Munding

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Munding
Munding keur mandi, Taiwan
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Chordata
Class: Mamalia
Order: Artiodactyla
Family: Bovidae
Subfamily: Bovinae
Genus: Bubalus
Species: B. arnee
Ngaran binomial
Bubalus arnee
(Kerr, 1792)

Munding mangrupakeun sato tandukan badag. Di India, Bangladés, Népal, Butan, Viétnam jeung Muangtai mah aya kénéh nu liar, sedengkeun salaku sato ingon mah sumebar di Asia, Amérika Kidul, Aprika Kalér jeung Éropa. Nu geus sawawa beuratna antara 300-1200 kg; nu bikang rata-rata 750 kg, sedengkeun nu jalu leuwih ti 1000 kg. Alatan isolasi genetik, beuratna ieu jadi béda-béda, biasana mah jadi leuwih leutik. Sigana mah munding téh asalna ti Asia Kidul, antara Pakistan jeung India nepi ka Indocina.

Klasifikasi[édit | sunting sumber]

Can aya kajinekan ngeunaan klasifikasi munding. Aya nu nyebut mangrupa hiji spésiés tunggal Bubalus arnee nu ngawengku dua subspésiés, Munding Walungan (River Buffalo, B. arnee bubalis) jeung Munding Ranca (Swamp Buffalo, B. arnee carabanesis); lian ti éta mah dianggap dulur nu béda spésiés. Muncing Ranca nu boga 48 kromosom utamana aya di Asia bagian wétan, sedengkeun Munding Walungan nu boga 50 kromosom lolobana aya di Asia bagian kulon. Nu dua ieu bisa kawin ngahasilkeun turunan nu subur.

Susu[édit | sunting sumber]

Susu munding bisa sarta geus ilahar diinum ku manusa, malah mah sacara tradisional geus dipaké bahan baku kiju mozzarella jeung curd sabab loba ngandung lemak. Daging munding, di Kulon mah katelahna "Carabeef", pikeun India (nu boga populasi munding panglobana sadunya) mah mangrupakeun komoditas ékspor. Anapon kulitna sok dipaké nyieun sapatu atawa ngalapis hélem motor.

Asia[édit | sunting sumber]

Munding di Indonésia

Asia mangrupakeun "lemah cai" pikeun munding mah, kira kana 95% ti populasi sadunya. Lian ti diala pikeun bahan katuangan, tanagana ogé sok dipaké pikeun tatanén. Taun 1992, populasi munding di Asia kira 141 juta. Lemak nu dikandung dina susu munding téh panglobana ti antara rupa-rupa sato ingon. Lemak ieu di sababaraha wewengkon di Asia mah sok dipaké bahan baku ghee. Lobana mangpaat nu sok diala ti munding di Asia nunjukkeun yén munding téh sumebar sarta geus dalit jeung masarakat Asia. Munding Walungan bisa hirup di pagunungan nu luhurna 2.800 m lbl di Népal, sedengkeun Munding Ranca ilahar aya di palandeuhan/dataran handap tropis. Hasil ieu teu leupas ti watek munding nu teu "ogo", teu hésé marabanana, bisa diala tanagana pikeun tatanén (ngagaru sawah), bari ajén ékonomisna luhur.

Di alam liar, populasi munding mah teu loba. Munding liar atawa Bison India ukur aya di India, Népal, jeung Muangtai. Tanduk munding ieu kaasup nu pangbadagna ti sato mana baé nu aya kénéh. Lébarna bisa nepi ka saméter, malah nu ditémbak taun 1955 mah tandukna téh nepi ka 4,24 m ti tungtung ka tungtung.

Munding keur ngagaru sawah di Cibatu, Garut.

Munding atawa Carabao (baca: karabaw, kerbau-Ind.) mangrupakeun sato nasional Pilipina.

Australia[édit | sunting sumber]

Munding mimiti aya di Australia nalika diasupkeun ka wewengkon Northern Territory awal abad ka-19. Ti harita, munding ieu téh statusna diantepkeun salaku sato liar. Alatan statusna ieu, munding sok diboro, misalna di Pulo Melville, nu populasina nepi ka opat rébu.

Munding Australia ieu ilaharna liar di sabudeureun walungan jeung billabong (ranca/rawa téa), sarta bisa sumebar ka wewengkon nu lega dina usum hujan. Kusabab isolasi lingkungan nu cukup lila, munding Australia katémbong béda jeung munding karuhunna ti Indonésia.

Éropa jeung Tatar Arab[édit | sunting sumber]

Munding mimiti dibawa ka Aprika Kalér jeung Asia Wétan abad ka-6. Ti Tatar Arab ieu, munding dibawa ka Éropa ku perjurit Perang Salib nu mulang (kiwari bisa dipanggihan di Bulgaria jeung Itali).

Rujukan[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]