Buka puasa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Buka puasa nyaéta ngabatalkeun puasa anu dilaksanakeun ku muslim jeung muslimah saatos azan magrib dikumandangkeun.[1]

Tradisi buka puasa[édit | édit sumber]

Tradisi buka puasa babarengan geus aya di jaman Rasul. Utusan mualaf anu dongkap ti Thaif bade mukim sementawis di Madinah, ku sabab éta Rasul jeung Bilal bin Rabah nyayogikeun kadaharan keur buka puasa jeung saur pikeun maranéhna. Tradisi ieu diteruskeun ku Umar bin Khattab dina taun 71 Hijriyah anu ngadirikeun Dar Ad Dhiyafah pikeun para tamu anu bade buka puasa. terus tradisi buka puasa dituluykeun ku umat nabi nu kasebar di negara-negara anu sanes.[2]

Buka puasa di imah batur[édit | édit sumber]

Aya adabna upami buka puasa di imah batur saluyu jeung anu dicontohkeun ku Rasul nyaéta kedah ngadoakeun jalmi nu geus nyayogikeun kadaharan. Doana nyaéta “Afthoro ‘indakumush shoo-imuuna wa akala tho’amakumul abroor wa shollat ‘alaikumul malaa-ikah (Para jalmi buka puasa di imah anjeun, jalmi bageur anu tos nampi kadaharan ti anjeun, ku sabab éta malaikat ngadoakeun anjeun supaya meunang rahmat ti Gusti Alloh). Doa éta aya dina Hadis Riwayat Abu Daud, Ibnu Majah, sareng Ahmad.[3]

Upami buka puasa diniatkeun kanggo silaturahmi sareng jalmi nu sanes, maka aya kaberkahan anu ditarima sasarengan. Baginda Nabi nyandika "Kedahna anjeun tuang sareng jalmi nu sanes, teras ngucapkeun basmalah, Insya Allah anjeun meunang berkah ti Gusti Alloh. Hadis ieu aya dina Hadis Riwayat Abu Dawud.[4]

Kadaharan karesep Rasul[édit | édit sumber]

Kadaharan anu dimaksud diantawisna nyaéta kurma, anggur, madu, susu, buah zaitun, buah delima, buah tin, sareng buah labu.[5]

Prakték sunnah buka puasa[édit | édit sumber]

Prakték sunnah anu dijalankeun bakal ngadatangkeun berkah diantawisnya nu kahiji nyaéta ngagancangkeun buka puasa. Nabi Muhammad nyandika dina Hadis Riwayat Bukhari nomer 1957 - Muslim nomer 1098 yén "Jalmi salawasna aya dina kebaikan salila anjeunna ngagancangkeun buka puasa." Nu kadua nyaéta dahar kurma, luyu jeung Hadis Riwayat Tirmidzi dan Abu Dawud yén "Upami bade buka puasa, kedahna tuang kurma ku sabab aya kaberkahan, upami teu aya kurma, cekap buka puasa sareng aer putih ku sabab beresih." Nu katilu nyaéeta ngadoa saméméhna buka puasa salaku anu dicontohkeun ku Rasul "Dhahaba azh-zhama’u wabtallatil ‘uruqu wa tsabatal ajru insya Allah" (Abdi tos teu ngarasa haus ku sabab urat-urat tos baseuh, sareng pahala tos diputuskeun ku Gusti Alloh). Doa éta aya dina Hadis Riwayat Abu Daud nomer 2357. Prakték sunnah anu kaopat nyaéta ngadoa ka Gusti Alloh, ménta naon waé anu dipikahayang. Nabi nyandika dina Hadis Riwayat Tirmidzi, Ibnu Majah, sareng Ibnu Hibban yén "Aya tilu jalmi anu geus tangtu te ditolak doana nyaéta doana jalmi nu keur buka puasa, imam anu adil, sareng doana jalmi anu dizolimi ku jalmi lain."[6]

Urutan buka puasa anu leres[édit | édit sumber]

Urutan nu kahiji nyaéta seueur ngadoa sateuacanna azan magrib dikumandangkeun, nu kadua nyaéta upami azan magrib tos kadangu, teras ngucapkeun basmalah jeung tuang kurma sareng nginum ar putih, nu katilu nyaéta maca doa anu bunyina "Dhahaba azh-zhama’u wabtallatil ‘uruqu wa tsabatal ajru insya Allah" (Abdi geus teu ngarasa haus ku sabab urat-urat geus baseuh, jeung pahala geus diputuskeun ku Gusti Alloh), nu kaopat nyaéta dituluykeun dahar jeung nginum nu sanes, salian ti kurma jeung aer putih, nu kalima nyaéta loba ngucapkeun doa di antara azan jeung iqamah, terus nu kaenam nyaéta ngalaksanakeun salat magrib.[7]

Nu dilarang waktos buka puasa[édit | édit sumber]

Salian ti nu geus disebut di luhur, aya larangan waktu buka puasa, salah sahiji nyaéta teu meunang loba dahar jeung nginum. Gusti Alloh geus berfirman dina Surat Al-Araf ayat 31.[8]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Kristina. "Hadits Buka Puasa dan yang Harus Dilakukan Muslim saat Mendengar Azan". Diakses tanggal 24 April 2022. 
  2. Subarkah, Muhammad. "Iftar Ramadhan: Meja Makan Yang Disajikan Tuhan". Diakses tanggal 24 April 2022. 
  3. Kurniawan, Andre. "Amalan saat Berbuka Puasa sesuai Hadis, Sunnah Penambah Pahala". Diakses tanggal 24 April 2022. 
  4. Fitria, Riska. "Begini Pandangan Islam tentang Tradisi Buka Puasa Bersama". Diakses tanggal 24 April 2022. 
  5. Sendari, Anugerah Ayu. "Arti Iftar di Bulan Ramadan, Ketahui Sunah Sesuai Tuntunan Nabi Muhammad SAW". Diakses tanggal 24 April 2022. 
  6. Efendi, M. Arif. "Sunnah Sahur dan Berbuka Puasa". Diakses tanggal 24 April 2022.  Archived 24 April 2022 di Wayback Machine
  7. Purnama, Yulian. "Sunnah-Sunnah Ketika Berbuka Puasa". Diakses tanggal 24 April 2022. 
  8. Primasiwi, Andika. "Berbuka Puasa Ada Adabnya Lho! Perhatikan 6 Anjuran Rasulullah SAW Ini". Diakses tanggal 24 April 2022.