Lompat ke isi

Modél pangajaran

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Modél pangajaran nyaéta runtuyan midangkeun matéri ajar nu ngawengku sagala aspék pangajaran nu dipilampah ku guru sarta sagala fasilitas nu dipaké sacara langsung atawa teu langsung dina prosés diajar jeung ngajar.[1] Modél pangajaran bisa dihartikeun minangka hiji rarancang atawa pola nu dipaké dina nyusun kurikulum, ngatur matéri, jeung méré pituduh ka guru di kelas dina séting pangajaran.[2]

Wangenan

[édit | édit sumber]

Nurutkeun Komaruddin [3], modél pangajaran dihartikeun minangka konsép rangka kontékstual anu dipaké minangka palanggeran dina ngalaksanakeun kagiatan. Modél pangajaran bisa dipikapaham minangka: 1) hiji tipe atawa desain, 2) hiji déskripsi analogi anu dipaké pikeun mantuan prosés visualisasi hiji hal anu teu bisa dititénan sacara langsung, 3) hiji sistem asumsi-asumsi, data-data jeung inferénsi-inferénsi anu dipaké pikeun ngagambarkeun sacara sistematis hiji objék atawa kajadian, 4) desain anu dibasajankeun, 5) déskripsi sistem imajiner, jeung 6) tampilanana nuduhkeun wangun aslina. modél pangajaran nyaéta hiji déskripsi tina lingkungan diajar anu ngagambarkeun rarancang, kurikulum, kursus-kursus, desain unit-unit pangajaran jeung pembelajaran, kalengkepan diajar, buku-buku pelajaran, buku-buku pagawéan, program multimedia jeung bantuan diajar ngaliwatan program komputer. Tina pamadegan para ahli, bisa dicindekkeun yén modél pangajaran téh nyaéta déskripsi hasil adumanisna lingkungan diajar, pangalaman diajar, jeung pembelajaran anu ngagambarkeun tatapakan dina diajar pikeun ngahontal tujuan anu tangtu.

Modél pangajaran bisa dikelompokkeun kana opat kelompok pangajaran anu anggota-anggotana ngabogaan oriéntasi kana sikep jeung kumaha cara manusa diajar. Nurutkeun Joyce, spk.[4], anu dimaksud kelompok-kelompok atawa rumpun modél pangajaran téh kaunggel kieu. 1) Kelompok modél pangajaran prosés informasi ngajéntrékeun cara individu méré réspon tina rangsangan lingkungan ku cara ngaorganisasikeun data, ngaformulasikeun masalah, ngawangun konsép, jeung ngararancang solusi kalayan ngagunakeun simbol-simbol vérbal jeung non-vérbal. 2) Kelompok modél pangajaran sosial. Gawé bareng bakal ngahasilkeun energi koléktif anu disebut sinérgi (synergy). Modél-modél dina pangajaran diwangun pikeun meunangkeun kauntungan tina fénoména ku cara nyieun komunitas pangajaran (learning community). Dadasarna, manajemén sakola nyaéta sual ngamekarkeun hubungan-hubungan kooperatif di jero kelas. 3) Kelompok modél pangajaran personal dimimitian tina perspektif individu. Ieu modél miboga tarékah pikeun maham diri sorangan kalayan hadé, tanggung jawab kana pendidikan diri pribadi, jeung diajar ngahontal kamekaran diri sorangan sangkan leuwih kuat, leuwih sénsitif, jeung leuwih kréatif dina néangan kahirupan anu leuwih walagri. 4) Kelompok modél pangajaran paripolah miboga prinsip yén manusa mangrupa sistem-sistem komunikasi memener diri (self-corecting communication systems) anu bisa ngarobah kalakuan nalika ngaréspon informasi ngeunaan pancén-pancén anu dipigawéna.

Komponén modél pangajaran

[édit | édit sumber]

Komponén téh mangrupa babagian penting dina modél pangajaran. Modél pangajaran ngawengku opat bagian nyaéta:

  1. oriéntasi modél
  2. modél pangajaran
  3. cara ngalarapkeun modél pangajaran
  4. pangaruh pangajaran atawa pangaruh tambahan [5].

Kahiji, oriéntasi modél pangajaran anu ngawengku tilu hal nyaéta:

  • urutan léngkah kagiatan (syntax), urutan léngkah kagiatan atawa fase pedaran modél dina prak-prakanana patali jeung stratégi pangajaran;
  • sistem sosial kelas (social system), nyaritakeun kalungguhan jeung hubungan antara siswa-siswa jeung siswa-guru sarta aturan-aturan anu tangtu;
  • prinsip-prinsip réaksi (principle of reaction), medar ngeunaan kamampuh guru dina nyanghareupan paripolah siswa. Guru bisa ngawangun pribadi siswa ku cara méré pujian, jeung mekarkeun kréatifitas siswana; jeung
  • sistem pangrojong (support system), medar kaayaan anu jadi pangrojong pikeun ngamekarkeun modél.

Kadua, modél pangajaran anu ngawengku sababaraha bagian nyaéta, urutan léngkah kagiatan (syntax), sistem sosial kelas (social system), prinsip-prinsip réaksi (principle of reaction), jeung sistem pangrojong (support system).

Katilu, ngalarapkeun modél ku cara méré informasi ngeunaan ilustrasi pikeun subjék, pituduh atawa arahan adaptasi subjék anu disaluyukeun jeung tingkatan umur, desain kurikulum, atawa saran pikeun matalikeun antara modél anu hiji jeung modél anu séjén.

Kaopat, pangaruh pangajaran atawa pangaruh tambahan nyaéta medar ngeunaan hasil pangajaran sarta hasil anu dipiharep tina modél pangajaran.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Istarani.(2012).58 Model Pembelajaran Innovatif.Medan.Media Persada
  2. Jihad dan Harris.(2012).Evaluasi Pembelajaran.Yogyakarta.Multi Presindo
  3. Sagala, S. (2003). Konsep dan Makna Pembelajaran. Bandung: Alfabeta, kc. 175
  4. Joyce, B., Weil, M. & Calhoun, E. (2009). Models of Teaching. Jogjakarta: Pustaka Pelajar, kc. 30
  5. Iskandarwassid & Sunendar, D.(2008). Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya, kc. 6