Sinyal haseup

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Sinyal haseup nyaéta sahiji bentuk komunikasi optikal anu digunakeun dina jarak anu jauh, anu nanjeur di benua Amerika jeung di nagara Cina jaman baheula.

Ku cara nutupan seuneu ku hiji panutup terus sagancangna muka panutup kasebut, bisa diciptakeun haseup. Ku sababaraha kali latihan, urang bisa ngadalikeun ukuran, wangun, jeung lilana haseup. Haseup bisa katitén ti jarak anu jauh, jeung bisa katénjo ku sing saha anu aya dina jarak visual atawa jarak ténjo. Tempat pangiriman sinyal mindeng ngahaja dijieun pikeun ngalegakeun jarak ténjo. Conto tempat pangiriman sinyal haseup diantarana mangkok batu anu digunakeun ku Urang Indian jeung munara anu aya di Témbok Gedé Cina.

Euweuh kode baku pikeun sinyal haseup; sinyal haseup mindeng ngarupakeun pola anu geus dipasinikeun diantara pangirim jeung panarima. Ku lantaran kitu, sinyal haseup condong ngirim pesen-pesen basajan, jeung ngarupakeun bentuk komunikasi anu kawates.


Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Gusinde, Martin (1966). Nordwind—Südwind. Mythen und Märchen der Feuerlandindianer (in German), Kassel: E. Röth.
  • Itsz, Rudolf (1979). "A kihunyt tüzek földje" Napköve. Néprajzi elbeszélések (in Hungarian), 93–112, Budapest: Móra Könyvkiadó. Translation of the original: Итс, Р.Ф. (1974). Камень солнца (in Russian), Ленинград: Издательство «Детская Литература». Title means: “Stone of sun”; chapter means: “The land of burnt-out fires”.