Midadarén

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Midadareni nyaéta talari paranti jaman baheula, tumali jeung upacara nikahkeun, boh calon pangantén awéwé atawa lalaki, ti lima atawa saminggu kénéh satacan nikah teu meunang ka luar imah, komo indit-inditan pasosoréan mah.[1] Calon pangantén dijaga ku juru rias.[1] Calon pangantén awéwé biasana disarankeun sangkan diét sangkan kacirina langsing pikeun didangdanan jeung cahyaan dina poéna ditikahkeun.[2] Adat istiadat kabiasaan nu masih dilaksanakeun ku calon pangantén awéwé peutingan / maleman akad nikah, nu disebut peutingan midodareni atau midadaren peutingan ngabidadari.[2] Calon pangantén awéwé biasana sanggeus ngeuyeuk seureuh jeung ngaras téh dimandian maké cai urut ngeuyeuk seureuh.[1] Peutingna didangdangan tur diuk di korsi pangantén narima tamu ondangan nu datang ka imah sakadar ngembohan atawa nyambungan (méré amplop atawa rupa-rupa dahareun.[1] Ieu kabiasaan téh di kota mah kiwari geus mimiti ditinggalkeun.[1] Tapi upami di kampung-kampung atawa padésaan-padésaan mah masih dilaksanakeun, malah pikeun jalama jegud jeung beunghar mah biasana sakalian ngayakeun acara sukuran ku cara midangkeun pangaosan atawa tabligh akbar bari ngondang ajengan atawa ustad nu geus kakoncara.[1]

Sumber[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f Elis Suryani NS. 2010. Badingkut.Bandung: Danan Jaya.Halaman 161
  2. a b Elis Suryani NS. 2010. Kearifan Budaya Sunda. Ciamis.Pemerintah Kabupaten Ciamis Disbudpar.Halaman 184