Républik Turkménistan (Basa Turkmén:Türkmenistan Respublikasy), diwanoh ogé sabagé Turkménia (Basa Rusia: Туркмения) nyaéta hiji nagara anu aya di wewengkon Asia Tengah, Asia. Nepi ka taun 1990, Turkménistan tetep kagabung dina konstitusi Uni Soviét, nu namina Républik Sosialis Soviét Turkménistan. Turkménistan tepung wates jeung Iran di kidul, Apganistan di kidul-wétan, Uzbékistan di kalér, Kazakhstan di kalér-kulon, jeung Laut Kaspia di kulon. Wewengkonna kalobaannana mangrupakeun sagara keusik Karakum. Nagara ieu miboga cadangan gas alam panglobana kalima di dunya.
Nepi ka danget ieu, Turkménistan ngagunakeun sistem politik hiji partai. Sistem ieu katempo teu minuhan prinsip-prinsip dasar démokrasi.[1]. Ti mimiti kamerdékaanna ti Uni Soviét, Turkménistan dipingpin ku Saparmurat Atayevich Niyazov. Dina 21 Désémber 2006, anjeunna maot, jeung digentosan ku Gurbanguly Mälikgulyýeviç Berdimuhammedow nu ditunjuk ku Déwan Kaamanan Nagara Turkménistan, liwat pamilihan umum dina 11 Fébruari 2007.
Pambagian Wewengkon [édit]
Turkménistan dibagi ka lima propinsi atawa welayatlar (tunggal welayat) jeung hiji wewengkon ibukota. Masing-masing welayat dibagi ka sababaraha etraplar (tunggal etrap).
Daptar propinsi di Turkménistan
| Propinsi |
ISO 3166-2 |
Ibukota |
Lega[2] |
Populasi (2005)[2] |
Key |
| Dayeuh Ashgabat |
|
Ashgabat |
470 km² (180 mil²) |
871,500 |
|
| Propinsi Ahal |
TM-A |
Anau |
97.160 km² (37,510 mil²) |
939,700 |
1 |
| Propinsi Balkan |
TM-B |
Balkanabat |
139.270 km² (53,770 mil²) |
553,500 |
2 |
| Propinsi Daşoguz |
TM-D |
Daşoguz |
73.430 km² (28,350 mil²) |
1,370,400 |
3 |
| Propinsi Lebap |
TM-L |
Türkmenabat |
93.730 km² (36,190 mil²) |
1,334,500 |
4 |
| Propinsi Mary |
TM-M |
Mary |
87.150 km² (33,650 mil²) |
1,480,400 |
5 |
Basa Turkmén mangrupakeun basa resmi di Turkménistan, sanajan tetep loba populasinya nu ngagunakeun basa Rusia keur komunikasi antarétnis. Kira-kira 72% populasina ngagunakeun basa Turkmén, 12% ngagunakeun basa Rusia, 9% ngagunakeun basa Uzbék, jeung 7% ngagunakeun basa nu séjén.
Warisan [édit]
Tempo ogé [édit]
Catetan suku [édit]
Tumbu luar [édit]
 |
Artikel ngeunaan géografi ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |