Kénya

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Jamhuri ya Kenya
Republic of Kenya
Républik Kénya
Bandéra Kénya Lambang Kénya
Motto
"Harambee"
Lagu
Ee Mungu Nguvu Yetu

Location of Kénya
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Nairobi
1°16′S 36°48′E
Basa resmi Basa Swahili, Basa Inggris[1]
Démonim Kénya
Pamaréntah Républik semi-présidénsial
 -  President Mwai Kibaki
 -  Wakil Présidén Kalonzo Musyoka
 -  Perdana Mentri Raila Odinga
Kamerdikaan
 -  ti Britania Raya 12 Désémber 1963 
 -  Républik didéklarasikeun 12 Désémber 1964 
Aréa
 -  Total 580.367 km² (ka-47)
224.080 mil² 
 -  Cai (%) 2,3
Populasi
 -  Perkiraan  2011 41.070.934[2] (ka-33)
 -  Sénsus 2009 38.610.097[3] 
 -  Kapadetan 67,2 /km² (ka-140)
174,1 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2011
 -  Total $70,573 milyar[4] 
 -  Per kapita $1.725[4] 
GDP (nominal) Perkiraan 2011
 -  Total $35,787 milyar[4] 
 -  Per kapita $875[4] 
Gini? (2008) 42,5 (sedeng) (ka-48)
HDI (2011) Green Arrow Up Darker.svg 0,509[5] (handap) (ka-143)
Mata uang Shilling Kénya (KES)
Zona wanci EAT (UTC+3)
 -  Usum panas (DST) teu kaobsérvasi (UTC+3)
TLD Internét .ke
Kode telepon ++254
1. Dumasar kana cia.gov, pakiraan pikeun nagara ieu kalawan tegas kedah diperhatoskeun pangaruh AIDS; hal ieu bisa ngasilkeun harepan hirup nu leuwih leutik, tingkat maotna orok jeung jalma nu leuwih luhur, populasi jeung pamekaran jumlahana nu leuwih leutik, jeung ngarobihna pangumpulan populasi dina yuswa jeung lalaki/awéwé, nu bisa di luar nu dikira.[2]

Kénya, resmina Républik Kénya, nya éta hiji nagara di Afrika Wétan nu diliwatan ku khatulistiwa, kalawan Samudra Hindia ka kidul-wétanna. Nagara ieu tepung wates jeung Tanzania di kidul, Uganda di kulon, Sudan Kidul di kalér-kulon, Étiopia di kalér, sarta Somalia di kalér-wétan.

Kenya miboga aréa kira-kira 580.000 km2 jeung jumlah populasi ampir 41 yuta,[6] ngawakilan 42 kelompok urang jeung budaya nu bébéda.[7] Nagara ieu dingaranan dumasar kana Gunung Kénya.

Mimiluan hiji réferéndum jeung dianggona konstitusi nu anyar dina Agustus 2010, Kénya ayeuna dibagi kana 47 county anu mangrupa unit pamaréntahan semi-otonom. Unit-unit ieu dipiharep dilaksanakeun sacara pinuh ti Agustus 2012 – nalika pamilu kahijia dina konstitusi nu anyar. County-county-na bakal diluluguan ku hiji gubernur kapilih.

Géografi nagara ieu rupa-rupa saperti populasina. Nagara ieu miboga iklim nu haneut jeung beueus di sapanjang basisirna kana Samudra Hindia nu ngarobah ka padang jukut savana kalawan raloba margasatwa sajalan anjeun mapay ka lebet nagara ieu ka ibu kotana, Nairobi. Nairobi miboga iklim nu tiis anu jadi leuwih tiis ngadeukeut ka Gunung Kénya nu miboga tilu puncak nu terus saljuan. Iklim tropis haneut jeung beueus muncul leuwih jauh ke lebet nuju ka Dano Victoria, saméméh lalampahan ka wewengkon iklim sedeng leuweungan jeung papasiran di kulon. Wewengkon Kalér Wétan sapanjang wates di Somalia jeung Étiopia keusik jeung rada keusik kalawan lanskap deukeut sagara. Nagara ieu ogé miboga aktivitas géotérmal nu ngasilkeun raloba tanaga listrik nasional.

Ibu kota Kénya, Nairobi, aya di sabeulah hiji taman nasional. Nagara ieu katelah ti safari jeung suaka margasatwana saperti Taman Nasional Tsavo , Maasai Mara, Taman Nasional Nakuru, jeung Taman Nasional Aberdares.

Dano Victoria, dano cai tawar nu panggedéna kadua di dunya (sanggeus Dano Superior di Amérika Kalér), aya di beulah kidul-kulon sarta dibagi ogé bareng Uganda jeung Tanzania.

Salaku bagian ti Afrika Wétan, Kénya geus didumukan ku manusa ti période Paléolitik Handap. Palegaan Bantu nepi ka wewengkon ieu dina milénium kahiji Maséhi, jeung wates ti nagara kiwari ngawengku pasimpangan wewengkon basa-basa Bantu, basa Nilo-Sahara, jeung basa Afro-Asia, nyieun Kénya hiji nagara multi-étnis sajati. Hadirna Éropa jeung Arab di Mombasa ngarujuk kana période Modérn awal, tapi panjelajahan Éropa ti bagian jerona mimiti dina abad ka-19. Kakaisaran Britania ngadegeun Protéktorat Afrika Wétan dina 1895, disebut ti 1920 salaku Koloni Kénya. Républik Kénya merdika diwangun dina Désémber 1963.

Kénya mangrupakeun anggota Komunitas Afrika Wétan jeung ngahasilkeun atlét kelas dunya saperti juara dunya Paul Tergat jeung David Rudisha.

Wewengkon Administratif[édit | sunting sumber]

Artikel utama: Propinsi Kénya, Distrik Kénya, Divisi Kénya

Kénya dibagi kana 47 county semi-otonom nu bakal diluluguan ku gubernur nu bakal dipilih dina pamilu kahiji dina konstitusi anyar di Agustus 2012. Dina konstitusi nu heubeul, Kénya ngawengku 8 propinsi masing-masing dilulugu ku Komisionér Propinsial (ditunjuk ku présidén). Propinsi-propinsina (mkoa tunggal mikoa >1 dina Basa Swahili) dibagi deui kana distrik (wilaya). Aya 69 distrik dina sénsus 1999. Distrik-distrikna teras dibagi deui kana (total) 497 divisi (taarafa). Divisi-divisna teras dibagi deui kana (total) 2.427 lokasi (mtaa) jeung teras (total) 6.612 sublokasi (mtaa mdogo).[8] Kota Nairobi miboga status propinsi administratif pinuh. Pamaréntah ngawaskeun administrasi jeung propinsi. Propinsi-propinsina nya éta:

Propinsi-propinsina Kénya
  1. Tengah
  2. Basisir
  3. Wétan
  4. Nairobi
  5. Kalér Wétan
  6. Nyanza
  7. Lebak Sela
  8. Kulon

Dina konstitusi Kénya nu ayeuna, otoritas pamaréntahan lokal teu diakuan. Tapi, dina konstitusi nu heubeul, pamaréntahan lokal di Kénya dilaksanakeun liwat otoritas lokal. Loba puseur pakotaan miboga déwan. Otoritas lokal di pilemburan kawanoh salaku déwan county. Anggota déwan lokal dipilih ku pamilihan, nu dilaksanakeun babarengan jeung pamilu.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Réferénsi[édit | sunting sumber]

  1. Konstitusi (2009) Pasal 7[Basa Nasional, resmi, jeung basa nu lian] "(1) Basa nasional ti Républik nya éta Kiswahili. (2) Basa resmina Républik nya éta Kiswahili jeung English. (3) Nagara kedah–-–- (a) ngadukung jeung ngalindungan kabébédaan basa ti masarakat Kénya; sarta (b) ngadukung pamekaran jeung pamakéan basa pribumi, basa Isarat Kénya, Braille, sareng wangun komunikasi lianna jeung téhnologi nu tiasa diaksés ku nu tunadaksa."
  2. a b Central Intelligence Agency (2009). "Kenya". The World Factbook. Diakses pada Éror: titimangsa teu valid. 
  3. Official 2009 census results.
  4. a b c d "Kenya". International Monetary Fund. Diakses pada 6 Nopémber 2011. 
  5. "Human Development Report 2011". United Nations. 22 Désémber 2011. Diakses pada 2 Nopémber 2011. 
  6. Google, Public data. Ditarima 29 Juni 2010.
  7. A. C. Keith, A map book of Eastern Africa, Zambia ad Malawi, (Macmillan Books for Africa), p.13.
  8. Central Bureaus of Statistics (Kenya): Census cartography: The Kenyan Experience

Bacaan salajengna[édit | sunting sumber]

  • Anderson, David, Histories of the Hanged: Testimonies from the Mau Mau Rebellion in Kenya, (Phoenix, 2006)
  • Barsby, Jane. Kenya: Culture Smart!: a quick guide to customs and etiquette (2007) excerpt and text search
  • Bindloss, Joe. Kenya (Country Guide) (2009) excerpt and text search
  • Branch, Daniel, Defeating Mau Mau, Creating Kenya: Counterinsurgency, Civil War, and Decolonization, (Cambridge University Press, 2009)
  • Branch, Daniel, Kenya: Between Hope and Despair, 1963-2011 (Yale University Press, 2011)
  • DK. Kenya (Eyewitness Travel Guide) (2009) excerpt and text search
  • Elkins, Caroline, Britain's Gulag: The Brutal End of Empire in Kenya, (Pimlico, 2005)
  • Gatheru, R. Mugo. Kenya: From Colonization to Independence, 1888–1970. McFarland, 2005. 236 pp.
  • Haugerud, Angelique. The Culture of Politics in Modern Kenya. Cambridge U. Press, 1995. 266 pp. excerpt and text search
  • Hewitt, Peter, Kenya Cowboy: A Police Officer's Account of the Mau Mau Emergency , (30 Degrees South Publishers, 2008)
  • Hoorweg, Jan (27 January 2010). "Kenya Coast bibliography". Afrika-Studiecentrum, Leiden. Diakses pada 23 April 2011. 
  • Kimaiyo, Towett J. (2004). Ogiek Land Cases and Historical Injustices, 1902–2004, Nakuru, Kenya: Ogiek Welfare Council.
  • Maxon, Robert M. and Ofcansky, Thomas P. Historical Dictionary of Kenya. (2nd ed. Scarecrow, 2000). 449 pp
  • Mwaura, Ndirangu. Kenya Today: Breaking the Yoke of Colonialism in Africa. Algora, 2005. 238 pp.
  • Ndege, George Oduor. Health, State, and Society in Kenya. U. of Rochester Press, 2001. 224 pp.
  • Ochieng, William R., ed. Themes in Kenyan History. Ohio U. Press, 1991. 261 pp.
  • Ochieng, William R., ed. A Modern History of Kenya: In Honour of Professor B. A. Ogot. Nairobi, Kenya: Evans Brothers, 1989. 259 pp.
  • Ogot, B. A. Historical dictionary of Kenya (1981)
  • Parkinson, Tom, and Matt Phillips. Lonely Planet Kenya (2006) except and text search
  • Pinkney, Robert. The International Politics of East Africa. Manchester U. Pr., 2001. 242 pp. compares Kenya, Uganda and Tanzania.
  • Press, Robert M. Peaceful Resistance: Advancing Human Rights and Democratic Freedoms. Ashgate, 2006. 227 pp.
  • Rough Guide To Kenya (8th ed. 2006)
  • Various, Decolonization and Independence in Kenya, 1940-93, (James Currey, 1995)
  • Various, Mau Mau and Nationhood: Arms, Authority and Narration, (James Currey, 2003)
  • Wrong, Michaela, It's Our Turn to Eat: The Story of a Kenyan Whistle-Blower, (Harper Perennial, 2010)

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wikipédia
Wikipédia ogé ngabogaan édisi Kénya
Mangga paluruh émbaran nu langkung seueur ngeunaan Kénya ku jalan nyungsi proyék sawargi Wikipedia
Wiktionary-logo-en.png Définisi kamus ti Wiktionary
Wikibooks-logo.svg Buku téks ti Wikibooks
Wikiquote-logo.svg Cutatan ti Wikiquote
Wikisource-logo.svg Téks sumber ti Wikisource
Commons-logo.svg Gambar jeung média ti Commons
Wikinews-logo.svg Warta ti Wikinews
Wikiversity-logo-en.svg Sumber pangajaran ti Wikiversity
Pamaréntah
Umum
Pelesir

Wikivoyage-Logo-v3-icon.svg   Tingali ogé Kénya di Wikivoyage

Citakan:Kenya topics Citakan:First and second-level administrative divisions of Kenya Citakan:Years in Kenya