Républik Portugal mangrupa hiji nagara di Éropa bagian barat daya. Nagara ieu tepung wates jeung Spanyol di beulah kalér jeung wétan. Di beulah kulon tepung wates jeung Samudra Atlantik. Salian ti éta, Portugal ogé miboga wewengkon di Madeira, Asores, jeung Kapuloan Selvagens. Portugal ngaklaim hiji wewengkon leutik nu ngaranna Olivença nu dikawasaan Spanyol ti Kongrés Wina. Ngaran lami atawa latin ti nagara ieu nya éta Lusitania.
Kecap Portugis mindeng dipaké pikeun nyebutkeun padumuk atawa urang nu asalna ti Portugal. Kecap ieu ogé sesebutan pikeun basa nu dipaké ku bangsa ieu. Nagara-nagara nu maké basa Portugis sok disebut minangka nagara-nagara Lusophone.
Portugal téh nagara maju[1] jeung kaasup nagara anggota Uni Éropa, ngagabung dina taun 1986.
Politik [édit]
Portugal mangrupakeun nagara républik kalawan Lisbon salaku ibu kota nagara. Opat komponén utama dina pamaréntahan Portugal nya éta: Présidén salaku pupuhu nagara, Parlemén, Perdana Menteri salaku pupuhu pamaréntahan jeung mahkamah luhur. Konstitusi ngabagi kakawasaan éta jadi éksekutif, législatif, jeung yudikatif. Présidén dipilih saban lima taun, samentawis Perdana Menteri dipilih langsung ku présidén jeung umumna mangrupakeun pamingpin ti partéy nu meunang pamilu. Institusi législatif diwangun ti 230 urang députi nu bakal ngajabat 4 taun. Ari mahkamah diwangun ti yudisial, administratif, jeung fiskal.
Babagian administratif [édit]
Portugal miboga 18 distrik jeung 308 munisipalitas.
| Pamaréntahan otonomi |
|
| Daérah otonom |
Aréa |
Populasi |
Démonim |
| Asores |
2.333 km²
|
243.101
|
Azorean |
| Madeira |
801 km²
|
244.098
|
Madeiran |
Réferénsi [édit]
Tempo ogé [édit]
Tumbu kaluar [édit]
|
Anggota Organisasi Perdagangan Dunia (WTO) |
|
|
|
|
- Wewengkon Administratif Husus Républik Rahayat Cina.
- Ngaran rancangan pikeun Républik Cina (Taiwan)
- 27 nagara anggota Uni Éropa ogé mangrupa anggota WTO jeung hak masing-masing: Austria, Bélgia, Bulgaria, Britania Raya, Céko, Dénmark, Éstonia, Finlandia, Jérman, Hungaria, Irlandia, Italia, Latvia, Lituania, Luksemburg, Malta, Perancis, Polandia, Portugal, Romania, Siprus, Slovakia, Slovénia, Spanyol, Swédia, Walanda jeung Antillen Walanda, jeung Yunani.
|
|