kidul.[rujukan?]

KASANG TUKANG

Nurutkeun dongéng, kasang tukang tradisi Labuh Saji mangrupa cara Prabu Danarasa pikeun ngungkabkeun rasa cinta ka rahayatna.[rujukan?] Prabu Danarasa harita jadi raja di Pelabuhan Ratu.[rujukan?] Prabu Danarasa tapa kalayan udagan sangkan daérah Pelabuhan Ratu teu paceklik.[rujukan?] Nanging kalah sabalikna, mangsa paceklik ngadatangkeun rejeki séjén pikeun masarakat Pelabuhan Ratu. Pamayang kabéh barungah sabab bisa néwak lauk leuwih réa.[rujukan?] Lantaran Raja Danarasa ngarasa katulungan jeung paméntana kacumponan, ku kituna raja mulang tarima ku cara méré sasajén ka ratu Nyi Roro Kidul.[rujukan?] Tina carita nu geus dipedar, éta tradisi nuluy nepi ka ayeuna.[rujukan?] Sasajén anu digunakeun nalika baheula nyaéta émbé atawa munding, ayeuna geus ditransformasi dirobah jadi binih lauk, benur jeung tukik.[rujukan?]

TATA  CARA

  • Tatahar

Sapoé saacan prosési upacara dilaksanakeun, tatahar bahan sasajén diantarana:

  1. Tandu Kahiji  : eusnina hulu munding
  2. Tandu Kadua  : eusima getih, kulit, suku leungeun jeung suku munding
  3. Tandu Katilu   : eusina kadaharan, inuman, bungbuahan, kembang tujuh rupa, rokok jeung menyan
  4. Tandu Kaopat : eusina sakabéh bagéan émbé anu geus dipencit.[rujukan?]

Sakabéh eusi tanduu dibuleun ku kaén bodas (kaén kapan)[rujukan?]

  • Prosési

Réngréngan anu geeus sayaga, naék ka parahu nu geus dihias pikeun.[rujukan?] Posisi anu dipilih pikeun ngawurkeun Labuh anu aya dina tandu nyaéta posisi laut anu miboga juru cai anu geus ditangtukeun ku pawang laut.[rujukan?] Sanggeus kapanggih, Labuh anu aya dina tandu diawurkeun kalayan tartib.[rujukan?]

SIMBOL UPACARA

  1. Bandéra Indonésia : mangrupa simbol kawani jeung sipat suci sarta nuduhkeun rasa cinta ka lemah cai.[rujukan?]
  2. Warna hiasan parahu : héjo ngalambangkeun sipat réligi ka Gusti Allah; konéng ngalambangkan kawani jeung sipat ati-ati dina ngajalankeun                                                hirup (singer tengah)[rujukan?]
  3. Angka ganjil : ngalambangkeun wilangan anuu istiméwa pikeun nolak bahla. Lian ti éta, angka ganjil ogé ngalambangkeun jumlah tingkatan langit, surge jeung naraka.[rujukan?]