Jakarta
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
|
|
|
| "Jaya Raya" ("Jaya jeung Agung") |
|
|
|
|
| Koordinat | 5°19'12" - 6°23'54" LK, 106°22'42" - 106°58'18" BW |
| Dasar hukum | |
| Tanggal penting | 22 Juni 1527 (hari jadi) |
| Ibu kota | Jakarta |
| Gubernur | Fauzi Bowo |
| Lega | 740,28 km2 |
| Pangeusi | 8.792.000 (2004) |
| Kapadetan | 16.667/km2 |
| Kabupatén | 1 |
| Kota | 5 |
| Kacamatan | 44 |
| Kalurahan/Désa | 267 |
| Suku | Batawi (10%), Suku Jawa, Suku Sunda, Tionghoa (10%) |
| Ageman | Islam (86%), Protéstan (6%), Katolik (4%), Buda (4%), Hindu |
| Basa | Basa Indonesia, basa Batawi, basa Jawa, basa Sunda |
| Zona waktu | WIB (UTC+7) |
| Lagu Daérah | {{{lagu}}} |
|
Ramatloka resmi: www.jakarta.go.id |
|
| (?) | |
Daerah Khusus Ibukota (DKI) Jakarta nyaéta salasahiji propinsi sakaligus ibu kota Indonésia. Ku sabab Jakarta mangrupakeun hiji kota nu kacida gedéna tur jadi ibu kota Indonesia, mangka kota ieu mibanda status nu sarua jeung hiji propinsi. Jakarta aya di beulah kulon kidul Pulo Jawa. Dina taun 2004, legana kurang leuwih 650 km² sarta pangeusina aya 8.792.000 jiwa.
Daptar eusi |
[édit] Sajarah
Jakarta munggaran dipikawanoh minangka palabuan di muara Walungan Ciliwung. Asal-usulna bisa dijujut ti jaman Hindu dina abad ke-5. Urang Éropah nu munggaran datang ka Jakarta nyaéta urang Portugis. Dina abad ka-16, para pendatang Portugis dibéré idin ngadegkeun bénténg di Sunda Kalapa.
Asal-usul poé jadi Jakarta tanggal 22 Juni nyaéta ditalukeunnana Sunda Kalapa ku Fatahillah taun 1527 sarta ku alatan éta ngaran kotana diganti jadi Jayakarta nu hartina "kameunangan".
Urang Walanda datang ka Jayakarta sakitar ahir abad ka-16 jeung dina 1619, VOC dipingpin ku Jan Pieterszoon Coen nalukkeun Jayakarta sarta satuluyna ngarobah ngaranna jadi Batavia. Dina jaman Walanda, Batavia tumuwuh jadi kota gedé tur penting. Tempo Batavia.
Penjajahan ku Jepang dimimitian taun 1942 sarta ngaganti ngaran Batavia jadi Jakarta keur narik hate pangeusina dina mangsa Perang Dunya II. Kota ieu oge mangrupakeun tempat Proklamasi Kamerdékaan Républik Indonésia tanggal 17 Agustus 1945 tur ditempatan ku Walanda nepi ka diakuna kadaulatan taun 1949.
Dina Méi 1998, kajadian karusuhan di Jakarta nu sasarannana kalolobaanana urang Tionghoa. Gedong MPR/DPR diicingan ku para mahasiswa nu mikahayang réformasi. Buntut tina karusuhan ieu nyaeta turunna Présidén Soeharto tina korsi kapresidenan.
[édit] Basa
Karajaan Tarumanagara, anu puseurna di Sundapura, kungsi diserang sarta ditalukkeun ku karajaan Sriwijaya ti Sumatera. Ku lantaran kitu, henteu heran lamun etnis Sunda di palabuan Sunda Kalapa, laér saméméh Sumpah Pemuda, geus ngagunakeun basa Malayu, anu umum dipaké di Sumatera, anu saterusna dijadikeun sabage basa nasional. Alatan béda basa anu dipaké kasebut mangka dina awal abad ka-20, Walanda nganggap jelema anu bubuara di sabudeureun Batavia sabage etnis anu béda jeung etnis Sunda sarta disebut etnis Betawi (kecap turunan tina Batavia). Cacak kitu, réa kénéh ngaran wewengkon sarta ngaran walungan anu masih tetep dipertahankeunn dina basa Sunda saperti ngaran-ngaran Ancol, Pancoran, Cilandak, Ciliwung, Cideng (anu asalna tina Cihideung sarta saterusna robah jadi Cideung sarta ahirna jadi Cideng), sarta ngaran-ngaran séjénna anu masih luyu jeung ngaran-ngaran tempat anu digambarkan dina naskah buhun Bujangga Manik anu ayeuna ditunda di perpustakaan Bodleian, Oxford, Inggris.
Sanajan basa formal anu dipaké di Jakarta nyaéta Basa Indonésia, basa informal atawa basa gaul sapopoé nyaéta Basa Indonésia dialek Betawi.
Basa daerah ogé dipaké ku anu asalna ti wewengkon séjén, kawas basa Sunda, basa Jawa, basa Minang, basa Batak, basa Madura, basa Bugis, sarta ogé basa Tionghoa. Hal ieu lumangsung alatan Jakarta ngarupakeun tempat sagala rupa suku bangsa papanggih. Pikeun komunikasi di antara rupa-rupa suku bangsa, dipaké Basa Indonésia.
Sajaba ti éta, mecenghul ogé basa gaul anu tumuwuh di golongan nonoman kalawan kecap-kecap anu sakapeung dicampur jeung basa deungeun. Sababaraha conto pamakéan basa ieu téh Please dong ah!, Cape deh!, sarta So what gitu loh!.
Basa Inggris mangrupa basa deungeun anu pangréana dipaké, utamana pikeun kapentingan diplomatik, atikan, sarta bisnis.
[édit] Budaya
| Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Indonesia. Bantosanna diantos kanggo narjamahkeun. |
[édit] Démografi
|
* (id) data 1 Januari 2006 sumberna ti Dinas Kependudukan Dan Catatan Sipil Provinsi DKI Jakarta |
Jumlah pangeusi di Jakarta kira-kira 7.512.323 (2006) tapi lamun beurang, angka ieu nambah marengan datangna para pagawé ti kota satelit saperti Bekasi jeung Dépok. Kota/kabupatén nu pangpadetna nyaéta Jakarta Timur kalayan jumlahpangeusi 2.131.341 jiwa, sedengkeun Kapuloan Seribu mangrupakeun kabupatén nu pangeusina pangsaeutikna, nyaéta 19.545 jiwa.
Basa nu digunakeun di Jakarta nyaéta basa Indonésia. Basa daérah ogé digunakeun ku para pangeusi nu sasuku, tur kusabab di Jakarta loba pisan suku bangsana, ahirna mah basa Indonésia wéh nu sering dipaké téh. Lian ti éta, mucunghul ogé basa gaul nu tuwuh jeung mekar di kalangan barudak ngora, tur kecap-kecapna kadang-kadang dicokot tina basa deungeun.
Ageman nu dianut ku masarakat DKI Jakarta kacida rupa-rupana kaasup diantarana kalima ageman nu diaku ku pamaréntah Indonésia (Islam, Kristen, Katolik, Hindu, jeung Buda) Tempat ibadah ageman-ageman éta ogé aya di Jakarta contona:
- Masjid Istiqlal
- Masjid Agung Al-Azhar
- Garéja Katedral Jakarta
- Garéja Imanuél
- Pura Adhitya Jaya
- Vihara Dhammacakka Jaya
[édit] Pamaréntahan
DKI Jakarta mibanda status husus minangka Daerah Khusus Ibukota. DKI Jakarta ieu dibagi jadi lima kota jeung sakabupatén, nyaéta:
- Kota Jakarta Utara, kode posna 14xxx.
- Kota Jakarta Pusat, kode posna 10xxx.
- Kota Jakarta Barat, kode posna 11xxx.
- Kota Jakarta Timur, kode posna 13xxx.
- Kota Jakarta Selatan, kode posna 12xxx.
- Kabupatén Kapuloan Seribu
[édit] Transportasi
[édit] Jero Kota
Di DKI Jakarta, aya jaringan jalan raya jeung jalan tol nu ngalayanan sakuliah kota sanajan dina kanyataanaana jumlah mobil henteu sabanding jeung jumlah jalan ogé (5-10% jeung 4-5%).
Numutkeun data ti Dinas Perhubungan DKI, kacatet aya 46 kawasan nu kalayan 100 titik simpang rawan macét di Jakarta. Définisi rawan macét nyaéta arus henteu stabil, kecepatan handap sarta antrian panjang. Kawasan nu miboga leuwih ti opat titik simpang rawan macét nyaéta:
- Kawasan Ancol/Gunung Sahari
- Kawasan Jatibaru/Tanah Abang
- Kawasan Kalimalang
- Kawasan Mampang/Buncit
- Kawasan Pasar Minggu
- Kawasan Pondok Indah
- Kawasan Pulo Gadung
- Kawasan Tambora.
- Kawasan Roxi
[édit] Pariwisata
DKI Jakarta miboga sababaraha tujuan pariwisata saperti:
- Kebon Binatang Ragunan
- Monumén Nasional
- Musium Gajah
- Taman Mini Indonésia Indah
- Taman Impian Jaya Ancol
- Pulo Seribu
Tempo Ogé: Musium-musium di Jakarta
[édit] Permasalahan
[édit] Permasalahan sosial
Posisi DKI Jakarta minangka puseur paekonomian geus ngadorong pendatang ti luar Jakarta jeung luar Jawa daratang pikeun neangan rejeki di Jakarta. Loba diantara nu daratang ka Jakarta teu dibekelan ku kaahlian jeung katerampilan husus, sahingga dampak sosial nu sering mucunghul nyaeta masalah pangangguran nu patali jeung masalah kamiskinan sarta kriminalitas.
[édit] Jumlah pendatang di Jakarta (2002-2005)
|
Catetan: * perkiraan
(id) Sumber: Dinas Kependudukan Dan Catatan Sipil Provinsi DKI Jakarta
[édit] Permasalahan lingkungan
Polusi udara jeung pangelolaan runtah mangrupakeun masalah nu disanghareupan di Jakarta. Lian ti eta, lamun seug usum hujan, Jakarta biasana keuna ku banjir alatan mangpetna saluran cai jeung beuki kurangna leuweung di daerah Bogor jeung Dépok.
[édit] Imah Adat
[édit] Pakarang tradisional
[édit] Kadaharan
Salasahiji kadaharan tradisional Jakarta nyaéta Kerak Telor jeung Soto Betawi.
[édit] Tempo Ogé
[édit] Tumbu Luar
Tingali ogé Jakarta di Wikitravel
- (id) Loka resmi
- (id) Loka resmi pariwisata
- (id) Loka Dinas Kependudukan dan Catatan Sipil DKI
- (id)(en) Peta online Jakarta di CyberMap
|
|
|
|---|---|
| Sumatra: | DI Aceh | Sumatra Kalér (Sumatera Utara) | Sumatra Kulon (Sumatera Barat) | Bengkulu | Riau | Kapuloan Riau (Kepulauan Riau) | Sumatra Kidul (Sumatera Selatan) | Lampung | Bangka-Belitung |
| Jawa: | DKI Jaya | Jawa Kulon (Jawa Barat) | Banten | Jawa Tengah | DI Yogyakarta | Jawa Wétan (Jawa Timur) |
| Kalimantan: | Kalimantan Kulon (Kalimantan Barat) | Kalimantan Tengah | Kalimantan Kidul (Kalimantan Selatan) | Kalimantan Wétan (Kalimantan Timur) |
| Sunda Leutik (Nusa Tenggara): | Bali | Nusa Tenggara Kulon (Nusa Tenggara Barat) | Nusa Tenggara Wétan (Nusa Tenggara Timur) |
| Sulawesi: | Sulawesi Kulon (Sulawesi Barat) | Sulawesi Kalér (Sulawesi Utara) | Sulawesi Tengah | Sulawesi Kidul (Sulawesi Selatan) | Sulawesi Tenggara | Gorontalo |
| Maluku jeung Papua (Irian): | Maluku | Maluku Kalér (Maluku Utara) | Irian Jaya Kulon (Irian Jaya Barat) | Papua |
|
|
|
|---|---|
|
Jakarta Utara: Cilincing | Koja | Kelapa Gading | Tanjung Priok | Pademangan | Penjaringan Kepulauan Seribu: Kepulauan Seribu Selatan | Kepulauan Seribu Utara |
|
|
Tempo ogé: Daptar kabupatén jeung kota di Indonésia |
|

