Biologi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Animalia - Bos primigenius taurus
Planta - Triticum
Fungi - Morchella esculenta
Stramenopila/Chromista - Fucus serratus
Bacteria - Gemmatimonas aurantiaca (- = 1 Micrometer)
Archaea - Halobacteria
Virus - Gamma phage

Biologi ngarupakeun élmu ngeunaan mahluk hirup. Ulikanana museur dina ciri jeung paripolah organisme, cara tumuwuhna spésiés jeung individu, sarta interaksi hiji jeung nu séjénna tur lingkunganana.

Ihtisar[édit | sunting sumber]

Biologi boga ambahan nu lega na lapang akademik nu mindeng diteuteup salaku hiji disiplin nu mandiri. Kalawan babarengan, biologi ngulik kahirupan nu aya dina skala nu lega:

Widang ulikan na biologi[édit | sunting sumber]

Aérobiologi -- Anatomi -- Arachnology-- Astrobiologi -- Biokimia -- Bionik -- Biogéografi -- Bioinformatik -- Biomékanik -- Biofisik-- Biotéknologi -- Botani -- Biologi sél -- Chorology -- Kladistik -- Crustaceology -- Cryptozoology -- Siklus -- Sitologi -- Developmental biology -- Panyakit (Panyakit genetik, Panyakit inféksi) -- Ékologi (Ékologi téoritis, Simbiologi, Autecology, Synecology) -- Ethology -- Entomologi -- Biologi évolusi (Évolusi) -- Evolutionary developmental biology -- Freshwater biology -- Genetik (Genetik populasi, Genetik kuantitatif, Genomik, Protéomik) -- Hérpetologi -- Histologi -- Biologi manusa (Antropologi) -- Ichthyology -- Imunologi -- Patologi -- Épidemiologi -- Limnologi -- Malacologi -- Mammalogi -- Biologi laut -- Mikrobiologi (Bakteriologi) -- Biologi molekular -- Morfologi -- Mikologi / Lichenology --- Myrmecology --- Élmu saraf (Neuroanatomi, Neurofisiologi, Élmu saraf sistem, Psikologi biologis, Psikiatri, Psikofarmakologi, Behavioral science, Neuroethology, Psikofisik, Élmu saraf komputasional, Élmu saraf kognitif, Élmu kognitif)-- Onkologi (ulikan ngeunaan kangker) -- Ontogeni -- Asal-usul manusa -- Ornitologi -- Paléontologi (Paléobotani, Paléozoologi)-- Parasitologi -- Fikologi (Algologi) -- Filogeni (Filogenetik, Filogéografi) -- Fisiologi -- Fitopatologi -- Biologi struktural -- Taksonomi -- Toksikologi (ulikan ngeunaan racun jeung polusi) -- Virologi -- Xénobiologi -- Zoologi

Disiplin nu pakait[édit | sunting sumber]

Tatamba -- Antropologi fisik

Jalma jeung sajarah[édit | sunting sumber]

Inohong widang biologi -- Sajarah biologi -- Hadiah Nobel widang fisiologi atawa tatamba -- Kala biologi jeung kimia organik

Daptar jejer[édit | sunting sumber]

Tempo: Daptar jejer biologi

Naon prioritas urang nulis di dieu? Pikeun mantuan ngembangkeun daptar jejer-jejer nu pangdasarna dina widang biologi, mangga tempo Wikipédia: jejer dasar biologi.

Évolusi jeung biologi[édit | sunting sumber]

Salasahiji konsép puseur jeung pangatur dina biologi nandeskeun yén sadaya nu hirup diturunkeun ti hiji common origin ngaliwatan prosés évolusi. Charles Darwin nerangkeun konsép téoritis évolusi nu masih kénéh jadi puseur nepi ka kiwari, ku jalan ngajukeun seléksi alam pikeun mékanismena. Salajengna genetic drift dirangkul salaku mékanisme tambahan dina nu disebut sintésis modern. Sajarah évolusionér hiji spésies— nu ngécéskeun karakteristik rupa-rupa spésiés asal-usulna—sarta kakaitan genéalogis jeung spésiés séjénna disebut filogeni. Rupa-rupa pendekatan dina biologi ngahasilkeun informasi ngeunaan filogeni. Salasahijina nyéta ku ngabandingkeun urutan DNA nu diulik dina biologi molekular atawa genomik jeung ngabandingkeun fosil atawa rekaman séjénna ngeunaan organisme kuna dina paléontologi. Para ahli biologi ngatur jeung nganalisis hubungan évolusionér ngaliwatan rupa-rupa métode, di antarana filogenetik, fenetik, sarta kladistik. Kajadian-kajadian utama dina évolusi mahluk hirup, sakumaha nu ayeuna diagem ku maranéhna, diringkeskeun dina evolutionary timeline.

Klasifikasi mahluk hirup[édit | sunting sumber]

Klasifikasi mahluk hirup disebutna sistematika atawa taksonomi, nu kudu ngeunteung kana tangkal évolusi (tangkal filogenetik) organisme-organisme nu baréda. Taksonomi ngumpulkeun organisme-organisme dina kumpulan nu disebut taksa, sedengkeun sistematika nyiar patali-patalina. Sistem nu dominan disebut taksonomi Linnaean, nu ngawengku urutan jeung tatangaran binomial. Kumaha hiji organisme dibéré ngaran diatur ku kasapukan internasional saperti International Code of Botanical Nomenclature (ICBN), International Code of Zoological Nomenclature (ICZN), jeung International Code of Nomenclature of Bacteria (ICNB). Draf kaopat BioCode geus medal taun 1997 dina usaha ngabakukeun tatangaran na tangkalna, ngan rupana can sacara formal diadopsi. International Code of Virus Classification and Nomenclature (ICVCN) tetep aya di luareun BioCode.

Sacara tradisional, mahluk hirup dibagi kana lima karajaan:

Monéra -- Protista -- Fungi -- Plantae -- Animalia

Ngan, sistem lima-karajaan ieu kiwari geus loba dianggap tinggaleun jaman. Pilihan séjén nu leuwih modern sacara umum dimimitian ku sistem tilu-wewengkon:

Archaea (tadina Archaebacteria) -- Bacteria (tadina Eubacteria) -- Eukaryota

Wewengkon ieu ngagambarkeun aya henteuna inti tur béda ékstérior sélna.

Aya ogé saréngréngan parasit intrasélular nu "teu hirup" dina harti aktivitas métabolismena:

Virus -- Viroid -- Prion

Sajarah kecap "biologi"[édit | sunting sumber]

Diwangun ku ngagabungkeun kecap Yunani βίος (bios), nu hartina 'hirup', jeung λόγος (logos), nu hartina 'kecap', kecap "biologi" dina harti modern jigana mimiti diwanohkeun sacara séwang-séwangan ku Gottfried Reinhold Treviranus (Biologie oder Philosophie der lebenden Natur, 1802) jeung ku Jean-Baptiste Lamarck (Hydrogéologie, 1802). Kecap ieu kadang kasebutkeun cenah diciptakeun taun 1800 ku Karl Friedrich Burdach, tapi ogé kapanggih na judul Michael Christoph Hanov Volume 3 Philosophiae naturalis sive physicae dogmaticae: Geologia, biologia, phytologia generalis et dendrologia, nu medal taun 1766.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar jeung sumber séjén[édit | sunting sumber]

Tumbu[édit | sunting sumber]

Bacaeun[édit | sunting sumber]

  • Lynn Margulis, Five Kingdoms: An Illustrated Guide to the Phyla of Life on Earth, 3rd ed., St. Martin's Press, 1997, paperback, ISBN 0-8050-7252-7 (many other editions)
  • Neil Campbell, Biology: Concepts & Connections (4th edition), Benjamin-Cummings Publishing Company, 2002, hardcover, ISBN 0-8053-6627-X (college-level text)


Subwidang umum dina biologi
Anatomi | Astrobiologi | Biokimia | Bioinformatik | Botani | Biologi sél | Ékologi | Biologi évolusionér | Genetik | Genomik | Biologi laut | Biologi manusa | Mikrobiologi | Biologi molekular | Asal-usul hirup | Paléontologi | Parasitologi | Fisiologi | Taksonomi | Zologi