Hungaria

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Magyar Köztársaság
Bandéra Hungaria Lambang Hungaria
Lagu
Himnusz
"Himne"

Location of Hungaria
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Budapest
Basa resmi Hungaria
Pamaréntah Républik démokratis
 -  Présidén Pál Schmitt
 -  Perdana Menteri Orbán Viktor
Ngadeg
 -  Diwangun Désémber 1000 
 -  Peupeus ti Austria 31 Oktober 1918 
Aréa
 -  Total 93.030 km² (108)
 mil² 
 -  Cai (%) 0,74%
Populasi
 -  Perkiraan  2006 10.070.000 (82)
 -  Sénsus 2001 10.198.315 
 -  Kapadetan 108 /km² (94)
 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2005
 -  Total US$162.289 yuta (49)
 -  Per kapita US$16.627 (43)
Mata uang Forint (HUF)
Zona wanci CET (UTC+1)
 -  Usum panas (DST) CEST (UTC+2)
TLD Internét .hu
Kode telepon +36

Républik Hungaria mangrupa hiji nagara di Éropa tengah. Tepung wates jeung Austria di kulon, Slowakia di kalér, Ukraina di wétan, Romania di tenggara, jeung Kroasia sarta Sérbia di kidul. Dina basa lokal, nagara ieu dikenal salaku Magyarország nu hartina wewengkon Magyar. Hungaria ngawangun grup Visegrád sareng Polandia, Slowakia, jeung Céko.


Sajarah[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Sajarah Hungaria.

Dina wanci Kakaisaran Romawi, urang Romawi nyebut wewengkon ieu Pannonia (kuloneun Walungan Danube). Senggeus Roma labuh dina migrasi séké-séké Jérmanik jeung tekenan bangsa Karpia, Période Migrasi masih kénéh ngadatangkeun raloba panarajang. Awalna datang urang Hun, nu ngawangun hiji impérium nu kiat dina paréntah Attila. Ngaran "Hungaria" meureun kapangaruh ku bangsa Hun, sanajan meureun ogé ngaran éta asalna ti ngaran aliansi Turkis dina abad ka-7 nu disebut Onogur. Saenggeus pamaréntahan urang Hun tileuleup, séké-séké Jérmanik nu séjén, nya éta urang Lombardi jeung Gepid ngawasaan Pannonia dina kira-kira 100 taun. Dina période éta ogé saréké Slavia mimiti migrasi ka kidul. Dina taun 560-an, maranéhna digantian ku Avar nu engké ngawasaaan nagri éta dina leuwih ti dua abad. Urang Prancis dina kawasa Charlemagne ti kulon jeung urang Bulgar ti tenggara ahirna geus hasil ngéléhan urang Avar dina awal abad ka-9. Teras, urang Frankia tileuleup, jeung karajaan Slavonik Moravia Raya sarta Kapangéranan Balaton ngawasaan kalobaan Pannonia nepi ka ahir abad éta. Ahirna, bangsa Magyar migrasi ka Hungaria dina ahir abad ka-9.

Tradisi nyebutkeun yén bangsa Magyar (Hungaria) diwangun ku Árpád, nu mingpin bangsa Magyar ka dataran Pannonia saenggeus taun 895. Karajaan Hungaria diwangun dina taun 1000 ku Raja Szent István I.

Awalna, sajarah Hungaria mekar dina hiji segitilu-sajarah antara Polandia jeung Bohémia, kalawan loba hubungan jeung para paus sarta kaisar ti Kakaisaran Romawi Suci. Antara 12411242, sabagian Hungaria ancur jeung loba korban ku tentara Mongol (Tatar) ti Batu Khan.

Lalaunan, Hungaria dina pamaréntahan dinasti kulawarga Árpád ngarobah kana hiji karajaan nu indepénden. Karajaan Hungaria nu diparéntah ku kulawarga Angevins ti 1308, dina waktos nu singket ngalegaan kakawasaanna kaa Wallachia jeung Moldova. Raja Matthias Corvinus anu heunteu ngawangun dinasti, murangkalihna János Hunyadi, maréntah Karajaan Hungaria ti 1458 nepi ka 1490. Anjeunna ngiatan Hungaria jeung pamaréntahanna. Dina pamaréntahanna, Hungaria (utamana bagian-bagian kalér, sabagian ayeuna aya di Slowakia kiwari) minangka puseurna seni jeung kabudayaan Éropa nu penting dina période Rénaisan.

Kamerdékaan Hungaria réngsé wanci nagara éta ditalukkeun ku Kasultanan Ottoman dina awal abad ka-16; bagian-bagian Hungaria nu teu ditalukan ku Ottoman, dianéksasi ku Austria (nu pangawasana ogé waktos éta nya éta raja-raja Hungaria) di bagian kulon, jeung jadi Kapangéranan Transilvania nu indepénden di wétan. Saenggeus 150 taun, Austria jeung sakutu-sakutu Kristenna ngawasaan deui wewengkon nu disebut Hungaria ayeuna dina ahir abad ka-17 ti Karajaan Ottoman.

Dina ahir tileuleupna urang-urang Turki, mimiti pajuangan antara bangsa Hungaria jeung raja-raja Habsburg pikeun mibanda palindungan tina hak-hak para bangsawan (kalawan kitu ngeukeuhkeun otonomi Hungaria). Pajuangan ngalawan absolutisme Austria dina pajuangan kamerdékaan rahayat dipingpin ku hiji bangsawan Transilvania, Ferenc II Rákóczi, antara 1704 jeung 1711. Révolusi jeung perang 1848–1849 ngupus pabudakan jeung ngasilkeun hak-hak sipil. Urang Austria ahirna hasil meunang ukur lantaran dibantos Rusia.

Ku sabab kameunangan ngalawan Austria ku koalisi Prancis-Itali (Peperangan Solferino, 1859) jeung Prusia (Peperangan Königgratz, 1866), Hungaria ahirna, dina 1867, hasil jadi bagian otonom ti Kakaisaran Austro-Hungaria (lihat Ausgleich). Saenggeus miboga status ieu, pamaréntah Hungaria ngusahakeun sangkan karajaan étu ngahiji kalawan Magyarisasi sababaraha kumpulan kabangsaan nu séjén. Hal ieu lumangsung nepi ka ahir Perang Dunya I, wanci kakaisaran Austro-Hungaria labuh. Dina 16 Novémber 1918, hiji Républik Hungaria nu indepénden diproklamasikeun.

Dina Maret 1919, komunis nyokot kakawasaan, jeung dina bulan April, Béla Kun mroklamasikeun Républik Soviét Hungaria. Pamaréntahan ieu, kawas nu ngaheulaanna, kabukti pondok umurna; sanggeus sababaraha kameunangan militér ngalawan soldadu Cékoslovakia, urang-urang Rumania narajang pikeung ngahalangan peperangan di Transilvania. Dina Agustus, leuwih ti satengah wewengkon Hungaria ayeuna, kaasup Budapest, dikawasaan Rumania, nu lumangsung nepi ka Novémber. Kakiatan militér tengen, nu dipingpin ku Admiral Miklós Horthy ti bekas Austro-Hungaria, asup ka Budapest wanci pasukan Romania badé angkat jeung ngeusian kosongna kakawasaan. Dina Januari 1920, pamilu diayakeun pikeun hiji parlemén hiji kamar, jeung Admiral Horthy dipilih minangka Pangawasa, jeung kalawan kitu resmi mulihkeun Hungaria minangka Karajaan, sanajan teu aya deui raja-raja Hungaria, sanajan bekas Raja Habsburg ngusahakeun sangkan ngawasaan deui. Horthy teras ngawasa kalawan kakawasaan otokratik nepi ka 1944.

Dina Juni 1920, Pajangjian Trianon ditandatanganan jeung netepkeun wates Hungaria. Dibanding jeung karajaan saméméh perang, lega jeung populasi Hungaria nu anyar ieu dikirangan dua pertiluna. Kira-kira sapertilu ti padumuk Magyar jadi minoritas di nagara-nagara tatanggi. Ku lantaran kitu, politik jeung budaya Hungaria ti waktos antara-paperangan diwarnaan kalawan irredentisme jeung révisionisme (pamulihan "Hungaria raya" ti wanci abad ka-19 ku cara naon baé).

Horthy ngayakeun pasakutuan jeung Jérman Nazi dina taun 1930-an, jeung ngarep pikeun mulijkeun wewengkon nu geus leungit saenggeus Perang Dunya I. Aliansi ieu mémang hasil mulihkeun sababaraha wewengkon ka Hungaria dina dua Hadiah Wina. Hungaria teras ngabantos pangawasaan Jérman kana Karajaan Yugoslavia, langsung ngawasaaj Banat saenggeus éta, jeung ahirna milu dina Perang Dunya II dina 1941, utamina ngalawan Uni Soviét. Dina Oktober 1944, Hitler ngagentos Horthy jeung kolaborator Nazi Hungaria Ferenc Szálasi jeung Partéy Salib Panahna pikeun nyegah robahna Hungaria ka pihak Sakutu, nu teterusan ngancam ti panarajangan sakutu kana Italia.

Hungaria ngagunakeun sababaraha undang-undang anti-Semit dina taun 1920-an jeung 1930-an, jeung sababaraha pajagalan kana urang Yahudi ku pasukan Hungaria aya dina awal Perang Dunya II, tapi Hungaria awalna nolak pikeun ngadéportasi padumuk Yahudina. Tapi ahirnya, dina wanci pangawasaan Jérman, Partéy Salib Panah jeung para pajabat pamaréntah milu sapinuhna dina Holocaust: dina Méi jeung Juni 1944, polisi Hungaria ngadéportasi kira-kira 440.000 urang Yahudi dina leuwih ti 145 karéta api, kalobaannana ka Auschwitz [1]. Ahirna, leuwih ti 533.000 urang Yahudi di Hungaria dipaéhan dina wanci Holocaust, ditambih ogé kalawan sababaraha puluh rébu urang Roma.

Saenggeus éléhna Jérman Nazi, Hungaria minangka bagian ti wewengkon pangarah Soviét jeung dijieunan kana hiji nagara komunis sanggeus hiji période démokrasi nu singket dina 1946–1947. Sanggeus pamingpin Komunis 1948, Mátyás Rákosi, ngawangun hiji pamaréntahan Stalinis di nagara éta, nu ampir teu bisa ditanggung ku nagara nu ancur ku paperangan. Hal ieu ngakibatkeun Révolusi Hungaria 1956 jeung Hungaria disebutkeun kaluar ti Pakta Warsawa. Hal ieu dijawab ku intervénsi militér gedé ku Uni Soviét. Ti taun 1960-an nepi ka ahir 1980-an, Hungaria miboga status husus salaku "barak nu pangbahjana" di lingkungan blok Wétan, dina pamaréntahan pamingpin komunis nu kontrovérsial, János Kádár, nu nganggo pamaréntahan nu otokratis dina waktos ieu. Dina ahir période 1980-an, Hungaria mingpin gerakan pikeun ngabubarkeun Pakta Warsawa jeung ngalih ka démokrasi multi-partéy jeung ékonomi nu ngorientasi kana pasar. Saenggeus labuhna Uni Soviét dina 1991, Hungaria mekarkeun patalian nu leuwih pageuh jeung Éropa Kulon, ngagabung ka NATO dina 1999 jeung Uni Éropa dina 11 Méi 2004.

Politik[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Politik di Hungaria.

Présidén, nu dipilih ku parlemén saban 5 taun, umumna kagungan peran ukur sérémonial, tapi kawasana ogé kaasup milih perdana menteri. Perdana Menteri milih menteri-menteri kabinét jeung kagungan hak éksklusif pikeun ngereunkeunnana. Masing-masing calon anggota kabinét muncul di payun hiji atanapi nu leuwih komite parleménter dina acara dangu pamikiran kabuka nu sipatna konsultatif jeung kedah formal disatujuan ku présidén.

Déwan Nasional (Országgyűlés), parlemén hiji kamar nu anggotana 386 urang, mangrupa institusi kakawasaan nagara pangluhurna jeung ngusulkeun sarta nyatujuan undang-undang nu disponsoran ku perdana menteri. Pamilihan umum parleménter nasional dilaksanakeun saban 4 taun. Hiji Pangadilan Konstitusional kalawan 11 anggota mibanda kawasa pikeun nantang undang-undang lamun kaanggap heunteu konstitusional

Wewengkon[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Wewengkon di Hungaria.

Administratifna, Hungaria kabagi kana 19 kabupatén. Tapi salian ti éta, aya ogé hiji ibu kota (főváros): Budapest. Aya 23 kabupatén kota (wangun tunggal: megyei jogú város) di Hungaria, nya éta:

Peta Hungaria
Kabupatén kota Kabupatén (Ibu kota kabupatén)

Géografi[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Géografi Hungaria.
Peta Hungaria

Lanskap Hungaria kawangun ti taneuh nu rata jeung dataran nu ngampar ti Basin Karpati, kalawan papasiran jeung gunung-gunung nu handap di kalér sapanjang wates jeung Slowakia (titik pangluhurna: Kékes dina 1.014 m). Hungaria kabagi dua ku aliran walungan utamana, Walungan Danube (Duna); walungan-walungan gedé nu séjén kaasup Tisza jeung Dráva, ari bagian kulon miboga Dano Balaton, hiji dano utama. Dano haneut panggedéna di dunya, Dano Hévíz (Hévíz Spa), aya di Hungaria.[rujukan?]

Iklim[édit | sunting sumber]

Hungaria miboga iklim buana, kalawan usum tiis nu tiis jeung usum panas nu haneut nepi ka panas. Suhu taunan rata-rata nya éta 9,7 °C. Suhu nu ékstrem nya éta kira-kira 38 °C di usum panas jeung −29 °C di usum tiis. Suhu rata-rata di usum panas nya éta 27 nepi ka 32 °C, jeung di usum tiis 0 nepi ka −15 °C. Rata-rata curah hujan per taun kira-kira 600 mm. Hiji wewengkon leutik di bagian kidul nagara ieu (deukeut Pécs) miboga iklim Meditérania.

Ékonomi[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Ékonomi Hungaria.
Gedong Parlemén di Budapest

Babarengan jeung Slovénia jeung Céko, Hungaria masihan salah sahiji standar hirup pangluhurna di antara nagara-nagara Éropa Wétan. Séktor swasta ngawakilan leuwih ti 80% PDB. Hungaria miboga ampir sapertilu ti sakabéh invéstasi asing langsung nu ngalir ka Éropa Tengah. Pibogaan asing ti pausahaan-pausahaan Hungaria jeung invéstasina kacida legana, jeung invéstasi langsung asing kumulatif nepi ka leuwih ti 23 milyar dolar AS ti 1989. Sambetan pamaréntah Hungaria ditingkatkeun dina taun 2000 nepi ka kadua pangluhurna di antara sadaya ékonomi transisi Ékonomi Tengah. Inflasi jeung pangangguran—dua-dudana mangrupa kapadulian utama dina 2001—geus loba ngirang.

Pamaréntah Hungaria geus ngabéwarakeun yén badé nganggo mata uang euro dina 2010, tapi mata uang ieu digunakeunnana ayeuna masih dina tahap parancangan awal.

Démografi[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Démografi Hungaria.

Historis[édit | sunting sumber]

  • Kira-kira 900 Maséhi- dumasar kana rupa-rupa sumber[rujukan?] 250.000 - 400.000 urang Magyar dumuk di dataran Pannonia, nu dicicingan ku utamina urang-urang Slavia
  • 1222 - 2.000.000 dina période Sapi Emas
  • 1242 - 1.200.000 saenggeus invasi Mongol-Tatar
  • 1370 - 2.500.000 dina période raja-raja Angevin
  • 1490 - 4.000.000 saméméh panalukan Ottoman (3,2 yuta Magyar)
  • 1699 - 3.300.000 dina période Pajangjian Karlowitz (kirang ti 2 yuta Magyar)
  • 1711 - 3.000.000 dina ahir Perang Kuruc (1,6 yuta Magyar)
  • 1790 - 8.000.000 (39% Magyar)
  • 1828 - 11.495.536
  • 1846 - 12.033.399
  • 1880 - 13.749.603 (46% Magyar)
  • 1900 - 16.838.255 (51.4% Magyar)
  • 1910 - 18.264.533 (54.5% Magyar, 5% Yahudi)
  • 1920 - 7.516.000 saenggeus Pajangjian Trianon (90% Magyar, 6,1% Yahudi)

Kiwari[édit | sunting sumber]

Kira-kira 95% padumuk Hungaria mangrupa urang Hungaria, basa indung aranjeunna nya éta basa Hungaria, hiji basa Fino-Ugrik nu teu boga pakaitan nanaon jeung basa naon ogé nu aya di nagara-nagara tatanggina. Sababaraha kumpulan étnis minoritas ogé aya di nagara ieu, nya éta Roma (2%), Jérman (1,2%), Romania (0,8%), Slowakia (0,4%), Kroasia (0,2%), Serbia (0,2%), jeung Ukraina (0,1%).

Kumpulan agama panggedéna di Hungaria nya éta KatolikKatolik Roma jeung Ortodoks Yunani – (kira-kira 50% ti sadaya populasi), kalawan minoritas Calvinis (kira-kira 30%) jeung Lutheran (5%). Urang Yahudi ayeuna kira-kira 1% ti sadaya populasi. Tapi angka-angka resmi ieu teu sakabéhna répréséntatif, sabab rahayat Hungaria teu religius[rujukan?]; teu leuwih ti 25% aktip ngalaksanakeun agamana. Leuwih lajengna, panindesan kana agama ku rézim Komunis dina 50 taun geus nyieun agama kalobaannanan diagem ukur ku sesepuh nu heunteu kagungan risiko dina rupa-rupa kasempetan di masarakat.

Minoritas[édit | sunting sumber]

Urang-urang Roma mibanda masalah husus di Hungaria. Ayeuna, leuwih ti 70% barudak Roma ngaréngsékeun atikan dasar (SD) tapi ngan sapertilu nu neruskeun édukasina ka tingkat sakola nengah. Ieu leuwih handap tinimbang 90% proporsi barudak non-Roma nu neruskeun édukasina ka tingkat nengah. Kirang ti 1% urang-urang Roma mibanda ijasah atikan luhur.

Budaya[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Budaya Hungaria.
Ferenc Liszt, komponis kondang Hungaria

Musik Hungaria umumna kawangun ti musik rahayat jeung musik ku para komponis Romantik jeung Barok kondang misalna Ferenc Liszt, Béla Bartók, jeung Zoltán Kodály (sanajan Kodály utamana ngarang musik kalawan unsur-unsur tradisional). Musik tradisional Hungaria kalobaannana miboga irama dactyl nu kiat, sapertos basana ogé nu biasana méré tekanan séké kecap kahiji dina kecap.

makanan-makanan tradisional misalna goulash, hiji ciri utama ti makanan Hungaria. Makanan mindeng dibéré bumbu paprika. Sup daging mindeng miboga unsur-unsur nu has, kawas daging babi atawa daging sapi, misalna sup daging pörkölt.

Hungaria ogé miboga conto inohong matematika anu kondang, misalna Pál Erdős, [John von Neumann]], Eugene Wigner, jeung sajabana. Bangsa Hungaria ogé miboga rupa-rupa pamanggihan, kawas holografi, korék api, téori ngeunaan bom hidrogén, bolpén, kubus Rubik, jeung basa pamrograman BASIC. János Bolyai, hiji matematikawan Hungaria miboga peran gedé dina pamanggihan géometri non-Euclidea.

Sastra Hungaria ogé beunghar. Conto pujangga Hungaria János Arany, Sándor Márai, jeung Imre Kertész. Kertész geus meunangkeun Aprésiasi Nobel pikeun sastra.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Réferénsi[édit | sunting sumber]

  1. [1]

Tumbu luar[édit | sunting sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca


Wikivoyage-Logo-v3-icon.svg   Tingali ogé Hungaria di Wikivoyage