Bunderan (élmu ukur)

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Bagian-bagian tina hiji bunderan.

Dina géométri Euklid, hiji bunderan nyaéta kumpulan sakabéh titik dina hiji widang dina jarak nu tangtu, anu disebut radius, ti hiji titik nu tangtu, anu disebut puseur. Bunderan nyaéta conto tina kurva nutup basajan, ngabagi widang jadi bagian jero jeung bagian luar.

Bagian-bagian bunderan[édit | édit sumber]

Bagian-bagian anu aya dina bunderan, nyaéta:

  • Bagian bunderan anu mangrupa titik, nyaéta:
    1. Titik puseur (P) mangrupa hiji titik dina jero bunderan anu jadi rujukan pikeun nangtukeun jarak ka kumpulan titik anu ngawangun bunderan antukna sarua. Jarak antara titik puseur jeung bunderan hargana tetep sarta disebut radius.
  • Bagian bunderan anu mangrupa garis, nyaéta:
    1. Radius (R) mangrupa garis lempeng anu nyambungkeun titik puseur jeung bunderan.
    2. Tali gondéwa mangrupa garis lempeng dina jero bunderan anu motong bunderan dina dua titik anu béda (TG) atawa tali busur (TB) (dina basa Indonesia).
    3. Gondéwa (G) atawa busur (dina basa Indonesia) mangrupa garis melengkung anu patindih jeung bunderan.
    4. Kuriling bunderan (K) mangrupa gondéwa pangpanjangna dina bunderan.
    5. Diaméter (D) mangrupa tali gondéwa pangpanjangna nyaéta dua kali ti radiusna. Diaméter ieu ngabagi dua bunderan nu sarua legana.
  • Bagian bunderan anu mangrupa lega, nyaéta:
    1. Juring (J) mangrupa wewengkon dina bunderan anu diwatesan ku gondéwa sarta dua radius anu aya dina dua tungtungna.
    2. Tambéréng (T) mangrupa wewengkon dina bunderan anu diwatesan ku hiji gondéwa sarta tali gondéwana.
    3. Cakram (C) mangrupa sakabéh wewengkon anu aya dina jero bunderan. Legana nyaéta radius kuadrat dikalikeun jeung pi. Cakram mangrupa juring panglegana.

Persamaan[édit | édit sumber]

Hiji bunderan mibanda persamaan:

di mana nyaéta radius bunderan sarta nyaéta koordinat puseur bunderan.

Persamaan paramétrik[édit | édit sumber]

Bunderan bisa ogé dirumuskeun dina hiji persamaan paraméterik, nyaéta

anu lamun diantepkeun ngaliwatan waktu t baris dijieun hiji galur nu ngawangun bunderan dina rohang x-y.

Lega bunderan[édit | édit sumber]

Lega bunderan mibanda rumus:

anu bisa diturunkeun jadi:

dina koordinat polar, nyaéta

Ku cara anu sarua bisa ogé diitung lega satengah bunderan, saparapat bunderan, sarta bagian-bagian bunderan. Ogé bisa diitung lega hiji cincin bunderan kalawan radius jero sarta radius luar .

Pangjumlahan bagian juring[édit | édit sumber]

Lega bunderan bisa diitung ku cara ngabagi-bagi bunderan jadi juring-juring nu saterusna disusun deui jadi hiji pasagi panjang anu legana bisa ditangtukeun kalawan gampang. Dina gambar r hartina sarua jeung R nyaéta radius bunderan.

Lega juring[édit | édit sumber]

Lega juring hiji bunderan bisa diitung lamun lega bunderan dijadikeun fungsi tina R jeung θ, nyaéta;

kalayan wates harga θ nyaéta antara 0 jeung . Waktu θ boga harga , juring anu diitung nyaéta juring panglegana, atawa lega bunderan.

Lega cincin[édit | édit sumber]

Hiji cingcin mibanda lega anu gumantung kana radius jero sarta radius luar , nyaéta

di mana pikeun , rumus ieu jadi jadi rumus lega bunderan.

Lega potongan cincin[édit | édit sumber]

Ku cara ngagabungkeun dua rumus saméméhna, bisa dibeunangkeun

anu mangrupa lega hiji cingcing teu gembleng.

Kuriling bunderan[édit | édit sumber]

Kuriling bunderan mibanda rumus:

Panjang gondéwa bunderan[édit | édit sumber]

Panjang gondéwa hiji bunderan bisa diitung kalawan ngagunakeun rumus:

anu diturunkeun ti rumus pikeun ngitung panjang hiji kurva:

di mana dipaké

minangka kurva anu nyusun bunderan. Tanda \pm ngisaratkeun yén aya dua kurva (pelengkungan), nyaéta bagian luhur jeung bagian handap. Duanana idéntik (inget définisi bunderan), ku kituna sabenerna ngan perlu diitung sakali sarta hasilna dikalikan dua.

Pi atawa π[édit | édit sumber]

Harga pi nyaéta hiji angka anu mangrupa sipat husus tina bunderan, nyaéta babandingan antara kuriling K jeung diaméternya D: