Sunarya, R.T.A.

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Radén Toemenggung Arja Soenarja (gumelar di Manonjaya, Tasikmalaya, 1898-tilar dunya[1] di Bandung, 29 Agustus 1965). Dalem, pangarang lagu kawih Sunda, panulis naskah lakon basa Sunda nu disutradaraan ku manéhna sacara kolosal, panarjamah. [1]

Riwayat Atikan[édit | édit sumber]

Ti ELS dituluykeun ka OSVIA (tamat 1914), meunang kasempetan nuluykeun deui ka Bestuur School (tamat 1929) jeung Recht Hogeschool.[1]

Lalampahan Karir[édit | édit sumber]

Ditempatkeun jadi pamongpraja di sababaraha tempat, a.l. di Bandung nepi ka jadi Matri Polisi, Camat Warungkondang (1918-1920), Sukabumi (1920-1921), Cipaganti, Bandung (1921-1923), diperbantukeun di kabupatén Bandung (1923-1927), wedana Bekasi (1927-1929), Tangerang (1929-1933), Ciledug, Cirebon (1933-1934), Patih Cianjur (1943-1935) Pj. Bupati Cianjur (1935-1944) jeung Bupati Tasikmalaya (1944-nepi pangsiun). Basa jumenengna jadi Bupati Cianjur, manéhna némbongkeun wawanénna pikeun karaharjaan para patani di wewengkonna, nyaéta nyaatkeun rawa Lakbok nu katelah angker sabab loba nu percaya yén di dinya téh dicicingan ku Onom. Kusabab kitu, manéhna katelah "Dalem Onom". Ku sipatna nu simpati kana perjoangan kamardikaan, Sanggeus Républik Indonésia ngadeg, manéhna tetep ngajabat jabatan éta. Salian ti kasohor jadi pamongpraja nu hadé, manéhna ogé katelah ku minat jeung kontribusina nu gedé dina kasenian Sunda. Basa jadi bupati Tasikmalaya, manéhna ngayakeun sandiwara di luar rohangan modern nu mimiti digelar di Indonesia, nyaéta Gending Karesmen Lutung Kasarung nu ditulis jeung disutradaraan ku manéhna sorangan. Lagu-laguna ogé loba nu ngahaja dijieun keur pintonan éta. Lantaran kasuksésanna éta, manéhna diondang ku Présidén Sukarno sangkan midang di Yogyakarta anu harita jadi puseur dayeuh pamaréntahan Républik Indonésia. Ngan hanjakal, éta ondangan téh teu bisa kacumponan ku lantaran ayana Agrési Militér I (Juli 1947). Présidén Sukarno tungtungna bisa nongton pintona éta di Lapangan Merdéka di Jakarta (1952) jeung rébuan panongton nu séjénna.


Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431.