Uni Soviét
| Uni Républik Sosialis Soviét Ngaran séjén Союз Советских Социалистических Республик Soyuz Sovetskikh Sotsialisticheskikh Respublik |
|||||
|
|||||
|
|||||
| Motto Пролетарии всех стран, соединяйтесь! (Alih aksara: Proletarii vsekh stran, soyedinyaytes'!) Basa Inggris: Pagawé sadunya, ngahiji! |
|||||
| Lagu kabangsaan "The Internationale" (1922–1944) "Lagu Kabangsaan Uni Soviét" (1944–1991) |
|||||
| Uni Soviét sanggeus Perang Dunya II | |||||
| Ibu kota | Moskow | ||||
| Basa | Basa Rusia, raloba séjénna | ||||
| Pamaréntahan | Nagara sosialis kahijian, Marxis–Léninis hiji partéy |
||||
| Sékrétaris Jéndral | |||||
| - 1922–1952 | Joseph Stalin (kahiji) | ||||
| - 1991 | Vladimir Ivashko (panungtungna) | ||||
| Pupuhu Nagara | |||||
| - 1922–1938 | Mikhail Kalinin (kahiji) | ||||
| - 1988–1991 | Mikhail Gorbachev (panungtungna) | ||||
| Pupuhu Pamaréntahan | |||||
| - 1922–1924 | Vladimir Lenin (kahiji) | ||||
| - 1991 | Ivan Silayev (panungtungna) | ||||
| Jaman | Jaman antarperang / Perang Tiis | ||||
| - Traktat Panyieunan | 30 Désémber 1922 | ||||
| - Peupeus | 26 Désémber 1991 | ||||
| Aréa | |||||
| - 1991 | 22.402.200 km2 (8.649.538 mil pasagi) | ||||
| Populasi | |||||
| - Perkiraan 1991 | 293.047.571 | ||||
| Kapadetan | 13,1 /km2 (33,9 /mil pasagi) | ||||
| Mata uang | Rubél Soviét (руб) (SUR) | ||||
| TLD Internét | .su2 | ||||
| Kode telepon | +7 | ||||
| 1Dina 21 Désémber 1991, 11 ti urut républik-républik sosialis nyatakeun di Alma-Ata (kalawan républik ka-12 – Géorgia – hadir salaku panénjo) yén kalawan dibentukna Pasamakmuran Nagara-Nagara Merdika, Uni Républik Sosialis Soviét teu aya deui. 2Ditunjuk dina 19 Séptémber 1990, aya saterusna. |
|||||
| Uni Soviét |
Artikel ieu mangrupa bagian ti séri: |
|
|
|
Kapamingpinan
Pamaréntahan
Badan Législatif
Partéy Komunis
Sajarah & Pulitik
|
|
Atlas Portal Uni Soviét |
Uni Soviét (Basa Rusia: Советский Союз, tr. Sovetsky Soyuz), resmina Uni Républik Sosialis Soviét (URSS; Basa Rusia: Сою́з Сове́тских Социалисти́ческих Респу́блик, tr. Soyuz Sovetskikh Sotsialisticheskikh Respublik; IPA: [sɐˈjus sɐˈvʲetskʲɪx sətsɨəlʲɪˈstʲitɕɪskʲɪx rʲɪsˈpublʲɪk] (
dangukeun); disingket СССР, SSSR), nyaéta hiji nagara sosialis (dumasar konstitusina) nu aya di Eurasia antawis 1922 jeung 1991.
Uni Soviét nyaéta hiji nagara hiji-partéy nu dikawasaan ku Partéy Komunis ti dibentukna nepi ka 1990.[1] Sanajan URSS resmina mangrupa kahijian 15 républik subnasional Soviét, pamaréntah jeung ékonomina kalobaannana dipuseurkeun.
Daptar eusi |
[édit] Géografi, iklim, jeung lingkungan
Kalawan aréa kira-kira 22.402.200 km²s (8,649,500 mil²), Uni Soviét mangrupa nagara nu panglegana sadunya. Ngawengku sapergenep daratan Marcapada, legana bisa dibandingkeun jeung Amérika Kalér. Bagian Éropana miboga saparapat ti sakabéh aréana, jeung minangka puseur budaya sarta ékonomi. Bagian wétanna aya di Asia, manjang ti Jaladri Pasifik di wétan nepi ka Apganistan di kidul, sarta leuwih saeutik populasina. Wewengkonna malang dina leuwih ti 10.000 kilométers (6,200 mi) wétan ka kulon dina 11 zona wanci, sarta ampir 7.200 kilométers (4,500 mi) ti kalér ka kidul. Nagara ieu miboga 5 iklim: tundra, taiga, stépa, sagara keusik, jeung pagunungan.
Uni Soviét miboga wates nu pangpajangna sadunya, leuwih ti 60.000 kilométers (37,000 mi), 2 per 3-na mangrupa basisir Jaladri Arktik. Di peuntas Selat Bering aya Amérika Sarikat. Uni Soviét wawatesan jeung Apganistan, Cina, Cékoslovakia, Finlandia, Hungaria, Iran, Mongolia, Koréa Kalér, Norwégia, Polandia, Romania, jeung Turki ti 1945 nepi ka 1991.
Walungan nu pangpanjangna Uni Soviét nyaéta Irtysh. Gunung pangluhurna nyaéta Puncak Komunisme (ayeuna Puncak Ismail Samani) di Tajikistan, dina 7.495 metres (24,590 ft). Dano nu panglegana sadunya, Lau Kaspia, aya utamina dina Uni Soviét. Dano cai tawar nu panggedéna jeung pangjerona sadunya, Dano Baikal, aya di Uni Soviét.
[édit] Babagian pulitis
Konstitusionalna, Uni Soviét mangrupa kahijian ti Républik Sosialis Soviét (RSS) jeung Républik Sosialis Féderatif Soviét Rusia (RSFSR), sanajan kakawasaan dipuseurkeun pisan kana Partéy Komunis, nyieunan kahijian ieu ngan ukur ngaran.[2] Tratar Panyieunan URSS ditandatanganan dina Désémber 1922 ku 4 républik pawangun, RSFSR, RSFS Transkaukasus, RSS Ukraina, jeung RSS Bélarusia. Dina 1924, nalika pawatesan nasional di Asia Tengah, RSS Uzbék, jeung RSS Turkmén dibentuk ti bagian-bagian Turkestan ASSR sarta 2 depéndensi Soviét, RSS Khorezm jeung RSS Bukhara. Dina 1929, RSS Tajik dipisah ti RSS Uzbék. Kalawan konstitusi 1936, konstituén RSFS Transkaukasus (RSS Géorgia, Arménia, jeung Azerbaijan, ditingkatkeun ka républik kahijain, samentawis RSS Kazakh jeung Kirgiz dipisah ti RSFSR.[3] Dina Agustus 1940, Uni Soviét ngawangun RSS Moldavian ti bagian ti RSS Ukraina jeung bagian ti Bessarabia nu dianéksasi ti Romania. RSS Karelo-Finlandia dipisah ti RSFSR dina Maret 1940 tapi teras dibalikkeun deui dina 1956. Antawis Juli 1956 jeung Séptémber 1991, aya 15 républik kahijian (tingali peta di handap).[4]
[édit] Tingali ogé
[édit] Rujukan
- ↑ Bridget O'Laughlin (1975) Marxist Approaches in Anthropology Annual Review of Anthropology Vol. 4: pp. 341–70 (October 1975) (doi:10.1146/annurev.an.04.100175.002013).
William Roseberry (1997) Marx and Anthropology Annual Review of Anthropology, Vol. 26: pp. 25–46 (October 1997) (doi:10.1146/annurev.anthro.26.1.25) - ↑ Sakwa, Richard. Soviet Politics in Perspective. 2nd ed. London – N.Y.: Routledge, 1998.
- ↑ Adams, Simon (2005). Russian Republics, Black Rabbit Books.
- ↑ Feldbrugge, Ferdinand Joseph Maria (1993). Russian Law: The Rnd of the Soviet system and the Role of Law, Martinus Nijhoff Publishers.
[édit] Bibliograpi
- Ambler, John; Shaw, Denis J.B.; Symons, Leslie (1985). Soviet and East European Transport Problems, Taylor & Francis.
- Comrie, Bernard (1981). The Languages of the Soviet Union, Cambridge University Press (CUP) Archive.
- Janz, Denis (1998). World Christianity and Marxism, New York: Oxford University Press.
- Lane, David Stuart (1992). Soviet Society under Perestroika, Routledge.
- Rayfield, Donald (2004). Stalin and His Hangmen: An Authoritative Portrait of a Tyrant and Those Who Served Him, Viking Press.
- Simon, Gerard (1974). Church, State, and Opposition in the U.S.S.R., Berkeley and Los Angeles: University of California Press.
- Wilson, David (1983). The Demand for Energy in the Soviet Union, Taylor & Francis.
- World Bank and OECD (1991). A Study of the Soviet economy, International Monetary Fund.
- Madhavan K. Palat, Social Identities in Revolutionary Russia, ed. (Macmillan, Palgrave, UK, and St Martin’s Press, New York, 2001)
[édit] Tumbu kaluar
| Mangga paluruh émbaran nu langkung seueur ngeunaan Soviet Union ku jalan nyungsi proyék sawargina Wikipedia | |
|---|---|
| Définisi kamus ti Wiktionary | |
| Buku téks ti Wikibooks | |
| Cutatan ti Wikiquote | |
| Téks sumber ti Wikisource | |
| Gambar jeung média ti Commons | |
| Warta ti Wikinews | |
| Sumber pangajaran ti Wikiversity | |
- Impressions of Soviet Russia, ku John Dewey.
- Documents and other forms of media from the Soviet Union: 1917–1991.
- A Country Study: Soviet Union (Former)
- The Soviet Union
|
||||||||||||||
Citakan:Autonomous Republics of the Soviet Union Citakan:Autonomous Oblasts of the Soviet Union Citakan:Socialism by state Citakan:Eastern Bloc Citakan:Russia topics
| Artikel ngeunaan sajarah ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |