Hayam

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Ayam
Ayam jantan dan betina
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Chordata
Class: Aves
Order: Galliformes
Family: Phasianidae
Genus: Gallus
Species: G. gallus
Subspecies: G. g. domesticus
Trinomial name
Gallus gallus domesticus

Hayam nya éta sato ingu sabangsa manuk anu hirupna sapopoé dina taneuh.[1] Aya rupa-rupa hayam anu dipikawanoh saperti : hayam jago, hayam danten, hayam jajangkar, hayam kotok, jeung hayam bikang.[1] Ngaran hayam ditangtukeun dumasar kana buluna, asalna, jeung gawéna.[1] Hayam Jabrig nya éta hayam anu sukuna buluan, Hayam Borontok nya éta hayam anu buluna totol-totol bodas dina bulu beureum, Hayam Katé nya éta hayam leutik sagedé japati, Hayam Kedu nya éta hayam nu mindeng ngendogna, asalna ti désa Kedu kecamatan Parakan kedu,Hayam Lisung nya éta hayam lindeuk nu sok karalang-kuriling dipipir imah baé tara ngaprak jauh, Hayam Mutiara nya éta sabangsa hayam anu dina buluna kulawu totol-totol bodas sagedé-gedé mutiara, Hayam kumupu nya éta anak hayam anu kakara megar buluna saperti kapuk kénéh, Hayam Renggé nya éta hayam anu buluna saperti bulu hiris ucing, Hayam Pelung nya éta hayam jago wedalan Cianjur nu kongkorokna ngagoronggong lambat jeung melung, hayam pelung lain pikeun didahar tapi pikeun dipiara wungkul, Hayam Tukung nya éta hayam anu euweuh buntutna lebah buntut buluna siga batok nangkub, Hayam Turundul nya éta hayam gundul atawa buluna saeutik pisan, Hayam Carambang nya éta hayam nu buluna hideung tapi loba totol-totol bodas, Hayam Camani nya éta hayam hideung anu nepi ka kulit, daging ogé tulangna hideung.[1] Hayam ogé miboga jenis hayam aduan, nya éta hayam anu sok dipaké ngadu hayam.[2] Ciri-ciri hayam aduan bisa ditempo tina pamatuk, mata, bulu, jeung sisikna. [2] Pamatuk hayam aduan anu hadé disebut péot jaramieun, matana pétét, bulu jangjangna kudu nutupan nepi ka tunggir, cékérna kudu capit hurangeun nya éta miboga capit jiga hurang, tulang dadana kudu nepi ka deukeut telih,.[2] Béeda jeung hayam jago, hayam jago anu hadé miboga sora anu panjang sedengkeun hayam aduan sorana kudu pondok.[2] Hayam adu tara sagawayah dileupaskeun bareng jeung hayam-hayam sjénna tapi kudu aya dina kandang ranggap.[2] Sacara rutin hayam adu dimandian tuluy dipoyan sangkan kuat, jeung deui hayam aduan ulah sagawayah dibéré nyatu naon baé kudu anu aya gizian.[2]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d R.A Darnadibrata, .Kamus Basa Sunda. Kiblat 2006. Bandung.
  2. a b c d e f (id)Hj.Patimah,spk. Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya termasuk Budaya Cirebonan dan Betawi. PT Dunia Pustaka Jaya. Jakarta 2000.


Nulis.jpg