Butan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Koordinat: 27°25′01″N 90°26′06″E / 27.417°N 90.435°E / 27.417; 90.435

འབྲུག་རྒྱལ་ཁབ་
'Brug Rgyal-khab (Wylie)
Dru Gäkhap
Karajaan Butan
Bandéra Butan Lambang Butan
Lagu
Druk Tsendhen
Karajaan Nagara Guludug

Location of Butan
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Thimphu
27°28.0′N 89°38.5′E
Basa resmi Dzongkha
Pamaréntah Monarki konstitusional parleméntér kahijian
 -  Raja Jigme Khesar Namgyel Wangchuck
 -  Perdana Mentri Jigme Y. Thinley
Kawangun Awal abad ka-17 
 -  Dinsati Wangchuk 17 Désémber 1907 
 -  Monarki konstitusional 2007 
Aréa
 -  Total 38.394 km² (ka-135)
14.824 mil² 
 -  Cai (%) 1,1
Populasi
 -  Perkiraan  2012 742.737[1] (ka-165)
 -  Sénsus 2005a 634.982[2] 
 -  Kapadetan 18,0 /km² (ka-154)
46,6 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2011
 -  Total $4,287 milyar[3] 
 -  Per kapita $6.112[3] 
GDP (nominal) Perkiraan 2011
 -  Total $1,488 milyar[3] 
 -  Per kapita $2.121[3] 
HDI (2013) 0,538 (sedeng) (ka-140)
Mata uang Ngultrumb (BTN)
Zona wanci BTT (UTC+6)
TLD Internét .bt
Kode telepon +975

Butan (Dzongkha: འབྲུག་ཡུལ་; Alihaksara Wylie: ʼbrug-yul  "Druk Yul"), resmina Karajaan Butan, nyaéta hiji nagara nu dilingkung di Asia Kidul, aya di wewengkon wétan Himalaya. Butan wawatesan jeung Cina di kalér sarta India di kidul, wétan, jeung kulon. Leuwih ka kulonna aya Nepal, dipisahkeun ku nagara bagian India, Sikkim. Leuwih ka kidulna aya Bangladés, dipisahkeun ku nagara bagian India, Assam jeung Benggala Kulon. Ibu kota Butan sareng kota panggedéna nyaéta Thimphu.

Butan aya salaku wewengkon ti sababaraha karajaan nepi ka awal abad ka-17 nalika Lama sarta pamingpin militér Shabdrung Ngawang Namgyal nu kabur ti panarajangan kaagamaan di Tibét, ngahijikeun wewengkon Butan sarta melak hiji cicirén Butan nu béda. Teras dina awal abad ka-20, Butan tepang jeung Kakaisaran Britania sarta miboga hubungan bilateral nu kiat jeung India sanggeus kamerdikaanna. Dina taun 2006, dumasar kana survéy sadunya, Business Week nyimpen Butan salaku nagara nu pangbagjana sa-Asia sarta ka-8 sadunya.[4]

Lemah Butan kasusun ti dataran subtropis di kidul nepi ka daratan luhur Himalaya sub-alpen di kalér, di mana sababaraha titik miboga kaluhuran leuwih ti 7,000 metres (23,000 ft). Lega wewengkonna dilaporkeun kira-kira 46,500 km2 (18,000 sq mi) taun 1997[5] and 38,394 square kilometres (14,824 sq mi) in 2002.[6][7] Agama nasional Butan nyaéta Budha Vajrayana sarta pangeusina, diperkirakeun jumlahna méh 750.000 jiwa,[1] utamina ngagem Budha. Hindu mangrupa agama nu panggedéna kadua.[8]

Taun 2008, Butan ngarobih wangun nagara ti monarki absolut ka monarki konstitusional jeung miboga pamilihan umum kahijina. Butan mangrupa anggota ti Pasarikatan Bangsa-Bangsa sareng Asosiasi Asia Kidul pikeun Sabilulungan Wewengkon (SAARC) sarta minangka tuan rumah pikeun Patepungan SAARC XVI dina April 2010.

Étimologi[édit | sunting sumber]

Kecap nu mirip jeung Butan – kaasup Bottanthis, Bottan, jeung Bottanter – mimiti muncul dina peta Éropa sabundeureun 1580-an. Six Voyages taun 1676 beunangna Jean-Baptiste Tavernier minangka nu kahiji anu nyutat ngaran Boutan. Tapi, dina sadaya kasus, katingalna ngaran-ngaran ieu dipaké sanés pikeun Butan modéren ieu tapi pikeun Karajaan Tibét. Bébéda modéren antara duanana mimiti ku ékspedisi Bogle taun 1774—sadar kana bébéda antara 2 wewengkon éta, ogé budayana jeung pamaréntahanna. Teras laporan ahirna pikeun East India Company (EIC, Pasarikatan Dagang Inggris di Hindia Wétan) sacara resmi ngajukeun ngaran karajaanna Druk Desi salaku "Boutan" sarta nu Panchen Lama salaku "Tibét". Survéyor jéndral EIC, James Rennell, kahijina nga-Inggris-keun ngaran Perancis éta kana "Bootan" sarta teras ngapopulérkeun yén Butan jeung Tibét téh béda.[9]

Asal ngaran "Butan" sacara pastina heunteu terang, sanajan kamungkinan gedéna, ngaran ieu diturunkeun ti éndonim dina basa Tibét Heubeul, Bod, dipaké pikeun Tibét Raya. Sacara tradisional, ngaran éta dipaké dina basa Sangsakarta Bhoṭa-anta (भोट-अन्त, "ahir Tibét"), nunjukkeun lokasi Butan di wewengkon pakidulan plato jeung kabudayaan Tibét.[10][11]

Sacara lokalna, Butan kawanoh dina loba ngaran. Cutatan di Dunya Kulon nu pangkolotna ngeunaan Butan, Relação 1627 Yésuit Portugis Estêvão Cacella jeung João Cabral, nyutat ngaranna dina raloba rupa salaku Cambirasi (di antara Koch Bihar[12]), Potente, jeung Mon (éndonim pikeun Tibét beulah kidul).[9] Kahiji kalina hiji Karajaan Butan nu bener muncul dina peta urang Kulon, dina ngaran lokalna nyaéta "Broukpa".[9] Ngaran lian misalna Lho Mon ("Pakidulan Poék"), Lho Tsendenjong ("Pakidulan Cypress"), Lhomen Khazhi ("Pakidulan 4 Padeukeutan"), sarta Lho Men Jong ("Pakidulan Ubar Hirup").[13][14]

Sajarah[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Sajarah Butan jeung Gurat wanci sajarah Butan.

Pakakas, pakarang, gagajahan, sarta wangunan tina batu ngabuktikeun yén Butan dieusian kira-kira saprak taun 2000 SM, sanajan teu aya cutatan ti jaman éta. Sajarawan miboga téori yén nagara Lhomon ("poék kidul"), atanapi Monyul ("Lemah Poék", sesebutan nu ngarah kana Monpa, urang pribumi Butan) bisa jadi enggeus aya antawis 500 SM jeung 600 M. Ngaran Lhomon Tsendenjong (Nagara Cendana), jeung Lhomon Khashi, atanapi Mon Kidul (nagara 4 padeukeutan), dipanggih dina hikayat-hikayat Butan jeung Tibét kuna.[15][16]

Dzong di Lebak Paro, diwangun taun 1646

Agama Budha kahiji kalina disebarkeun di Butan dina abad ka-7 M. Raja Tibét, Songtsän Gampo[17] (maréntah 627–649), nu pindah agama ka Budha, ngalegakeun Kakaisaran Tibét nepi ka Sikkim jeung Butan,[18] maréntahkeun diwangunna 2 kuil Budha, di Bumthang di Butan bagian tengah sarta di Kyichu (deukeut Paro) di Lebak Paro.[19] Agama Budha disebarkeun luas[17] dina taun 746[20] jaman pamaréntahan Raja Sindhu Rāja (ogé Künjom;[21] Sendha Gyab; Chakhar Gyalpo), saurang raja India dina pangasingan nu ngawangun pamaréntahan di Bumthang jeung Istana Chakhar Gutho Palace.[22]:35 [23]:13

Dzong Trashigang, diwangun taun 1659.

Ulama Budha Padma Sambhava (kawanoh ogé salaku Guru Rinpoche) sumping ka Butan dina taun 747.[24] Sajarah awal Butan kalobaanana teu terang ku sabab raloba cutatan sajarah ancur nalika ibu kota heubeul, Punakha, kaduruk dina taun 1827. Di abad ka-10, kaayaan pulitik Butan loba dipangaruhan ku sajarah kaagamaanna. Rupa-rupa aliran Budha muncul nu didukung ku rupa-rupa pamingpin militér Mongol. Sanggeus teuleumna Dinasti Yuan dina abad ka-14, aliran-aliran ieu silih sihung pikeun dominasi sacara pulitik jeung kaagamaan, nu teras ngarah kana unggulna aliran Drukpa di abad ka-16.[19][25]

Nepi ka awal abad ka-17, Butan aya salaku wewengkon ti sababaraha karajaan leutik, nepi ka dihijikeun ku Lama Tibét sarta paminpin militér Shabdrung Ngawang Namgyal nu kabur ti panarajangan kaagamaan di Tibét. Pikeun ngalindungan nagarana ti panarajangan Tibét, Namgyal ngawangun hiji jaringan dzong (bénténg), jeung nyusun Tsa Yig, hiji undang-undang nu nyieun raja-raja lokal aya dina pangawasaan séntral. Loba dzong masih aya jeung minangka puseur kaagamaan sarta pamaréntahan distrik. Yésuit Portugis Estêvão Cacella jeung João Cabral kacutat minangka urang Éropa kahiji nu sumping ka Butan, dina lalampahan ka Tibét. Aranjeunna tepang jeung Ngawang Namgyal, ningalikeun pakarang seuneu, mésiu, hiji téléskop, sarta nawiskeun pitulunh dina perang ngalawan Tibét. Nanging Shabdrung teu nampi tawaran éta. Sanggeus ngawengi méh 8 bulan, Cacella nyerat hiji surat nu panjang ti Kuil Chagri ngeunaan lalampahan anjeunna. Surat ieu mangrupa hiji ti saeutik cutatan ngeunaan Shabdrung.[26][27] Sanggeus maotna Ngawang Namgyal taun 1651, warta ngeunaan maotna éta dirusiahkeun pikeun 54 taun. Teras sanggeus ngagabung sajaman, Butan peupeus kana papaséaan jero nagri. Taun 1711, Butan perang jeung Kakaisaran Mughal sarta Subedarna, nu ngarebut Koch Bihar di kidul. Nalika karusuhan sanggeusna, Tibét teu hasil narajang Butan taun 1714.[28]

Dina abad ka-18, Butan narajang jeung ngajajah Karajaan Cooch Behar di kidul. Taun 1772, Cooch Behar mundut ka Sarikat Dagang Hindia Wétan Britania nu teras nulungan dina ngusir Butan sarta narajang Butan dina taun 1774. Hiji pajangjian karapihan ditandatanganan di mana Butan satuju pikeun mulih deui ka wewengkonna saméméh taun 1730. Tatapi, karapihan kaayaanna leuleus. Patempuran perwatesan jeung Britania lanjut sababaraha taun senggeusna. Patempuran-patempuran ieu ahirna ngarah ka Perang Duar (1864–1865), ngarebutkeun kadali kana Duar Benggala. Sanggeus Butan éléh dina perang éta, Pajangjian Sinchula ditandatanganan antawis India Britania jeung Butan. Salaku bagian ti pamulihan paska-perang, Duar dibéré ka Britania pikeun dana injeuman Rs. 50.000. Pajangjian ieu ngeureunkeun sagala karusuhan antawis India Britania jeung Butan.

Dina taun 1870-an, papaséaan antawis Paro jeung Tongsa ngarah ka perang sadulur di Butan, sarta teras diangkatna Ugyen Wangchuck, ponlop (gubernur) Tongsa. Ti basis kakiatanna di Butan bagian tengah, Ugyen Wangchuck ngéléhkeun musuh pulitikna sarta ngahijikeun nagara dina sababraha perang sadulur jeung pemberontakan taun 1882–1885.[29]

Dina taun 1907, taun nu penting pikeun nagara Butan, Ugyen Wangchuck dipilih salaku raja ku hiji majelis ti pandita-pandita luhur Budha, pajabat pamaréntahan, jeung pamingpin-pamingpin kulawarga ageung. Pamaréntah Britania gancang ngakuan kadaulatan monarki anyar ieu, sarta teras dina taun 1910, Butan nanndatanganan Pajangjian Punakha, pakta aliansi nu méré Britania kakawsaan kana hubungan luar nagri Butan. Hartina, Butan diperlakukeun salaku nagara bagian kabangsawanan India. Dina praktikna, pajangjian ieu boga pangaruh nu saeutik, ku Butan ogé dumasar sajarahna sipatna teu gaul jeung dunya luar, sarta katingalna heunteu mangaruha hubungan tradisional antawis Butan jeung Tibét. Sanggeus Sarikat India miboga kamerdikaan ti Britania Raya dina 15 Agustus 1947, Butan mangrupa salasahiji ti nagara-nagara kahiji nu ngakuan kamerdikaan India. Dina 8 Agustus 1949, hiji pajangjian nu mirip jeung Pajangjian Punakha ditandatanganan bareng India.[15]

Taun 1953, Raja Jigme Dorji Wangchuck ngadegkeun badan législatif nagara mangrupa Majelis Nasional kalawan 130 anggota dina tujuan pikeun ngawangun pamaréntahan nu leuwih démokratis. Dina taun 1965, anjeunna nyusun hiji Déwan Panaséhat Karajaan, sarta taun 1968 anjeunna ngawangun hiji kabinét. Taun 1971, Butan gabung ka Pasarikatan Bangsa-Bangsa, sanggeus nyekel status anggota panénjo dina 3 taun. Dina bulan Juli 1972, Jigme Singye Wangchuck naék tahta dina yuswa 16 taun sanggeus ramana, Dorji Wangchuck, maot.

Réformasi pulitik jeung modérenisasi[édit | sunting sumber]

Searchtool.svg
 Tingali ogé: Hukum Bhutan jeung Undang-Undang Dasar Bhutan.

Raja Jigme Singye Wangchuck mikawanohkeun sababaraha réformasi pulitik, mindahkeun raloba kakawasaan pamaréntahanna ka Déwan Mentri Kabinét sarta ngijinkeun ayana pamakzulan Raja ku 2 per 3 anggota Majelis Nasional.[30]

Dina taun 1999, pamaréntah ngahupus larangan dina televisi jeung Internét, nyieun Butan salasahiji ti nagara nu karak mimiti maké televisi. Dina biantarana, anjeunna nyarios yén televisi mangrupa léngkah penting dina modérenisasi Butan sarta mangrupa panyumbang gedé pikeun Kabagjaan Nasional Bruto nagara (Butan mangrupa sahiji-hijina nagara nu ngukur kabagjaan),[31] tatapi miélingkeun yén "panyalahgunaan" televisi bisa ngahupus ajén-ajén tradisi Butan.[32]

Hiji undang-undang dasar nu anyar dipikawanohkeun dina awal taun 2005. Dina bualn Désémber 2005, Raja Jigme Singye Wangchuck ngabéwarakeun yén anjeunna badé masihan tahtana ka putrana dina taun 2008. 14 Désémber 2006, anjeunna ngumumkeun yén abdikasi badé dilaksanakeun dina wanci deukeut. Hal ieu dimiluan ku pamilihan umum parlemén nu kahiji dina bulan Désémber 2007 jeung Maret 2008.

Dina 6 Nopémber 2008, Jigme Khesar Namgyel Wangchuck, putra pangluhurna ti Raja Jigme Singye Wangchuck, diangkat minangka Raja.[33]

Pulitik jeung pamaréntahan[édit | sunting sumber]

Pamandangan Dzong Tashichhoe, Thimphu, puseur pamaréntahan Butan saprak 1952.
Red right arrow.svg
 Artikel utama: Pulitik Butan.

Sistim pulitik Butan geus robah ti monarki absolut kana monarki konstitusional. Taun 1999, Raja Butan ka-4, Jigme Singye Wangchuck, nyieun hiji lembaga nu ngaranna Lhengye Zhungtshog (Déwan Para Mentri). Druk Gyalpo (Raja Druk Yul) minangka pupuhu nagara. Kakawasaan éksekutif dilaksanakeun ku Lhengye Zhungtshog, déwan para mentri. Kakawasaan législatif dilaksanakeun ku pamaréntah jeung Tshogdu (Majelis Nasional).

Dina kaping 17 Désémber 2005, Raja Jigme Singye Wangchuck ngabéwarakeun yén pamilihan umum nu munggaran bakal dilaksanakeun taun 2008 jeung anjeunna badé masihan tahtana ka putra makutana nyaéta putrana nu pangluhurna.[34] Raja Jigme Khesar Namgyal Wangchuck nampi tahta dina kaping 14 Désémber 2006. Anjeunna dipaparin Makuta Gagak Butan dina upacara di Thimphu kaping 6 Nopémber 2008, ku kitu janten pamingpin monarki nu panganomna sadunya.[35]

Sistim pulitik nu anyar miboga majelis luhur jeung majelis handap, nu saterasna miboga dasar kana afiliasi partéy pulitik. Pamilihan umum pikeun majelis luhur (Déwan Nasional) dilaksanakeun kaping 31 Désémber 2007, samentawis pamilihan umum pikeun Majelis Nasional (majelis handap) dilaksanekun kaping 24 Maret 2008. 2 partéy pulitik, Partéy Démokrasi Rahayat (PDR) nu dipingpin ku Sangay Ngedup, sareng Partéy Druk Phuensum Tshogpa (DPT) nu dipingpin ku Jigmi Thinley, marebutkeun 47 korsi di Majelis Nasional. Druk Phuensum Tshogpa unggul dina pamilihan umum, ngawasaan 45 ti 47 korsi di majelis.[36]

Kakawasaan yudikatif dilaksanakeun ku Mahkamah Butan. Hakim Agungna nyaéta pupuhu administratif lembaga yudikatif nagara.

Hak asasi manusa[édit | sunting sumber]

Papaséaan étnis[édit | sunting sumber]

Urang katurunan Nepal ti Butan nu ngungsi ka Nepal dina awal 1990-an.

Taun 1990-an, Butan ngusir atanapi maksa méh 1 per 5 pangeusina ku alesan pikeun ngajaga idéntitas budaya Budha Mahayana Tibét-na, nyebut yén maranéhna anu diusir téh pangeusi ilégal.[37][38][39] Kaputusan ieu boga dasar yén étnis minoritas Nepal nu tumuwuhna gancang bisi ngawasaan nagara, ngulang kajadian nu sarua nu nyababkeun bubarna Karajaan Sikkim taun 1975. Lhotshampas, pihak nu teu satuju kana pamikiran éta, diperkirakeun jadi tujuan panyiksaan jeung panahanan,[40] ngakibatkeun unjuk rasa dina 1990-an. Saterasna, pasukan kaamanan Butan mimiti ngusir urang-urang sanggeus nyieun maranéhna ngabatalkeun klaim imah jeung lemburna. Ku lantaran karusuhan nu lumangsung, Urang Butan katurunan Nepal, mayoritasna ngagem agama Hindu, kaluar. Numutkeun UNHCR, langkung ti 107.000 Pangungsi Butan ngeusi 7 kémah pangungsian di Nepal beulah wétan sarta geus didokuméntasi dina taun 2008.[39] Ngeunaan bener heunteuna sadaya pangeusi kémah téh pangungsi diragukeun sabab UNHCR heunteu mariksa pangeusi-pangeusi awal sacara bener.[41] Sarana di jero pangungsian, nu kacutat leuwih alus tibatan wewengkon sabundereunana, ngarojong masarakat Nepal asup ka pangungsian. Sanggues raloba taun di pangungsian, raloba pangeusi ayeuna pindah ka nagara lian saperti Kanada, Norwégia, Britania Raya, Australia, jeung Amérika Sarikat salaku pangungsi. Amérika Sarikat nyutat 30.870 pangungsi ti taun kauangan 2008 nepi ka 2010.[42]

Pamaréntah heunteu ngijinkeun dibéréna status kawarganagaraan pikeun pangungsi Butan, ku kituna raloba pangungsi heunteu miboga status kawarganagaraan.[43] Urusan birokrasi nu riweuh dipaké alesan pikeun ngahalangan kulawarga maranéhna miboga kartu idéntitas jeung hak sora.[43] Butan nganggap partéy pulitik ti pangungsi-pangungsi ieu heunteu sah sarta mangrupa kelompok téroris.[43] Kelompok hak asasi manusa nyebutkeun yén pamaréntah mangaruhan hak asasi individu ku cara ngaatur yén sadaya warga, kaasup anggota étnis minoritas ieu, maké pakéan tradisionalna étnis mayoritas di tempat umum. Nanging, pamaréntah sacara kawates nerapkeun aturan ieu ukur di wangunan kaagaamaan Budha, kantor pamaréntahan, sakola, pajabat pamaréntah, sarta parayaan-parayaan umum.[43]

Kabébasan agama[édit | sunting sumber]

Budha Mahayana mangrupa dasar warisan kaagamaan nagara, tapi undang-undang ngarojong kabébasan agama.[43]

Militér jeung hubungan luar nagri[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Militér Butan jeung Hubungan luar nagri Butan.

Angkatan Pakarang Karajaan Butan mangrupa angkatan pakarang Butan. Lembaga militér ieu ngawengku Pangaman Karajaan sareng Kapulisian Karajaan Butan. Kaanggotaan militér sipatna sukaréla. Yuswa minimal pikeun asup ka militér nyaéta 18 taun. Jumlah personil kira-kira 16.000 urang, nu dilatih ku Angkatan Darat India.[44] Angkatan Pakarang Karajaan Butan miboga dana alokasi taunan kira-kira $13,7 yuta (1,8% PDB). Minangka nagara nu dilingkung, Butan heunteu miboga angkatan laut. Butan ogé teu boga angkatan udara atanapi korps udara angkatan darat. Angkatan pakarangna ngandalkeun Komando Udara Wétan ti Angkatan Udara India pikeun pitulungan.

Butan miboga hubungan ékonomi, stratégi, jeung militér nu kiat jeung tatanggana, India.[45][46] Taun 2007, Butan jeung India nandatanganan hiji pajangjian anyar ngijinkeun Butan ngawasaan hubungan luar nagrina. Pajangjian ieu ngahupus kaayaan nu diakibatkeun ku pajangjian satacanna taun 1949. Pajangjian nu satacanna éta ayuen kadang-kadang ogé dijadikeun alesan pikeun kadali India kana hubungan luar nagri Bhutan, nanging pamaréntah Butan ngadali sadaya hubungan luar nagrina, kaasup sababaraha maslaah di mana India miboga perhatosan, kawas status wates Butan jeung Cina.

Butan miboga hubungan diplomatik sateng 21 nagara sarta Uni Éropa sarta mibboga misi di India, Bangladés, Thailand, jeung Kuwait. Butan miboga 2 misi PBB, hiji di New York sarta hiji di Jénéwa. Ngan India jeung Bangladés nu miboga kadutaan pangeusi di Butan, samentawis Thailand miboga kantor konsulat di Butan.

Peta Butan némbongkeun watesna jeung Cina sarta India sakumaha dina taun 2012.

Ku hiji pasatujuan nu lila, warga nagara India jeung Butan tiasa sumping ka masing-masing nagara tanpa paspor atanapi visa, ukur butuh kartu idéntitas nagarana. Warga Butan ogé tiasa gawé di india tanpa palarangan hukum. Butan teu boga hubungan diplomatik resmi jeung tatangga kalérna, Républik Rahayat Cina, sanajan paturakan kunjungan dina raloba tingkat pernah aya. Pasatujuan bilateral nu kahiji antawis Cina jeung Butan ditandatanganan dina taun 1998. Butan ogé miboga konsulat husus di Makau jeung Hong Kong. Wates Butan jeung Cina kalobaanana heunteu didémarkasi sarta ku kituna aya papaséaan di sababaraha tempat. Kira-kira 269 kilométer pasagi aya dina sawala antawis kadua nagara.[47]

Dina 13 Nopémber 2005, prajurit Cina asup ka wewengkon papaséaan antara Cina jeung Butan, sarta mimiti ngawangun jalan jeung sasak.[48] Perdana Mentri Luar Nagri Butan, Khandu Wangchuk ngomongkeun masalah ieu jeung pamaréntah Cina sanggeus masalah ieu diomongkeun di parlemén Butan. Balesanna, Juru Carios Kamentrian Luar Nagri Cina, Qin Gang nyebatkeun yén wates éta masih aya dina papaséaan sarta kadua pihak tetep ngalajengkeun diskusi nu rapih jeung hadé pikeun nangtukeun solusina.[49] Pajabat intélijen India nyebatkeun yén délégasi Cina di Butan nngomong ka Butan yén Butan téh "overreacting." Hiji koran Butan Kuensel nuliskeun yén Cina bisa maké jalanan éta pikeun alesan klaim Cina sapanjang wates éta.[48]

Dina 8 Pébruari 2007, Pajangjian Kasababaturan India-Butan dirévisi. Pajangjian 1949, Pasal 2 nyebtkeun: "Pamaréntah India heunteu ngalaksanakeun sagala campur tangan dina administrasi jero nagri Butan. Pamaréntah Butan salaku bagianna, satuju pikeun dipandu dina naséhat Pamaréntah India ngeunaan hubungan luar nagrina." Dina pajangjian nu enggeus dirévisi ayeuna katulis "Pikeun ngajaga hubungan sababaturan jeung sabilulungan nu parantos aya antawis Butan jeung India, Pamaréntah Karjaaan Butan sareng Pamaréntah Républik India bakal gawé bareng sacara husus dina masalah perkawis kaayaan nasionalna. Kadua pamaréntah heunteu tiasa mangpaatkeun wewengkonna pikeun kagiatan anu ngancem kaamanan jeung kaayaan nasional kadua nagara." Pajangjian nu enggeus dirévisi ieu ogé ngawengku kalimah pamuka ieu: "Negaskeun kamerdikaan, kadaulatan, sarta intregitas nasional masing-masing pihak", hiji kaayaan nu teu aya dina vérsi saméméhna. Pajangjian Kasababaturan India-Butan 2007 negaskeun status Butan salaku nagara nu merdika jeung daulat.

Butan miboga hubungan diplomatik sareng sababraha nagara Asia jeung Éropa, Kanada, jeung Brasil. Nagara lian, saperti Amérika Sarikat jeung Britania Raya, heunteu miboga hubungan diplomatik resmi jeung Butan, tapi miboga hubungan teu resmi (informal) langkung kadutaan masing-masing nagara di New Delhi sarta konsulat husus Butan di London jeung Washington, D.C.[50][51][52]

Géografi[édit | sunting sumber]

Lebak Haa.
Peta topografis Bhutan.
Gangkhar Puensum ti Ura La, Butan.
Red right arrow.svg
 Artikel utama: Géografi Butan.

Butan aya di léréng kidul jeung wétan Himalaya, dilingkung ku Wewengkon Otonom Tibét, Cina di kalér jeung nagara bagian Sikkim, Benggala Kulon, Assam, jeung Arunachal Pradesh, India di kulon jeung kidul. Butan aya di antara gurat lintang 26° sarta 29°N, serta 88° sarta 93° méridian wétan. Wewengkonna ngawengku utamina pagunungan diliwatan ku walungan, nu ngawangun lebak nu jero. Tingkat kaluhuran antara 200 m (660 ft) di suku pasir di pakidulan nepi ka leuwih ti 7,000 m (23,000 ft). Karagaman géografis ieu ditambih jeung karagaman iklim miboga pangaruh kana ralobana karagaman hayati jeung ékosistem Butan.[7]

Wewengkon kalér nagara diwangun ti hiji wilayah Padang jukut jwung rungkun alpen Hiimalaya Wétan, ngaluhur ka pagunungan glasial kalawan iklim nu tiis pisan di titik-titik puncakna. Raloba titik puncak di kalér aya dina kaluhuran leuwih ti 7,000 m (23,000 ft) ti beungeut laut. Titik pangluhurna di Butan nyaéta Gangkhar Puensum dina 7,570 metres (24,840 ft), nu mana minangka puncak pangluhurna nu teu pernah didaki sadunya.[53] Titik panghandapna nyaéta 98 m (322 ft), di lebak di Drangme Chhu, di mana aya walungan nu misahkeun Butan jeung India.[53] Kalawan walungan nu ngalir ti salju, lebak alpen di wewengkon ieu nyadiaakeun padang jukut pikeun angon, dipiara ku masarakat pangangon ngumbara nu nyumebar.

Pagunungan Hideung di bagian tengah Butan ngawangun hiji wates antara 2 walungan utama Butan: Walungan Mo Chhu sarta Walungan Drangme Chhu. Puncak-puncak Pagunungan Hideung aya antara 1,500 m (4,900 ft) nepi ka 4,925 m (16,158 ft) luhureun beungeut laut. Leuwung di pagunungan Butan beulah tengah kasusun ti leuweung koniféra sub-alpen Himalaya Wétan di beulah luhur sarta leuwung tutuwuhan kembang Himalaya Wétan di beulah handap pagunungan. Leuwugn di wewengkon tengah nyadiakeun mayoritas produksi leuweung Butan. Walungan Torsa, Raidak, Sankosh, jeung Manas mangrupa walungan-walungan utama Butan, ngalir ngaliwatan wewengkon ieu. Kalobaannana warga ngeusian daratan luhur bagian tengah.

Di beulah kidul, aya Papasiran Shiwalik nu ditutupan ku leuweung tutuwuhan kembang sub-tropis Himalaya nu padet, lebak walungan aluvial, sarta pagunungan nepi ka 1,500 m (4,900 ft) luhureun beungeut laut. Bagian handap pasir turun nepi ka dataran sub-tropis Duars. Kalobaannana bagian Duars aya di India, sanajan hiji sela kalawan lébar 10 km (6.2 mi) nepi ka 15 km (9.3 mi) manjang nepi ka Butan. Duars di Butan dibagi kana 2 bagian: kalér jeung kidul. Duars kalér, nu wawatesan jeung suku papasiran Himalaya, rupana kagurat, ngawangun léréng-léréng, jeung taneuh nu saat jeung ngabeulah kalawan tutuwuhan nu padet sarta raloba margasatwa. Duars kidul taneuhna subu5, kalawan sabana, leuwung nu padet, sarta cinyusu. Walungan-walungan, nu sumberna ti salju atanapi hujan muson, ngalir ka Walungan Brahmaputra di India. Data nu dirilis ku Kamentrian Tatanén némbongkeun yén Butan miboga tutupan leuwung saluas 64% dina Oktober 2005.

Iklim di Butan dipangaruhan ku kaluhuranana. Ti iklim sub-tropis di kidul nepi ka iklim sedeng di daratan luhur sarta iklim jenis kutub, kalawan salju sapanjang taun di kalér. Butan miboga 5 rupa usum: panas, muson, gugur, tiis, jeung semi. Butran beulah kulon miboga hujan muson nu leuwih loba. Butan beulah kidul miboga usum panas nu lembap jeung panas sarta usum tiis nu tiis. Butan beulah tengah jeung wétan iklimna sedeng sarta leuwih saat tibatan beulah kulon, kalawan usum panas nu haneut sarta usum tiis nu tiis.

Kaayaan hayati[édit | sunting sumber]

Searchtool.svg
 Tingali ogé: Daptar mamalia di Butan.

Butan nanda tanganan Konvénsi Kaanékaragaman Biologi dina 11 Juni 1992, sarta jadi bagian ti konvénsi éta dina 25 Agustus 1995.[54] Butan teras nyieun hiji Rancangan Aksi jeung Stratégi Kaanékaragaman Hayati Nasional, kalawan 2 révisi, nu mana nu panganyarna ditarima ku konvénsi dina 4 Pébruari 2010.[55]

Sasatoan[édit | sunting sumber]

Butan miboga rupa-rupa primata, saperti spésiés langka kawas langur emas.[56][57] Hiji varian makaka Assam, nu dianggaep ku sababaraha otoritas salaku hiji spésiés anyar, Macaca munzala, kacutat di Butan.[58]

Lodaya Benggala, badak India, macan dahan, kelenci Assam, jeung ontohod sloth hirup di daratan handap tropis jeung leuwung kai kandel di kidul. Di wewengkon iklim sedeng, langur kulawu, lodaya, maung tutul India, goral, jeung serow tiasa dipanggih dina leuwung campuran koniféra, camara, jeung tutuwuhan kembang. Tutuwuhan buah jeung awi nyadiakeun habitat pikeun ontohod hideung Himalaya, panda beureum, bajing, uncal sambar, bagong, jeung mencek. Wewengkon alpen di Pagunungan Himalaya di kalér mangrupa habitat pikeun maung tutul salju, domba paul, marmot, ajag Tibét, antelop, uncal kasturi Himalaya, jeung sato nasional Butan, takin. Munding cai liar ngeusian Butan beulah kidul kalawan populasi nu saeutik.[59]

Leuwih ti 770 spésiés manuk enggeus kacutat hirup di Butan. Spésiés kaancem, meri jangjang bodas, karak sababaraha taun ditambahkeun ka daptar manuk di Butan.[60]

Konsérvasi[édit | sunting sumber]

Searchtool.svg
 Tingali ogé: Masalah lingkungan di Butan.
Red right arrow.svg
 Artikel utama: Daptar suaka alam di Butan.

Himalaya Wétan kawanoh salaku titik puncak biodivérsitas sarta mangrupa salasahiji ti 234 wewengkon ékologi istiméwa sadunya ti analisis WWF antara taun 1995 jeung 1997.

Butan dianggep salaku modél inisiatif konsérvasi. Nagara ieu enggeus pernah narima pujian internasional ti usaha ngamumulé kaanékarupaan hayatina. Butan nangtukeun yén saeutikna 60% wewengkon daratna katutup ku leuweung, kalawan 40%[61][62] wewengkon nagarana pikeun taman nasional, suaka alam, jeung wewengkon tangtayungan lianna.

Nepi ka taun 2010, pamangsa apéks Asia anu pangrawanna tina kapunahan nyaéta dhole. Diperkirakeun kirang ti 2.500 ékor anu kasésa sadunya.

Sanajan kaayaan alam Butan ralobana masih alus, pamaréntah ngumumkeun yén konsérvasi masih kénéh dipertimbangkeun sarta mangrupa salah sahiji tujuan nasional pikeun sababaraha taun jagana.

Anceman pikeun kahirupan alam di Butan enggeus mimiti katingal, saperti tekenan pangeusi, modérenisasi tatanén, moro tanpa ijin, pawangunan PLTA, tambang, industrialisasi, urbanisasi, panataan limbah jeung runtah, pariwisata, papaséaan lemah pikeun pawangunan jalan sarta pangaruh infrastruktur sosial jeung ékonomi lianna.

Dina kanyataanana, wates wewengkon tangtayungan jeung wewengkon pamukiman anu pacampur-campur ngarah kana masalah lian. Sasatoan kalindung asup ka lemah tatanén warga, ngaruksak tatangkalan jeung maéhan angon. Ku kituna, Butan nyieun hiji rancangan pawangunan pager alarm tanaga surya, munara panénjo, jeung lampu sorot, sarta nyadiakeun pangan sasatoan jeung tempat uyah di luar pamukiman warga sangkan sasatoan heunteu asup.[63]

Harga pasaran supa Ophiocordyceps sinensis anu dicandak ti alam nyababkeun pamangpaatan leuwih anu sesah diorganisasikeun.[64]

Ékonomi[édit | sunting sumber]

Mata uang Butan nyaéta Ngultrum.
Babagian ékspor Butan.
Red right arrow.svg
 Artikel utama: Ékonomi Butan.

Mata uang Butan nyaéta Ngultrum, nu peunteunna disaruakeun jeung Rupee India. Rupee India ogé ditarima salaku alat tukeur sah di Butan.

Sanajan ékonomi Butan mangrupa salah sahiji anu pangleutikna sadunya, ékonomi Butan enggues tumuwuh dina sababaraha taun ieu, 8% dina 2005 sarta 14% dina 2006. Taun 2007, ékonomi Butan mangrupa anu ka-2 panggancangna tumuwuhna sadunya, kalawan tingkat tumuwuh ékonomi taunan 22,4%. Kaayaan ieu disababkeun utamina ku proyék agung PLTA Tala. Nepi ka Maret 2006, pamasukan per kapita Butan nyaéta US$1,321.

Ékonomi Butan utamina aya dina kagiatan tatanén, kaleuweungan, pariwisata, jeung panjualan tanaga hidroéléktrik ka India. Kagiatan tatanén mangrupa pagawéan utami ti leuwih ti 80 persén wargi Butan. Kagiatan agrarisna utamina mangrupa tatanén subsistén jeung kaingonan. Karajinan leungeun, utaminan tinunan jeung banda kaagamaan, mangrupa industri désa leutik. Wewengkon anu robah-robah ti pasir jeung pagunungan nyababkeun pawangunan jalan jeung infrastruktur lianna sesah jeung awis. Hal ieu ditambah ku euweuhna aksés sagara nyababkeun Butan hésé miboga kauntungan signifikan ti padagangan banda produksina. Butan heunteu miboga karéta, sanajan Indian Railways ngarencanakeun nyambungkeun wewengkon Butan beulah kidul jeung jaringan karéta di India dina hiji pasatujuan anu ditandatanganan dina Januari 2005.[65] Butan jeung India nandatanganan hiji pasatujuan 'dagang bébas' dina 2008, anu ngijinkeun impor jeung ékspor Butan ti jeung ka nagara lian tiasa transit di India tanpa béa cukai.[66] Butan miboga hubungan padagangan jeung wewengkon Tibét nepi ka taun 1960, nalika Butan nutup watesna jeung Cina sanggeus raloba pangungsi anu asup ka Butan.[67]

Pamasukan leuwih ti Nu 100.000 per taun dikeunakeun pajak, tapi ngan saeutik wajib pajak anu minuhan sarat éta. TInkgat inflasi Butan diperkirakeun aya dina tingkat 3% dina taun 2003. Butan miboga Produk Doméstik Bruto kira-kira $AS 2,913 milyar . Pamasukan per kapita kira-kira $1.400,[53]. Pamasukan pamaréntah totalna $272 yuta, sanajan pangaluaranna sagedé $350 yuta. 60 persén pangaluaran nagara, dibayar ku Kamentrian Luar Nagri India.[note 1][68] Ékspor Butan, utamina tanaga listrik, kapulaga, gips, kai, karajinan, semén, bubuahan, batu mulia, jeung rempah, total 128 yuta (perk. 2000). Sanajan kitu, tingkat imporna nyaéta €164 yuta, ngarah kana défisit. Komoditas impor utama ngawengku béngsin jeung minyak bumi, pangan, mesin, kandaraan, kaén, jeung béas. Mitra utama ékspor Butan's nyaéta India, ngawengku 58,6% ti total éksporna. Hong Kong (30,1%) jeung Bangladés (7,3%) nyaéta 2 mitra ékspor salajengna.[53] Ku sabab watesna jeung Tibét ditutup, padagangan antara Butan jeung Cina ayeuna méh teu aya.

Babagian administratif[édit | sunting sumber]

Butan dibagi kana 20 dzongkhag (distrik), diparéntah ku hiji lembaga anu disebut Dzongkhag Tshogdu. Di sababaraha thromde (kalurahan), tingkat adiministrasi di handapeunana aya kahubung langusng jeung administrasi Dzongkhag. Kalobaanana daérah, gewog padésaan (blok désa) diparéntah ku hiji lembaha anu disebut Gewog Tshogde.[69]

Thromde (kalurahan) milih Thrompon salaku pamingpin sarta wakil Thromde éta di Dzongkhag Tshogdu. Gewog ogé milih pamingpin anu disebut gup, wakilna disebut mangmi, anu ogé minangka wakil di Dzongkhag Thshogdu. Pikeun perkawis pamilihan umum, daérah pamilihan di Butan nyaéta chiwog, babagian ti gewog anu ditangtukeun ku Komisi Pamilihan Umum.[69]

  1. Bumthang
  2. Chukha (Chhukha)
  3. Dagana
  4. Gasa
  5. Haa
  6. Lhuntse
  7. Mongar
  8. Paro
  9. Pemagatshel (Pemagatsel)
  10. Punakha
  11. Samdrup Jongkhar
  12. Samtse (Samchi)
  13. Sarpang (Sarbhang)
  14. Thimphu
  15. Trashigang (Tashigang)
  16. Trashiyangtse
  17. Trongsa (Tongsa)
  18. Tsirang (Chirang)
  19. Wangdue Phodrang (Wangdi Phodrang)
  20. Zhemgang (Shemgang)

Dayeuh jeung kota[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Daptar kota di Butan.

Citakan:Largest cities of Bhutan

Démografi[édit | sunting sumber]

Jujutan jumlah populasi
Taun Populasi  %±
1969 930.614
1980 1.165.000 25.2%
1991 1.375.400 18.1%
2005 634.982 −53.8%
Source: http://www.bhutannewsservice.com/people-population/ Angka taun 2005 heunteu ngawengku pangeusi teu tetep jeung migran
Urang Butan keur maké pakéan nasional dina Parayaan Wangdi Phodrang.
Red right arrow.svg
 Artikel utama: Démografi Butan.

Urang Butan utamina disusun ku Urang Ngalop (Butan Kulon) jeung Sharchop (Butan Wétan). Urang Lhotshampa (urang kidul) nyaéta kelompok urang anu hétérogén kalawan komposisi utama urang katurunan Nepal. Urang Lhotshampa dianggep ngawasaan 45% total pangeusi Butan dina sénsus taun 1988[71]. Dina awal jaman 1970-an, pernikahan campuran antawis Urang jeung and masarakat Butan utama dirojong ku pamaréntah. Tatapi dina ahir jaman 1980-an, pamaréntah Butan ngaluarkeun kira-kira 108.000 Urang Lhotshampa ti wewengkonna ka kémah-kémah pangungsian.[40]

Tingkat beunta hurup di Butan nyaéta 59,5%.[72] Butan miboga yuswa médian 24,8 taun.[73] Tingkat harepan hirup nyaéta 62,2 taun (61 lalaki, 64,5 awéwé). Rasio jenis kelamin nyaéta 1.070 lalaki per 1.000 awéwé.

Agama[édit | sunting sumber]

Agama di Butan
agama perséntase
Buddha
  
76%
Hindu
  
23%
Lianna
  
1%
Taktshang Goemba di Butan, aya dina gawir saluhur 900 méter
Red right arrow.svg
 Artikel utama: Agama di Butan.

Diperkirakeun antawis dua per tilu jeung tilu per opat populasi Butan ngagem Buddha Vajrayana, nu mangrupa agama nagara. Kirang leuwih saperopat nepi ka sapertilu populasi ngagem Hindu. Pangagem agama lian ngawengku kirang ti 1% populasi.[74] Aturan undang-undang anu ayeuna ngarojong kana kabébasan agama; tatapi proselytism dilarang ku hiji kawijakan pamaréntah[74] sarta tina interpretasi yudikatif Undang-Undang Dasar Butan.[75]

Agama Buddha dipikawanohkeun ka Butan dina abad ka-7 maséhi. Raja Tibét Songtsän Gampo (ngajabat 627–649), maréntahkeun diwangunna 2 wihara Buddha, di Bumthang Jampa Lhakhang di Butan bagian tengah jeung di Kyichu Lhakhang (di deukeut Paro) di Lebak Paro.[19]

Basa[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Basa di Butan.

Basa resmi nagara nyaéta Basa Butan (Dzongkha), salah sahiji ti 53 basa di rungkun basa Tibét. Aksarana anu disebut Chhokey, sarungkun jeung aksara Tibét klasik. Di sakola-sakola, Basa Inggris mangrupa basa panganteur pangatikan sedengkeun Dzongkha diajar salaku basa nasional. Ethnologue nulis 24 basa anu kiwari dipaké di Butan, sadayana mangrupa bagian tu rungkun basa Tibet-Burma, iwal Basa Nepal anu asup kana rungkun basa Indo-Arya. Nepi ka taun 1980-an, pamaréntah ngarojong pangajaran Basa Nepal di sakola-sakola di Butan beulah kidul. Tapi, sanggeus karusuhan pakarang, Basa Nepal dikaluarkeun ti kurikulum. Saméméh 1980-an, Lhotshampa (masarakat panyatur Basa Nepal), utamina ngeusian Butan beulah kidul, ngawengku kira-kira 30% populasi Butan.[38]

Budaya[édit | sunting sumber]

Thanka Gunung Meru jeung jagad Buddha (abad ka-19, Dzong Tongsa, Tongsa, Butan).
Chaam, sacara taunan dipéntaskeun dina parayaan kaagamaan.
Red right arrow.svg
 Artikel utama: Budaya Butan.

Butan miboga loba budaya khas anu sacara umum masih asli lantaran isolasi Butan ti dunya luar nepi ka awal 1960-an. Tradisi Butan patali jeung pangaruh agama Buddha.[76][77] Hindu mangrupa agama dominan anu kadua di Butan, utamina di pakidulan.[78] The government is increasingly making efforts to preserve and sustain the current culture and traditions of the country. Kusabab kaayaan alam jeung warisan budayana anu saeutik kapangaruh ti luar, Butan disebut ogé salaku Shangri-la Pangahirna.[79]

Sangu, soba, jeung jagong mangrupa kadaharan utama dina kulinér Butan. Kadaharan lianna aya ogé saperti daging daging babi, sapi, yak, hayam, jeung domba. Produk susu, saperti mantéga and kiju ti yak jeung sapi, ogé populér. Inuman populér contona entéh mantéga, entéh, ara, jeung bir. Butan mangrupa nagara kahiji di dunya anu ngalarang dijualna bako liwat UU Bako 2010.[26]

Arsitéktur Butan mangrupa arsitéktur karuhun anu khas. Arsitéktur tradisionalna heunteu maké paku boh rangkay beusi dina ngajieunana.[26][80][81] Salah sahiji wangunan cicirén Butan nyaéta wangunan bénténg anu disebut dzong. Ti jaman kuna, dzong dipaké salaku puseur pamaréntahan jeung kaagamaan di wewengkonna.[82] Universitas Texas El Paso ti Amérika Sarikat maké gaya arsitéktur Butan dina wangunan kampusna, kitu ogé ku sababaraha wangunan lian di kota El Paso.[83]

Butan miboga loba poé peré, kalobaanana mangrupa parayaan tradisional usuman, sékulér, jeung kaagamaan. Di antarana saperti titik balik panonpoé (kira-kira 1 Januari, dumasar kalénder bulan), Taun Anyar (kalénder bulan, Pébruari atanapi Maret), tepang taun Raja, sarta poé pangistrénana, ahir resmi usum muson (22 Séptémber), Poé Nasional (17 Désémber), sareng rupa-rupa parayaan Buddha jeung Hindu.

Musik Butan sacara umum dibagi kana varian tradisional jeung modéren. Musik tradisional mangrupa musik kaagamaan jeung rahayat, saperti zhungdra jeung boedra.[84] Musik modéren saperti rigsar dimaénkeun ku alat musik campuran antara instrumén tradisional jeung organ listrik, nu tiasa ditulusuran balik ka jaman awal 1990-an. Musik ieu némbongkeun pangaruh ti musik populér India, hiji campuran ti musik tradisional jeung pangaruh musik populér Kulon.[85][86]

Dina kulawarga Butan, warisan ilaharna dipasihan ka gurat katurunan awéwé tibatan ka lalaki. Budak awéwé bakal diwariskeun imah kolotna. Budak lalaki dipiharep sangkan tiasa nyieun kahirupanna sorangan sarta remenna pindah ka imah pamajikanana. Nikah ku bogoh ilahar di wewengkon kota, tapi tradisi perjodohan masih kénéh umum di wewengkon désa. Sanajan teu umum, poligami dianggep biasa, malah ogé sok janten cara pikeun ngajaga harta tetep dina kulawarga.[87] Raja saméméhna, Jigme Singye Wangchuck, anu ngabdikasi taun 2006, miboga 4 prameswari, anu sadayana sadulur. Raja anu ayeuna, Jigme Khesar Namgyel Wangchuck, nikah jeung Jetsun Pema, 21, masarakat biasa sarta putrina saurang pilot.

Olahraga[édit | sunting sumber]

Stadion Changlimithang keur dipaké pawai.

Olahraga nasional Butan nyaéta panahan, sarta pasanggiri dilaksanakeun sacara régulér ku raloba désa. Panahanna béda jeung standar olimpiade saperti panempatan sasaran sarta kaayaan sakurilingna. 2 sasaran ditempatkeun kapisah 100 méter. Pamaén manah ti hiji ujung lapangan ka ujung lianna. Unggal pamaén dina hiji tim manah 2 panah per babak. Panahan tradisional Butan mangrupa acara masarakat sarta pasanggiri diatur antara désa, kota, jeung tim. Usaha pikeun ngaganggu musuh saperti nangtung di deukeutna sasaran atanapi moyokan pamanah. Khuru mangrupa olahraga lian anu ogé populér, di mana anak panah kai kalawan ujung mangrupa paku 10 cm dialungkeun ka sasaran 10 nepi ka 20 méter jauhna.

Olahraga tradisional lianna nyaéta Digor. Olahraga lian saperti krikét miboga popularitas di Butan, utamina sanggeus dipikawanohkeunana saluran televisi ti India. Tim nasional krikét Butan mangrupa salah sahiji ti tim afiliasi anu suksés. Conto lianna di antarana maén bal. Taun 2002, tim nasional maén bal Butan maén ngalawan Montserrat, nu disebut salaku Final nu Lian; pertandinganna dilaksanakeun dina poé anu sarua jeung pertandingan Brasil ngalawan Jérman dina final Piala Dunya. Pertandingan éta dilaksanakeun di Stadion Changlimithang di Thimpu.

Atikan[édit | sunting sumber]

Butan miboga hiji universitas kalawan 11 kampus konstituén anu kasebar sanagara, Universitas Karajaan Butan.

Patalimarga jeung Angkutan[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Angkutan di Butan.

Udara[édit | sunting sumber]

Bandar Udara Internasional Paro. Bandar udara internasional sahiji-hijina di Butan.

Bandar Udara Internasional Paro nyaéta bandar udara internasional sahiji-hijina di Butan. Aya ogé bandar udara doméstik saperti Bandar Udara Yongphulla di Trashigang nu mimiti dirénovasi taun 2010.[88] Aya rancangan pikeun ngawangun sababaraha bandar udara doméstik deui di Butan saperti di Bathpalathang, Distrik Bumthang jeung di Gelephu, Distrik Sarpang.[89]

Rél jeung karéta[édit | sunting sumber]

Butan heunteu miboga angkutan rél. Sanajan kitu, Butan enggeus nyieun hiji pasatujuan jeung India dina ngahubungkeun Butan beulah kidul jeung jaringan rél India kalawan ngawangun rél karéta 11-mile (18 km), 1,676 mm (5 ft 6 in) trak India, antara Hashimara di Benggala Kulon jeung Toribari di Butan. Konstruksi rél ngaliwatan Satali, Bharna Bari, jeung Dalsingpara dibayar ku India.[90]

Jalan[édit | sunting sumber]

Jalan Lateral mangrupa jalan utama nu ngahubungkeun Butan beulah wétan jeung kulon, nyambungkeun Phuentsholing di kidul-kulon ka Trashigang di wétan. Di antarana, Jalan Lateral ngaliwatan Wangdue Phodrang, Trongsa, sarta puseur pamukiman lianna. Jalan Lateral ogé miboga cabang ka Thimphu sarta kota utama lianna saperti Paro jeung Punakha. Jalan Lateral jeung jalan lianna di Butan miboga kualitas anu kirang ku lantaran kaayaan permukaannana, gawir, tikungan, cuaca, jeung longsor.[91][92][93]

Tingali ogé[édit | sunting sumber]

Cutatan[édit | sunting sumber]

  1. Kamentrian Luar Nagri India nyadiakeun pitulung kauangan ka nagara taanggana dina "gawé bareng sacara téhnis jeung ékonomi jeung nagara lianna sarta kamajuan pikeun pamaréntahan nagara luar."

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b "Bhutan Population clock". Countrymeters.info. 22 Oktober 2012. Diakses pada 22 Oktober 2012. 
  2. "Population and Housing Census of Bhutan — 2005" (PPT). UN. 22 Oktober 2005. Diakses pada 5 Januari 2010. 
  3. a b c d "Bhutan". International Monetary Fund. Diakses pada 17 April 2012. 
  4. "The World's Happiest Countries". Business Week. 11 Oktober 2006. Diarsipkan dari yang asli pada 26 April 2009. Diakses pada 23 April 2009. 
  5. "8th Five Year Plan (1997–2002)" (PDF). Pamaréntah Butan. 22 Oktober 1997. Diakses pada 22 Agustus 2011. 
  6. "9th Five Year Plan (2002–2007)". Pamaréntah Karajaan Bhutan. 22 Oktober 2002. Diakses pada 22 Agustus 2011. 
  7. a b "Portal Nasional Butan". Departemén Ténologi Informasi Butan. Diakses pada 22 Agustus 2011. 
  8. "Bhutan." World Almanac & Book Of Facts (2008): 752-753. Academic Search Premier. Web. 8 Dés. 2011.
  9. a b c "History of Bhutan: How Europe heard about Bhutan". Kuensel. 24 August 2003. Diaksés 28 Sépt 2011.
  10. Chakravarti, Balaram (1979). A Cultural History of Bhutan, Hilltop. URL accessed 2011-09-01.
  11. Taylor, Isaac. Names and Their Histories; a Handbook of Historical Geography and Topographical Nomenclature. Gale Research Co. (Detroit), 1898. Diaksés 24 Séptémber 2011.
  12. Cacella, Estêvão. Trans. by Baillie, Luiza Maria. "Laporan di mana Rama Father Estevao Cacella ti Masarakat Yésus Ngintun ka Rama Alberto Laercio, Pangurus pikeun Propinsi Malabar, India Wétan, ngeunaan Lalampahanna ka Katay, nepi Anjeunna Sumping di Karajaan Bhotanta" (1627). Diaksés 28 Séptémber 2011.
  13. Grange, Kevin (2011). Beneath Blossom Rain: Discovering Bhutan on the Toughest Trek in the World, University of Nebraska Press. URL accessed 2011-09-01.
  14. Clements, William M. (2006). The Greenwood Encyclopedia of World Folklore and Folklife, Greenwood Press. URL accessed 2011-09-01.
  15. a b "Bhutan". World Institute for Asian Studies. 21 Agustus 2006. Diakses pada 23 April 2009. 
  16. Worden, Robert L. "Origins and Early Settlement, A.D. 600–1600". Bhutan: A country study (Savada, Andrea Matles, ed.). Perpustakaan Kongrés Amérika Sarikat Divisi Panalungtikan Féderal. Citakan:PD-notice
  17. a b Padel, Ruth (2006). Tigers in Red Weather: a Quest for the Last Wild Tigers, 139–40, Bloomsbury Publishing USA. URL accessed 2011-08-21.
  18. Sailen Debnath, Essays on Cultural History of North Bengal, ISBN 9788186860427; & Sailen Debnath, The Dooars in Historical Transition, ISBN 9788186860441
  19. a b c Worden, Robert L. "Arrival of Buddhism". Bhutan: A country study (Savada, Andrea Matles, ed.). Perpustakaan Kongrés Amérika Sarikat Divisi Panalungtikan Féderal. Citakan:PD-notice
  20. Hattaway, Paul (2004). Peoples of the Buddhist World: a Christian Prayer Diary, William Carey Library. URL accessed 2011-08-20.
  21. (2008) Bhutan: Ways of Knowing, 18, 58, IAP. URL accessed 2011-08-10.
  22. Dorji, C. T. (1994). History of Bhutan Based on Buddhism, Sangay Xam, Prominent Publishers. URL accessed 2011-08-12.
  23. (2003) Harding, Sarah The Life and Revelations of Pema Lingpa, Snow Lion Publications. URL accessed 2011-08-10.
  24. Dorji, Kinley (2005-03-30). "Taktshang: a Buddhist Legend". Buddhist Channel. Kuensel online. Diakses pada 23 April 2009. 
  25. Worden, Robert L. "Rivalry among the Sects". Bhutan: A country study (Savada, Andrea Matles, ed.). Perpustakaan Kongrés Amérika Sarikat Divisi Panalungtikan Féderal. Citakan:PD-notice
  26. a b c (2007) Bhutan, 3, 26, 36, Lonely Planet. URL accessed 2011-10-15.
  27. Pomplun, Trent (2009). Jesuit on the Roof of the World: Ippolito Desideri's Mission to Eighteenth-Century Tibet, Oxford University Press. URL accessed 2011-10-19.
  28. Worden, Robert L. "Administrative Integration and Conflict with Tibet, 1651–1728". Bhutan: A country study (Savada, Andrea Matles, ed.). Perpustakaan Kongrés Amérika Sarikat Divisi Panalungtikan Féderal. Citakan:PD-notice
  29. Worden, Robert L. "British Intrusion, 1772–1907". Bhutan: A country study (Savada, Andrea Matles, ed.). Perpustakaan Kongrés Amérika Sarikat Divisi Panalungtikan Féderal. Citakan:PD-notice
  30. Hoffman, Klus (2006-04-01). "Democratization from Above: The Case of Bhutan" (PDF). Diakses pada 24 April 2010. 
  31. Larmer, Brook (March 2008). "Bhutan's Enlightened Experiment". National Geographic.
  32. Scott-Clark, Cathy; Levy, Adrian (2003-06-14). "Fast Forward into Trouble". The Guardian. Diakses pada 1 Séptémber 2011. 
  33. Kaul, Nitasha (2008-11-10). "Bhutan Crowns a Jewel". UPI Asia. United Press International. Diarsipkan dari yang asli pada 15 Juni 2011. Diakses pada 19 Juni 2011. 
  34. Gelay Jamtsho; Keys to Bhutan (2008-10-31). "His Majesty the King's Historic National Day Address – 2005". Keystobhutan.com. Diakses pada 23 April 2009. 
  35. "Bhutan King to be Crowned at Last", BBC News online, 2008-07-23. Disalin 2011-09-01.
  36. Sharma, Aradhana (2008-03-25). "Royalist Party Wins Election in Bhutan". NDTV.com. Diakses pada 1 Séptémber 2011. 
  37. "Family Portrait of Bhutan Nepalis in USA". The Week Republica. 15 April 2011. Diarsipkan dari yang asli pada 11 Méi 2011. Diakses pada 19 April 2011. 
  38. a b "MAR | Data". Database. Puseur Pamekaran Internasional jeung Manajemén Konflik Universitas Maryland. Diakses pada 9 Agustus 2011. 
  39. a b "Refugees from Bhutan Poised for New Start". UNHCR. 1 Pébruari 2008. Diarsipkan dari yang asli pada 10 Méi 2011. Diakses pada 19 April 2011. 
  40. a b Frelick, Bill. For Bhutan's Refugees, There's no Place Like Home. Human Rights Watch. Mar 3 2011. Web. Dec 30 2011. http://www.hrw.org/news/2011/03/30/bhutan-s-refugees-there-s-no-place-home
  41. Casella, Alexander. "Nepal Finally Waves off Refugees". Asia Times Online. , 15 Désémber 2009
  42. Reguee Arrival Data. Departemén Kaséhatan jeung Palayanan Kamanusaan Amérika Sarikat. 3 Nopémber 2011. Web. 30 Désémber 2011. http://www.acf.hhs.gov/programs/orr/data/refugee_arrival_data.htm
  43. a b c d e [1], U.S. Department of State, February 25, 2009
  44. Bhattacharjee, Arun (2003-12-19). "Bhutan Army Sees Action at Last". Atimes.com. Diakses pada 23 April 2009. 
  45. Bhutan PM: India is closest ally, NDTV, July 16, 2008
  46. PM stresses on importance of foreign relations, The Bhutanese, 12 Julu 2012
  47. Wangchuk, Samten (2006-12-13). "Indo-Bhutan Border Finalised". Kuensel online. Diakses pada 23 April 2009. 
  48. a b Giri, Pramod (2005-10-28). "Alarm over Chinese Incursion". Web.archive.org. Diarsipkan dari yang asli pada 24 Agustus 2006. Diakses pada 23 April 2009. 
  49. "中国不丹同意平等友好协商早日解决边界问题 [China and Bhutan Agree to Equal and Amicable Talks in Order to Resolve the Border Issue Quickly]" (dalam bahasa Chinese). News.china.com. 1 Désémber 2005. Diakses pada 23 April 2009. 
  50. Dorji, Gyalsten K (2011-02-15). "Bhutan establishes ties with Spain". Kuensel. Diakses pada 29 Maret 2011. 
  51. "Overseas Embassies and Consulates of Bhutan". Go Abroad.com. Diakses pada 29 Maret 2011. 
  52. "Bhutan Country Specific Information". United States Department of State. Diarsipkan dari yang asli pada 28 Maret 2008. Diakses pada 24 Maret 2008. 
  53. a b c d CIA—The World Factbook.
  54. "List of Parties". Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  55. "Biodiversity Action Plan 2009". Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  56. Choudhury, A.U. (1990). "Primates in Bhutan". Oryx 24.
  57. Choudhury, A.U. (1992). "Golden langur – Distribution Confusion". Oryx 26: 172–173.
  58. Choudhury, A.U. (2008). "Primates of Bhutan and Observations of Hybrid Langurs". Primate Conservation 23: 65–73.
  59. Choudhury, A.U. (2010). The Vanishing Herds: Wild Water Buffalo, Guwahati, India: Gibbon Books & The Rhino Foundation for Nature in North East India.
  60. Choudhury, A.U. (2007). "White-winged duck Cairina (=Asarcornis) scutulata and Blue-tailed Bee-eater Merops philippinus: two new country records for Bhutan.". Forktail 23: 153–155.
  61. "Parks of Bhutan". Bhutan Trust Fund for Environmental Conservation online. Bhutan Trust Fund. Diakses pada 26 Maret 2011. 
  62. "The Organisation". Bhutan Trust Fund for Environmental Conservation online. Bhutan Trust Fund. Diakses pada 26 Maret 2011. 
  63. Wangchuk, Jigme (2011-07-08). "Addressing Human-Wildlife Conflict". Bhutan Observer online. Diakses pada 13 Juli 2011. 
  64. P.F. Cannon, N.L. Hywel-Jones, N. Maczey, L. Norbu, Tshitila, T. Samdup & P. Lhendup, Steps towards sustainable harvest of Ophiocordyceps sinensis in Bhutan Biodivers. Conserv. 18: 2263-2281 (2009).
  65. Sharma, Rajeev (2011-01-25). "MoUs with Bhutan on Rail Links, Power Projects". Tribuneindia.com. Diakses pada 23 April 2009. 
  66. "MEMBER INFORMATION: India and the WTO". World Trade Organization (WTO). Diarsipkan dari yang asli pada 22 April 2009. Diakses pada 23 April 2009. 
  67. Balaji, Mohan, "In Bhutan, China and India Collide", Asia Times, 2008-01-12. Disalin 2010-10-03.
  68. "BUDGET". The Tribune (India) online. Diakses pada 1 Séptémber 2011. 
  69. a b "Undang-Undang Pamaréntahan Lokal Butan 2009" (PDF). Pamaréntah Butan. 11 Séptémber 2009. Diakses pada 20 Januari 2011. 
  70. "Delimitation". Komisi Pamilihan Umum, Pamaréntah Butan. 22 Oktober 2011. Diarsipkan dari yang asli pada 20 Juli 2011. Diakses pada 31 Juli 2011. 
  71. http://www.bhutannewsservice.com/people-population/
  72. "Report: Data Profile". World Bank. 22 Oktober 2008. Diarsipkan dari yang asli pada 1 Agustus 2008. Diakses pada 23 April 2009. 
  73. CIA World Factbook: Bhutan
  74. a b "International Religious Freedom Report 2007–Bhutan". U.S. Department of State. 14 Séptémber 2007. Diarsipkan dari yang asli pada Éror: titimangsa teu valid. Diakses pada 6 Januari 2008. 
  75. "Pastor Sentenced to Three Years in Prison". Bhutan News Service. Bhutan News Service. 12 Désémber 2010. Diakses pada 25 Januari 2011. 
  76. Kharat, Rajesh. "Bhutan's Security Scenario." Contemporary South Asia 13.2 (2004): 171-185. Academic Search Premier. Web. 8 Désémber 2011.
  77. Martin Regg, Cohn. "Lost horizon." Toronto Star (Canada) n.d.: Newspaper Source Plus. Web. 8 Désémber 2011.
  78. Zurick, David. "Gross National Happiness And Environmental Status In Bhutan." Geographical Review 96.4 (2006): 657-681. Academic Search Premier. Web. 8 Désémber 2011.
  79. "Bhutan – the Last Shangri La". PBS online. Diakses pada 1 Séptémber 2011. 
  80. Rael, Ronald (2008). Earth Architecture, Princeton Architectural Press. URL accessed 2011-10-31.
  81. "Country profile – Bhutan: a land frozen in time", BBC News online, 1998-02-09. Disalin 2010-10-01.
  82. Amundsen, Ingun B (2001). "On Bhutanese and Tibetan Dzongs". Journal of Bhutan Studies 5: 8–41. (JBS)
  83. "1.1 University History". UTEP Handbook of Operations. University of Texas, El Paso. Diarsipkan dari yang asli pada 23 Juli 2014. Diakses pada 1 Séptémber 2011. 
  84. Clements, William M. (2006). The Greenwood Encyclopedia of World Folklore and Folklife: Southeast Asia and India, Central and East Asia, Middle East, 106–110, Greenwood Press. URL accessed 2011-10-16.
  85. Penjor, Ugyen (2003-01-19). "From Ngesem Ngesem to Khu Khu Khu ... Rigsar music woos local music fans". Kuensel online. Diakses pada 16 Oktober 2011. 
  86. "Rigsar Dranyen". RAOnline. 17 Juni 2011. Diakses pada 16 Oktober 2011. 
  87. Coelho, V.H. (1970). Sikkim and Bhutan, Vikas Publications, Indian Council for Cultural Relations. URL accessed 2011-09-01.
  88. Palden, Tshering (2009-09-01). "Domestic Air Service to Take Wing Soon". Kuensel online. Diakses pada 10 Agustus 2011. 
  89. Dorji, Gyalsten K (2009-11-26). "Two Domestic Airports by 2010". Kuensel online. Diakses pada 10 Agustus 2011. 
  90. Page, Jeremy, "Isolated Buddhist kingdom of Bhutan to get its first railway link", The Times, Times Newspapers Ltd, 2009-12-30. Disalin 2011-06-10.
  91. Zeppa, Jamie (2000). Beyond the Sky and the Earth: A Journey into Bhutan, Penguin.
  92. "Icy Roads Claim Lives". Kuensel online. 4 Désémber 2004. Diakses pada 25 Juli 2011. 
  93. Yeshi, Samten (2010-08-24). "Landslide at Dzong Viewpoint". Kuensel online. Diakses pada 25 Juli 2011. 
Sitasi lianna

Bacaan leuwih lajengna[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Mangga paluruh émbaran nu langkung seueur ngeunaan Butan ku jalan nyungsi proyék sawargi Wikipedia
Wiktionary-logo-en.png Définisi kamus ti Wiktionary
Wikibooks-logo.svg Buku téks ti Wikibooks
Wikiquote-logo.svg Cutatan ti Wikiquote
Wikisource-logo.svg Téks sumber ti Wikisource
Commons-logo.svg Gambar jeung média ti Commons
Wikinews-logo.svg Warta ti Wikinews
Wikiversity-logo-en.svg Sumber pangajaran ti Wikiversity

Citakan:Bhutan topics