Sato

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Sato
Ubur-ubur
Ubur-ubur, Chrysaora quinquecirrha
Klasifikasi ilmiah
Domain: Eukaryota
Karajaan: Animalia
Linnaeus, 1758
Fila

Porifera (spons)
Ctenophora (comb jellies)
Cnidaria
Placozoa
Subregnum Bilateria
 Acoelomorpha
 Orthonectida
 Rhombozoa
 Myxozoa
 Superfilum Deuterostomia
    Chordata (vertebrata, jsb.)
    Hemichordata (acorn worms)
    Echinodermata
    Chaetognatha (arrow worms)
 Superfilum Ecdysozoa
    Kinorhyncha
    Loricifera
    Priapulida
    Nematoda (roundworms)
    Nematomorpha (horsehair worms)
    Onychophora (velvet worms)
    Tardigrada (water bears)
    Arthropoda (serangga, jsb.)
 Superfilum Platyzoa
    Platyhelminthes (flatworms)
    Gastrotricha
    Rotifera
    Acanthocephala
    Gnathostomulida (jaw worms)
    Micrognathozoa
    Cycliophora
 Superfilum Lophotrochozoa
    Sipuncula (peanut worms)
    Nemertea (ribbon worms)
    Phoronida
    Ectoprocta (moss animals)
    Entoprocta
    Brachiopoda
    Mollusca
    Annelida (segmented worms)

Sato hartina golongan organismeu dina karajaan Animalia atawa Metazoa, sacara umum multisélular, bisa pipindahan sarta résponsif ka sabudeureunana, sarta dahar organismeu séjén salaku asupanana. Dedegan awakna beuki jejeg nalika sawawa, biasana tumuwuh tina émbrio, najan aya ogé nu ngalaman métamorfosis. Manusa ogé kaasup kana karajaan Animalia.

Karajaan Animalia mibanda sababaraha ciri nu ngabédakeun ti mahluk hirup lianna. Nu kahiji, sasatoan téh eukariot, sahingga misah ti Karajaan Monera. Kadua, sato téh multisélular, sahingga misah ti Karajaan Protista. Katilu, heterotrof, sahingga misah ti Karajaan Plantae katut sababaraha protist nu mirip tutuwuhan. Panungtung, Karajaan Animalia ngawengku organisme-organisme nu teu boga pinding sél (dinding sel, cell walls), sahingga misah ti Karajaan Plantae, algae, jeung Karajaan Fungi.

Aristotle ngabagi mahluk hirup antara sasatoan jeung tutuwuhan, nu salajengna dituturkeun ku Carolus Linnaeus dina klasifikasi hirarki munggaran. Ti saprak harita para ahli biologi mimiti ngaduga-duga hubungan évolusina, sahingga dua kelompok ieu bener-bener misah. Pikeun conto, protozoa mikroskopik asalna mah dianggap sato kusabab usik, tapi kiwari mah misah. Tina sawangan sababaraha ageman, manusa dianggap misah ti sato (sabab kamampuhna nu béda, nyaéta bisa nyarita jeung mikir), tapi baku taksonomi kiwari mah tetep ngahiji.

Struktur[édit | sunting sumber]

Iwal ti pikeun sababaraha organismeu, utamana spons (Filum Porifera), awak sato kabagi kana sababaraha jaringan, di antarana otot, nu ngamungkinkeun kontrol gerak, sarta sistim saraf nu ngirim jeung ngolah sinyal-sinyal ti anggota awak lianna.

Sakabéh sato boga sél eukariotik, nu dikubeng ku sarupaning matriks ékstrasélular nu diwangun ku kolagén jeung glikoprotéin nu élastis. Matriks ieu bisa dikalsifikasi sahingga jadi struktur kawas cangkang, tulang, jeung spikula. Sabalikna, organisme multisélular lianna modél tangkal jeung suung, sélna téh dibungkus ku pinding sél (dinding sel, cell wall).

Baranahan jeung tumuwuh[édit | sunting sumber]

Ampir sakabéh sasatoan ngalaman sarupaning bentuk réproduksi séksual. Sato nu geus sawawa mibanda sél-sél réproduktif husus, nu ngalaman méiosis nu ngahasilkeun spérma atawa endog. Mun dua sél ieu ngahiji, lajeng bakal jadi zigot, nu tumuwuh jadi individu anyar.

Loba ogé sasatoan nu bisa ngalampahkeun réproduksi aséksual, nyaéta ngaliwatan prosés parténogenesis nu ngahasilkeun endog nu subur tanpa kawin, atawa - dina sababaraha kasus - ngaliwatan prosés fragméntasi.

Zigot mimitina tumuwuh jadi blastula, nu disusun ulang jeung ngalaman diferensiasi. Dina spons, larva blastula ngojay ka tempat séjén nu lajeng tumuwuh jadi spons anyar. Dina kalolobaan kelompok lianna, blastula ngalaman panyusunan ulang nu leuwih pajeulit.

Asal-usul jeung catetan fosil[édit | sunting sumber]

Sacara umum (nurutkeun téori), sato dianggap ngalaman évolusi ti protozoa flagellate. Dulur pangdeukeutna nu masih aya nyaéta choanoflagellate, flagellate nu mibanda struktur nu sarua jeung sababaraha spons. Ulikan molekular nempatkeun ieu organisme dina hiji supergrup nu disebut opisthokont, nu ogé ngawengku suung jeung sababaraha protist parasit leutik. Ngaran ieu asalna tina lokasi posterior flagellum dina sél motil, kawas dina kalolobaan spérma sasatoan, sagédéngeun eukariot lian nu boga flagel anterior.

Fosil munggaran nu meureun ngawakilan sasatoan datangna ti ahir jaman Precambrian, kira 600 juta taun ka tukang, nu katelah biota Vendian. Tapi ieu téh hésé disambungkeunana jeung papanggihan fosil nu leuwih anyar, nu bisa baé dianggap salaku prékursor fila modérn, tapi bisa ogé ti kelompok anu béda. Malah mah, bisa jadi fosil nu kapanggih téh lain sato sato acan. Di sagigireun ti éta, kalolobaan fila sasatoan nu geus kanyahoan mah kurang leuwihna datang sacara simultan dina periode Cambrian, kira 570 juta taun ka tukang. Nu katelah ledakan Cambrian téh matak hémeng nu puguh mah, naha ieu téh kajadian ngarancabangna kelompok-kelompok kalawan gancang atawa parobahan lingkungan nu ngabalukarkeun bisa lumangsungna fosilisasi.

Golongan sato[édit | sunting sumber]

Sajarah klasifikasi[édit | sunting sumber]

Dina skéma awal Linnaeus, sasatoan téh mangrupa salasahiji ti tilu karajaan, nu dibagi deui kana genep kelas: Cacing, Serangga, Lauk, Amfibi, Manuk, jeung Mamalia. Lajeng nu opat panungtungan digabungkeun jadi hiji filum: Chordata, sedengkeun nu séjénna ngarancabang deui.

Conto[édit | sunting sumber]

Sababaraha sasatoan nu ilahar dipikawanoh, dibéréndélkeun dumasar ngaran umumna:

anjing - bagong - beruk - hayam - kuda - lutung - manuk - munding - simeut - sireum - turaés - ucing

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wikiquote logo
Wikiquote mibanda cutatan-cutatan nu patali jeung artikel ieu dina kaca
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca


Wikispecies
Wikispecies mibanda émbaran ngeunaan
Wikibooks
Pustaka Wiki mibanda Dichotomous Key nu patali jeung takson ieu: