Sajak

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Sajak

Sajak nyaeta karya sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan. Sajak henteu kauger ku jumlah padalisan (baris, jajaran) dina sapadana, jumlah engang dina unggal pada (bait) atawa sora tungtung dina unggal padalisan (jajaran) upama rék nulis sajak kudu nangtukeun jejer milih kecap nu luyu, jeung maké basa nu singget sarta jelas. Dina wangun kasusastraan Sunda, Sajak téh kaasup dina katégori Sastra Moderen. Mun mapay lalakon umur tina runtuyan sajarahna, Sajak Sunda geus lumayan kolot umurna téh. Sanggeus sawatara waktu kamerdikaan nagara urang (1946) nepi ka ayeuna, "kitu sotéh mun diukur ti mimiti Kis. Ws. (Kiswa Wiriasasmita) nulis sajak", kitu pisaur Pa Abdullah Mustappa.[1] Aya deui KTS (Kadir Tisna Sudjana) dina sastra Sunda nu nuturkeun nulis ditéma ku polémik, ngeunaan hak hirup sajak, anu harita mah dianggapna injeuman ti deungeun. Ti saprak harita, Sajak Sunda anak-baranahan nepi ka kiwari.

Cara ngarang sajak[édit | sunting sumber]

Cara atawa téknik ngarang sajak diantarana :

  • Ku kecapan dina sajak kudu dipilihan , ulah siga prosa anu nulungan sadayana
  • Nepikeun maksud sajak, pangarang sajak sok tara nepikeun maksud sajak sajak eta teh kedah

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Saratus Sajak Sunda, Pangbagéa 46 Taun Sajak Sunda. Geger Sunten-Bandung 16-12-92.


Old book bindings.jpg