Caturangga
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
| Rupa-rupa Caturangga |
|---|
|
|
Kecap caturangga robahan tina katuranggan, asalna tina turangga hartina kuda. Caturangga bisa dihartikeun kaweruh paranti mikanyaho tanda-tanda kuda, hadè henteuna pikeun diingu. kadieunakeun aya sawatara anggapan, caturangga téh dihartikeun ogé pikeun nganyahokeun hadé goréngna hayam adu, puyuh, atawa perkutut. Samalah aya istilah Caturangga repok, nyaéta itungan dina hiji jodo ku jalan ngajumlahkeun pangaji aksara mimiti jeung aksara tungtung keur leutik ti dua pihakanana (awéwé jeung lalaki), hasil panganggeusanana sok nincak dina salasahiji diantara lima:
Anu dimaksud caturangga di dieu, nyaéta kecap atawa ngaran tanda-tanda anu aya dina waruga kuda. Nurutkeun kapercayaan masarakat, éta tanda-tanda téh mibanda watek anu tangtu. aya sababaraha watek kuda, diantarana:
- satria tinayungan
- turub layuan
- buaya ngangsar
- tumpur ludes
- sumur bandung
- wisnu murti, jeung
- sekar panggung
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
[édit] Rujukan
- Sudaryat, Yayat (1997). Ulikan Semantik Sunda, CV Geger Sunten: Bandung.
- Satjadibrata, R. 1946. Kamus Basa Sunda. Jakarta: Balé Pustaka

