Kapulaga

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kapulaga (kapol)
(Elettaria cardamomum)
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Magnoliophyta
Class: Liliopsida
Order: Zingiberales
Family: Zingiberaceae
Genera

Aframomum

Amomum

Elettaria

Elettaria cardamomum

Kapulaga atawa kapol (Amomum cardamomum) salila ieu dipikawanoh minangka samara pikeun asakan sarta ogé leuwih réa dipaké pikeun campuran jajamu. Di sawatara wewengkon kapulaga dipikawanoh kalawan ngaran kapol, palago, karkolaka, sarta nu séjén-séjénna.

Di mancanagara, ngaran pikeun kapulaga ti antarana nyaéta pai thou kou (basa Tionghoa). Urang Yunani ngaranan buah ieu téh cardamomom anu saterusna dilaténkan ku urang Romawi jadi cardamomum. Dina basa Inggris kapulaga disebut cardamom. Sedengkeun dina basa Thai ieu disebut krava, elaichi dina basa Hindi, sarta elakkaai dina basa Tamil.

Budidaya[édit | sunting sumber]

Kapulaga mimitina kapanggih tumuwuh alamiah di wewengkon Pagunungan Malabar, basisir kulon India. Alatan laku di pasar-pasar di dunya, saterusna réa dipelak di Srilangka, Thailand, sarta Guatemala. Di Indonésia kapulaga mimiti dibudidayakan saprak 1986.

Dina perdagangan saterusna ditawarkeun ogé variétas kapulaga séjén ti pagunungan Mysore (India) anu buah lonjongna leuwih buleud, sarta leuwih dipikaresep alatan leuwih ngeunah. Béda jeung kapulaga Malabar anu turuy kembangna ngarayap, turuy kembang kapulaga Mysore mah tumuwuh ajeg. Ti Srilangka ditawarkeun Elettaria cadamomum var. major minangka Ceylon cardamom. Buahna leuwih rubak sarta gepéng batan kapulaga Malabar, E. cardamomum var. minor. Ti Thailand, saterusna ogé ditawarkeun Siamese cardamom anu masih sawanda jeung kapulaga Indonésia , Amomum cardamomum.

Bentuk fisik[édit | sunting sumber]

Tuwuhan kapulaga kagolongkeun kana tuwuhan ubar (herba) sarta tumuwuh ngawangun rungkun, dedeganana kawas tuwuhan jahé, sarta bisa ngahontal jangkung 2-3 méter sarta tumuwuh di leuweung-leuweung anu leubeut kénéh. Kapulaga hirup subur di padataharan nu luhurna 200-1.000 méter luhureun beungeut laut (lbl).

Kapulaga mimitina memang hirup liar, tapi kiwari kapulaga dibudidayakeun minangka pepelakan samara. Tuwuhan nu tangkalna baseuh ieu ngabogaan palapah daun anu ngabuntel tangkalna. PErenah daunna sulang-seling. Kembangna kasusun ku turuyan anu kaluar tina beutina. Buahna ngawangun buleudan endog, buluan, sarta boga warna konéng kulawu. Buahna ngariung dina turuy leutik sarta pondok. Lamun asak, buahna baris peupeus sarta beulah dumasar rohang-rohangna. Dina jerona aya siki anu ngawangun buleud endog manjang.

Buah[édit | sunting sumber]

Kapulaga buahan dina umur 3 taun. Buah kapulaga mecenghul tina tangkal burung (palsu) deukeut taneuh, sarta ngareuy babarengan jeung turuyna anu panjangna 1 m, kana taneuh sakurilingna. Sangkan henteu kotor kacéprétan taneuh lamun hujan, patani nu bogana nyelapkeun lambaran plastik minangka dasar di handapeun turuy éta buah.

Buah lonjong sapanjang 1 cm anu eusi tilu éta dipetik lamun geus lintuh, mundel eusina, satengah asak. Warna héjona geus robah jadi héjo ngora. Tadina héjo kolot. Sabot robah warna éta pisan ambeuna seungit pisan.

Di India, buah anu geus digaringkeun, dipeting nurutkeun ukuran sarta warnana. Anu geus konéng jarami geulis, dibungkus minangka buah siap jual; sedengkeun anu tacan, dipucetkan tiheula ku saab walirang. Pangjagaan kualitas ieu pisan anu ngajadikeun India pangékspor kapulaga anu dipikaresep.

Buah anu geus garing jadi kérod, guguratan, eusina 4 - 7 siki leutik nu warnana coklat semu beureum. Rasana rada lada kawas jahé, tapi ambeuna henteu.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu ka luar[édit | sunting sumber]