Tom and Jerry
Tom and Jerry nya éta tokoh animasi ciptaan William Hanna jeung Joseph Barbera (Hanna-Barbera) nu diproduksi dina taun 1940-an ku MGM Cartoon Studio di Hollywood nepi ka taun 1957.[1] Produserna nya éta Frederick C. “Fred” Quimby.[2]
Nalika nyieun Tom and Jerry, Hanna jeung Barbera masih kénéh digawé di hiji majalah salaku kartunis.[2] Taun 1939, William Hanna jeung Joseph Barbera disadiakeun hiji proyék ngeunaan ucing jeung beurit nepi ka ngahasilkeun Puss Gets The Boot nu jadi nominasi dina Academy Award.[2] Salaku produser, Quimby meunangkeun Academy Award pikeun film péndék animasina Tom and Jerry.[2] Ngaran Tom and Jerry jadi kasohor alatan museur dina krédit kartun.[2]
MGM (Metro Goldwyn Meyer) nya éta rumah produksi munggaran nu nyieun ieu pilem.[2] Taun 1957 divisi MGM tutup, balukarna nasib Tom and Jerry ogé milu teu puguh tungtungna.[2] Vakeum salila 3 taun tapi dina taun 1960 Tom and Jerry diproduksi deui.[1] Sutradara nu saméméhna nya éta Hanna Barbera diganti ku Gene Deitch, pingpinan Rembrandts Films di Eropa Timur.[1] Sanggeus taun 1963 produksi Tom and Jerry dipigawé deui di Hollywood ku Sib Tower 12 Productions pingpinan Chuck Jones nepi ka taun 1967.[1] Sanggeus sawatara waktu teu dipintonkeun dina tipi, ieu acara kartun dipintonkeun deui dina taun 1975-1977 jeung 1990-1993.[1]
Salaku dua tokoh utama, Tom jeung Jerry miboga kaunikan-kaunikan sorangan.[1]Tom, ucing nu bodo sanajan awakna gedé tur tanagana rosa tuluy-tumuluy narékahan sagala cara sangkan bisa ngerekeb Jerry, tapi mindeng gagal alatan kaparigelan Jerry.[1] Salian ti éta Jerry ogé mindeng ditulungan ku Spike, anjing penjaga.[1]
Kartun nu dilélér Academy Awards katégori Film Animasi Pendek Terbaik : [édit]
- The Yankee Doodle Mouse taun 1943. [3]
- Mouse Trouble taun 1944. [3]
- Quiet Please taun 1945.[3]
- The Cat Concerto taun 1946.[3]
- The Little Orphan taun 1948.[3]
- The Two Mouseketeers taun 1951.[3]
- Johann Mouse taun 1952.[3]
Kartun nominasi penghargaan Academy Awards kategori Film Animasi Pendek Terbaik : [édit]
- Puss Get The Boots taun 1940.[3]
- The Night Before Christmas taun 1941.[3]
- Dr. Jekyll and Mr. Mouse taun 1946.[3]
- Hatch Up Your Troubles taun 1949.[3]
- Jerry's Cousin taun 1950.[3]
- Touche, Pussy Cat! taun 1954.[3]
Referensi [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |