Garéja
Garéja nya éta persekutuan jalma kapercayaan nu dikumpulkan ku Kristus. [1] Poé Pentakosta, nalika Roh Kudus dicurahkeun jadi poé lahirna garéja. [1] Hakékat garéja nya éta missioner, bisa dicindekeun yén sakabéh aktivitas garéja nya éta missioner, palayanan Sakramen, wawaran Firman, jeung sajabana. [1]
Sifat[édit]
- Garéja nya éta kudus
Kecap kudus hartina disorangankeun, diasingkaeun, dipisahkeun tinu lian, béda jeung nu lian. [1] Kakudusan garéja lain ku lantaran ayana kudus, tapi dikuduskeun ku Kristus. [1] Rasul Paulus nyebutkeun yén Jemaat nya éta jalma-jalma nu dikuduskeun dina Kristus. [1] Garéja nya éta kudus, diasingkeun tapi lain mengasingkan diri ku lantaran Garéja dititah kajero dunya pikeun méré nyaho Injil Yesus Kristus. [1]
- Garéja nya éta am
Garéja nya éta am, khatolik, universal, sumebar di sakabéh dunya. [1] Am hartina umum, jalaran éta, Garéja menerobos sakabéh watesan jeung miboga perpektif nu umum. [1] Garéja salaku am sifatna kudu universal sabab kasih Allah ieu ditunjukkeun ka dunya. [1] Jadi Garéja lain pikeun jalma beunghar waé. [1] Garéja teu kawatesan ku hiji daérah/suku/bangsa atawa basa nu tangtu tapi ngawengku sakabéh dunya. [1] Kitu deui, garéja téh teu kawatesanan ku zaman, tapi ngawengku zaman baheula, kiwari, jeung zaman nu rék datang. [1]
- Garéja nya éta persekutuan jalma kapercayaan
Garéja nya éta persekutuan jalma kapercayaan nu geus yakin kana tindakan Allah jeung hayang ngébréhkeun deui tindakan éta ngaliwatan kahirupan manéhna salaku garéja. [1] Warga garéja sadar yén harti eksistensina ngaliwatan garéja (ekklesia), salaku umat nu dikumpulkeun ku Tuhan ti sakabéh bangsa. [1] Garéja nya éta persekutuan jalma kapercayaan/kudus dijero Kristus jeung silih gumantung ka jalma séjénna. [1]
- Garéja nya éta hiji
Garéja nya éta kasatuan umat Kristen, tempat bersekutu saluyu jeung kahayang Yesus Kristus, Raja Garéja. [1] Hiji dina nepikeun Injil, hiji dina ngalaksanakeun missi, asih ka Tuhan, hiji dina iman jeung pangharepan. [1]
Sajarah[édit]
Garéja mimiti dipikawanoh salaku hiji yayasan di nagara Indonésia di taun 1969, tapi Misi Indonésia Jakarta teu acan dibentuk sacara resmi nepi ka taun 1975. [2] Ti taun 1980 nepi ka taun 2001 misi ieu ngan didukung ku misionaris satempat di widang kamanusaan di organisasi LDS Charities. [2] Taun 1987, Garéja narima pangakuan resmi ti pamaréntah Indonésia salaku hiji kesatuan Garéja nu geus dipisahkeun ti yayasan saacanna.[2] Bulan Januari tahun 2000 Présiden Garéja, Gordon B. Hinckley diondang datang ka Indonésia ku Présiden Abdurrahman Wahid. [2]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |