Carl Friedrich Gauss

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Carl Friedrich Gauss

Johann Carl Friedrich Gauß (ogé diéjah Gauss) lahir di Braunschweig, 30 April 1777 – tilar di Göttingen, 23 Februari 1855 dina umur 77 taun.[1] Anjeunna nyaéta saurang matématikawan, astronom, jeung fisikawan Jerman anu mere rupa-rupa kontribusai.[1] Anjeunna dianggap minangka salah sahiji matématikawan panggedéna sapanjang mangsa iwal ti Archimedes jeung Isaac Newton.[1] Nalika umurna can jangkep 3 taun, anjeunna geus mampuh ngoréksi kasalahan daptar gajih tukang batu bapana.[1]

Gauss ngalakukeun panalungtikanana di observatorium astronomi di Gottingen, kota leutik di jantung Jerman.[1] Anu ti semet harita nyiptakeun tradisi matématis anun ngajadikeun Gottingen jeun g universitasna jadi puseur matématika dunya.[1]

Gauss méré rupa-rupa kontribusi anu variatif dina widang matématika.[1] Widang analisis jeung géométri ngandung réa pisan sumbangan pamikiran Gauss, ide géométri non Euclidis digarap ku anjeunna dina taun 1797.[1] Taun 1799 nyumbangkeun tésis doktorna neunaan Téoréma Dasar Aljabar.[1] Dina taun 1800 hasil nyiptakeun métode kuadrat pangleutikna. Jeung dina taun 1801 hasil ngajawab patanyaan anu umurna 20.000 taun kalawan nyieun poligon 17 sisi make jidar jeung kompas.[1] Dina ieu taun kénéh medalkeun Disquisitiones Arithmeticae, hiji karya klasik ngeunaan téori wilangan anu paling boga pangaruh nepika kiwari.[1]

Dina taun 1821, anjeunna ditunjuk pikeun mupuhuan survéy trigonométri di Hanover jeung harita pisan anjeunna hasil nyiptakeun héliograf atawa alat pikeun ngirim pesen kalawan make eunteung jeung cahaya.[2] Gauss ogé hasil nimukeun téori induksi magnétik anu antukna satuan pikeun induksi maknétik éta téh dingaranan Gauss.[2]

Sumber[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k (id)Biografi Carl Friedrich Gauss.PDF (diakses tanggal 8 November 2011)
  2. a b (id)30 April (diakses tanggal 8 November 2011)


Nulis.jpg