Makédonia

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Pikeun guna lian ti Makédonia, tempo Makédonia (disambiguasi)
Република Македонија
Republika Makedonija[1]
Républik Makédonia
Bandéra Républik Makédonia Lambang Républik Makédonia
Lagu
Денес над Македонија
(Denes nad Makedonija)
Location of Républik Makédonia
Lokasi Makédonia (jingga) di buana Éropa (bodas)
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Skopje
Basa resmi Makédonia1
Démonim Makédonia
Pamaréntah Républik parleménter
 -  Présidén Gjorge Ivanov
 -  Perdana Menteri Nikola Gruevski
Kamerdékaan
Ti Yugoslavia
 -  Proklamasi 8 Séptémber 1991 
 -  Pangakuan resmi 8 April 1993 
Aréa
 -  Total 25.713 km² (148)
 mil² 
 -  Cai (%) 1.9%
Populasi
 -  Perkiraan  1 Januari 2006 2.038.514[2] (143)
 -  Sénsus 2002 2.022.547 
 -  Kapadetan 79 /km² (111)
 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2006
 -  Total $16.94 miliar (103)
 -  Per kapita $7.645 
GDP (nominal) Perkiraan 2006
 -  Total $16.410 miliar (121)
 -  Per kapita $7.645 
Gini? (2004) 29.3 (handap
HDI (2005) Green Arrow Up Darker.svg 0.801 (luhur) (69)
Mata uang Denar (MKD)
Zona wanci CET (UTC+1)
 -  Usum panas (DST) CEST (UTC+2)
TLD Internét .mk
Kode telepon +389
Basa Albania loba digunakeun di propinsi-propinsi di Makédonia Kulon. Di wewengkon lian, basa Turki, Sérbia, Romania, jeung Aromania ogé digunakeun.

Républik Makédonia (basa Makédonia: Република Македонија, Republika Makedonijadangukeun [1]) atawa Républik Urut Yugoslavia Makédonia (RUYM, Inggris: the former Yugoslav Republic of Macedonia, disingket FYROM[3][4]), mindeng disebut Makédonia, mangrupakeun hiji nagara nu aya di samenanjung Balkan, Éropa Kidul. Nagara ieu tepung wates jeung Sérbia (sareng Kosovo) di kalér, Albania di kulon, Yunani di kidul, jeung Bulgaria di wétan.

Nagara ieu disebut "Républik Urut Yugoslavia Makédonia" ku Sarikat Bangsa-Bangsa taun 1993[5][6] sabab ngadagoan résolusi ngeunaan papaséaan ngaran kalawan Yunani.[7] Loba institusi internasional jeung nagara lian geus ngakuan nagara ieu kalawan ngaran nu sarua, sanajan mayoritas nagara ngakuan nagara ieu kalawan ngaran konstitusional.

Ibu kota Républik Makedonia nya éta Skopje, nu miboga 506.926 padumuk dina taun 2004[rujukan?], jeung aya sababaraha kota nu leuwih leutik, misalna, Bitola, Kumanovo, Prilep, Tetovo, Ohrid, Veles, Štip, Kočani, Gostivar, jeung Strumica.

Nagara ieu mangrupakeun anggota PBB jeung Déwan Éropa, jeung ogé anggota ti La Francophonie, World Trade Organization (WTO), jeung OSCE. Ti Désémber 2005, nagara minangka kandidat anggota Uni Éropa jeung geus ngadaptar asup ka NATO.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Jaman kuno[édit | sunting sumber]

Nagara kahiji nu ngawasaan wewengkon Makédonia nya éta karajaan Paionia nu ngawasaan lebak walungan Axius jeung wewengkon sakurilingna.[8] Dina taun 336 SM, Raja Phillip II ti Makédonia ngawasaan bagian Paeonia nu pangkidulna jeung ngawangun kota Heraklea Lisentis, kiwari aya di deukeut Bitola.[9] Murangkalihna Phillip II, nya éta Aléxander Ageung ngawasaan wewengkon Makédonia nu masih dina kawasaan Paionia, jeung saterasna minangka bagian karajaan Aléxander Ageung.

Wewengkon Makédonia saterusna dikawasaan ku tentara Romawi jeung minangka bagian ti dua propinsi di Romawi. Wewenggkon nu leuwih gedé aya di propinsi Macedonia Salutaris, tapi wewengkon wates kalér nu dicicingan ku bangsa Dardani minangka bagian ti propinsi Moesia Superior.[10]

Abad patengahan[édit | sunting sumber]

Dina ahir abad ka-6, basa kakawasaan Bizantium mimiti tilelep, sababaraha séké Slav mimiti asup jeung nyicingan wewengkon Makédonia. Séké-sélér Slav nu nyicingan wewengkon Makédonia di antarana séké Draguvite, Sagudate, jeung Strymonoi. Sababaraha séké asli Makédonia, disababkeun ku datangna bangsa Slav, mimiti pindah ka wewengkon nu anyar di pagunungan-pagunungan jeung di wewengkon pabénténgan sabundereun Yunani. Tapi, sababaraha séké asli Makédonia ogé ngasimilasi jeung séké Slav. Urang-urang Slav ieu saterusna ngumpul. Kukumpulan ieu dinamian ku urang Bizantium salaku "Σκλαβινίαι" (Sklaviniai). Bizantium nu awalna kakawasaanna ngirang, mimiti gawé bareng jeung bangsa Slav nu aya di Makédonia.

Teras, Justinian II ngayakeun ékspédisi militér ka sapanjuru wewengkon Makédonia pikeun ngarapihkeun jeung ménta bangsa Slav di Makédonia pikeun gawé bareng sareng Bizantium. Saenggeus ékspédisi ieu, loba urang Slav di Makédonia pindah ka Anatolia pikeun jadi bagian ti tentara Karajaan Bizantium. Sanajan loba urang Slav nu nurut kana kakawasaan Bizantium, loba ogé séké nu masih bébas ti kakawasaan Bizantium. Séké-séké ieu hirup kalawan pipisahan, jeung heunteu nyieun hiji kakawasaan nu ngahijikeun séké-séké éta. Kira-kira taun 850 M, Karajaan Kahiji Bulgaria narajang wewengkon Makédonia jeung lumangsung kalawan lancar pisan, sabab kakawasaan Bizantium di Makédonia leuleus pisan ogé dipangaruhan ku kahayangan séké-séké Slav sangkan ngagabung dina Karajaan Kahiji Bulgaria.[11]

Bénténg Tsar Samuel

Urang-urang Slav di Makédonia teras ngagem agama Kristen dina abad ka-9 Maséhi, basa Pangéran Boris I ti Bulgaria keur ngawasa. Rahayat Makédonia nu awalna buta hurup teras dikenalkeun hurup ku dua urang pendéta Kristen asal Bizantium, Santo Kyril jeung Santo Methodius, nu ngenalkeun aksara Glagolitik. Dina taun 1014, Kaisar Basil II ti Bizantium hasil ngéléhkeun tentara ti Tsar Samuil, jeung saterasna mulihkeun kakawasaan Bizantium kana lemah Makédonia. Tapi, dina ahir abad ka-12 Maséhi, kakawasaaan Bizantium di Makédonia leuleus deui jeung dikawasaan ku bangsa Normandia dina hiji panarajangan taun 1080. Awal abad ka-13, Kakaisaran Bulgaria mibogs kakawasaan kana Makédonia.

Ku sabab kaributan politik, Kakaisaran Bulgaria gagal nahanan kakawasaanna kana Makédonia, nu saterasna kakawasaan ieu dicokot deui ku Bizantium. Dina abad ka-14 Maséhi, Makédonia minangka bagian ti Kakaisaran Sérbia, nu némbongkeun diri aranjeunna salaku pambébas bangsa Slav ti kakawasaan Bizantium. Skopje teras minangka ibu kota ti kakaisaran Tsar Stefan Dusan. Sanggeus Dusan pupus, kakawasaan Sérbia leuleus ku sabab pawaris tahta teu sakiat nu satacanna jeung silih sihung antara bangsawan di Makédonia. Tampa palawanan, Makédonia teras labuh ka Turki Utsmaniyah.

Kasadaran nasional[édit | sunting sumber]

Kakawasaan Turki Utsmaniyah di Makédonia dianggap kejam. Dina taun 1689, aya hiji pamberontakan kana Turki Utsmaniyah nya éta pamberontakan Karposh. Sababaraha gerakan pamberontakan mikahayang ayana hiji nagara mandiri nu diwangun di lemah Makédonia. Gerakan ieu diwangun dina ahir abad ka-18 maké ngaran Organisasi Révolusionér Bulgaria-Makédonia-Adrianopel nu saterusna robah jadi SMORO. Dina taun 1905, gerakan ieu dingaranan Organisasi Révolusionér Internal Makédonia-Adrianopel (IMARO).

Saenggeus Perang Dunya I, organisasi IMORO meupeus kana dua, nya éta Organisasi Révolusionér Internal Makédonia (IMRO) jeung Organisasi Révolusionér Internal Trasia (ITRO). Organisasi ieu heunteu mentingkeun étnis, tapi leuwih neken kana panghijian élemén-élemén nu misah di lemah Makédonia jeung teu paduli naon baé séké-sélér aranjeunna.[12] Kalobaannana anggota SMORO mangrupakeun urang Slav jeung Bulgaria. Taun 1903, organisasi SMORO ngayakeun pamberontakan Ilinden-Preobrazhenie ngalawan Turki Utsmaniyah jeung hasil ngawangun hiji républik nu ngaranna Républik Krushévo.

Karajaan Sérbia jeung Yugoslavia[édit | sunting sumber]

Vardar003.png

Sanggeus perang Balkan taun 1912 jeung 1913, wewengkon Makédonia teras kabagi-bagi ka Yunani, Bulgaria, jeung Sérbia. Wewengkon nu dikawasaan ku Sérbia nya éta Južna Srbija (Sérbia Kidul), ayeuna katelah minagka Républik Makédonia. Sanggeus Perang Dunya I, Sérbia minangka bagian ti Karajaan Sérbia, Kroasia, jeung Slovénia. Dina taun 1929, karajaan ieu dingaranan deui kana Karajaan Yugoslavia jeung karajaan ieu kawangun ti banovinas (propinsi-propinsi). Salah sahiji propinsina ngaranna Vardar Banovina (Makédonia-kiwari).

Yugoslav Makédon (Perang Dunya II)[édit | sunting sumber]

Dina taun 1941, wewengkon Yugoslavia dikawasaan ku Blok Poros, kaasup ogé Makedonia nu direbut ku Bulgaria jeung Italia. Tentara nu dirékrut ti Makédon jeung ogé sukarélawan teras ngawangun Brigade ka-5 Bulgaria, nu markasna di Skopje, jeung mibanda tanggung jawab kana déportasi leuwih ti 7000 urang Yahudi ti Skopje jeung Bitola. Kakawasaan lalim ku pihak Blok Poros heunteu diantepkeun kitu wéh, jeung miboga palawanan ti pihak Komunis di Yugoslavia dina pingpinan Josip Broz Tito.

Makédonia di Républik Sosialis Yugoslavia[édit | sunting sumber]

Ahir Perang Dunya II, basa Tito minangka Présidén Yugoslavia, Républik Rahayat Féderal Yugoslavia diwangun. Républik Rahayat Makédonia minangka bagian ti genep nagara nu milu ngagabung dina féderasi Yugoslavia. Milu kana parobahan ngaean Républik Rahayat Féderal Yugoslavia jadi Républik Sosialis Féderal Yugoslavia dina taun 1963, ngaean Républik Rahayat Makédonia teras robah kana Républik Sosialis Makédonia. Dina taun 1991, kecap 'Sosialis' dihupus ti ngaran resmi Makédonia sanggeus misah ti Yugoslavia.

Déklarasi Kamerdékaan[édit | sunting sumber]

Makédonia ngarayakeun kamerdékaan dina kaping 8 Séptémber 1991, dingaranan Poé Kamerdékaan (Ден на независноста, Den na nezavisnosta), saenggeus diayakeunnana réferéndum pikeun miboga kamerdékaan atawa tetep ngawangun féderasi Yugoslavia. Parayaan awakna pamberontakan Ilinden-Preobrazhenie nu sarua jeung poé Santo Eliyah dina kaping 2 Agustus ogé dipangélingan salaku poé kamerdékaan sacara luas di Makédonia.

Perang Sadulur 2001[édit | sunting sumber]

Perang sadulur antara Makédonia jeung tentara pamberontak ti étnik Albania nu aya di wewengkon kalér jeung kulon Makédonia, lumangsung ti bulan Maret nepi ka Juni taun 2001. Perang réngsé sanggeus ayana intervénsi ti pihak NATO nu ngintunkeun tentara panjaga rapih jeung ménta kadua pihak sangkan rapih. Teras ditandatanganan Pajangjian Ohrid, nu eusina Makédonia nu arék méré patempatan dina politik jeung budaya ka étnik Albania.

Pihak Albania teras nyatujuan pajangjian ieu jeung sadia pikeun nyerah jeung patuh sapinuhna ka kakawasaan Makédonia. Pasukan pamberontak Albania, NLA, teras dicokotan pakarangna nu saterasna dibéré ka pasukan NATO.

Géografi[édit | sunting sumber]

Kalawan aréa kira-kira 25.330 km², Makédonia mangrupakeun nagara nu aya di Éropa bagian tenggara kalawan koordinat 41°50′Ka, 22°00′W. Nagara ieu tepung wates jeung Yunani di kidul, Sérbia di kalér, Bulgaria di wétan, Albania di kulon, sarta Kosovo di kulon-kalér. Makédonia minangka tempat palangkungan ti Éropa Kulon jeung Tengah ka Laut Aegea ogé palangkungan ti Éropa Kidul ka Éropa Kulon. Nagara ieu mangrupakeun bagian ti wewengkon Makédon. Makédonia mangrupakeun nagara nu kakurung daratan. Nagara ieu miboga tilu dano alam nya éta Dano Ohrid, Dano Prespa, jeung Dano Dojran. Jadi, Makédonia miboga luas cai saluas 477 km² jeung luas daratan 24.856 km².[rujukan?]

Topografi[édit | sunting sumber]

Nagara Makédonia aya di wewengkon nu loba gunungna jeung katutup ku lebak jeung basin. Wewengkon Makédonia kabagi ku hiji walungan nu ngaranna Walungan Vardar.


Méh sabagian wewengkon Makédonia ngampar ti Šara nepi ka Osgovo nu ngawangun lebak ti Walungan Vardar. Tilu dano gedé, Ohrid, Prespa, jeung Dojran aya di wewengkon kidul Makédonia. Dano Ohrid dianggap salah sahiji ti dano jeung biotop nu pangkolotna di dunya.[13] Wewengkon Makédonia ogé mangrupakeun wewengkon nu aktif kagiatan séismikna jeung mindeng lindu di Makédonia. Lindu nu panungtungna nu panggedéna nya éta dina taun 1963 di Skopje, ngakibatkeun ancurna infrastruktur jeung pupusna leuwih ti 1000 jiwa.

Makédonia ogé miboga loba pagunungan. Pagunungan ieu dibagi kana dua runtuyan nya éta Dinarska jeung Ropodska. Runtuyan pagunungan Dinarska na éta wewengkon nu rawan érosi, ari runtuyan pagunungan Ropodska leuwih mirip jeung pangunungan Alpen. 10 gunung pangluhurna di Makédonia nya éta:

Gunung Korab 2.764 m 9.396 suku
Pagunugan Šar 2.747 m 9.012 suku
Pagunungan Baba 2.601 m 8.533 suku
Jakupica 2.540 m 8.333 suku
Nidze 2.521 m 8.271 suku
Deshat 2.373 m 7,785 suku
Galichica 2.288 m 7.507 suku
Stogovo 2.273 m 7.457 suku
Jablanica 2.257 m 7.405 suku
Osogovo 2.251 m 7.383 suku
Gunun Bistra 2.163 m 7.096 suku
Plachkovica 1.754 m 5.754 suku
Pagunungan Korab, pagunungan pangluhurna di nagara ieu

Iklim[édit | sunting sumber]

Makédonia miboga iklim transisi, nya éta gabungan antara iklim Méditérania jeung iklim kontinéntal. Dina usum panas, Makédonia leuwih condong ka panas jeung saat. Ari dina usum tiis, wewengkon Makédonia leuwih condong ka rada tiis. Rarata curah hujan variasi ti 1.700 mm di wewengkon pagunungan kulon nepi ka 500 mm di wewengkon wétan. Aya tilu iklim utama di Makédonia, nya éta iklim pagunungan, Méditérania, jeung iklim Kontinéntal. Di wewengkon lebak walungan Vardar jeung Sturmica, di wewengkon Gevgelija, Valandovo, Dojran, jeung Radovish iklimna Méditérania. Wewengkon panghaneutna aya di Demir Kapija jeung Gevgelija, di mana suhuna dina bulan Juli jeung Agustus bisa nepi ka 40 °C.

Iklim pagunungan aya di wewengkon pagunungan nu karakteristikna nya éta usum tiis nu saljuan jeung usum panas nu karasa tiis. Usum semi di wewengkon ieu leuwih tiis tinimbang usum gugurna. Kalobaannana wewengkon di Makédonia iklimna kontinéntal kalawan usum panas nu haneut jeung usum tiis nu baseuh jeung tiis. Di Makédonia, kira-kira aya 30 stasion météorologi pikeun mikaweruh parobahan cuaca.

Wewengkon administratif[édit | sunting sumber]

Wewengkon[édit | sunting sumber]

Wewengkon-wewengkon administratif di Makédonia

Makédonia miboga sababaraha wewengkon administratif nya éta:

Kota-kota di Makédonia[édit | sunting sumber]

Dina bulan Agustus 2004, Makédonia kabagai kana 85 kota (opštini; tunggal: opština), 10 di antarana aya di wewengkon Skopje Raya. Ieu mangrupakeun pangirangan ti jumlah 123 kota nu diresmikeun dina bulan Séptémber 1996. Mimilu hal ieu, pamaréntah lokal ngawangun deui kana 34 distrik administratif.

Politik[édit | sunting sumber]

Makédonia mangrupakeun nagara kalawan sistem parleménter nu pamaréntahanna kawangun ti koalisi partéy-partéy ti institusi parlemén hiji kamar (Собрание, Sobranie) jeung hiji institusi paadilan indepénden kalawan hiji mahkamah konstitusi. Hiji parlemén (déwan rahayat) di Makédonia kawangun ti 120 anggota jeung dipilih saban 4 taun. Posisi Présidén di Makédonia penting pisan jeung mibanda peran nu lumayan gedé dina pamaréntahan. Présidén Makédonia mibanda jabatan sebagai Panglima Angakatan Senjata Makédonia jeung Komite Kaamanan Makédonia. Présidén Républik Makédonia dipilih saban 5 taun sakali jeung bisa ngajabat dina 2 kali jabatan.

Sanggeus munculna hukum anyar dina taun 2005, pamaréntahan lokal dibagi kana 78 wewengkon. Ibu kota Skopje sorangan kawangun ti 10 wewengkon administratif nu digabung dina hiji wewengkon nu ngaranna "Greater Skopje". Wewengkon administratif di Makédonia ngatur pamaréntahanna sosorangan. Sababaraha wewengkon administratif bisa nyieun kerja sama dina raloba widang. Partéy politik di Makédonia kalobaannana dumasar kana asal étnis, ngawakilan étnik mayoritas Makédonia jeung minoritas Albania. Isu kateusaimbangan kakawasaan antara étnik mayoritas Makédonia jeung Albania mawa kana konflik sipil taun 2001, jeung papaséaan ieu diréngsékeun kalawan Pajangjian Ohrid dina taun 2004 nu méré tempat leuwih ka étnik Albania. Dina taun 2004, Parlemén masihan otonomi nu leuwih gedé di wewengkon nu padumukna kalobaannana étnik Albania.

Sanggeus pamilihan umum nu dina taun 2006, nu aya masalahna, saeutik, kaayaan politik di nagri ini stabil deui. Pamilihan ieu dimeunangkeun ku partéy tengen-tengah, VMRO-DPMNE nu dipingpin ku Nikola Gruevski. Pilihan Gruevski pikeun ngoalisi jeung Partéy Démokratik Albania tinimbang ngoalisi jeung Partéy Démokratik Sejahtera jeung Kahijian Démokrat pikeun Integrasi nyieun partéy VMRO-DPMNE meunangkeun sora mayoritas ti étnik Albania, Sanajan kameunangan ieu diprotés ku sababaraha élemén.

Pamaréntahan[édit | sunting sumber]

Parlemén[édit | sunting sumber]

Parlemén Makédonia mangrupakeun puseur jeung institusi nu miboga kakawasaan dina ngatur pamaréntahan Makédonia. Dumasar kana Konstitusi, Parlemén miboga fungsi salaku institusi pawakilan rahayat Makédonia jeung kakiatan législatif di Makédonia. Parlemén Makédonia kawangun ti 120 anggota nu dipilih sacara umum, langsung jeung bébas dina surat sora nu dirahsiakeun. Parlemén teras ngawakilan rahayat jeung milu ogé dina nepikeun pamikiran di parlemén dumasar kana pawangunanna. Mandat hiji anggota parlemén teu bisa diteujadikeun.

Parlemén Makédonia boga hak pikeun ngadopsi jeung ngarobih konstitusi, nangtukeun pajak jeung biaya-biaya, ngaratifikasi pajanjian internasional jeung ngalaksanakeun hal-hal nu séjén nu geus ditangtukeun Konstitusi.

Institusi paadlian[édit | sunting sumber]

Kakiatan yudisial dipiboga ku institusi paadilan. Institusi paadilan di Makédonia diwangun sacara otonom jeung indepénden. Institusi paadlian gawé dumasar kana aturan dina konstitusi, hukum, jeung aturan internasional nu cocog jeung Konstitusi Makédonia. Ngan aya hji istitusi nu ngatur masalah paadilan di Makédonia. Konstitusi Makédonia melarang ayana Mahkamah Darurat.

Hiji jaksa dipilih tampa pawatesan lamun anjeunna ngajabat salaku jaksa jeung teu kénging dipindahkeun iwal sakahayang anjeunna. Dina hal panyabutan jaksa, konstitusi geus nyebutkeun sababaraha institusi nu boga hak sarta alesan-alesan nu cocog. Jaksa-jaksa ogé dibéré kakebalan pikeun nepikeun atanapi nangtukeun pamikiran di Parlemén. Hiji jaksa teu kénging mibanda jabatan boh di kantor publik atawa salaku anggota hiji partéy politik. Aturan nekenkeun yén jaksa teu bisa ngafiliasi dina partéy politik naon baé.

Hubungan luar nagri[édit | sunting sumber]

Makédonia minangka anggota ti Sarikat Bangsa-Bangsa dina kaping 8 April 1993, 18 belas bulan sanggeus merdékana ti Yugoslavia. Di PBB, Makédonia disebut salaku "the former Yugoslav Republic of Macedonia" (FYROM), patali jeung papaséaan jeung protés ti Yunani ngeunaan ngaran Makédonia. Di Yunani, ngaran Makédonia sénsitif pisan sabab wewengkon historis Makédonia ogé ngawengku sababaraha wewengkon di Yunani jeung Bulgaria. Makédonia ogémiboga peran nu gedé dina ngawangun nagara jeung budaya Yunani Kuna. Cenah, sang raja Aléxander Ageung nu kasohor téa asalna ti dieu. Uni Éropa[14], Kahijian Siaran Éropa[15], jeung Komite Olimpiade Internasional[16] ogé milu sistem PBB. NATO ogé milu sistem pangaranan ieu, tapi nambihkeun alesan dina pangarananna.

Nagara-nagara anggota PBB ngakuan sacara sah Républik Makédonia tapi masih debat ngeunaan ngaran nu digunakeun pikeun nyebut nagara Makédonia. 3 anggota permanén Déwan Kaamanan PBB (RRC, Amérika Sarikat[17], jeung Rusia) ogé leuwih ti 100 nagara anggota PBB leuwih condong maké ngaran Républik Makédonia;[18], tinimbang maké ngaran "the former Yugoslav Republic of Macedonia".

Militér[édit | sunting sumber]

Angkatan Senjata Makédonia diwangun ti Angkatan Darat jeung Angkatan Udara. Kawijakan patahanan nasional boga tujuan pikeun ngajaga kamerdékaan jeung kakawasaan Makédonia kana lemah jeung angkasa nu aya di wewengkon Makédonia. Tujuan nu séjén nya éta pikeun nyieun hiji angkatan senjata nu terus mekar jeung ngalindungan kapetingan nasional sarta gawé bareng jeung organisasi internasional, utamana NATO.

Menteri Patahanan Makédonia mekarkeun stratégi patahanan jeung néangan kamungkinan ancaman lumangsungna hirup nagara boh ti jeroeun nagri boh ti luar nagri. Anjeunna ogé mibanda tanggung jawab kana sistem patahanan, latihan, kasiapan Angkatan Senjata, pakakasna, sarta ngatur biaya pikeun pamekaran Angkatan Senjata.[19]

Démografi[édit | sunting sumber]

Makédonia miboga padumuk 2.061.315 jiwa[20], dumasar kana CIA World Factbook. Ieu mangrupakeun daptar kota-kota di Makédonia dumasar kana data sénsus taun 1994 (sabab sénsus taun 2002 heunteu ngadata jumlah padumuk dumasar kana kotana)[21]:

Kota jeung wewengkon administratif panggedéna di Makédonia
Kota Populasi
Kota
Lambang
wewengkon
Divisi
Administratif
Padumuk
Skopje 444.000 Skopje Raya 506.926
Bitola 80.000 Wewengkon administratif Bitola 95.385
Kumanovo 71.000 25px Wewengkon administratif Kumanovo 105.484
Prilep 68.000 Wewengkon administratif Prilep 76.768
Tetovo 60.000 Wewengkon administratif Tetovo 86.580
Ohrid 51.000 30px Wewengkon administratif Ohrid 55.749
Veles 48.000 20px Wewengkon administratif Veles 55.108
Gostivar 46.000 Wewengkon administratif Gostivar 81.042
Štip 42.000 Wewengkon administratif Štip 47.796
Strumica 40.000 Wewengkon administratif Strumica 54.676
Kočani 27.000 Wewengkon administratif Kočani 38.092
Radoviš 16.223 Wewengkon administratif Radoviš 28.244

Étnik nu panglobana di Makédonia nya éta étnik Makédonia. Tabel ieu némbongkeun informasi ngeunaan étnik-étnik nu aya di Makédonia (dumasar kana sénsus 2002)[22]:

Jumlah  %
TOTAL 2,022,547 100
Makédonia 1.297.981 64,18
Albania 509.083 25,17
Turk 77.959 3,85
Urang Rom 53.879 2,66
Sérbia 35.939 1,78
Vlach 9.695 0,48
nu séjén 38.011 1,88

Aya loba basa nu dipaké dina kahirupan sapopoé di Makédonia. Basa-basa éta ngaréfléksikeun idéntitas étnik éta. Basa resmi jeung basa nu mindeng dipaké nya éta basa Makédonia, nu kaasup dina rumpun basa Slav Kidul. Strukturna, basa Makédonia leuwih mirip ka basa Bulgaria tinimbang basa Slav nu séjén.

Basa lian kawas basa Albania, basa Bulgaria, basa Turki, jeung basa Yunani ogé mindeng dipaké dina komunikasi sasami étnik.

Di Konstitusi katulis sacara éksplisit yén basa Makédonia mangrupakeun basa resmi ti Républik Makédonia. Tapi, katulis ogé yén basa nu dipaké ku padumuk saloba 20% bisa disebut salaku basa resmi, jeung basa Albania minuhan sarat ieu. Sababaraha pamaréntah lokal ogé nyieun basa sababaraha étnik salaku basa resmi.

Atikan[édit | sunting sumber]

Sistem atikan Makédonia diwangun ti:

  • Atikan Pra-Sakola
  • Atikan Dasar
  • Atikan Nengah
  • Atikan Luhur

Atikan luhur bisa dipibanda liwat kuliah di sababaraha univérsitas di Makédonia kawas Univérsitas St. Kiril jeung Metodij Skopje, Universitas St. Kliment ti Ohrid Bitola, Univérsitas Nagri Tetovo, jeung Univérsitas Goce Delchev Shtip. Aya ogé sababaraha institusi atikan luhur swasta kawas Univérsitas Éropa,[23] Univérsitas Slavia, Univérsitas Éropa Tenggara, jeung sajabana.

USAID geus nyieun hiji program di Makédonia nu ngaranna "Macedonia Connects". Program ieu lumangsung lancar jeung nyieun Makédonia minangka nagara nu kahiji kalina sadaya aréanya geus kahubung kana internét.[24] Menteri Atikan jeung Élmu Pangaweruh Makédonia ngalaporkeu yén 461 sakola di Makédonia geus kahubung kana WiFi. ISP di Makédonia, On.net, ogé geus nyieun MESH Network pikeun nyadiakeun WiFi di sabelas dayeuh gedé di Makédonia.

Budaya[édit | sunting sumber]

Makédonia miboga kabeungharan budaya, seni, musik, puisi, jeung arsitéktur. Nagara ieu ogé miboga loba tempat-tempat suci. Féstival musik, film, jeung puisi sok diayakeun saban taun. Gaya musik Makédonia geus kapangaruh ku musik garéja Bizantium. Makédonia ogé mangrupakeun salah sahiji nagara nu miboga raloba fresko nu masih awet ti jaman Bizantium, ti wanci abad ka-11—16 Maséhi.

Kabudayaan di Makédonia ngagabungkeun budaya nu heula jeung budaya ayeunna. Biara jeung garéja nu diwangun dina wanci Bizantium keur ngawasa ayeunna ngarendeng jeung wangunan modérn. Makédonia ogé katelah ku koléksi ikon-ikon santona, kalobaannana ti Ohrid, jeung ikon-ikon di Makédonia kaasup nu paling boga ajén jeung mahal di dunya.

Dina usum panas sok diayakeun féstival seni di sababaraha dayeuh gedé di Makédonia. Di Ohrid, diayakeun féstival musik klasik jeung drama. Di kota Sturga, ngayakeun panggung soré pambacaan puisi. Bitola sok aya Paméran Poto Internasional upami di ibu kota, Skopje, diayakeun féstival musik Jazz.

Agama[édit | sunting sumber]

Kalobaannana rahayat Makédonia (64,7%) ngageman agama Ortodoks dina Garéja Ortodoks Makédonia (nu dina taun 1968 ngadéklarasikeun otonom ti Garéja Ortodoks Sérbia)[25]. Agama Islam minangka agama panglobana kadua nu diageman ku rahayat Makédonia, kalawan perséntase 33%. Umat Kristen nu séjén kawas Katolik jeung Protéstan diageman ku saeutik rahayat Makédonia kalawan perséntase 0,37%. Sésana nya éta rahayat-rahayat Makédonia nu agamana teu dikanyahoan kalawan perséntase 1,63%.[26] Kalobaannana étnik Turk, Bosnia, jeung Albania ngagem Islam. Aya kira-kira 1200 garéja jeung 400 masigit di Makédonia. Garéja Ortodoks Makédonia miboga hiji kolese husus pikeun para calon pendetana.

Salian ti éta, perséntase Islam di Makédonia kaasup nu panglobana di Éropa, sanggeus nagara Turki, Albania, jeung Bosnia jeung Hérzégovina.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Catetan suku[édit | sunting sumber]

  1. a b Britannica, Makedonia, Diaksés dina 2007-06-18.
  2. [1] The population of Macedonia
  3. Bonk, M. R., Carlton R. A. (editors) (1997), International Acronyms, Initialisms & Abbreviations Dictionary, 4th Edition, Detroit, New York, Toronto, London: Gale Research, LCCCN 85-642206, ISBN 0-8103-7437-4, ISSN 0743-0523, Volume 1, pg. 516 and Bonk, M. R (Project Editor) (2003), International Acronyms, Initialisms & Abbreviations Dictionary, 32nd Edition, USA: Gale-Thompson Group, Volume 1, pg. 1789, ISBN 0-7876-4109-X (Part 2 D-I only)
  4. Salian ti landian nu panjangna, singketan "FYROM" ogé mindeng dianggo ku organisasi internasional kawas PBB, UE, OSCE, EBU, the IMF, Bank Dunia, WTO dan NATO (sadaya dokumén NATO nyebut nagri ieu FYROM kedah disarengan ku téks catetan suku 'Turki ngakuan Makédonia kalawan ngaran konstitusionalna')
  5. UN Resolutions #817 of April 7 and #845 of June 18 of 1993
  6. "Note on Yugoslavia". Diakses pada 10 Méi 2008. 
  7. United Nations Resolution 225 (1993)
  8. Encyclopaedia Britannica - Paeonia. [2]
  9. Macedonian Center for Archaeological Research. The Ancient Kingdom of Macedonia in the Republic of Macedonia. [3]
  10. Encyclopaedia Britannica - Scopje. [4]
  11. The early Medieval Balkans. John Fine Jr
  12. M. Glenny, "The Balkans"
  13. Macedonian Ministry of Environment
  14. European Commission. "Background information - The former Yugoslav Republic of Macedonia". Diakses pada 1 Oktober 2006. 
  15. European Broadcasting Union. "Members' Logos". Diakses pada 1 Oktober 2006. 
  16. International Olympic Committee. "LIST OF NATIONAL OLYMPIC COMMITTEES PARTICIPATING IN THE XIX OLYMPIC WINTER GAMES IN SALT LAKE CITY". Diakses pada 1 Oktober 2006. 
  17. "US snubs Greece over Macedonia" (HTML), BBC News Online, 4 Nov 2004. Disalin 2006-10-01. (in English)
  18. "Naming the solution", Kathimerini English edition, 16 September 2005
  19. http://www.morm.gov.mk:8080/morm/en/ARM/Defence-Structure.html National Command Management
  20. CIA World Factbook
  21. "Census of Population, Households and Dwellings in the Republic of Macedonia, 2002 - Book XIII, Skopje, 2005." (dalam bahasa English, Macedonian). State Statistical Office of the Republic of Macedonia. 
  22. "Census of Population, Households and Dwellings in the Republic of Macedonia, 2002 - Book XIII, Skopje, 2005." (dalam bahasa English, Macedonian). State Statistical Office of the Republic of Macedonia. 
  23. OIC
  24. U.S. Agency for International Development
  25. History of the Macedonian Orthodox Church
  26. CIA World Factbook

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca


Wikivoyage-Logo-v3-icon.svg   Tingali ogé Makédonia di Wikivoyage