Républik Éstonia (basa Éstonia: Eesti Vabariik) mangrupakeun hiji nagara di Éropa Tengah. Wates darat nagara ieu nya éta wates 339 km jeung Latvia di kidul jeung 229 km kalawan Rusia di wétan. Di kalér aya Teluk Finlandia jeung di kulon aya Laut Baltik. Nagara ieu minangka anggota Uni Éropa ti 1 Méi 2004.
Politik [édit]
Éstonia mangrupa nagara démokrasi konstitusional kalawan hiji présidén nu dipilih ku parlemén unikameral. Pamiluna diayaan saban opat taun. Pamaréntah atawa badan éksekutifnya kawangun ti perdana menteri nu dinominasikeun présidén jeung 14 urang menteri. Pamaréntah éta kedah disatujuan ku parlemén saméméh diistrénan.
Badan législatifnya nya éta Riigikogu, hiji parlemén unikameral nu miboga 101 korsi. Anggotana dipilih ku rahayat pikeun période jabat opat taun. Voting liwat internét mimiti dilaksanakeun dina pamilu-pamilu lokal di Éstonia.
Babagian administratif [édit]
Maakonnad [édit]
Éstonia dibagi kana 15 maakonnad (tunggal - maakond).

Tempo ogé [édit]
Tumbu luar [édit]
 |
Artikel ngeunaan géografi ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |